• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Takwa, Nyegah Tina Lampah Dosa

Kénging Rumpaka
Kintun kana Facebook

Inti tina sadaya urang ngabdi ka Gusti Alloh Swt, nu Maha Suci, teu aya sanés iwal  milari “katakwaan” ka Mantena. Sok sanos dina jaman kiwari, seueur gogoda nu sakitu ageungna, tapi tetep milampah takwa ulah kagoda. Takwa kudu nerap dina diri urang salawasna. Cek paribasa, henteu unggut kalinduan henteu gedag kaanginan, ngalampahkeun takwa mah teu pédah jaman robah. Sabab, dikukumaha ogé, da éta tujuan urang hirup di dunya.

Rosululloh Saw parantos mépéling ka umatna sangkan salamina takwa ka Gusti Alloh, Ittaqillaaha haitsu maa kunta,  prak aranjeun takwa ka Gusti Alloh keur dimana waé aranjeun aya. Maksadna takwa téh teu di watesan ku tempat jeung waktu; iraha baé, di mana baé, dina posisi kumaha baé jeung dina kaayaan naon baé.

Teu kinten pentingna sikep sareng milampah takwa nerap dina diri urang salamina. Kaunggel dina al-Qur’an langkung ti 260 kali kecap “takwa” disebutkeun. Salah sahijina sakumaha anu ditukil dina pidawuh Gusti Alloh Swt dina surat Al-Imran ayat 102, nu kieu unina: Yaa ayyuhalladziina aamanu, taqulloh haqqo tuqotihi, wala tamutunna illa wa antum muslimuun. Nu hartosna : “Hé jalma-jalma anu ariman prak aranjeun takwa ka Alloh kalawan takwa anu sabener-benerna, jeung poma aranjeun ulah rék maraot kajaba dina kaayaan keur sumerah diri ka Alloh Swt”.

Jalma anu takwa ka Gusti Alloh Swt kalawan takwa anu sabener-benerna takwa (haqqo tuqootih) disebutna “Mutaqin”. Maranéhna jalma anu paling mulya sabab diluhurkeun harkat, darajat jeung martabatna ku Gusti Alloh Swt. “Saéstuna jalma anu paling mulya ti antara aranjeun di sisi Gusti Alloh nyaéta jalma anu paling takwa ti antara aranjeun”. (QS. al-Hujurat, 49: 13)

Takwa dicandak tina kecap “Waqoo” dina bahasa arab. Sok sanajan kecap tadi di wangun tina tilu aksara namung mibanda ma’na sareng hartos anu teu kinten jembarna. Katakwaan mangrupa puncak kahirupan ruhaniah manusa sareng ajaran Islam anu paling poko. Ratusan kali kecap takwa diungkapkeun dina al-Qur’an, hal éta nuduhkeun teu kinten luhurna ajén kasaéan anu dikandungna. Sakumaha kautamaan nu dibutuhkeun dina kahirupan dunya sareng ahérat parantos kakurung ku kecap takwa tadi. Nya kitu deui pirang-pirang sifat anu mulya sareng pinuji sapertos: jujur, adil, amanah, ihsan, santun, jembar manah, shobar, syukur, nyumponan janji, sareng sajabina mangrupa bagian tina takwa tadi. Sedengkeun rohmat, ni’mat, barokah sareng kabagjaan sadayana buah tina katakwaan.

Ku kituna takwa téh sanés bungkus luar tapi status jero diri (state of inner self) anu wujudna mancer dina kahirupan nyata, nya éta sikep sareng tingkah laku. Takwa ngagambarkeun kaayaan anu paling jero tina diri manusa ngeunaan éksistensi Gusti Alloh Swt sareng kawajiban tur kasatiaan manusa ka Mantena. Sakumaha dawuhan Rosululloh Saw, nu kieu unina: Innaloha laayanduru ‘ala suwarikum waajsadikum walakin yanduru ‘ala qulubikum waa’malikum. Nu hartosna : “Saéstuna Gusti Alloh teu ningali kana rupa jeung wangunan badan aranjeun, tapi Mantena ningali kana haté jeung amal aranjeun. (HR. Muslim)

Takwa sering dihartikeun “sieun” jeung “ta’at” ka Alloh Swt. Ku sieun sareng ta’atna jadi jalma anu takwa salamina sok ngajaga diri dina sagala pagawéan nu teu dipiridho ku Gusti Alloh sarta kalawan hampang ngajalankeun sagala parentah-Na. Ku kituna di antawis sabagian Ulama ngahartoskeun takwa téh, “Ngajalankeun sagala paréntah sareng nyingkahan sagala larangan Gusti Alloh Swt”.

Peryogi ditegeskeun, yén harti sareng amalan takwa dina harti sieun sareng ta’at tadi kedah didasarkeun kana harti Islam numutkeun ukuran al-Qur’an sareng Sunnah Rosul Saw, didasarkeun kana pituduh Kitabulloh sareng tuntunan Sunnah Rosululloh anu muarana karidhoan Alloh Swt. Ngémutkeun kecap “takwa” tadi asalna tina istilah Islam sok sanajan ayeuna mah takwa téh parantos jadi istilah sapopoé sacara populer. Saolah-olah takwa téh geus milik umum margi sakumaha panganut ajaran agama salian ti Islam ogé ngagunakeun istilah takwa tadi.

Saleresna Alloh Swt sareng Rosululloh Saw parantos ngajelaskeun harti takwa sacara rinci, jelas tur écés, boh dina al-Qur’an boh dina al-Hadist. Nya kitu deui sifat, sikep sareng laku lampah amal perbuatan jalma-jalma anu taqwa. Pikeun ngagampangkeun deui pamahaman urang kana takwa ieu, mangga urang segerkeun deui dina émutan urang kana hiji dialog atanapi gunem catur antawis kholifah ‘Umar bin Khottob sareng shohabat Ubay bin Ka’ab.

Pidawuh Sayyidina ‘Umar: “Hé Ubay bin Ka’ab, nurutkeun anjeun naon sabenerna anu disebut takwa téh?”. Kénging patarosan kitu, kalawan diplomasi Ubay bin Ka’ab ngawaler, “Nun Amirul Mu’minin, takwa numutkeun pangartian Qur’an sareng Sunnah téh sapertos kieu: Upami salira nanjak dina hiji lamping batu anu nangtawing, anu leueur taya pamuntangan boh tatangkalan boh jujukutan upami kaleresan sampéan salira tikoséwad dugi ka ragrag kana dasar jurang anu gurawes. Tah kumaha sikep salira nalika nanjak dina lamping batu tadi supados teu tikoséwad teras ragrag kana dasar jurang dugi ka maot di dinya bari kaayaan badan salira ancur?”.

Nguping cariosan shohabat kitu, Kholifah Umar bin Khottob kénging sakedapan mah ngahuleng. Saba’da narik nafas kalawan sora anu abot anjeuna ngawaler, “kami sering ngalaman nempuh jalan modél kitu. Jeung nalika kami leumpang dina lamping batu anu nangtawing kitu sangkan teu tikoséwad tangtu waé kami kudu kacida pisan ati-atina”.

Sohabat Ubay bin Ka’ab bari mésem nyarios deui, “Tah éta nu dimaksud ku Takwa téh ati-ati dina sagala hal”. Lajeng saurna deui, “Aya tilu perkara anu kedah dijaga kalawan ati-ati téh. Kahiji, ati-ati ngajaga diri urang tina perkara nu dibenduan ku Gusti Alloh Swt. saperti: syirik, kafir, doraka ka indung bapa, zinah, ninggalkeun ibadah, sumpah palsu, korupsi sareng sajabina. Kadua, ati-ati ngajaga diri tina sagala perbuatan anu ngaruksak atanapi anu ngarugikeun diri sorangan, saperti: nginum khomer (kiwari narkotika, alkohol, ganja, sabu-sabu), judi, boros (royal), ngamubadirkeun waktu, males, teu daék nungtut élmu, haseum budi, jeung sajabana. Katilu, ati-ati ngajaga diri tina sagala perbuatan anu ngaruksak jeung ngarugikeun diri batur sok sanajan keur diri sorangan mah mawa kauntungan, saperti: nipu, maling, ngagasab barang batur, mitnah, nganiaya, khianat, maténi, ngadu domba, bohong, ngaganggu rumah tangga batur, ngotoran jeung ngaruksak lingkungan, jeung sajabana”.

Nguping penjelasan ti sohabatna, Sayyidina Umar nyarios: “Kami nganuhunkeun pisan kana sagala katerangan anjeun. Mugi Alloh Swt ngalimpahkeun hidayah sareng taufikna ka urang sangkan urang kaasup hamba Alloh anu takwa tadi”.

Jadi jalma anu takwa téh, nyaéta jalma anu salamina ati-ati ngariksa jeung ngaraksa diri tina sakabéh perkara (kahayang, pikiran, ucapan, jeung perbuatan) anu dibenduan ku Gusti Alloh Swt, ngarugikeun dirina sorangan jeung ngarugikeun diri batur.

Sikep ati-ati sareng ngaraksa diri tadi dilakukeun dina tilu hubungan kahirupan. Kahiji, hubungan ka Gusti Alloh Swt (ti abid ka ma’budna, ti makhluk ka kholikna). Jalma anu takwa ati-ati ngajaga dirina tina sagala perkara (tékad, ucap, lampah) nu dibenduan ku Gusti Alloh Swt. Dina widang aqidah, ngajaga kamurnian aqidah Islamiyah (tauhid) tina sagala rupa rowasib (kamusyrikan jeung kakafiran). Dina widang ibadah (syari’ah), ngajaga kamurnian amalan ibadah anu loyog sareng katangtuan Qur’an tungtunan Sunnah Rosululloh Saw. Dina widang ahlak, ngajaga diri tina satiap palanggaran kana hudud (wates-wates) Alloh Swt nyaéta ajaran Islam. Kadua, hubungan ka diri pribadi salaku makhluk nafsiah (individual) anu kudu tanggung jawab kana sagala tingkah paripolahna. Magka ati-ati dina raraga takwa ieu, nyaéta kamampuhan ngajaga diri tina sakabéh palanggaran boh kana aturan Alloh Swt, boh kana aturan manusa anu bakal ngarugikeun ka diri sorangan. Margi, satiap palanggaran bakal mawa karugian pikeun nu migawéna boh di dunya boh di akhérat, utamana jaga engké di akhérat. Margi sok sanajan di dunya ayeuna nu ngalakukeun palanggaran (dosa, kasalahan) téh bébas tina hukum pidana dunya, di akhérat mah geus dipastikeun moal bébas tina wawales Alloh Swt. Sakumaha pidawuh Mantena dina al-Qur’an: Famayya’mal mitsqoladarrotin khoiroyyaroh, wamayya’mal mitsqoladarrotin sarroy saroh. “Sing saha nu migawé kahadéan sanajan sagedé atum (sakeprul lebu) tinangtu manéhna bakal ningali babalesna. Jeung sing saha nu migawé kajahatan sanajan sagedé atum (sakeprul lebu), tinangtu manéhna bakal ningali wawalesna ogé”. (QS. al-Zalzalah, 99: 7-8)

Katilu, hubungan ka papada manusa salaku makhluk sosial (ijtima’iyah). Jalma anu takwa salamina ati-ati ngajaga diri tina sagala perkara (tékad, ucap, lampah) anu bakal ngaruksak tur ngarugikeun batur sok sanajan pikeun diri sorangan ngadatangkeun kauntungan. Ku sabab éta pisan mangka umat Muslim diwajibkeun amar ma’ruf nahi mungkar pikeun ngaleungitkeun sareng nyegah kamungkaran nu bakal nimbulkeun karuksakan jeung bencana dina kahirupan. Contona upama ngantep kajeunkeun jalma-jalma nu ngaruksak lingkungan saperti ngajarah jeung ngarambah leuweung mangka bakal timbul bencana alam (longsor, banjir) anu pasti ngarugikeun pirang-pirang pihak.

Pidawuh Gusti Alloh Swt: Wattaqu fitnatan laa tisyibannalladziina dholamuu minkum khoossotan. “Jeung pikasieun ku anjeun datangna fitnah anu akibatna moal ngan tumiba ka jalma-jalma anu doraka wungkul”. (QS. al-Anfal, 8: 25)

Dina ayat anu séjén Gusti Alloh Swt nandeskeun deui, wamaa kaana robbuka liyuhlikal quura bidulmin waahluha muslihuuna. “Jeung pangeran anjeun moal rék ngabinasakeun nagri-nagri kalawan aniaya padahal pangeusina jalma-jalma anu saroléh”. (QS. Hud, 11: 117)

Kitu ungkapan anu gampil kanggo urang pikeun mahamkeun hakékat tina “Takwa ka Gusti Alloh Swt” tadi. Urang sadaya henteu mungkin kénging pangartian hakiki sareng pangamalan takwa anu leres tur tepat upami henteu diwangsulkeun kana pangartian sareng pangamalan takwa numutkeun ajaran Islam.

Ancur binasana jalma anu kapungkur sakumaha seueur diterangkeun dina Qur’an nya kitu deui reksakna tatanan sosial sareng sendi-sendi moralitas kahirupan masarakat bangsa sareng nagara anu tumiba ka bangsa urang akibat tina krisis multidimensional anu manjang tug dugi ka kiwari, di tambih ku langkung parahna kareksakan lingkungan kahirupan alam ditibanan ku pirang-pirang bencana alam anu taya kendatna di mana-mana. Sadayana éta dina hakékatna balukar tina dosa koléktif atanapi dosa barjama’ah bangsa urang anu kirang syukur ni’mat kana sagala pituduh Alloh sareng Rosul-Na.

Pidawuh Gusti Alloh Swt, nu kieu pihartoseunana: “Naha aranjeun teu merhatikeun jalma-jalma anu geus nukeurkeun ni’mat Alloh ku kakufuran sarta ngagebruskeun kaomna kana jurang kabinasaan? Nyaéta naraka Jahanam; maranéhna tigebrus ka jerona; jeung nu kitu téh panggoréng-goréngna tempat baralik”. (QS. Ibrahim, 14: 28-29)

Namung sadayana éta insya Alloh tiasa diungkulan, didangdosan sareng diwangun deui upami sakumna komponén bangsa urang boh masarakat boh pamaréntah mibanda tékad sareng karep anu sami pikeun sasarengan ngadangdosan sareng ngawangun deui kalawan didasarkeun dina katakwaan ka Gusti Alloh Swt dina ma’na anu saleres-lersna atanapi “haqqo tuqootih”. Gusti Alloh Swt moal ngarobah nasib bangsa urang upami urang sorangan henteu aya usaha pikeun ngarobahna, ngadangdosanana sareng ngawangunna deui kalawan arah sareng cara anu langkung saé. Pidawuh Gusti Alloh Swt. nu hartosna deui, “Sing saha anu takwa ka Alloh, tinangtu anjeuna bakal méré jalan kaluar pikeun maranéhna tina pirang-pirang perkara nu disanghareupanana sarta méré ka maranéhna rizki tina jalan nu teu disangka-sangka. Jeung sing saha anu tawekal ka Alloh, mangka Anjeuna baris nyukupkeun sagala kaperluanana”. (QS. Ath Tholaq, 65: 2-3)

Jalma anu takwa, jalma anu moal kersa malikan deui kasalahan. Sagala kasalahan léngkah sareng tindakan kalawan sagala akibatna salamina dijantenkeun ibroh sareng maoidhoh (eunteung sareng palajaran moral) anu kacida mahal pikeun ngoméan diri, ngoméan sikep sareng léngkah sangkan pangalaman pait anu parantos kalangkung teu kaalaman deui.

Mugia ku pedaran di luhur, tiasa janten pépéling pikeun urang geusan ningkatkeun katakwaan salaku landasan anu kokoh kuat pikeun ngawangun deui kahirupan masyarakat jeung bangsa urang sangkan dipiridho ku Gusti Alloh Swt. Allohuma robbana dolamna angfusana waillam tagfirlana watarhamna lanakunanna minal hoosiriin. Allahuma as'aluka saabatan firrusdi wa as'aluka ajimatan firrusdi, wa as'aluka sukron fini'mati wahusna fi ibadati wa as'aluka lisanan sodiqo wa qolban salima. Hasbunalloh wa ni'mal wakil, ni'mal maola wa ni'man nasiir. Amin.*** (Tina sababaraha sumber)

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: