• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Nu Geulis ti Pasir Ipis

Kénging Féndy Sy. Citrawarga
Kintun kana Facebook

NU jarogëd dangdut mani marotah da puguh nyi biduan gé beuki ningkah bangun taya kacapé. Musik dangdut pirigan organ tunggal teu éléh harus ngaliwatan sapéker nu bebeledugan matak racleng tai ceuli.
Nyaan, peuting pamungkas na acara outbound pausahaan tempat kuring digawé dibébénjokeun ku hiburan dangdut nu ngahaja diulem ku bagian SDM. Saréréa saruka bungah, sukan-sukan na peuting nu halodo di lelewek pelesiran peresun keur urang kota nu sapopoéna ulukutek jeung pagawéan di kantor. Kitu lah ceuk basa légégna mah refrésing ngubaran karungsing.
Nu teu ngilu jogéd gé imut-imut baé mah teu burung basa nénjo atasanana nu sapopoéna gereng, horéng jogédna mani segut, mani dengo-dengo wé mayunan biduan dangdut nu nya geulis nya séksi, matak uruy. Puguhanan raksukan sarwa merecet ngaleupeut, katambih improvisasi ngawih mani séséépan, ti goyang, gitek, dugi ka......ah pokona mah matak paranas tiris jalu leumpeuh yuni.
Ning, najan teu jogéd ogé pangaruh wirahma dangdut mah teu burung noélan jajantung, laju réplék kana tuur, sina jogéd. Atawa ngutek-ngutek curuk. Sakapeung biwirna emut-emutan ngilu manyanyi. Da cacak mun teu éra, mun teu loba jelema, geus ngaréngkénék. Tapi, lila-lila mah teu tahan da laguna beuki pédo, kuniang hudang. Éra-éra gé rampayak jogéd najan sed meueusan ti bebegig kadupak angin. Paduli teuing yang penting mah hépi tinimbang batin kasiksa hayang jogéd kabakutet sakadang kaéra kuriak jadi jarawat!
Tah mun kuring nyaan teu kagoda. Lain, lain teu kasetrum wirahma dangdut, lain teu kabéngbat giler jeung dilak biduan. Lalaki atuh! Tapi, kapeurih ati leuwih karasa nodél nu antukna boro-boro hayang jogéd, tikoro ngagendok, angen mentegeg nénjo si manéhna, babaturan sakantor dideukeutan manajer personalia nu nya kasép nya pasti wé....beunghar.
Dita Ratna Ayu, ngaranna téh, pagawé anyar. Loba nu naksir da puguh kembang méncéngés, kaasup kuring. Lalaki atuh! Ngan hanjakal cau ambon dikorangan kanyéré ka pipir-pipir. Bati mentegeg, angot ka dieunakeun mah manéhna dideukeutan ku manajer jeung manéhna gé bangun léah.
''Papanting dina pipiti, digebahan maké hoé. Hayang teuing boga ganti, keur ngubaran peurih haté'', antukna ati jumerit.
Dasar atuh lalaki hangit lalanang belang kuring mah. Nu matak mun batur jarogéd suka bungah, kuring mah ngulincer nangenan nu lalajo keur ubar kapeurih ati ti Néng Dita. Ari gok jeung barudak awéwé batur sakantor wungkul, heueuh apan geus baroga salaki. Ukur hiji dua nu léléngohan kénéh mah, Néng Dita nu diincer apan geus dihékok ku bapa manajer. Nasib, nasib.
Kesel antukna mah. Panon dibalédogkeun ka Néng Dita, ser....getih nyiak basa katangen keur uplek ngawangkong jeung pa manajer. Teu tahan, kencling indit. Maksud téh rék ka kamar panginapan rék saré atawa rék lalajo nu keur garapléh. Enya rupa-rupa nu sukan-sukan téh aya nu jogéd,  gapléh, nu ngagojod baé aya, nu sedih kingkin baé siga kuring aya.
Koréléng mungkur ti kalang raraméan. Ana malik, gok...lenyap. Hareupeun aya Néng Dita. Gelenyu imut. Teeer...jajantung ratug. Lebar, gelenyu kuring gé imut. Najan kitu, lelembutan teu burung kagareuwahkeun, naha di hareupeun ujug-ujug aya Néng Dita pan keur anteng jeung pa manajer. Rikat kuring malédogkeun deui panon ka nu raraméan. Sidik Néng Dita aya, rét deui ka nu hareupeun aya deuih.
Ngajengjen sakedapan. Antukna teu ambil pusing ti mana wé milik mah, pan tadi kuring ménta ganti ayeuna aya Néng Dita pisan. Sahenteuna rupana sarua, geulis kawanti-wanti éndah kabina-bina. Teu beunang Dita itu, aya Dita ieu.
Nu matak teu ngengkékeun deui kuring kayid rék ngadeukeutan manéhna. Édaaas....aya ku nyekrup, si geulis gé néléndén bari teu weléh imut amucuy, kasorot remeng-remeng lampu néon. Hadéna wé babaturan saurang gé euweuh nu nangenan da maranco kana dangdut. Alus wé da lamun katingalieun ku nu séjén angot pa manajer mah geus moal boa pada neundeun haté. Lalaki atuh!
Aéh enya, nu lalajo hiburan téh lain nu keur sukan-sukan pariknik baé, masarakat sabudeureun tempat rékréasi ogé aya da apan nembrak di luar di lapangan lain di gedong. Nya kaasup si geulis téa nu nyeplés Dita nu keur jongjon didekeman juragan manajer.
Padeukeut wéh. Leungeun kuring mimiti palid. Gep kana ramo manéhna. Alah ieung, si geulis gé ngahénén.
''Nyalira?'' tanya téh haroshos. Manéhna unggeuk bari angger imut. Sakedapan siliteuteup. Asmara mingkin ngagulidag, nandingan guruhna dangdut.
''Calik di ditu yu!'' kuring beuki cunihin da geus asa enya manéhna téh kembang ceungceuman. Bari pakaléng-kaléng kuring ngajauhan raraméan, nyingkur  ngadeukeutan tangkal nu gomplok. Di handapeunana aya bangku panjang. Gék diuk, ngaréndéng, pagégéyé. Alah ieung...jajantung ngadangdut.
''Naha teu ngiringan jogéd?'' tanya si geulis. Sorana rada ngirung. Keur salésma sigana mah.
''Teu tiasa,'' pok téh pondok.
''Biduanana cantik ya A?'' Emh, disebut aa kunu hérang mani asa jadi béntang.
''Cantikan Dita, éh salira. Saha kakasih téh?''
''Muhun Dita,'' témbalna. Ngadéngé kitu kuring nyaan bati ngagebeg. Enya, raray sarimbag jeung Dita ceungceuman, ngaranna sarua deuih, sahenteuna ceuk pangakuanana da piraku kudu ménta bukti KTP mah.
''Dupi nami Aa?'' kituna téh bari ngaléndéan kana dada. Éstu sugema. Biduan keur intro lagu Cinta Satu Malam, cenah mah pamundut ti pa manajer. Koplah uing gé boga, uing gé rék bercinta satu malam, tapi mudah-mudahan mah bisa keur salalawasna jadi batur hirup.
''Junéd,'' pok téh.
''Ih mani saé namina,'' pokna. Tuh nya ari pijodoeun mah ngaran Junéd gé disaé-saé. Teu cara babaturan mani sok ngaharina ka kuring téh abong lain manajer, abong teu boga jabatan.
''Di palih mana bumi téh?'' tanya kuring sabada paheneng-heneng sakedapan.
''Tuh di tonggoh, di Pasir Ipis!'' manéhna nuduhkeun lembur di tonggoh.
''Hayu atuh ameng ka ditu ari moal jogéd mah!''
Lakadalah...nyaan yeuh bakal bercinta satu malam. Jajantung beuki ngaguruh. Jol kacipta wé di ditu sabataé nyacapkeun kasono. Tapi ras boa di ditu téh disampakkeun bedog ku bapana atawa boa salakina! Napsu birahi ngulapés deui.
''Alim ah bilih aya nu nyeuseulan.''
''Hihihihihi.....nu nyeuseulan saha?'' Eemh éta gumujeng mani raos. Ngan tungtungna bet matak tingsariak.
''Carogé atanapi tuang rama.''
''Hihihihihiiiii...abdi mah pahatu lalis, angot carogé teu gaduh, sorangan wé di rorompok téh!''
Birahi nguniang deui. Antukna, harita kénéh gé kuring kabandang ku manéhna. Ngingkig pairing-iring muru lembur Pasir Ipis di tonggoheun tempat pelesiran. Mapay-mapay jalan satapak, hadéna keur caang bulan leumpang téh teu talag-tolog teuing.
Angin peuting karasa beuki nirisan bubuhan di lelewek pagunungan atuh. Jékét dirérékép. Enya wé lembur da geuning loba imah mani patétéép. Teu kungsi lila anjog ka hiji imah. Si geulis muka panto nu teu disosi.
''Mangga A kalebet!''
''Ngga.''
Hawar-hawar raraméan kadéngé kénéh, mun teu salah mah lagu Gedung Tua. Hartina, ti tempat pelesir ka dieu téh teu jauh.
Gék diuk dina korsi nu ngan hiji-hijina. Langgéor si geulis, éh Néng Dita nyampeurkeun. Sok nyuguhan cai. Gék manéhna ngilu diuk sakorsi. Puguh wé angen beuki ratug.
''Kulem di dieu wé nya sareng Dita? Dita teu aya réncang ari wengi téh, sok keueung, '' pokna bari ragamang kana seléting jékët, dibuka. Kesang mimiti ngoprot.
"Duka atuh nya, bilih kakantun ku rombongan.''
''Moal, énjing dijajapkeun,'' cenah bari ngabedol leungeun, laju dibawa ka pangkéng. Éléh déét kuring nurut. Blus ka pangkéng, poék mongkléng teu kaciri curuk-curuk acan. Bareng jeung éta, sora raraméan ngiles. Nu karasa awak kuring dirangsadan ku cara kasar, les kapidara. Éling-éling bray beurang da kadéng aya nu nyalukan.
''Néd, Néd, hudang, éling euy? Nanaonan saré di dieu batur hibut nénéangan ti peuting kénéh, diabsén manéh euweuh. Jeung éta awak bulucun kari kolor?''
Gebeg, gurinjal hudang, gura-giru dibaju. Rét ka nu rajeg narangtung, babaturan.
''Gustiiiii...  aing téh kasarung ning. Nu dikeukeupan téh kuburan.'' Sakedapan kuring maling rérét kana tetengger, kabaca Dita Ratna Ayu, wafat 2010, lahir 1993.
''Deudeuh teuing....geulis,'' haté ngageremet, nginget-nginget lalakon peuting tadi.
Diguliksek ku babaturan naon pangna kuring nepi ka kitu, satadina rék balaka naon nu kaalaman peuting tadi. Tapi, heurin ku létah. Éra, bisi aya cakcak bodas terus tepi ka  manéhna, Néng Dita téa.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

Dasep

Ari jurig ngomongna sok ngirung kitu?

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: