• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Supata Urang Baksil

Kénging Féndy Sy. Citrawarga
Kintun kana Facebook

Tas jalan-jalan mapay Bandung, teu karasa geus peuting. Tabuh sapuluh. Teu kuat tunduh. Cinekul na téras toko. Kelekep heuay, ker kasaréan. Hudang-hudang kasebrot cileuncang jeung kagareuwahkeun guludug nu patingjeleger. Beu!

Bandung jempling. Patalimarga dumadak coréncang, taya angkot ngalong. Padahal sasarina mah tara suwung. Teu hadé cinutrung, kuring hudang sabada hujan orot, ukur ngeprul. Tiris. Teu maké jékét. Tegallega wayah kieu, enyaan combrék.

Keur anteng leumpang ka kidulkeun, teu kanyahoan aya béca nyampeurkeun.

"Béca Dén?" tanya tukang béca.
"Sabaraha ka Cibolérang?" pok téh langsung baé adu rega hayang geura-geura nyium bantal.

"Teu langkung di dinya badé lima rébu badé sapuluh rébu gé," cenah. Atoh teu atoh. Atoh duméh teu ngaregakeun mahal, ongkos ukur sakitu, cacak ti peuting mah. Da nu normal mah saeutikna Rp 30.000 mah kudu.

"Enya sok sapuluh lah!" cékéng bari dina emprona mah engké téh rék méré bonus sapuluh rébu mah.

Kalacat satengah luncat neundeutkeun cungcurungan kana jok béca. Na ana clé, jol jeletot téh karasa panas.

"Aduh, na panas Mang?"

"Huahahahaaaa...!" Si gejul, kalah ngabarakatak.

"Na kalah seuri?" Panasaran ditanyakeun.

"Ah hentu," pokna pondok.

"Naha kalah méngkol ngénca. Ka katuhu!" Kuring ngagorowok demi lebah parapatan Otista béca téh kalah méngkol ngénca lain ka katuhu.

"Huahaha.....!" seuri deui, beuki harus. Laju béca karasa wuwuh nyemprung. Sakolépat gé geus cunduk ka parapatan Moch.

Toha, léok deui ngénca.

"Mang, ka Cibolérang mah ka Leuwipanjang, terus ka By Pass. Ka Kopo, lebah sasak nu aya pajagalan méngkol ka katuhu!" Pok téh ngadikté bari muihkeun awak ka tukang. Ana gilek, jenghok. Béca euweuh nu nyupiran. Puriding... jantung ngadulag nurugtug. Tapi teu kungsi lila geus anjeucleu deui.
Teu lémék bakating sawan.
"Hahaha...hihihi...!" Kalah kadéngé deui nyikikik miyuni sora kunti.
"Enggeus ah. Turun di dieu!'
"Hahaha....sok wé becus mah!" pokna kalah beuki matak sawan.
Da jeung saenyana rék bisa turun kumaha laju béca mani nyemprung. Teu ukur kitu. Béca téh sakapeung guluang-galéong diulinkeun.

"Enya eureun heula!" Mimiti ngagidir bari késang badag késang lembut ngorolok. Antukna, teu majar kumaha kuring ngabigeu nganteur karep tukang béca nu teuing saha. Eureun-eureun geus aya di rungkun.

"Turun!"

"Naha kalah dibawa ka ruyuk. Uing mah lalaki tulén," pok téh sieun dikoroméoh.
"Heueuh da aing téh bangsa sia nu teu adeuh sok ngageugeuleuh awéwé taya kaseubeuh!"
"Ari kitu bangsa naon di dinya?"
"Bisi teu nyaho aing téh nu ngageugeuh Baksil!"
"Baksil?"
"Heueuh Babakan Siliwangi, nagara aing nu rék dijajah bangsa sia! Hayu buru ngahadap walweung!"
"Naon walweung téh?"
"Wali Leuweung, belegug!"
Kuring dipaksa turun tina béca. Digusur ka ruyuk Baksil nu poék mongkléng. Teu kungsi lila anjog ka lawang sakéténg.
Dumadak caang siga ti beurang. Di dinya geus nyampak pirang-pirang mahluk nu pikagilaeun, ngariung siga keur ngayakeun gempungan.
"Mangga nyanggakeun Pa Walweung ieu kenging mangkelukna."
Mahluk-mahluk nu cenah ngageugeuh Baksil téh ragem marelong kuring bari tingcakakak-tingcikikik. Sorana mani matak eundeur. Bulu punduk kuring teu wudu tingsariak.Teu nyangka
sacongo buuk kudu patepung jeung mahluk-mahluk modél kitu.
"Bener ieu mangkelukna?" tanya nu disebut walweung.
"Sumuhun, teu lepat nun. Mangga kedah dikumahakeun?"
"Enya manéh boga karep rék ngabukbak alas Baksil, rék  nyieun réstoran, rék nyieun tempat pelesiran?"
"Yéy, duka atuh," pok téh teu mais teu meuleum dituding rék ngabukbak Baksil.
"Na sia ngangles?"
"Da teu rumasa atuh!"
"Geuning teu ngaku euy? Salah néwak manéh mah!"
"Ah biasa. Jelema mah sok akon-akon."
"Heueuh keun wé euy rék saha-saha manéh. Nu penting béjakeun ka balad-balad maranéh yén nu ngageugeuh Baksil teu rido lamun ieu leuweung rék dibabad!"
"Na maké teu rido sagala, duit-duit uing!" cékéng jadi ngilu keuheul antukna mah bongan teu pupuguh kalah jadi katempuhan buntut maung.
"Tuh nya da bener. Yeuh jelema! Ulah disangka leuweung téh euweuh nu ngageugeuh, nyatana aya bangsa kami. Nu matak, saméméh aya kajadian nu teu dipiharep, kami ngélingan sangkan Baksil diriksa!"
"Na euweuh deui tempat? Baksil téh aya di Kota Bandung. Maenya di kota aya leuweung?" Kagok ngayonan. Ana ger téh nu nyurakan mani éar.
"Emh ieu jelema teu nguteuk pisan nya? Pasukan,  sayagikeun tihang gantungan!"
"Siaaap...!" Raong nu narémbalan. Puguh baé sorangan murengked. Késang ngoprot sieun enya digantung. Angot basa awak kuring padangarejengan, laju dipayang. Bréh tihang gantungan!
"Gustiii... nepi ka kieu nanasiban," jumerit.
"Sakali deui kami nanya, enya rék nyieun wangunan di dieu?"
"Duka atuh!"
"Yeuh, jelema! Béjakeun ka balaréa urang Bandung, lamun Bandung hayang iuh linduk, hawana seger, cai curcor, walungan caina hérang, kudu wawuh jeung bangsa kami!"
"Naha?"
"Heueuh apan kami mah hirup di leuweung, ari leuweung kudu aya kakayon! Mangpaatna sangkan lingkungan kapiara. Mun usum ngijih teu kacaahan. Mun usum halodo teu kakurangan cai," pokna mapatahan.
"Nya mending nyieun réstoran, mol, gedong sigrong, vila, dan sebagainyah ngarah loba duit!"
"Emh aya ku bedegong ieu mangkeluk. Ngaku wé manusa modéren, ari polo belet kabina-bina. Pan nyaho Bandung kiwari geus kaseundeuhan pirang-pirang balai. Runtah patulayah, nu daragang ngampar asal ngeunah,  Cikapundung ngabajigur, usum hujan caah cileuncang, geus puguh caah rongkah Citarum mah, cai jero taneuh ngajeroan!" angger mapatahan, bari pokna deui;
"Ari ngaran Persib Maung Bandung!"

"Naon sangeunahna mamawa Persib?"

"Nya heueuh, lamun enya Persib Maung, di Bandung kudu aya leuweung da maung mah tara nyirekem di tempat karaoké!" Kuring ngabigeu. Tapi géngsi kudu ngabetem mah.
"Na urusan teuing?"
"Nya urusan deuleu! Aing gé aya kapentingan. Nagara aing dijajah, wajib buméla, toh pati jiwa raga!" nyeuneu.
"Ngéwa di kota aya leuweung, aya ruyuk, aya kai janggotan mah! Leuweung mah di gunung. Di
kota mah kudu loba toko, balatak bangunan méwah sabangsa hotél, réstoran, tempat hiburan, jeung sajabana!" pok téh saheuayna.
"Nitis tulis ciri wanci, datang mangsa nu sampurna sia ku aing rék disupata!" si walweung ngancam.
"Hah, disupata?"
"Heueuh, lantaran manéh mah teu payus jadi jelema, pantesna  jadi belentuk!"
"Ulah atuh ih!"
"Teu bisa, kedal ucap kami  cadu dicabut."
"Jadi?"
"Manéh rék disupata!"
"Jadi naon? Jadi presidén mah sok wé!" Werat kénéh ngabojég.
"Heug ku  kula manéh rék disupata jadi presidén leuweung Baksil!"
"Maksudna?"
"Manéh ku kula disupata jadi tangkal kai panggedéna nu boga pancén ngajaga Leuweung Baksil ti nu rék ngajajah. Sing saha nu ngagunasika, wajib dilawan. Sabalikna lamun ku manéh diantep..."

"Kumaha tah?"
"Manéh salawasna jadi tangkal kai! Sabalikna lamun daék mulasara, isuk jaganing géto manéh bakal mulih ka jati mulang ka asal jadi manusa sajatining manusa!"
"Gustiiiiiiiiii.....," lenggerek kapiuhan.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: