• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Minyak Mayit

Kénging H. Usep Romli, HM
Kintun kana Facebook

  Ti bubudak kuring resep kana botol atawa plés. Teuing kumaha mimitina. Kawasna,mun teu salah, keur umur genep taunan, ku nini dibéré minyak “kolonyo”. Sohorna harita mah “air mata duyung”. Pédah di dinya aya gambar lauk duyung nu sirahna jelema, sukuna lauk. Mani atoh. Lantaran seungit. Jeung éta botolna alus. Hérang ngagenclang.

     Ti harita,asana, sok ngumpul-ngumpul botol téh. Botol naon baé. Nu gedé nu leutik. Kaasup botol kécap “Cap Panggang Hayam” atawa “Cap Kingkong” nu aya tulisan “No.1”.

     Bet nuluy nepi ka usum kuliah. Beuki lega gaul, beuki réa botol koléksi. Jeung beuki rupa-rupa, boh wangunna, boh warnana. Lain baé botol samodel minyak “kolonyo” jaman nini. Tapi deuih botol-botol minyak wangi, atawa parfum  kamashur. Elizabéth Arden, Givenchi, Bulgari,Giorgio Armani, wah…teu kawilang. Kitu deui botol inuman keras. Nu lonyod, nu gepéng, nu buleud. Réa batur tukang dangdan, tukang maké seuseungitan. Réa batur tukang mabok. Beuki réa koleksi botol nu kapibanda.

    Dina euweuh nu méré, meuli. Atawa nukeuran ku barang naon baé. Asal botol nu dipikaresep kapimilik.

    Puguh bae diurus. Ditatap diusap. Dipernahkeun dihadé-hadé. Dibélaan nyieun lomari husus. Batur mah, lomari buku. Kuring mah lomari botol. Dijadikeun bahan kaagulan ka nu sakur nu nganjang ka kontrakan.

   Malah kungsi aya wartawan.Kuring diwawancara. Dimuat dina suratkabar. Digolongkeun ka jalma nu boga hobby anéh. Batur mah hobby ngoléksi batu ali, motor gedé, mobil antik. Kuring mah hobby ngoléksi botol.

   Sok mindeng, atawa kungsi, ngalaman kajadian anéh lamun kuring boga koléksi botol anyar. Kawas basa karék mimiti boga botol parfum “Néfertiti”, sasiki. Nu wangunna jiga pyramid, warna biru leleb, ari aksara konéng emas. Najan geus kosong, barang dibuka tutupna, aya kénéh selengseng seungit angin-anginna.

  Tas nyeuseup eta parfum, langsung tunduh. Reup saré, ujug-ujug ngimpi aya di hiji tempat hara-haraeun. Kuring diséréd bari didengkék ku hiji lalaki jangkung badag. Dijagragkeun ka rohangan nu pinuh ku jalma réa. Tapi tartib. Hémpak  sarila nguriling di sisi-sisi témbok rohangan lega pisan. Di tengah-tengah, dina korsi jangkung tina emas ditarétés inten permata, anegléng hiji wanoja. Geulis kawanti-wanti. Dangdanan hurung-hérang.

   Lalaki nu nyéréd kuring, ngagorowok :

   “Nyembah ka Déwi Nefertiti !”

   Brek kabéh sarujud. Punduk kuring diteueulkeun tarik pisan. Nepi ka milu ngudupruk sujud. Kadéngé sora sahéng.Muji-muji Déwi Néfertiti.

   “Déwi Maha Agung, Déwi nu ngabagi rejeki !”

   Jep deui jempling.  Kuring ditanggahkeun. Ngadangong handapeun korsina pisan. Ngong Déwi Néfertiti cacarita ditujulkeun ka kuring:

   “Sukur anjeun geus aub kumawula ka kaula ! Pék tuluykeun. Urus seuseungitan tititnggal kula. Ayeuna anjeun geus diaku jadi balad kaula, nu ngawasa panonpoé. Kaula sembaheun manusa !”

   Geus kitu mah, kuring dileupaskeun tina dengkékan lalaki jangkung badag. Malah ditangtungkeun. Dituyun sina nyium ramo déwi nu lalencop tur seungit parfum  nu botolna kuring geus boga.

   Barang lilir, késang ngagarajag saluar awak. Rarasaan teu pararuguh. Kabur pangacian. Rét kana botol. Beuki méncrang biru-konengna. Mancerkeun cahya éndah kabina-bina.

   Kungsi deuih basa anyaran meunang botol wodka mérek “Siberia”. Keur dielapan, cocok kayu gabusna coplok. Hiek bau inuman keras. Nepi ka lenglengan. Kapiuhan. Bet terus ngimpi. Aya di tempat pésta ramé pisan. Pabuis para tamu. Pasuliwer nu darangsa. Awéwé lalaki patangkeup-tangkeup. Musik ngaguruh. Beuki tarik. Beuki motah. Pakalangan nu pejejel ku rupa-rupa jalma jeung rupa-rupa dangdanan, ujug-ujug walihweuh.Aya nu mabok ngamuk. Mubak-mabuk maké botol inuman keras nu geus dipeupeuskeun. Sirilik ka ditu. Sirilik ka dieu. Bru, bru, jalma-jalma nu keuna ku seuseukeut botol rarubuh. Getih ngalukrah. Nu perlaya balatak. Tapi musik teu eureun. Nu darangsa teu eureun.

  Cakakak, cakakak, ti juru sora seuri tanding gelap salesér.

  “Hah,hah,hah…….aing geus hasil ngagubruskeun manusa. Teu pira ku inuman keras. Nepi ka téga maehan. Nepi ka téga migawe nirca…..”

   “AHaram jadah!”kuring eling tina katuralengan. Awak ngadégdég. Reuwas jeung sieun. Kuduna mah botol urut inuman keras kitu, dibabétkeun. Tapi henteu ieu mah. Malah tuluy dikeukeuweuk. Tur isukna gancang néangan deui. Sugan aya botol wodka mérek séjén nu wangun jeung warnana beda.

   Ngurus botol koléksi, sasat cul naon cul naon.Cul kana kawajiban agama. Cul kana gaul jeung jelema. Ti poé ka poe, detik,menit, jam, béak dipaké ngoprek botol. Ditatap-diusap. Diteuteup warnana. Ditingetan wangunna. Diangseu urut bau jeung seungitna. Dirarasakeun fantasi nu datang marengan atawa nuturkeun sabot ngaranéh botol-botol nu geus ngaratus-ngarebu. Sugema haté, lantaran geus manggih kajinekan hirup pikeun satuhu satia kana koléksi botol.

  Hiji poé , torojol kapiemang ti lembur, ngalongok bari ngirim botol. Cenah, bawa ti Mekah basa munggah haji sawatara taun ka tukang. Botol warna bodas haseup. Wangunna persis pocong. Labelna warna beureum getih, aksara diparungkal paringkel jiga haseup ngelun. Unina “Ruh ar Ruh”.

  “Emang gé resep kana ieu botol téh. Ngan keur nanahaon galutak-galituk. Ongkoh ibina jeung barudak di imah, sarieuneun. Pajah téh botol jurig. Rék dijual ka kokompong lebar. Ras meulina ti Mekah, mahal jeung éstu kabeneran. Hihijina deui. Inget boga alo resep ngumpulkeun botol. Tah emang milu andiI. Sugan wé kapaké.”

  “Hatur nuhun, Mang, tangtos kaanggo pisan,”kuring atoh.

   Geus emang balik, saperti sasari, tutup botol dibuka. Diambeuan. Seleksek…..hiek……enya we bau mayit. Baru sirara.

   Leng kuring katuralengan, kawas basa tas ngambeuan botol parfum “Nefertiti” jeung wodka “Siberia” téa.

   Teuing ngimpi, teuing naon. Ngan kuring rarasaan téh maot. Terus digarugulung. Dimandian. Diboéhan. Dikocrotan minyak “Ruh ar Ruh” tina botol paméré emang. Diasupkeun kana pasaran. Digarotong.

   “Salatan entong ?”kadéngé sora tinggerendeng tapi jéntré.

   “Salatan atuh. Moal enya henteu,”aya deui sora némbalan.

   “Tapi pan keur hirupna tara salat. “

   “Peupeuriheun keur hirup atuh lapur,  geus paéh atuh salatan. Kalumrahan mayit.”

   “Di masjid?”

   “Heueuh di masjid. Na di mana deui ?”

   “Pan tara ka masjid ieu jalma téh. Batur rabul berjamaah, ieu mah nguyek nyoo botol.”

   Leng poék. Poho. Buntu. Inget-inget geus nyaring di hiji tempat anu rupek. Heurin. Hésé usik-usik acan. Di sisi di gigir ngan botol jeung botol. Ngaheurinan. Nyedek- nyedek.

  “Naon ieu ! Naon ieu !” kuring gogorowokan. Hayang ojah tapi teu bisa. Sabab kagencéet ku tumpukan botol. Leuheung lamun beresih kawas nu ku kuring dipiara didama-dama. Da ieu mah, raméték ku kokotor. Hideung lestreng, cepel. Bau liwat ti bau.

  “Ieu amal pagawéan silaing keur di alam dunya !”hiji sora handaruan némbalan. Teuing ti mana. “Pan gawé ngagugulung botol. Nepi ka poho kana akidah, kana ibadah, kana ahlak, kana amal kahadéan ka sasama manusa.Da hirup silaing béak dipaké  munjung-muja botol. Mikacinta jeung mikareueus botol. Nya wayahna silaing di alam kubur kudu daék dikekeyek ku botol nepi ka datang lebur kiamah teuing iraha ! Teuing isuk pagéto, teuing sataun dua taun deui, atawa sajuta dua juta taun deui. Wallohu’alam. Anging Alloh Nu Maha Uninga.”

   Satengahing ripuh kabina-bina diséréd, ditindihan, ditinggangan ku botol, panon bet bisa nénjo ka béh peuntas. Ka lebah jelema nu keur ngahunang-ngahening di hiji patamanan lega kabina-bina. Diriung-riung ku para juruladén saromeah. Rupa-rupa dahareun jeung inumeun nu matak uruy, ngabarak.

  “Tah deuleu !”sora nu tadi handaruan deui. “Éta conto jalma iman ka Alloh, jeung getol amal soléh ka sasama manusa. Barang asup ka alam kubur, sédong heureut ngadadak ngalegaan. Bray caang narawangan. Manehna culang-cileung. Molohok hookeun. Terus aya nu ngabéjaan, teu kudu héran. Ieu teh ni’mat kubur pikeun jalma nu iman, nu taat ngalaksanakeun parentah Alloh jeung Rosulna, sarta ngajauhan sagala nu dilarang ku Anjeunna. Dibarung ku getol nyieun kahadéan ka sasama manusa. Pék sing tumaninah tengtrem dina kurnia anugrah Alloh SWT. Sing betah nyicingan alam kubur  nu pinuh berkah katut ganjaran tina iman jeung amal soleh andika…….Tuh tingali, kaayaan jalma nu keur hirupna iman ka botol, ibadah ka botol, amal soléh ka botol. Alam kuburna ge dijejelan botol……..”

  Leng, leng, leng……bet ngolébat  kasadaran. Yén keur hirup teh Islam najan saukur aakuanan. Keur hirup teh iman, sanajan teu kabuktian dina kanyataan. Bet diparengkeun létah ngucapkeun istigfar.

   Nyah beunta. Geuning hirup kénéh. Cikeneh ngajoprak kapaehan. Bari leungeun ngeukeuweuk botol paméré emang. Botol minyak mayit nu nyababkeun kuring kapangpéngkeun kana fantasi ka alam gaib. Jadi mayit.

   Meneran di masjid deukeut imah kontrakan ngamimitan adan. Waci magrib.

   Gura-giru kuring ka kamar mandi. Beberesih. Wudlu. Salin baju nu beresih, jeung samping weuteuh.

   “Haturan Cép….”Ustadz Ahmad ,sesepuh masjid ngabagéakeun lebah lawang. “Ka mana baé tara katingal?”

   “Nu mawi sibuk mémérés skripsi, Pa Ustadz…..”kuring néangan alesan . Memang enya keur ngahangkeutkeun skripsi. Tapi hésé anggeus, da teu kaur ku “bobogohan” jeung botol.

   “Dupi koléksi botolna kumaha? Tos nambihan seueur ?”Ustadz Ahmad nanya deui. Apaleun manéhna  lantaran kungsi maca tulisan ngeunaan hobby kuring kana botol dina suratkabar.

   “Nu mawi,badé diical atanapi dihibahkeun ka nu peryogieun….”

  Obrolan teu kebat. Kapegat ku komat.

  Sieun disebut bohong, pédah geus ngomong ka Ustadz Ahmad, isukna sakabéh botol nu aya diborongkeun ka tukang kokorompong. Lima welas karung padet metet. Ukur hiji nu disesakeun. Botol minyak mayit paméré  emang. Itung-itung keur pangéling-ngéling.

   Ayeuna mah, unggal jol ka masjid, tara dibagéakeun ku kecap “haturan”, boh ti Ustadz Ahmad, boh ti jamaah séjén. Sabab geus larbek. Tétéla salat berjamaah leuwih hampang jeung babari, tinimbang ngurus botol nu mindeng mangpengkeun kuring ka alam pikasieuneun.

  Komo kapangpengkeun ka alam kubur nu batan sakitu kaayaanana. Untung saukur  riwan, atawa gundam.

  Ladang ngajual botol, ukur sapersapuluh atawa boa sapersaratus tina harga pameulian. Tapi teu nanaon. Malah ngarasa untung. Sabab barang tukang kokorompong mayar, meneran pisan aya nu datang mawa proposal ti panti asuhan yatim jeung pahatu. Digebrokeun ka dinya kabéh. Dipake sodaqoh infaq. Patugas nu narima, ngadu’a “ barokallohu fi mali wal ahli. Berkah Alloh keur hart a jeung kulawarga anu maparin sodaqoh infak.

   “Alhamdulillah, abdi dipaparin kénéh kasempetan hirup kanggé ngoméan sagala kalepatan nu atos-atos. Mugi janten buktos kaimanan sareng amal soléh abdi, ya Alloh, nu salami ieu sumembah kana karesep hawa napsu, “kuring sumegruk dina sajadah, sabada ngadekul wiridan ti tutas magrib nepi ka datang isa.****

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

Endang Suparman

Seeur jalma anu poho kana purwadaksina,jalaran ngahayunkeun kana hoby.Sae carita teh kanggo picontoeun anu ngaosna

Aniban

tah kitu, eta ngarana jelema ....

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: