• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Anak Bajing nu Sarakah

Kénging Nina Rahayu Nadéa
Kintun kana Facebook

Anak Bajing nu Sarakah

Kacaritakakeun aya tilu bajing. Sebut wéh anak nu ka hiji si Ceuli Rebing, nu kadua si Buntut Panjang jeung nu pangleutikna si Huntu Gedé. Maranéhna téh keur meumeujeuhna resep heureuy. Tur hésé pisan diurusna.  Indungna geus béak déngkak mamatahan anakna sangkan alakur. Tapi angger wé teu diwaro. Kawantu anakna keur meujeuhna balangor jeung hésé pisan dipapatahanna

 Keur nyumponan pangabutuh sapopoé indung bajing kudu bener-bener pisan néanganna. Teu sirikna hulu dijieun suku, suku dijieun hulu téh lain bohong. Nu dipiharep sangkan anakna teu kakurangan dahareun. Kawantu manéhna hirupna ngan nyabeulah. Tisaprak salakina ningalkeun, manéhna jadi “single parents” anu kudu bener-bener bisa ngabayuan sakabéh pangabutuh  jeung namplokeun kanyaah ka budakna.

Dina hiji poé indung bajing keur ihtiar néangan kadaharan keur anakna. Ari anakna mah aranteng di imah, hareureuy teu eureun-eureun. Teu anéh lamun diantara nu tiluan téh aya nu ceurik lantaran diheureuyan. Ari nu disebut imah, nyaéta hiji tatangkalan gedé, anu pernahna luhureun  walungan. Anu ceuk béja, lebah walungan éta téh nganjrek hiji buhaya gedé.

Kulantaran carita anu geus sumebar éta. Tinangtu nyababkeun indung bajing kacida talatén sarta teu eureun-eureun peupeujeuh ka barudakna sangkan tarapti, caringcing pageuh kancing dina nyanghareupan carita ngeunaan sakadang buhaya.

Tapi teu pati dipaliré ku barudakna. Berkah, ti saprak maranéhna cicing di imah anyar téh, can kungsi kawénéhan panggih jeung mahluk anu disebut buhaya téa. Atuh maranéhna anténg wé arulin. Kalan-kalan awakna pating gulantung dina régang tangkal, méh waé awakna antel kana cai walungan. Euweuh pisan kahariwang, sakadang buhaya nyerek manéhna.

“Yeuh barudak bagikeun daharan téh, omat kudu walatra,” indung bajing cumarita ka anak-anakna bari jeung mikeun jambu aér nu gedé tur meujeuhna asak pikabitaeun.

“Horéé!” barudak atoh pisan ningali éta jambu.

Tapi mungguhing barudak nu keur meujeuhna téa. Papatah indungna sangkan ngabagi jambu anu walatra téh teu didengékeun. Maranéhna hayang ngadahar jambu éta sorangan, embung dibagi-bagikeun. Antukna éta jambu téh jadi bahan pipaséaeun. Silih rebut. Kekecapan indungna teu didéngékeun, indungna gé nepi ka taak nyanghareupan budakna anu angger ngudag éta jambu. Bakat ku keuheul mah tungtungna diantepkeun baé. 

Mimiti éta jambu aér téh aya dina leungeun  Buntut Panjang, terus diberik ku Huntu Gedé jeung  Ceuli Rebing. Antukna  Buntut Panjang bisa ngarebut éta jambu aér, tapi Ceuli Rebing teu cicingeun. Merik. Hojah. Nepi ka éta jambu aér téh aya dina Ceuli Rebing. Atoh pisan manéhna, ngabogaan éta jambu. 

 Katingali maranéhna geus capéeun. Tapi angger we silih udag.  Hiji waktu jambu aya dina leungeun Ceuli Rebing,  nu lain rikat merik rék nyokot éta jambu. Tapi na atuh cleng jambu téh murag ka walungan.

 Kabéh tiluan ngahuleng ningalikeun jambu anu ngambang dina cai. Warnana uruy pikabitaeun. Lantaran hayang éta jambu, tilu anak bajing téh tarurun tina tangkal, ngagurawil kana régang seja nyokot  jambu. Tapi paniatanna teu tulus waktu cai tina walungan siga anu ka luhur nyurungkuy. Maranéhna geuwat naék deui kana tangkal. Barang bréh Buhaya badag. Calangap. Atuh jambu téh langsung asup kana sungut éta buhaya. Tinggal anak bacing nu olohok ngembang kadu nyaksian éta kajadian.

 Maranéhna hanjelu. Teu jadi ngadahar  jambu anu kacida uruyna, jaba beuteung geus kukurubukan. Tapi maranéhna sukuran, teu jadi dicaplok ku buhaya anu lapar.*** (tina buku ‘Tiga Tupai Kecil’ Mizan 2004)

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: