• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Hampura Anaking

Kénging Ny. Lestari
Kintun kana Facebook

Bulan di langit moncorong, cahayana nyebrot nojo kana tatangkalan nu tingarulang katebak ku angin peuting, ngagayuh ka subuh.

Di hiji imah leutik, Ambu Jumariah keur paképoh niupan seuneu. Suluhna baseuh hésé ka teurak, hurung sakeudeung pes deui pareum, kalahka haseup baé mani ngelun. Cipanon Ambu Jumariah mani ngucur, paheula-heula jeung késang nu ngagarajag. Bari ungsrak-ingsreuk Ambu Jumariah nyusutan cipanon ku tungtung kabayana nu geus méh leungit warnana.

“Na kamana ari Si Ujang…?” cék pikirna.

“Kacida teuing éta mah budak, mani teu daék pisan mantuan ka indung téh. Sakieu capéna balik nutu, pecat-pecat soré, datang ka imah kudu nyadiakeun dahareun keur buka jeung keur janari. Mana suluh baseuh teu daék hurung. Padahal mah Si Ujang, daék-daék mangalakeun suluh anu rada garing, moal meureun indung téh kasiksa teuing kieu,” pokna ngalengis. Sok loba katugenah puguh keur Ambu Jumariah mah ari nyangharuepan lebaran kawas ayeuna téh. Manéhna ogé hayang némbongkeun kanyaah ka anak kawas batur, tapi naon nu rék dibikeun atuh. Taya pakeunna.

Kulutrak panto muka. Si  Ujang nolol tina sela-sela panto. Kakeuheul Ambu Jumariah  anu ti tadi geus ngahuyud téh puguh wé rabul ka laluar.

“Ari Ujang ti mana baé? Naha teu nyaah ka indung…?” pokna ngalengis. Si Ujang nu umurna kakara sapuluh taun tur geus lita teu ngarasakeun kanyaah nu jadi bapa, da ti umur tujuh taun ditinggalkeun maot ku bapana, ukur mencrong bari teu ngarti ka indungna.

“Nyaah henteu Ujang ka Ema… heh?”

“Nyaaah… nyah pisan,” témbalna bari angger teu ngarti.

“Naha atuh mani tara daék mantuan ari enya mah nyaah?” cék indungna deui. Si Ujang cicing teu némbalan. Haténa mah hayang nyarita.

“Kudu kumaha atuh némbongkeun kanyaah ka nu jadi indung téh?”

“Ieuh Ujang, kapan Ujang gé nyaho urang mah teu bisa disaruakeun jeung batur, urang mah jelema teu boga. Cacakan… mun Ujang boga kénéh bapa mah moal meureun nepi ka kieu téh…” cék Ambu Jumariah bari ngalimba.

“Ujang, Ujang mah kudu ngarumasakeun, Ujang mah teu sarua jeung Cep Odong, teu sarua jeung Cep Entis…” pokna deui.

“Naon bédana Ujang jeung Cep Odong Ma?” Si Ujang nanya. Indungna anggur ngahuleng neangan pikecapeun.

“Naon bédana jeung Cep Odong jeung Cep Entis, kapan sarua batur ulin.”

Asa aya nu nyelekit kana hulu angen Ambu Jumariah. Rupa-rupa rasa ngagelek minuhan dada.

“Naha atuh aing téh maké ngabanding-banding anak jeung anak batur sagala. Deudeuh teuing Ujang, anaking, hidep can ngarti.” Ambu Jumariah tanggah, nenjokeun haseup anu arula arileu neangan jalan ka luar.

“Lain kitu, ulah katungkulan teuing ku ulin atuh Jang! Bantuan Ema. Mantuan-mantuan ngabaturan atuh ngarah Ema teu keueung teuing.” Ambu Jumariah nyalenggorkeun.

Dikitukeun téh kalahka goledag wé Si Ujang mah sare, ngarengkol siga kuuk dina samak saheulay, dikurubun sarung.

Ambu Jumariah hudangna kabeurangan. Awakna karasa nyareri, sirahna nyanyautan urut kamarina kahujanan. Manéhna maksakeun cengkat, tapi teu kuateun, goledag deui wé ngedeg. Pikiranana teu aya deui iwal ti ka Si Ujang, jimat di dunya hiji-hijina deui, da lanceukna mah maot kaserang kolera. Nu teu weleh jadi pikiranana téh, na sok di mana ulinna ari Su Ujang cenah. tara katenjo ubrang-abring jeugn babaturanana. Ras inget, tinggal dua poé deui kana lebaran téh. Gebeg… mangkaning kakara kabeuli calana wungkul keur Si Ujang téh. Manéhna mereketkeun manéh hudang, hayang buru-buru buburuh sangkan meunang duit keur nambahan meuli baju Si Ujang. Rieut jeung lieur teu dirasa, maksa leumpang muru panto. Tapi teu kuateun. Bru… nambru hareupeun panto.

Keur kitu panto muka.

“Ema…” Si Ujang ngagero. Tuluy muru indungna nu ngajoprak. “Ema… Ema…, ieu ujang,” harewosna.

Ambu Jumariah beunta lalaunan. Nyarita haroshos.

“Ema… gering Ema téh? Geura cageur atuh Ma, Ujang keueung,” Kawas aya hiji kakuatan nu matak nambahan kana tanagana, Ambu Jumariah cengkat, terus diuk nanghunjar.

“Ema… ieu ti juragan Sastra…” Si Ujang ngasongkeun bungkusan. Bari ngadaregdeg Ambu Jumariah muka bungkusan.

Brah… rarasaan dunya asa ngadadak caang narawangan. Biwirna embut ngucapkeun hamdalah.

“Naha Juragan Sastra maké barang bere sagala?” pokna.

“Kapan Ujang unggal poé ogé babantu di bumina? Tembalna. Ambu Jumariah mencrong kana beungeut anakna.

“Bener nya, Ujang…” pokna teu sadar.

“Naon nu teu bener téh Ema?”

“Urang teu beunang ngaborong-borong ka Pangeran…”

“Naha kitu Ema?”

“Hampura Ema, Ujang…” pokna teu kebat kaburu aya ny nyelek kana tikorona. Beas, kueh, baju keur Si Ujang jeung lungsuran keur Ambu Jumariah dibereskeun tina bungkusan. Duitna mah disesepkeun kana kutang.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: