• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Nu Matak Muringkak di Majingklak

Kénging Nyi Roro
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1382021477.jpg [Potrét/Ilustasi: Agus Mulyana]

Taun tujuh puluh dapalanan, kuring kapeto jadi ketua senat di kampus salah sahiji paguron luhur di Bandung. Sakumaha nu geus direncanakeun ti anggalna yén bakal diayakeun bakti sosial di wewengkon Majingklak, nyaéta hiji lembur nu pernahna di sabudeureun Nusa Kambangan, Rawa Lakbok - Ciamis.

Sakumaha ilaharna mun rék ngayakeun bakti sosial, saméméh prak kudu ditingali heula kaayaan lemburna, ceuk basa Indonesia téa mah “survey lokasi”. Nu miang ukur tiluan, kuring, Anto jeung Satrio. Anto bari ngagandong ransel tumpak  motor Honda CB, kuring diboncéng ku Satrio kana motor BMW.

Indit ti Bandung bada lohor. Nepi ka hiji lembur nu teuing naon ngarana, wanci geus ngagayuh ka Magrib. Kuring jeung babaturan ngaraso bari dalahar heula di hiji warung di sisi jalan.

“Pa, upami badé ka Majingklak ti palih dieu teras kamana nya?” kuring nanya kanu boga warung.

“Dupi Encép ti palih mana téa? Badé aya pikersaeun naon ka Majingklak sosontenan kieu?” tukang warung kalahka malik nanya bari kerung.

“Ti Bandung, Pa. Tos paheut jangji, badé ngadeuheusan ka Pa Kuwu Majingklak. Aya peryogi,”walon kuring bari tuluy ngaregot gelas eusi cientéh haneut.

“Ti palih dieu mah aya dua jalan. Nu hiji ngalangkungan gunung kapur tapi rada tebih. Jalan nu hiji deui mah caket, mipir-mipir walungan Citanduy. Atuh tos wengi kieu mah saéna mending kénéh karulem di dieu. “Énjing diteraskeun deui,”ceuk tukang warung.

“Naha kunaon kitu Pa?” Satrio nanya.

“Sanés nyingsieunan Bapa mah. Urang dieu ogé tara aya nu wantuneun wengi-wengi ngulampreng ka dinya. Komo ayeuna mah malem Juma’ah ping 1 Kaliwon deuih. Bilih kumaha onam,” ceuk tukang warung  hariwangeun.

Gebeg, enya geuning ayeuna malem Juma’ah! Kuring silih pelong jeung Satrio, tuluy ngarérét ka Anto.  Tapi dasar si Anto budak Wanadri téa… wanian!

“Halakh, sieun ku naon atuh? Da urang ka dieu téh boga niat alus. Ké geus Isa mah hayu urang arindit! Bisi kapeutingan mantén!” ceuk si Anto bari cacamuilan ngadahar goréngan. Dikitukeun mah kuring éléh déét. Ba’da Isa, kuring tiluan amitan ka tukang warung.

Najan reyem-reyem ngan ukur dicaangan ku sorot lampu motor, kuring masih bisa niténan kaayaan sakurilingna. Mimiti mah enya kaciri jalan nu disorang téh, di beulah kenca walungan Citanduy téa. Di beulah katuhu kebon eurih mani jarangkung. Katingali ti kajauhan aya sababaraha imah  nu rada paanggang. Tapi, beuki lila geus teu katingali di beulah katuhu aya imah, da euweuh listrik nu hurung.

Kaayaan jalan nu leutik ngabalukarkeun motor teu bisa sajajar. Antukna motor kuring ti heula, dituturkeun ku motor Anto. Kaayaan sepi jempling, iwal ti sora motor jeung gaang nu réang. Di satengahing jalan, kasebrot ku lampu motor ti lebah hareup katingali aya jelema keur leumpang.

Ningali aya motor ti tukang, éta jelema nyisi méréan jalan. Reg, motor kuring eureun dituturkeun ku motor Anto.

“Mang, badé angkat kamana?” ceuk kuring nanya ka éta jelema.

“Aéh Jang, Emang badé ka tungtung lembur. Numawi ieu téh kawengian wangsul ti dayeuh. Kumargi hoyong téréh dugi, nya kapaksa baé nikreuh,”ceuk éta lalaki tengah tuwuh.

“Geuning urang sajurusan Mang? Hayu atuh, ngiring baé kana motor abdi,” ceuk Anto nawaran. Éta lalaki nu ngawanohkeun manéh ngarana Ahrom, katangen mani atoheun pisan.

 “Jang, tos baé dugi ka dieu. Tuh, rorompok Emang mah palih ditu,”ceuk Mang Ahrom nunjuk ka sababaraha imah nu pernahna di lebakkeun jalan, katingali aya célak célak obor di hareupeun hiji imah.

 “Har, ituh Emang… manawi téh badé ngajajapkeun abdi dugi ka ditu? Énjing nembé mulih deui sasarengan ka dieu,” ceuk Anto ngalengis hayang dianteur.

“Moal Jang, karunya ka barudak Emang pasti geus narungguan oléh-oléh. Omat nya Jang, ti dieu terus wéh mapay jalan satapak. Ké di palebah pengkolan kudu ati-ati, didinya aya batu peuntaseun walungan. Tah, di dinya téh paragi munjung keur jalma-jalma nu hayang téréh beunghar. Kadé ulah wani wani tunyu-tanya ka saha baé oge. Mun manggih jeung naon waé tong dipaliré,” ceuk Mang Ahrom mére pepeling bari tuluy amitan.

Dius deui kuring tiluan indit. Enya waé, di lebah péngkolan mani nyambuang seungit menyan jeung kekembangan. Bulu punduk ngadak-ngadak maruringkak mani asa kandel. Kagok jauh, kebat baé. Lempeng, teu luak lieuk.

Kasorot ku lampu motor katingali aya aki-aki maké baju hideung, sirahna maké iket, disoléndang sarung. Aya nu matak hémeng, kuduna mah geus sakitu kakolotanana éta aki-aki teh leumpangna bongkok, tokroh-tokroh kundang iteuk. Ieu mah alah batan budak ngora jagjag belejag, leumpangna gé bari acleng-aclengan jiga nu ngajlengan batu-batu tincakeun.

Reg éta aki-aki eureun, tuluy nulak cangkéng. Pameunteuna baketut haseum. Halisna nu geus huisan duanana carengkat. Durilak-durilak, éta panon aki-aki ngadurilak. Durilak ka Satrio, tuluy ka kuring, panungtungan ka Anto.

Di tukangeun éta aki-aki aya wanoja leumpang, tapi naha siga nu ngageuleuyeung? Beuki lila beuki deukeut. Gusti! Karék harita kuring ningali aya wanoja sakitu geulisna. Éta wanoja maké raksukan kabaya bodas siga pangantén. Rambutna nu panjang ngarumbay katebak angin. Aya siger nu patinggurilap dina sirahna.. Leungeunna nu curentik nyekel tungtung karémbong, lir putri turun ti kahyangan

Panon putri nu cureuleuk mencrong seukeut. Halisna ngariut, pameunteuna siga nu bendu. Motor nu keur ditumpakkan ku kuring rada gagaléongan, cigana pipikiran Satrio teu bisa museur. Inget kana pépéling Mang Ahrom, kuring nepak tonggong Satrio bari ngaharewos nompo kana ceulina, “Yo! Istigpar euy! Lempeng, tuluy ka hareup!”.

Kuring tiluan keukeuh nyekel papatah ti Mang Ahrom, daék teu daék maju ngadeukeutan Si Aki jeung Nyi Putri. Dua rombongan adu hareupan, sarua pada-pada arembung éléh. Kasebrot ku lampu motor panon si Aki beuki molotot, bahamna kekerot, leungeunna tipepereket siga nu hayang ngerekeb-ngerekeb baé.

Satrio ngagas motorna, nyakitu deui Anto. Si Aki jeung Nyi Putri beuki lila beuki deukeut... beuki deukeut... beuki deukeut... Kuring geus teu kuat awahing ku sieun. Awak ngadegdeg. Biwir kekerenyeman maca sagala rupaning susuratan. Panon dipeureumkeun. Teu lila... Wush! Wush! Karasa, aya angin dua kali ngahius.

Sanggeus rada jauh, kuring tiluan eureun heula bari silih pelong tapi euweuh nu ngomong sakemék-kemék acan. Reuwas kareureuhnakeun. Gerung deui motor nu ditumpakkan nuluykeun deui lalampahan. Aya kana satengah jamna, di hareup katingali ting kariceup cahaya obor. Ceuk kira-kira kuring mah, sigana éta lembur Majingklak.

Alhamdulillan, teu lila anjog ka nu di tuju, geus loba jelema ngagimbung marawa obor. Ujug-ujug aya lalaki rada kolot nyampeurkeun ka kuring tiluan.

“Wilujeng sumping Cép, syukur tos salalamet mah. Bapa kenging wartos ti Pa Camat yén badé aya tamu mahasiswa ti Bandung. Urang dieu mani tos élékésékéng, dareudeupeun. Ari manawi téh badé sarumping sonten bada Ashar, ari pék tos badé tengah wengi geuning? ”sihoréng Pa Kuwu nu ngabagéakeun. Kuring jeung babaturan ukur imut bari nyolongkrong ngajak sasalaman ka pribumi. 

Pa Kuwu langsung ngahaturanan ngarereb di imahna. Sajeroning leumpang Pa Kuwu culang-cileung siga nu sieun aya nu ngadéngéeun. Manehna tuluy nanya lalaunan,“Sanés Cép, dupi tadi di jalan teu mendak nanaon? Pan ayeuna téh malem Juma’ah Kaliwon. Tara aya pamayang nu unggah ka laut, da Nyi Putri nu ngawasa laut kidul sok ngaroris jalan-jalan diréncangan ku badégana nu tos aki-aki”. Kuring, Satrio jeung Anto teu ngajawab, kalahka ngadon papelong-pelong.***

Saung Indung, 30 September 2013

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (3)

iwan

numawi sanes dongeng etamah, leres pisan kaayaanana sepertos kitu....

jenal muksin

hiiiii...

ivan el adam

Kahatur carmisna.. rawa lakbok tos kakoncara pamunjungan, lumayan muringkak.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: