• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Neang Paraji

Kénging Rian D Firdaus
Kintun kana Facebook

Tumaninah lebah dieu teh lamun beurang mah.Jalanna datar jeung lurus, kaiuhan tangkal awi, rajeg sajajalan.Komo lamun nuju ngoprot kesang mah, calik luhureun batu,asa dipepende ku angin nu ngahiliwir.Tapi umpama peuting, kacida geueumanana, poek mongkleng butaraju.Tangkal awipating reket katiup angin.Sora cihcir jeung jangkrik patembalan.

Ceuk bapa kuring, di ieu wewengkon teh, baheulana, duka iraha da bejadeui, pabeja-beja deui ti kolot baheula. Cenah aya nu miceun orok.Malah tisaprak haritadijadikeun pamiceunan orok. Orok nu ngahaja digugurkeun tinakandungan.Kawentar Nini Enoh, paraji nu tega baluas jeung bisangalakukeunana.Ti saprak harita wewengkon teh jadi angker, katelah Legok Orok.Lamun wanci peuting sokkacaturkeun aya sora orok ngagoar.Dina luhur batu sok aya jirim budak keur diuk. Sawareh ngabejakeun sok aya nu nangkod dina tonggong, nu mareuman obor, nu nepak, nu ceurik,nu kitu jeung nu kieu rea pisan kajadian nu teu ka hontal ku akal.

Keur jalma ngompod, pamohalan wani nyorang ieu wewengkon sosoranganan.Kuring mah ngadenge beja pikasieuneunana, geus murinding bulu punduk.Pikumahaeun lamun kudu nyorang. Kungsi eta oge ari nyorang mah, sakali-kalina, bari harita tehteu ngahaja. Keur teu sadar, da lamun inget mah, sakumaha butuhna ge moal sosoranganan, rek menta dibaturan. Harita mah dilinglungkeun, dipohokeun kana carita angkerna Legok Orok teh.

***

 

Tabuh hiji peuting, mitoha lalaki ngaguyahkeun.Ngabejaan, cenah pamajikan karasa beuteung.Harita pamajikan keur kakandungan nincak bulan alaeun, enya kawasna rek ngalahirkeun. Sanggeus hudang,kuring teu nolih nanaon, teu loba pikir, teu lobatanya.Langsung ngagedig, maksud rek neang Nini Junti, rek dititah marajian pamajikan, da anjeunna teh paraji turunan ti Nini Enoh.Ari neang bidan, asapamohalan da jarakna pohara jauh. Puskesmas Cisompet anu pangdeukeutna anggangna salapan kilometer ti lembur kuring teh.

Kuring terus ngagedig.Pamajikan  mahdibaturna mitoha ieuh,ti beh ditu mula geus maturan, ngendong.Sajajalan pikiran manteng ka pamajikan, lengkah digancangan, satengah lumpat, hayang geura nepi.Poek teu paduli, cape teu dirasa.Ceuk babasaan; tunggul ditubruk catang dirumpak.Lalampahan teu karasa, nepi kanu dituju.

“Punten, punten…” ceuk kuring bari ngetrokan panto imah Nini Junti.

Sakedapan teu aya nu nembalan, sabudeureun rehe comrek, hawar-hawar kadenge pating reket tangkal awi jeung pating korosak daunna, ka tiup angin.

“Punten, punten…Nini aya, aya di bumi?” sambung teh bari ngareretan kaayaan imah jeung sabudeureunana.

“Punten, Ni, Nini aya di bumi,” dibedaskeun ayeuna mah sora teh.

Sanggeus sababaraha kali, kakara uluk salam kuring aya nu nembalan.

“Saha?” sora nini-nini ti jero.“Dorong weh panto mah da teu ditulakan,”

Bray, dibuka. Di tengah imah,Nini Junti keur nangunjar lambar bari nyeupah.Saking bungah, kuring teu basa-basi.

“Nini… Itu pun bojo bade nga…”

Nini Junti nempas

“Nini geus nyaho,” nyiduhkeun seupah kana tampolong. “Si Nyai rek ngalahirkeun pan? Nini mah geus nyaho!” ditungtungan ku seuri ngahehehkawas seuri Mak Lampirdina pilm-pilm. Bulu punduk langsung kukurayeun.Colohok bati heranjeung kaget.Naha Nini Junti seuri kitu.Jeung eta seurina kawas nu ngahaja nyingsieunan. Asa nongtoreng, napel na kuping ka denge wae. Breh, ingetan jadi kahudangkeun.Sadar, Gusti... Nya jeung saha uing kadieu, sosoranganan gening, mangkaning tadi teh nyorang Legok Orok, euleuh engke teh bakal kasorang deui, mulangna. Keun bae da engke bareng jeung Nini Junti...

Ninggal kuring nungabetem Nini Junti cumarita deui.

“Tong heran, aya nu kadieu pasti aya nu ngajuru, mun awewe hamil kadieu pasti menta digugurkeun kakandunganana,”pokna angger ditungtungan ku seuri ngaheheh, bulu punduk kuring tambah muringkak.

“Muhun, pun pojo teh kawasna bade ngalahirekeun!” ngawani-wani kuring nyarita.“ didituteu aya nu tiasa!”

Nini Junti neuteup, teu nembalan.Kalah nyisig.

“Jig we mulang deui!Nini engke nysusul, barudak can sare,” tembalna bari ngareret ka kamar.Di jero kamar kadenge sora budak recet, lenger.

“Kumaha Ni?”

“Hidep mulang tiheula, ku nini engke disusul,nini rek mepende heula barudak.”angger ditungtungan seuri.

“Tapi Ni, Nini teu aya rencang!” tembal teh, bari hate mah miharep pisan babarengan, teu sanggup kudu mulang sosorangan mah.

“Nini mah hayang sorangan. Jig hidep tiheula, da moal lila mepende mah,” tembalna ditungtungan seuri ngaheheh panjang, panjang pisan.Bulu punduk kuring beuki ngajadi-jadi.

Teu loba tanya deui, awahing ku teukuat sieun ngadenge seuri Nini Junti, kuring nurut kana kahayangna.Na pikiran teh geus di luar mah rek ngagudrag tatangga Nini Junti, rek menta dianteur mulang mah.Laju pamit, Jrut, kaluar ti imah Nini Junti.

Asa can lila, asa karek sababaraha lengkah,teuing teu karasa pedah bari rarat-reret ninggalianimah tatangga Nini Junti tea, kuring geus nyinghareupan batu. Bati ngajengjen, ret ka tukang, ret kasabudeureun, bati ngagebeg.Enya batu nu disinghareupan teh batu nu aya di Legok Orok.Gusti... kuring geus aya lebah dieu.Naha geus nepi kadieu, naha teu manggihan imah tatangga Nini Junti. Keur kitu, ti arah hareupeunkatinggal aya seuneu ngagebur ngalayang.Awak ngeleper, babacaan beakkarep.Seueneu nu ngagebur teh kalah ngadeukeutan, sautik-saeutik ngadeukeutan.Katinggal aya dedegan, hideung ngabelegbeg.Reg, dedegan jeung seuneu eureun.

“Saha eta?” pokna

Teu ditembalan.Kuring mundur, undur-unduran.Beretek, balik deui ka tukang.Meunang sababaraha puluh lengkah.Reg, ngreret ka lebah dedegan jeung seuneu ngagedur tea, angger aya, angger ngadeukeutan, nuturkeun. Beretek deui, sateker kebek muru imah Nini Junti

“Ni, Nini, Niniiiii…” ceu kuring bari ngagedoran panto. Sababaraha kali gogorowokan tapi tijerotaya  nu nembalan. Panto didorong pageuh ayeuna mah kawasna geus dikonci.

“Nya kamana ari Si Nini, da tadi mah aya. Piraku geus miang, jeung maenya teu panggih di jalan.” gerentes teh bari ngareret ka arah jalan. Ngan gebeg teh, hate ngarenjag beak karep.Dedegan jeung seuneu nu ngagebur aya katinggal deui.Nuturkeun gening, ngabeberik. Kuring ngajengjenbati neutup seuneu nu saeuti-saeutik ngadeukeutan, kesang morolok dina sakujur awak. Seuneu terus ngadeukeutan.Ngadeukeutan, ngadeukeutan, katinggal kukuring dedegan teh aya tilu.Panghareupna nyekel seuneu.Dedegan ngarandeg, kawasna neuteup ka kuring.

“Saha eta?” sora dedegan.

Teu diwalon sanggeus sababaraha kali nanya kakara di tembalan.

“Saha nu nyekel seuneu?”

“Ehh, kalah malik nanya,” tembalna bari ngadeukeutan, kuring beuki sowak. Dedegan beuki deukeut, beuki deukeut ray-rayan jelas.Horeng dedegan teh mitoha lalaki, tukangeunana aya Nini Junti jeung lanceuk.Ari nu hurung ngagebur mah obor nu dibawa.Gusti, kawasna nu tadi di Legok Orok ge aranjeuna. Obor, nu disangka seueneu ngalayang teh.

“Hidep gening,” ceuk mitoha, geus sidikkeun meureun ka kuring.“Itu budak ceurik neangan bapana, nya ka mana?diteangan tadi teh, rek diajak ngajajapkeun mulang Nini!”

Sakedapan ngabetem.

“Kapan nyusul Nini Junti,”

“Har, kapan Nini Junti mah ieu.” saurna bari ngareret ka Nini Junti.“Sateuacan hidep dihudangkeun, Nini mah tos aya di bumi, tos disusul ku bapasamemehna.”

“Harr…” kuring bati ngabetem.Heran, asa teu ngarti.Pan tadi teh Nini Junti keur nangunjar lambar bari nyeupah, miwarang tiheula da rek mepende barudak. Ret kasabudeureun.Gusti, tadi mahda nu rajeg teh tangkal awi.Enya ieu bumi Nini Junti mah, rea tangkal junti ngurilingan bumina. Ceuk beja,buminage tina kai junti kabehanana. Matak dilandih Nini Junti da aslina Karnasih.**

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: