• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Dedemit Guha Cinta

Kénging Féndy Sy. Citrawarga
Kintun kana Facebook

Kangaranan nu keur pelesiran, saréréa padabungah, sukan-sukan negrakkeun kasuka ati, nyieuhkeun kariweuh jeung capé gawé di kantor. Nya kitu deui rombongan karyawan jeung karyawati PT Sugih ogé saruka bungah.
Puguh pelesiran ka tempat nu éndah, aya di lelewek suku gunung nu hawana seger, beresih tina polusi kota nu matak eungap. Cai cur-cor, tatangkalan ngémploh héjo, angin taya reureuhna ngageberan awak. Pugu baé itu ieu téh sarwa mecak.
Di lapang hareupeun panginepan nu jukutna héjo kandel, sababaraha urang karyawan aranteng sesedekan maké bal palastik, mani sarumanget nyéta-nyéta pamaén propésional. Karyawati tingcikikik jeung baturna silipotrét ku kaméra HP lebah backround kekembangan, lebah pancuran jeung tempat éndah séjénna. Demi para pucuk pingpinan aruplek ngawangkong. Lain, lain wangkongan beurat siga di kantor, kitu wé semet wangkongan énténg, semu siligonjak. Enya, satékah polah kariweuh di kantor mah ulah nepi kacaturkeun dina wangkongan nyalsé. Pati-pati kudu diadurenyomkeun ogé engké dina waktuna nu peresun.
Aya deui nu misahkeun diri ti balaréa, bangun embung kaganggu duméh aya maksud-maksud nu tangtu nu narah katohyan ku batur. Dua insan lawan jinis, enya awéwé jeung lalaki nu keur sumedeng diasruk galura asmara. Duanana tingsalingker néangan tempat anu rinéh, anu leuwih éndah, anu romantis!
Teu hésé manggihan da puguh di tempat rékréasi. Kakayon, kekembangan, warna-warni jeung asri bisa ngahudang rasa nu keur kasandingan jaladri asih, kapentang panah katresna. Geus puguh deui hiliwir angin ririh nu matak seger ngusapan awak. Puguh baé duanana wuwuh tumaninah, dunya milik kita berdua siga ceuk barudak ngora karasa enyana.
Duanana teu kabitaeun ku nu salusurakan saruka bungah najan harita wanci geus nampeu ka soré. Teu kungsi lila jempling marengan raja poé tunggang gunung tur teu kungsi lila ngong adan magrib ti pilemburan.
Jaba rék sarolat magrib barjamaah, rombongan téh rék reureuh heula da apan bada solat isa rék ngayakeun riungan geusan adu rényom ngeunaan kamajuan pausahaan.
Demi Yanto jeung Yayah, dua insan nu misah ti rombongan téh bangun baretah kénéh nyingkur. Duanana keur nganteur geter asih séwang-séwangan
Najan kitu, basa ngadéngé adan magrib mah maranéhna gancang sadar, teu hadé kalalanjoan nganteur kereteg napsu. Duanana sapuk carengkat seja ngampih aub jeung rombongan. Aya kénéh poé isuk keur sukan-sukan padsuduaan mah.
"Yu Yang ah urang mulih," ajak Yanto bari ngabedol pigeulang Yayah nu bangun kalékéd rék nguniang téh.
Barang duanana carengkat bari ngeprukan kokotor urut diuk na jukut, maranéhna digareuwahkeun ku nu ceurik ngadingdiut bangun kanyenyerian.
"Kukupingan téh  aya nu nangis nya Kang Yan?" tanya Yayah bari teu sadar nangkeup awak Yanto.
"Muhun, sora istri," témbal Yanto bari nyekel pageuh nu keur tipepereket nahan kasieun.   
"Kumaha atuh, wangsul  baé yu tos magrib!" punduk Yayah dumadak kukurayeun, angot barang ngadéngé nu ceurik  bangun nandangan kanyeri. Teg deuih nyangka nu lain-lain heug wanci geus sareupna, boa-boa jurig nyiliwuri sétan mindarupa mangkaning di tempat nu kawilang sanget.
"Hayu Kang ah bilih..." Yayah teu werat ngedalkeun nu dipikasieun.
"Ké lanan. Bilih enya jalmi," kituna téh Yanto bari ngabedol leungeun Yayah muru datangna sora nu sakapeung ngiles sakapeung atra. Duanana ngeteyep ngadeukeutan rungkun, bras ka guha nu ceuk urang dinya mah disarebut Guha Cinta. Puguh baé jajantung Yayah beuki ngageter, sieun kumaonam.
Nepi ka riungan dibuka mah saréréa teu maliré kaayaan Yanto jeung Yayah téh. Malah saréréa yakin duanana ngilu ngariung jeung nu araya. Ngan basa riungan rérés, dipindo balakécrakan, mimiti kadéngé nu tingkecewis ngeunaan Yanto jeung Yayah.
"Lain, asa teu nénjo Yanto jeung Yayah euy!" ceuk Irfan ka baturna.
"Keur aradus meureun," témbal Doni.
"Si, ngomong téh!" Irfan jebi, taksiran tugenah batur sadivisina disangka milampah teu uni.
"Cik atuh nya ari keur dines kieu mah acara bogoh enyaan téh dikénsel heula." Boim nyenggakan bari haténa rada mentegeg. Meujeuhna, neundeun haté ti baréto ka Yayah téh ari galéong disantok pagawé anyar, Yanto
"Bobogohan meureun seblu!" Doni nyureng.
"Bobogohan mah bobodoan, jurig! Pan ieu mah sidik enyaan, teu aleucreug." Boim beuki nyeuneu.
"Minggeus lah lain urusan urang!" aya nu ngagebés.
Antukna tepi ka tengah peuting pahibut nyaritakeun nu leungit tanpa raratan. Duloh minangka kaamanan mimiti cakah-cikih bari tugenah da Pa Diréktur baketut.
"Na teu sina lapor heula Dul?"
"Numawi jol ngereles," témbal Duloh nu padahal manéhna geus ngawanti-wanti ulah jarauh ti rombongan jeung lamun rék ka mamana kudu bébéja.
Kusiwel Duloh ngodok HP, klik mencét nomer HP bogana Yanto. Taya jawaban, teu aktif. Klik mencét nomer HP Yayah, nyambung ngan teu diangkat.
"Beu!" Duloh gegetun. Ibur wéh. Diréktur ngeprik wadiabalad karyawan sangkan néangan nu duaan bisi meunang musibat nu teu dipikahayang. Biur ngencar ka ditu ka dieu di sabudeureun lelewek pelesiran, lebeng. Duloh gasik laporan ka nu boga panginepan di dinya. Atuh no boga panginepan cakah-cikih.
"Ké urang nyauran nu tiasa," ceuk urang panginepan.
"Sanés sakali dua kali kajantenan kitu téh. Nanging teu kedah salempang, insyaalloh moal nanaon," pokna deui. Duloh jeung batur-baturna rada teteg.
Teu kungsi lila nu disebut jelema pinter nu diangkir urang panginepan geus datang, aki-aki cetuk huis, janggotna rambay. Ceuk katerangan manéhna, di lelewek ieu pangpangna deukeut Guha Cinta mindeng kajadian jelema leungit atawa kasarung teu pupuguh. Éta téh cenah ganguan arwah nu marakayangan saurang mojang jeung jajaka nu tiwas tikunclung ka curug tukangeun guha nu lungkawing.
"Sok aya sora nu ceurik melas-melis menta tulung," ceuk ki dukun. "Ku kituna ulah wani-wani ngadeukeutan Guha Cinta bari boga niat teu uni, sok cilaka!"
"Dupi réréncangan abdi, muhun pun Yanto sareng Yayah?" Duloh geus teu sabar hayang geura meunang kacindekan kitu kieuna. Najan dina haténa yakin Yanto jeung Yayah boa enya meunang musibat sakumaha katerangan ki dukun.
Ki dukun kalah ngabigeu. Keur meleng sugan, teuing ku naon.
"Antosan dugi ka énjing, urang paluruh di Guha Cinta," pokna deui.
Geus kitu mah Duloh saparakanca nepungan atasanana bari nyaritakeun katerangan jalma bisa téa. Sakur nu ngadéngé tingpuringkak, anging nu panceg imanna.
Isukna enya baé saréréa paciweuh néangan nu ilang can mulang. Nu dikulikbek lelewek nu disebut Guha Cinta nu ceuk urang dinya kaasup tempat sanget. Loba nu arulin carilaka duméh ngalakukeun teu uni. Aya nu labuh, aya nu kaleungitan barang berharga, tepi ka anu paraséa rongkah jeung pasanganana.
"Ah rupi-rupi wé," ceuk ki dukun nu teu eureun-eureun kunyam-kunyem. Teuing mapatkeun jangjawokan, teuing jampé. Nu sidik, saréréa gé boga angkeuhan ku tarékah manéhna nu leungit téh mulang deui dina kaayaan salamet. Ning buktina mah can tinekanan. Nu néangan Yanto jeung Yayah geus ngasruk rungkun jeung ruyuk. Ngungkab nu bala-bala, nu turun tuturubun ka walungan landeuheun Guha Cinta, jeung tempat-tempat séjénna.
"Lain Loh, geus ditelepon atawa SMS?" saur Pa Direktur nibgkin hariwang.
"Atos Pa ti wengi gé."
"Hasilna?"
"HP Yanto teu aktif, HP Yayah aktif tapi teu aya waleran," témbal Duloh.
"Beu, kumaha atuh? Urang lapor wé ka nu wajib," saur Pa Diréktur.
"Muhun, saé kitu waé," Duloh nyaluyuan.
Satadina, saréréa boga angkeuhan kana tarékah ki dukun. Ning, taya hasilna, nya ditepikeun ka manéhna rék lapor ka nu wajib.
"Muhun énggal lapor baé supados dipiliarianana gampil ari ku ahlina mah," ki dukun sapuk.
Tepi ka tabuh sapuluh nu leungit can kapaluruh. Saréréa boga kacindekan nu leungit diganggu dedemit Guha Cinta sakumaha ceuk katerangan ki dukun da cenah lain sakali dua kali kajadian kitu téh. Najan kitu, tetep kudu kapaluruh, sukur-sukur salamet. Atuh lamun nepi ka hanteuna kudu kapanggih layonna. Ku kituna Pa Diréktur deui-deui ngeprak para karyawan sangkan néangan nu leungit tepi ka aya hasilna. Sedengkeun Duloh sina buru-buru lapor ka nu wajib keur ménta bantuan.
Sajungeun pisan Duloh miang, ana ronghéap aya nu datang bari cocorowokan.
"Héy, héy, ieu abdi mah!"
Nu datang téh tina sela-sela ruyuk jalan satapak. Ana bréh...Yayah jeung Yanto diiringkeun bapa-bapa. Saréréa hareugeueun, ngabarigeu, siga keur ngumpulkeun pangacian. Antara percaya jeung henteu. Nu geus kapangaruhan béja ayana dedemit Guha Cinta pajar téh nu datang ririwa Yanto jeung Yayah, heuy deuh. Nu panceg kana iman gasik ngedalkeun puji sukur ka Gusti Alloh ku kedalna alhamdulillah nu leungit baralik sorangan bari dina kaayaan salamet.
"Yanto, Yayah, tas ti marana atuh?" Pa Diréktur ngabagéakeun bari kebek ku kabungah.
"Hapunten ka sadayana tos ngarépotkeun," tembal Yanto. Yayah padangarangkul ku babaturan awéwéna.
Derekdek Yanto ngadongéng cenah kamari soré téh basa rék mulang tas ulin jeung Yayah deukeut Guha Cinta ngadéngé aya nu ceurik. Panasaran disampeurkeun sieun-sieun ogé. Ana bréh enya baé aya nu ceurik.
"Dedemit?" aya nu nanya.
"Lain, budak awéwé!" témbal Yanto. Sidik jelema, nya ditulungan. Horéng éta budak téh korban perkosaan pamuda baragajul. Ngaku urang lembur dinya, nya dijajapkeun tepi ka imahna. Rék mulang ku nu boga imah diandeg.
"Hatur nuhun kana bantosanana," ceuk bapa-bapa nu nganteur Yanto jeung Yayah.
"Sami-sami Pa. Jaman kiwari mah kedah atos-atos ngajagi murangkalih istri téh seueur dedemit bungkeuleukan nu langkung bahaya batan dedemit Guha Cinta," saur Pa Diréktur. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: