• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Nyi Mas Sutaweni

Kénging Cucu Rahmat
Kintun kana Facebook

Panganteur

Kajadian ieu, basa jaman gorombolan puluhan taun ka tukang, di wewengkon Gunung Kalédong. Harita, asa jauh antarana anu beunghar jeung nu miskin. Hal ieu ngabalukarkeun loba jalma ngalajur napsu ngumbar amarah, hayang meunang kauntungan tina jalan nu énténg. Teu saeutik jalma nu maksa-mirusa ku jalan ngarogahala. Teu saeutik jalma nu ngalap élmu-élmu sétan keur nyumponan hawa napsuna sorangan.

Munjung ka gunung, mumuja ka sagara. Hiji jalan nu dipaké ku Nyi Mas Sutaweni (tokoh dina ieu carita), nu luas nyébakeun nyawa kulawargana, tatanggana, keur mélaan napsu harta.

Mama Saéfi (tokoh séjénna dian ieu carita), nu harita kungsi ngagagalkeun hiji budak lalaki umur 11 taunan nu rék ditumbalkeun ku Nyi Mas Sutaweni. Ngalawan ririwa, nepi ka éta ririwa bobor-karahayuan.

Ku sabab éléh wowotan, ririwa malik tugenah ka Nyi Mas Sutaweni. Pangrasana asa dicilakakeun. Nyi Mas Sutaweni ku ku werejitna. Saawak-awak barijil mararentis, lila-kaliaan éta nu mararentis ngagedéan sagedé-gedé endog puyuh. Saterusna barucat ngaluarkeun nanah anu bauna kacida.

Beungeutna jadi koromod, irung ponghék teu mangrupa. Rumasa éra ku pangjejeléh ti masarakat, manéhna kabur ka gunung bari kukubuk ka urang lembur. Cenah bakal datang deui ka éta wewengkon lamun aya nu kaserang gering panas. Bakal népa-népakeun panyakit kuris dina awakna. Matak, ti saprak harita éta raga marakayangan Nyi Mas Sutaweni disebut-sebut Jurig Kuris.

Haseup surutu tina leuleungeunan bebegig injuk nyerebung. Ngelun awun-awunan minuhan rohangan. Jiga ngawanti-wanti ka kuring nu keur mendeko ajrih, mayunan Mama Zaenal. Nu lambéna teu elat gegerenyeman, sareng ramona nu teu reureuh milangan tasbé mapat asma-asma Alloh.

“Tong Salempang, angot hariwang, urang sanggakeun ka mantenna.” Mama Zaenal mimiti ngagerendeng, soantenna agem, handaruan.

Peuting ieu, Salasa Kliwon. Béda jeung peuting-peuting nu sasari. Aya keueung, asa bayeungyang.

Sora séah angin di luar kawas haréwos nu haroshos ngabaribinan haté kuring nu kalimpudan ku keueung.

“Sing éling, ulah kacolongan. Peuting ieu salawasna ujang kudu dikir, mumuji ka nu Kawasa.” Ngélingan kuring.

“Su-sumuhun mama,” éta nu kaluar tina biwir kuring bari neundeun Qur’an kana tempatna. “Moal nanaon kitu ieu téh, keueung abdi mah.”

Mama Zaenal gumujeng, kagugu ku polah kuring.

“Ari Si Ujang kungsi ngadéngé aya jelema paéh dilegleg ku jurig?”

“Teu aya.”

“Matak gé, keun wé. Angguran mah Jang Dadang sing sadrah, tumamprak. Mumuntang ka Pangeran. Baca sabisa-bisa, kuma carana sangkan Nyi Aminah peuting ieu bébas tina bahaya.”

Ngadadak Mama Zaenal meureumkeun socarana. Mepet bayu panca driya, sidakep sinutu tunggal.

Kuring nu nempokeun kagugu, kalah reuwas. Tagiwur. Nambah hariwang. Salempang kana waruga nu ngalempréh teu empé-empés gigireun Mama Zaenal. Nyi Aminah, pamajikan kuring.

Di luar, angin beuki rongkah, nebak kana dahan tangkal nangka, béh kuloneun imah. Sarana séah, ngageber-geber bilik.

Hawar-hawar ti kaanggangan kadénge anjing babaung. Patémbalan jeung sora bueuk sili éngklokan.

“Geus waktuna! Bantu Mama ku maca kulhu!” Mama Zaenal beunta, mencrong seukeut. Sorot socana nembongkeun hiji kapastian. Séréngéh, Mama Zaenal nyéréngéh némbongkeun waosna anu bérés kénéh.

“Naha?” éta nu pagaliwota dina jero dada. “Aya-aya baé mama mah, na teu apaleun kitu kuring keur tagiwur. Kalah gumujeng. Teu ngarti!”

“Ngaing mah teu, teu nyieun ku nu maca Nyasin. Teu! Teu nyieun ku nu maca kélhém.”

Jelebét…! Puhu ceuli asa dipeupeuh. Awak kontan singsariak, bulu punduk maruringkak. Panon buncelik. Sakabéh pangacian laleungitan. Teu kawawa kuring calangap…

“Gusti…. Ari éta saha?” panon mencrong ka lebah datangna sora. “Mama, sorana ngirung…”

Nu ditanya teu maliré, tonggoy babacaan.

“Ngaing mah teu nyieun ku nu maca kélhém. Nyieun sotéh ku nu maca kélhém tungul ngaring…” deui-deui éta sora di luar ngagareuwahkeun lelembutan. Beuki ngéar badis sora oray.

“Keun, keun baé. Sagagahna gé ririwa, sajagona gé genderewo, mola bisa ngéléhkeun mulyana manusa.” Mama Zaenal negerkeun. Nitah kuring tenang.

“Teu ngartos abdi téh mama.”

“Ké lanan, lain waktuna ngabahas éta.” Pokna bari ngantelkeun curuk kana lambéna. Kuring surti, tuluy jempé. Nu kadéngé ukur ambekan nu motah, jeung ratugna jajantung.

“Déwék apal saha silaing!” Mama Zaenal awong-awongan, handaruan. Di Luar simpé, taya nu némbal. Kalah mingkin motah, mingkin séah.

Beuki teu ngarti kuring mah. Éta jurig téh cenah teu sieuneun ku nu ngaji Yasin jeung maca Kulhu. Pan Yasin jeung Kulhu téh ayat-ayat Alloh? Da cenah talukna téh ku Kélhém Tungul ngaring. Na aya deui kitu Kulhu nu séjén?

“Ngaing moal init, nyaméméh mamaknyudan ngaing ngasil. Némakeun manyakit ngaing ka Si Ngaminah.” sorana awor jeung sahna angin anu beuki ngagelebug.

"Ya Alloh…! Mama, maol nanaon kitu Si Nyai téh?” méh-méhan ngarontok pamajikan, poho ditemahwadi.

“Keun…, antep. Naon cenah kahayangna. Nepi ka mana gé urang tungguan…”

“Kang…, abdi sieun kang.” pamajikan nu ti tatadi ngalempréh, kagareuwahkeun.

“Moal nanaon nyai, keun da aya Si Mama di dieu.” Buru-buru ngawaro, leungeun ngusapan tarangna anu mingkin panas baé.

“Jam sabaraha ieu téh?” Mama Zaenal tanggah, luak-lieuk néangan jam. “Sakeudeung deui gé réngsé.”

“Maksadna?”

“Waktuna geus samporét. Jam dua peuting.”

“Ari itu,” kuring nunjuk ka luar. “Moal nanaon?”

“Maké jeung dipikiran. Antepkeun wé sina bagadang.”

“Laaahh… aya-aya waé mama mah…” maksakeun seuri. “Ooohh… enya mama?”

Nu ditanya ngabelengéh, kawas nu surti kana jero eusi haté kuring. Sut…, manéhna nyeungeut surutu. Mikeun ka kuring, nitah ngaganti surutu dina leuleungeunan bebegig nu kari saparapat dei.

Di Luar, jiga rék mimiti simpé. Angin teu motah kawas tadi. Tapi, kakeueung mah angger wé aya.

“Geus tenang ayeuna mah.” Mama Zaenal nyeungeut deui surutu keur manéhna. “Pék tah bebegig, baturan ririwa di luar.”

Jempé sakedapan.

“Naon sababna tadi beurang Mama nitah Ujang pangnyieunkeun bebegig dina injuk?” Mama Zaenal muka deui carita, meuyarkeun lamunan. “Jeung naon maksudna éta ririwa ngomong, ngan saukur sieun ku Kélhém Tungul Ngaring.”

“Sumuhun, teu ngartos abdi mah.”

“Lain Kélhém Tungul Ngaring maksudna mah,” Mama Zaenal ngarénghap antaré naker. “Tapi Tunggul Garing meureun, pédah wé éta ririwa téh ngomongna ngirung.”

Mama Zaenal ngenyot surutuna bangun ni’mat naker.

“Ar hartina Tuunggul Garing téh nyaéta nu tunggu ngajentul bari nyaring…”

“Jadi????” halis naék saeutik.

“Matak Mama nitah Ujang nyieun bebegig téh, keur ngabobodo. Ngarah jiga jelema keur tunggu bari ngaroko. Tah, bisi Ujang geus tunduh mahm jung wé geura saré. Geus moal aya nanaon deui ayeuna mah. Sakeudeung dei gé adan awal. Sakeudeung deui gé éta ririwa balik deui ka asalna.”

“Asa mingkin bingung…”

“Teu kudu bingung! Manéhna lain ririwa, tapi manusa. Matak teu sieuneun ku lapad-lapad Alloh gé. Baheula, manéhna jalma anu leket kana ibadahna. Bongan diri ngalajur napsu ngarémpak bebendon Gusti, jadi wéh jiwana kalimpudan ku élmu jeung pangaweruh sétan. Tah geuning bukti ayeuna mah, gagahna manusa téh ku kamulyaan, uteuk, jeung akal pikiran, lain ku hawa napsuna. Urang saréréa bakal salamet lamun salalawasna hirup cicing sina jalan bener mungguh Alloh.”

Satutasna ngadangu wejangan, kuring ngagolédag gigireun pamajikan, teu kuat ku pitunduheun.

Sarérétan, katingal Mama Zaenal kalah anteng ngumbar lamunan.

“Hatur nuhun Mama Saefi…, kana pitulungna ka pungkur. Disalametkeun tina gangguan Si Sutaweni.” Ngagerendeng, kawas nyawang kana kajadian 50 taun ka tukang.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: