• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Lutung Leuwih Saeutik Tibatan Monyét

Kénging Kang Cecep Hermawan
Kintun kana Facebook

Kacaturkeun di hiji leuweung geledegan aya hiji walungan anu caina canémbrang hérang. Éta walungan téh jadi sumber kahirupan sakumna pangeusi leuweung  pikeun kaperluan nginum, guyang jeung sajabana.

Unggal sasatoan  boh nu dina taneuh, dina tangkal, boh nu di cai, ngawangun hiji kumpulan.  Bangsaning mencek, uncal, bagong, badak, nepi ka  manuk, kukupu, odéng, nyiruan, jeung sireum, pada boga daérah atawa wewengkon turta ngumpul kalawan mibanda pingpinan séwang-séwangan. Teu tinggaleun ogé sato bangsaning monyét, lutung, oa, jeung surili,  anu umumna tangkal kai anu badag minangka panonobanana, sarta ngawangun kumpulan-kupulan  kalawan hiji pingpinan atawa mandah nu ngawasa tur jadi pangimpungan sakabéh bangsana.

Tina sakabéh pingpinan-pingpinan éta téh aya pingpinan anu leuwih luhur anu ngawasa sapangeusi leuweung, taya lian nyatana Sakadang Maung. Sang raja leuweung unggal waktu ménta séba nu mangrupa raga jeung nyawa ti saban rahayatna.

Ari sébana parapangeusi leuweung téh sacara bagilir, lamun poé ieu giliran bangsa mencek anu séba, isuk atawa pagétona giliran bagong, isuk-pagétona deui giliran uncal, peusing, landak, kelenci, embé, munding, jeung saterusna teu kaliwat ogé monyét jeung lutung. Ka bangsa monyét jeung lutung, sakadang maung datang ménta sébana téh unggal peuting mangsa bulan purnama.

Pareng dina hiji peuting panceg bulan purnama téa, bangsa monyét jeung lutung geus boga wirasat yén balai ti sakadang maung baris datang. Dua pingpinan monyét jeung lutung keur patugeng-tugeng, duanana pada embung nyébakeun anggota kulawargana. Ceuk raja monyét ayeuna téh giliran raja lutung nu séba. Raja lutung kalah nyanggéréng teu narima da ceuk pangrasana ayeuna mah giliran sébana sang raja monyét.

Keur patugeng-tugeng kitu, kurunyung mantén nu ku maranéhna dipikasieun téa, sakadang maung. Kalawan sora anu gentem pikakeueungeun, sang raja leuweung nyarita, “Hé ki mandah, mana séba keur kula? Gancang ka dieukeun!” cenah, kituna téh bari tanggah sarta tetep mamérkeun sihungna nu sareukeut pikapaureun.

   “Buru atuh ki monyét, pan giliran di dinya!” ceuk sakadang lutung.

   “Aéh-aéh, sidik ayeuna mah giliran ki lutung.” ceuk sakadang monyét embung éléh.

   “Giliran ki monyét!”

   “Ki lutung!”

   “Ki monyét!”

   “Ki lutung!”

“Menggeus!” ceuk sakadang maung awahing ku ambek. “Ayeuna mah kieu, sangkan adil, di antara aranjeun duaan, ti mimiti ayeuna mah kudu kabagéan giliran séba kalawan waktu anu tangtu,  sok milih  naha rék tun-ji tun-ji tunji, atawa laaaan-ji……, laaaan-ji….. laaan-ji……..?”

Palebah nyebutkeun lan-ji, sakadang maung meni antaré pisan. Atuh disangkana ku sakadang monyét jeung lutung mah meureun éta anu kaitung panglilana atawa pangcarangna téh. Nu matak duanana méh bareng ngacungkeun curukna. Tapi nu kagiliran pangheulana milih téh nyatana sakadang lutung, da mémang manéhna nu katitén leuwih ti heula ngacungna.

   “Sok kadinya ki lutung, geura sebutkeun pamilih andika!” ceuk sakadang maung.

   “Muhun juragan, abdi gusti mah seja milih nu lan-ji….., lan-ji…. wé nun.” Ceuk sakadang lutung asa meunang.

   “Heug, alus. Ngandung harti nu tun-ji tun-ji bagéan ki monyét.” Ceuk sakadang maung bari ngarérét ka raja monyét. Nu dirérét ukur unggeuk.

   “Tapi kéla, ari aranjeun ngarti naon nu dimaksud tun-ji jeung lan-ji?” ceuk sakadang maung. Nu ditanyana kalah gigideug, maranéhna karék sadar yén sama sakali teu ngarti kana naon anu cikénéh diparilihna.

   “Aéh-aéh, ari sugan téh ngarti. Yeuh bisi teu apal, tun-ji téh masudna sataun hiji ari lan-ji éta téh sabulan hiji. Jadi aranjeun séba ka kula téh aya nu sataun hiji aya nu sabulan hiji. Kumaha ngarti, sakumaha lilana sabulan jeung sataun?” ceuk sakadang maung rada panjang lébar. Ari nu ditanya kalah garideug deui baé, kawantu maranéhna  can apal sakumaha lilana sabulan jeung sataun.

“Yeuh bandungan” ceuk sakadang maung deui. “Ari sabulan téh nyatana saban panggih jeung mangsana bulan purnama. Jadi, lamun peuting tadi bulan purnama, sabulan téh nyatana ti peuting tadi nepi ka panggih jeung bulan purnama deui. Ari sataun, lilana téh duawelas kali bulan purnama. Kumaha kaharti?” ceuk sakadang maung bari rada ngaléjég duméh asa pangnyahona.

Sanggeus ditétélakeun kitu mah duanana ogé papada unggut-unggutan tandaning paham kana naon anu diucapkeun ku sakadang maung. Ngan tina pamahaman éta téh pikeun duanana jadi nimbulkeun robahna paroman. Raja monyét unggut-unggutan bari terus nyéréngéh, ari raja lutung ngaheruk semu nalangsa. Alatan kasalahan manéhna, kulawarga katut rahayatna anu jadi katempuhan. Teu bisa mungpang, unggal bulan kudu nyébakeun rahayatna ka sang raja leuweung.

Raja lutung ukur bisa ngaheruk pinuh kasedih

Ampun teuing rumasa salah pamilih

Samar titingalan

Antukna jadi balai

Mawa lara jeung tunggara

Ati peurih ras inget ka lampah diri

Alatan sorangan

Teu taliti ati-ati

Réa anu katempuhan

Teu bisa kukumaha, meureun geus kitu titis tulisna. Ku lantaran kudu séba unggal bulan téa nepi ka ayeuna bangsa lutung leuwih saeutik ti batan bangsa monyét. Pieunteungeun pikeun urang kudu apik jeung taliti saméméh nyokot hiji kaputusan.*** (Kang Cecep Hermawan)

SMAN 1 Purwakarta, Nopémber 2012

Teu bisa kukumaha, meureun geus kitu titis tulisna. Ku lantaran kudu séba unggal bulan téa nepi ka ayeuna bangsa lutung leuwih saeutik ti batan bangsa monyét. Pieunteungeun pikeun urang kudu apik jeung taliti saméméh nyokot hiji kaputusan.***

SMAN 1 Purwakarta, Nopémber 2012

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: