• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Biruang jadi Galak

Kénging Tika Yuanita
Kintun kana Facebook

Aya hiji juru tani boga sawah di sisi leuweung, sarta sosobatan jeung Si Ontohod atawa biruang téa. Basa sawahna dipelakan paré, unggal peuting sok dijaga ku Sakadang Biruang. Atuh senang  wé juru tani téh, datang ka sawahna ngan saukur ku biruang.

Kacaritakeun waktu dibuat, buru-buru Juru Tani ngakut paré ka lemburna, dibunikeun ka imahna. Di sawahna téh, teu ditinggalkeun saranggeuy-ranggeuy acan. Barang biruang datang ka sawah, atuh kacida kagéteun nénjo paré kari jaramina hungkul. Gancang baé biruang téh datang ka juru tani nanyakeun paré bagéanna. Ku juru tani dijawab yén bagéan biruang mah nya éta anu handapna, ari luhurna mah geus béak kabéh didahar ku juru tani saanak pamajikanna.         Biruang asa ditipu, lantaran pangna daékeun mangjagakeun éta sawah gé, nya éta ngarah kabagéan paréna nu sok biasa didahar ku jelema.

Omong biruang, “Lamun nyaho sampéan rék muruhan ku jarami mah, tangtu kaula moal daék mangjagakeun éta paré, ka capé-capé aing mah!” Walon juru tani  “Ménta dihampura baé atuh Sakadang Biruang. Kaula teu bisa méré paré lantaran geus béak. Taun hareup  wé lah, heug pangjagakeun deui. Moal, engké mah moal diburuhan handapna. Keunlah, nu handapna mah keur kaula, ari anu luhurna mah kop baé keur sampéan!” “Hadé baé ari kitu mah, ngan kahadé ulah cidra!”   ceuk biruang .  “Moal, moal rék jalir kaula mah.”

Taun hareupna,  Juru Tani téh di sawahna melak kumeli lain melak paré. Biruang wantuning sato, teu nyahoeun bédana paré jeung kumeli. Samarukna mah kumeli gé sok buahan kawas paré. Atuh soson-soson pisan biruang téh ngajagana.
            Hiji peuting, basa  manéhna keur ngajaga éta kumeli, bring waé éta beurit lalumpatan silih sigeung paheula-heula bari disarada….Teu kungsi lila téh, biruang  seseggrok ngadeukeutan éta beurit. Ngadéngé sora beurit anu garandéng paheula-heula ka pepelakan juru tani, biruang teu tata pasini deui indit baé,  manéhna téh ngadeukeutan éta sora bari keketeyepan. Keteyep…keteyep…keteyep…” Horda …! Hag siah, beunang maranéh tah. Rék lumpat ka mana siah hahh? Na ari sia, teu kapok papanggih jeung aing? Sieuh…sieuhh…!” geus kitu mah, gék baé  manéhna téh diuk dina galengan, henang-hening bari ngahariring. Sedeng beurit lalumpatan sieuneun ku biruang.

  Kacaritakeun, kumeli téh geus kolot. Juru Tani saanak pamajikanna malah mawa tatanggana, gesat-gesut ngarali kumeli diwadahan kana bongsang beunang ngahaja marawa ti imah. Méméh magrib, geus teu aya satangkal-tangkal acan kumeli nu nangtung kénéh.

Biruang datang ka sawah, kumeli téh nyampak ngan kari tangkal jeung daunna ditumpuk-tumpuk. Kakara  manéhna ngarti yén kumeli mah nu ngeunahna téh nu handapna nya éta nu geus diringkid ku juru tani ka lemburna.

Ayeuna biruang yakin yén juru tani téh teu beunang dipercaya, teu beunang dipisobat.  Manéhna ngomong na jero hatena, “Aing sumpah nepi ka turun-tumurun rék jadi musuh jeung jelema. Mun aya jelema nu datang ka leuweung, rék sina ngarasa pamales sobat anu geus ditipu.” Tah, ti harita tug nepi ka kiwari biruang téh jadi sato galak.

Nu nulis dumuk di Jl. Parakanhonje 03/06 Sukamajukaler Indihiang Tasikmalaya

 

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: