• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Akal-akalan Sakadang Peucang

Kénging Féndy Sy. Citrawarga
Kintun kana Facebook

Caturkeun sakadang peucang keur arulin jeung baturna, kayaning sakadang monyét, bagong, jeung maung. Arulinna sisi leuweung nu deukeut ka huma nu pepelakanana keur dipanén.
''Cing saha nu wani nyampeurkeun manusa?'' ceuk sakadang peucang ka batur-baturna.
''Uing lah!'' Sakadang monyét pangheulana ngacung bari runyah-renyoh gedé kawani.
''Tapi,'' ceuk sakadang peucang méré tanjakan.
''Tapi naon Cang?'' Monyét kerung.
''Balikna kudu mawa kahakanan boga patani. Rék kacang rék jagong, rék roay, jeung rék naon baé nu sakirana bisa didahar ku urang-urang.''
''Alaaah...céték nu kitu mah. Purahna uing mah puak-paok bogana jelema mah!'' ceuk monyét gedé haté.
''Heug, cig atuh!'' ceuk batur-baturna saur manuk.
''Hadé, tingalikeun!'' ceuk sakadang monyét kituna téh langgéor indit, laju ajleng-ajlengan tina tangkal kana tangkal ngajugjug huma nu pangdeukeutna.
Huma bogana bapa jeung ambu tani téh enyaan baé mani neba ku pepelakan panéneun, kayaning jagong, kacang panjang, waluh, geus puguh deui paré mah. Si Onyét maksud mah rék ngarawél kacang panjang bangun nu rangu. Manéhna yakin moal hésé ngarawél kacang téh, teu engeuh kadatanganana  aya nu nalingakeun nyatana budak patani nu dipapadonan ngajaga pepelakan bisi diranjah ku urang leuweung. Barang Si Onyét rék ngarawél kacang, dibétahkeun ku budak patani.
''Hus, monyét, monyét, téwak, téwak, téwaaaaak....!'' ceuk budak patani bari ngulang-ngulang awi tuturus. Puguh wé sakadang monyét geumpeur, ngan beretek wé manéhna lumpat sakalumpat-sakalampét, nyampeurkeun babaturanana.
''Mana hakaneunana euy?'' tanya sakadang peucang.
''Katohyan euy, dibetahkeun ku anak patani uing rék diteunggeul!''
''Kalah wé renyoh diheulakeun!'' ceuk sakadang peucang bari pokna deui, ''Jung manéh Gong!''
''Siap lah,'' témbal bagong, enyaan teuneung.
''Ngaranjah pepelakan manusa mah pagawéan uing, tingalikeun!''
Belecet Si Agong lumpat mani mengpeng teu pungkal-péngkol da nya kitu manéhna mah teu bisaeun ngalieuk.
Tepi ka sisi huma, sakadang bagong taki-taki rék ngarabut tangkal jagong nu buahna keur meumeujeuhna umamis. Orokaya, karék gé lol babangusna moncoran pager, katohyan mantén ku nu keur tarunggu, anak-anakna pa tani téa.
''Bagong, bagong, bagong, cokot pacul téwak, podaran!''
Ngadéngé kitu sakadang bagong kacida soakna. Atuh boro-boro meunang jagong, nyalametkeun diri ogé karasa ripuh da harita kénéh gé nu tarunggu huma téh ngaberik manéhna, malah ngencarkeun sakadang anjing sagala.
Lénghoy, lénghoy, lénghoy sakadang bagong nyampeurkeun babaturanana.
''Geuning lengoh deui baé Gong?'' sakadang peucang nyeuneu.
''Cilaka, uing padamoro, rék dipaéhan,'' tembal sakadang bagong. Blek cimekblek taya daya.
''Hencig Ung giliran manéh ka ditu!''  Ceuk sakadang peucang ka sakadang maung.
Gaur maung némbongkeun sima. Kuniang lugay seja ka huma. Teu sawatara lila  manéhna geus anjog ka sisi huma. Tadina rék rerencepan maok hakaneun keur babaturanana téh, tapi lat poho, kalah der deui ngagaur. Atuh puguh jelema geumpeur. 
''Maung, maung, mauuung...hayu baralik!'' ceuk manusa bari pahibut ka ditu ka dieu sieun dikerekeb maung. Ari sakadang maung bubuhan anakna kénëh, nénjo jelema pahibut kitu téh disangkana rék ngepung manéhna, angot basa kadéngé aya nu ngabekaskeun bedil mah, manéhna  gancang jicir nepungan balad-baladna.
Lénghoy, lénghoy, lénghoy, maung bati kulumas-kélémés ngarasa éra.
''Teu beubeunangan deui nyah? Mani euweuh nu sahulueun, halik ku aing!'' ceuk sakadang peucang bari gejlig indit.
Teu kungsi lila, manéhna mah geus balik deui mani angkaribung. Pipina ramihpil ku réméh kéjo huma, biwirna kutap-kétap, bari udud roko bodas. Dina huluna nyongclo kopéah.
''Barodo ilalaing mah. Tënjo uing, sakieu bageurna manusa ka uing mah. Hayang dahar, méré dahar yeuh buktina réméh dina pipi. Hayang ngagaya, yeuh dibéré kopéah, hayang udud nya kitu kénéh. Tah keur maranéh!'' ceuk sakadang peucang bari mikeun tolol jagong.
''Embung teuing tololna mah teu ngeunah!'' ceuk monyét.
''Ari hayang sikina mah nya kudu digawé sing bener siga uing, lain ngaheulakeun ngomong!'' ceuk sakadang peucang siga nu heueuh. Padahal mah lain duméh jelema bageur, tapi basa manéhna asup ka huma, jelema geus barirat kabéh da sieuneun maung. Puguh wé peucang laluasa baranghakan sakahayang keur sorangan. Aya kopéah tinggaleun, rap dipaké, aya réméh ditapelkeun kana pipina, aya kuntung dipulung!***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: