• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Praméswati Pedit (Dongéng Arab)

Kénging H. Usep Romli, HM
Kintun kana Facebook

Jaman Sultan Harun ar Rasyid, mingpin Bagdad, kaceluk kaawun-awun kawentar ka janapria, mangrupa  raja adil palamarta. Nyaah ka rahayat, asih ka nu leutik. Panto karaton salawasna muka pikeun narima sémah, saha baé ti mana baé.  Taya panta-panta. Katelah Amirul Mu’minin. Pamingpin jalma-jalma iman.

Hanjakal, teu dibarengan ku sikep praméswari kadeudeuh, putri Izzatun Jamilah. Mémang geulis kawanti-wanti. Ma’lum turunan raja nagara sabrang. Ngan édas pangadatan, goréng kabina-bina. Budi parangi cakueum haseum, tara marahmay ka sémah. Gawéna baketut baeud. Panon dulak-delék. Katambah-tambah pedit , korét, cap jahé. Lamun Sultan barang béré hadiah , sok kukulutus ngutruk teu panuju.

Tapi da geulis téa. Najan sambutut murukusunu gé angger wé geulis. Nu matak Sultan teu weléh maskét.

Hiji poé torojol  Mansur. Jalma masakat nu sapopoéna nguseup di walungan Tigris. Meunang lauk sasiki dua siki, sok ditukeurkeun kana dahareun. Tamba lapar anak jeung pamajikan.

Harita Mansur kabiruyungan milik hadé . Meunang  lauk emas sagedé pingping. Sisitna beureum burahay. Awakna lempay. Ceuk nu narénjo, alus  dib awa ka karaton. Dipaké séba ka Sultan. Keur hihias balong taman.

Mansur panuju. Léos ka karaton. Blus ka rohang pajemuhan Kabeneran keur kosong. Ukur aya Sultan kadua praméswari, caralik dina korsi gading gilang kancana.

“Pangapunten, Amirul Mu’minin . Jisim abdi Mansur,  dongkap tumorojog tanpa larapan. Seja nyanggakeun ieu lauk emas kékéngingan nembé nguseup ti walungan Tigris. Bawi raos, juragan baris kataji ku warnana nu sikieu saéna,” Mansur mamandapan.

“Bagéa, Mansur. Heug katampa pangirim anjeun. Kabeneran kula butuh lauk badag  keur  ngeusian balong taman. Tacan aya nu warna beureum murub mubyar kieu, “saur Sultan bari ngageroan jurusimpen sina mawa duit sarébu dinar emas. Bro dibikeun ka Mansur.

Puguh baé praméswari burial-buncelik. Héran, naha lauk emas sasiki maké kudu diduitan sarébu dinar emas. Mun meuli ti pasar mah, moal kungsi sadirham pérak sadirham pérak acan. Boa ukur  sasén tambaga.

“Teu pupuguh salira mah,”praméswari ngaharewos semu nyentak. Sorana ngageter. “Sarébu dinar……mahi keur ngagajih saratus prajurit sabulan…Mahal teuing ah !

“Lah keun waé. Itung-itung nembongkeun kabungah haté poé ieu. Keur rudet mikiran nagara mah, bororaah ngaluarkeun sarébu dinar. Sadirham gé teu sararaudi, “témbal Sultan.

“Tong cios atuh !”Praméswari ngangsonan. “Candak deui artosna. Dipasihan sadinar gé atoheun jalma miskin kitu mah. Cukup keur hirup  saminggueun jeung anak bojona.”

“His, moal enya kangaranan raja luncat mulang. Piraku kudu mulut deui nu geus dibikeun ka rahayatna. Matak wirang,” Sultan ngépeskeun panangan prameswari nu nangkél kana dada.

“Gampil, Juragan,”praméswari teu éléh géléng. “Geroan deui  tah tukang nguseup  teh. Taroskeun, naha lauk beubeunanganana , jalu atawa bikang. Lamun ceuk manéhna jalu, ku urang sebutkeun bikang. Lamun ceuk manéhna bikang, sebutkeun jalu. Anggap salah wé, ambéh hadiah bisa kapuluk deui.”

“Tah kitu, teu nanaon “Sultan mimiti kaosol ku praméswari. Terus nyalukan gulang-gulang, ngageroan Mansur nu karék jrut ka buruan . Barang srog, ku Sultan gancang ditaros, naha lauk téh jalu atawa bikang ?

                Mansur nu geus boga rasa hadiah sarébu dinar bakal dirampas, gara-gara praméswari medit, ngahuleng sakedapan. Pok ngajawab:

“Nu mawi disanggakeun ka dieu ogé, juragan, lauk nu tadi téh sanés jalu sanes bikang. Tapi banci.”

Barakatak Sultan gumujeng. Ngarasa sugema ku jajawaban Mansur. Atuh juru simpen gancang dipanggil. Sina nambahan hadiah lima rebu dinar deui.

Kalawan bungah, Mansur gancang indit ninggalkeun rohangan pajemuhan. Hayang geura  jauh ingkah. Bisi Sultan kagebrag deui ku prameswari nu geus élékésékéng. Keding hangit. Keuheul nyaksian Mansur ngagémbol duit genep rébu dinar.

Bakat ku  rusuh, suku Mansur  tikudawet kana sisi permadani. Nolonjong. Atuh …cring hiji duit dinar murag. Gancang dicokot  saméméh ngagorolong jauh. Ningali kajadian kitu, pudigdig praméswari napsu. Pok ngahoak  :

“Tuh, juragan, kasaksian ku salira, tukang nguseup téh jalma sarakah.  Duit murag hiji gé mani gancang dipulung deui. Padahal manéhna geus ngagémbol genep rébu dinar. Murag sasiki mah keun atuh hancengan tukang sasapu. Naha pantes jalma sarakah kitu meunang hadiah ti Sultan nu adil tur béréhan?”

Sultan Harun ar Rasyid ngahéab. Kapangaruhan ku pangasut praméswari. Anjeunna nyentak Mansur :

“Bener tah, omongan pramésari teh, hé tukang nguseup nu teu boga rasa mulang tarima ! Anjeun kadedemes pisan kana harta. Nepi ka duit murag hiji tina genep rébu dinar ku anjeun dipulung deui. Anjeun teu pantes narima kahadéan kami !”

Gancang Mansur tungkul ngahormat bari nyarita rada tarik :

“Pamugi Amirul Mu’minin henteu lepat hartos. Abdi nu tos dipaparin genep rébu dinar, sanés kadedemes ku sadinar nu murag. Énggal dibantun deui téh, kanggo ngajaga martabat kamulyaan salira, Raja Bagdad nu agung. Boh bilih éta artos anu aya gambar salira, katincak ku jalmi nu lalar liwat di ieu rohangan. Abdi teu téga, raray salira, mastaka sareng makuta salira,  sok sanaos ukur gambar dina artos, kaidek ku saha baé.”

Ngadéngé jawaban kitu, Sultan ngahuleng. Unggut-unggutan. Teu lila barakatak seuri bungah :

“Tétéla anjeun Mansur, pinter jeung satia ka kami ! Ku kituna kami wajib nambahan hadiah opat rébu dinar deui ! Ambeh jejeg sapuluh rébu dinar.”

Sanggeus narima duit panambah ti  juru simpen, Mansur  gancang ka luar. Teu nolih ka praméswari nu gegejrét  keuheul nénjo hiji tukang nguseup kalandep ku raja. Nepi ka ngagémbol duit sapuluh rébu dinar keur pamayar hiji lauk emas.***
         

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

Aniban

Hebat tah si mansur gede milik ......

acu saepudin

hatur nuhun ....lucu pisan ''ngabarakatak''

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: