• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Louis Pasteur

Kénging Agus B. Irawan
Kintun kana Facebook

Wanci pabeubeurang, di salahsahiji pabrik kulit di daérah Ardois, Prancis, bulan Desember taun 1830, sapasang salaki-pamajikan keur jongjon digarawe. Keur kitu torojol budakna nu lalaki nyampeurkeun,  papakeanana kalotor.

"Nya tas ulin ti mana wae maneh teh, Louis? Eta papakean mani kalotor kitu? Pasti tas ulin deui ti walungan, nya?" tanya indungna bangun nu keuheul.

"Ah, henteu Bu! Abdi mah tas ngalaan kekembangan ti tegalan!” jawab si budak  lalaki nu ku  indungna disebut Louis teh.

"Ulah ngan kalahka ulin wae atuh maneh teh, Louis. Kudu getol diajar. Da geuning peunteun maneh dina rapot téh garoréng, laleutik! Jaba loba beureumna deuih!" ceuk bapana anu ngaran Pasteur papagah.

“Jung-jung ka ditu geura balik! Geura mandi, geura ganti pakean!"    ceuk  indungna deui.

“Muhun, Bu!" jawab Louis bari tuluy ngaléos rék balik ka imahna.

Louis memang budak anu nurut. Manehna tara baha kana panitah kolotna. Ti harita manehna soson-soson diajarna, tara loba ulin. Atuh prestasina di sakola oge ngaronjat, jadi pinter. Sok sanajan can kaasup  rengking oge.

"Sae ayeuna mah murangkalih teh, janten ningkat prestasina. Mudah-mudahan we sing saterasna!" ceuk guruna ka bapana Louis.

“Nuhun atuh Bapa ! Nya mudah-mudahan we sing neras!" jawab Pa Pasteur,  bapana Louis.

Lulus ti Sakola Dasar, Louis hayang nuluykeun ka Sakola Lanjutan nu aya di  Kota Besancon,   Prancis.  Ku kolotna diturutkeun, da kabeneran najan leuleutikan  oge bogaeun tabungan anu husus  diajangkeun keur biaya sakola barudakna.  Ngan baé dina mere biaya teh tara bro-broan,   sok  diatur sapereluna bae. Da puguh kolotna teh saukur pagawe leutik anu gajihna pas-pasan.

Di sakolana, Louis kaasup murid anu prestasina nyongcolang. Lulus sakola ti Besancon, manehna hayang nuluykeun ka sakola lanjutan nu leuwih luhur di Paris,  Ibu kota Prancis.

“Sabenerna bapa geus teu sanggup ngabiayaan manéh sakola! Ari sabab bapa teh geus kolot, geus teu kuat deui baranggawe beurat! Sedengkeun tabungan ogé geus béak. Tapi bapa rék satekah polah ngusahakeun sangkan maneh bisa nuluykeun sakola ka Paris." ceuk bapana,  basa Louis bebeja hayang nuluykeun sakola.

Ahirna ku perjoanganana kolotna, Louis bisa nuluykeun sakola di Lecole Mormale Superieure di Kota Paris, jurusan Kimia. Eta sakola teh kaasup sakola favorit di Prancis, anu loba medalkeun para ilmuwan jeung ahli panalungtik. Keur nambah-nambah biaya sakolana, ngabantu-bantu kolotna, Louis osok méré "Les Privat" ka babaturan-babaturan saasramana, atawa oge ka warga nu ngabutuhkeun pangajaran tambahan. Salian ti eta Louis  oge daek baranggawe naon bae,   asal nu bener.

Lulus ti Lecole Normale Superieure, Louis Pasteur jadi Ahli Panalungtik (Peneliti). Kaasup loba oge basil panalungtikanana, ngan bae pada nyapirakeun,   dianggap teu penting.

Tapi dina hiji mangsa hasil panalungtikanana teh "ngageh-gerkeun" dunya, kusabab bisa nyalametkeun jutaan jiwa manusa tina ancaman atawa serangan "Virus Rabies" atawa panyakit "anjing gila" anu ngancam kasalametan jiwa manusa, nyaéta ku kapanggihna "vaksin anti  Rabies"  

Nya ti harita Louis Pasteur jadi sohor. Hasil-hasil panalung­tikanana pada ngahargaan. Demi masalah kamanusaan, Louis Pasteur digawé sacara sukarela. Kungsi sagala harta kakayaanana beak dipake ngamodalan nyieunan vaksin anti Rabies anu loba nu ngabutuhkeun.

Ti harita di Paris, Prancis, ngadeg "Institut Pasteur", nyaeta tempat para Panalungtik (Peneliti) nyieunan Vaksin jeung Serum pikeun nangkal rupa-rupa panyakit. Di Bandung oge kungsi ngadeg "Lembaga Pasteur",   di lokasi nu kiwari  disebut Jalan Pasteur.

Louis  Pasteur lahir di  Dole,  Prancis,  ping 27  Desember 1822. Maot  di  Saint-Cloud,   Prancis,  ping 28  September 1895.

Hasil-hasil panalungtikanana  diantarana: Isometri,  nyaeta kamiripan  dina Senyawa Kimia.       Mikroba,  nyaeta mahluk hirup anu pangleutik-leutikna. Pasteurisasi,  nyaéta Droses ngawetkeun  inuman  (susu) ku cara dipanaskeun nepi ka 62,8  derajat  Celcius  salila 30 menit. Vaksin  anti  Rabies,  nyaeta keur nangkal panyakit gara-gara digegel anjing.***

 

Diropea tina buku "Ensiklopedia Sejarah para Penemu"

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: