• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Cikopi Taun Hareup

Kénging Barkatun Purwasrikandi
Kintun kana Facebook

Sok cikopi dina méja, deukeut speaker komputer. Layar e-mail dina monitor can dikaluarkeun. Puguh gé kolom jawabanna can dieusian. Kalah rét ka luareun jandéla, nu hordéngna ngahaja can ditutupan. Da puguh méja gawé téh ngahaja diperenahkeun deukeut jandéla pisan. Tina jandéla ieu kuring bisa ningali rapangna kiceup béntang. Tina jandéla ieu kuring bisa neuteup moncorongna bulan. Tina jandéla ieu ogé kuring bisa ngumbar carita-carita anu geus dilakonan.

Sabot pikiran pulang anting ka mangsa kaliwat, layar hp hurung. Nyalahan tina panyangka, nu nga-SMS téh lain Kang Purwa. Padahal sasarina mah mun manéhna keur ninggalkeun kuring ka luar kota, wayah kieu sok ngingetan sangkan geura saré, jeung tong loba teuing ngopi.

Dina layar hp atra katingali nu ngirimna, Jafar. Teu ieuh buru-buru dibuka, kalah regot kana cikopi. Karasa haneut ngageleser kana tikoro. Rét kana monitor, rét kana hp. Antukna SMS dibaca, masih ngeunaan hal éta. Tong boro ditanya dina SMS, dalah kapan ieu gé e-mail anu saminggu ka tukang can ieuh bisa dibales.

Pa Jafar téh nu boga karep hayang ngajak kuring digawé jeung manéhna muka usaha kopi. Cenah taun hareup rék muka deui cabang di Bandung. Manéhna salah sahiji méntor kuring basa sataun kaliwat kuring boga kasempetan miluan pelatihan barista di Jakarta.

Ngarénghap panjang. Karasa beurat nakeranan. Gawé di coffeeshop, sok komo jadi baristana mah kapan impian kuring ti baheula. Mimiti wanoh kana kopi téh ti keur budak kénéh. Lamun pareng ka imah Abah di Cibeber Ciwidéy, sok pipilueun hayang milu digawé ka kebon kopi. Da harita Abah masih kénéh jadi pagawé di perkebunan. Sok resep lamun geus eundeuk-eundeukan bari ngolomoh siki kopi anu keur meuhpeuy beureum téh, semu amis. Nincak bangku kuliah, sosobatan jeung Sisil, anak salah sahiji barista sénior di Bandung. Pangaweruh ngeunaan kopi beuki lila beuki nambahan. Jorojoy hayang jadi barista.

Méh lima taun nyuprih élmu di paguron luhur widang disain interior. Nepi ka diamprokkeun jeung Kang Purwa, salaki kuring ayeuna. Geus nincak taun kadua ngambah sagara rumah tangga, masih kénéh galituk paduduaan di imah téh.

Lain teu hayang boga anak cara batur, ngan kuring jeung salaki boga targét. Hayang boga anak téh di taun katilu rumah tangga. Asal umur sorangan teu meuntas ti tilu puluh wé ceuk pikir téh. Sanggeus gawé jeung diajar rumah tangga, cita-cita jadi barista geus méh kapopohokeun. Tapi ari karesep meulian kopi jeung ngopi di kapé-kapé mah masih kénéh dilakonan, sanajan alatan éta hal sok remen paséa jeung Kang Purwa.

“Nanaonan atuh ngalelebar artos dugi ka puluh-puluh rébu kanggo cikopi wungkul? Mending kanggo bekel…”

Inget kénéh, basa harita kuring meredih hayang dibaturan ka Starbucks. Puguh gé enya kitu téa mah, duit pangaji opat puluh rébu ku kuring sok dianggap teu pira. Ceuk Kang Purwa mah cenah kudu bisa rikrik gemi, ulah abong aya, ulah abong cukup.

Tapi, reueus ogé ka salaki téh, tara ngawowoy sakur kahayang pamajikan. Karasa merenahna, iraha kudu ngaenyakeun, iraha kudu ngulahkeun. Ngan, perkara pangajak ti Pa Jafar mah, basa ditepikeun téh manéhna teu langsung méré jawaban,

“Sok, émut-émut deui wé…” sakitu-kituna.

Saméméh indit ka Surabaya, kuring ménta deui jawaban. Alesanna rada kaharti.

“Fi, sok geura ngémutna sanés ukur ngungudag impian. Akang terang cita-cita Ofi téh ti kapungkur palay janten barista. Tapi, urang ayeuna ngémutkeun ka payunna. Taun payun, Ofi bakal nampi jabatan anyar di kantor nu langkung luhur, pan pengajuanna tos diasésé sanés? Teras, taun payun ogé pan urang téh hoyong gaduh jimat. Sok nya, diémutan deui…”

Hhhh… diémutan diémutan, saban poé gé diémutan. Da atuh naha harita kuring bet diijinan milu sawatara pelatihan? Kapan nepi ka hayang meunang sértifikat pelatihan barista téh, méh béak séép kana tujuh jutana. Naha éta téh lain hartina ngarojong? Naha deuih kuring gé teu ti baheula mutuskeun jadi barista téh, saméméh panggih jeung Kang Purwa?

Kétang, anu jelas-jelas teu ngarojong mah Ibu. Pajar keur naon sakola luhur-luhur ari ukur jadi tukang ninyuh cikopi mah. Harita Ibu nyarék bébéakan basa kuring boga niat rék digawé di tempatna Sisil.

Regot cikopi nu méh tiis. Leungeun ngopépang di dunya maya. Nyaliksik wébna Kopiana Caffe, kapé Pa Jafar. Témbong artikel-artikel meunang nu bogana, ti mimiti resép-resép inovatif nepi ka sakur pangaweruh ngeunaan kopi di luar nagri.

Resép-resépna mémang teu jauh tina olahan arabika Brasil jeung Irlandia. Lamun téa ogé maké robusta, pasti moal jauh ti Vietnam salaku nagara nu ngahasilkeun kopi panggedéna kadua saalam dunya. Matak pantes, kaharti, upama idéalismena kawilang luhur.

Pangna bisa nyebutkeu kitu téh, manéhna tara sagawayah maké kopi keur di kapé-kapéna. Nu dipaké ukur kopi-kopi anu mémang kualitasna geus kacida hadé ceuk ukuranana.

Nu rada teu kaharti téh naha Pa Jafar tara maké kopi-kopi local? Kapan kopi-kopi Indonésia kayaning kopi Waména ti Papua, kopi Lanang ti Jawa, atawa kopi Kintamani ti Bali ogé kawilang boga ngaran di pasar dunya. Atawa kopi-kopi Sumatra anu mémang kualitasna geus dianggap hadé. Kopi Java jeung Toraja ogé kapan teu éléh. Sanajan aya resép kopi Luwak, tapi lain prioritas. Padahal kapan kopi luwak téh kopi anu pangmahalna, lin? Teu ngarti.

Lian ti éta, anu rada teu kahartina téh naha bet kuring deuih anu digugujeg gawé di tempatna? Kapan kuring mah kakara sababaraha kali milu pelatihanana ogé. Bari lain tingkat internasional. Nya ari diajar ka Sisil mah méh unggal minggu baheula gé. Tapi nya saukur resep.

Ceuk pikir, pamohalan lamun pa Jafar teu bogaeun kawawuhan barista anu jauh leuwih alus jeung leuwih loba pangalamanana batan kuring. Rét kana cangkir anu masih satia nungguan di sisi speaker. Rét kana jam nu ngagantung dina témbok, jarum panjangna geus kana angka tujuh ngaleuwihan tina jarum pondok anu masih kénéh dina angka sabelas.

 Jung nangtung, goloyong kana kasur ngadon ngabebengkang neuteup lalangit kamar.    Pipikiran beuki ngacacang, panyangka bet jadi goréng. Ras ka Kang Purwa, lalaki sabar anu tegas nyokot kaputusan. Inget ka Ibu jeung Apa anu geus talété nananyakeun incu. Inget ogé kana sakur daptar impian anu salah sahijina keur disanghareupan. Kasempetan. Ieu téh kasempetan anu hamo datang mindo.

Teuteup dipangpéngkeun kana erak buku di juru kamar. Tilu undakan mah eusina buku-buku ngeunaan kopi. Sésana, novel-novél jeung antologi-antologi sajak katut carpon. Erak kaca gigireunna pinuh ku cangkir-cangkir kopi, meunang ngagundukkeun ti keur kuliah mula. Nu panganyarna, saminggu ka tukang meunang Kang Purwa oléh-oléh ti Makassar.

Cengkat, muru deui méja gawé. Monitor diteuteup piligenti jeung pigura poto sisi speaker. Poto ukuran kartu pos, poto panganténan dua taun kaliwat. Bati rumahuh. Punduk disangkéh ku dua leungeun. Legeday, awak kana jok korsi. Neuteup deui lalangit. Cét bodas anu dicaangan ku lampu néon, katara mingkin nyacas. Témbong manglaksa harepan jeung kanyataan anu kudu disorang. Aya kahariwang, najan ukur semet kasieun.

Pisin cangkir digusur lalaunan, salila-lila cangkir dikeukeuweuk. Eusina kari saparapat deui. Mongkléng. Puguh gé béda, poékna langit di luar jandéla jeung poékna pulas cikopi ‘na cangkir kuring. Poékna peureum kuring. Nyah beunta, eusi cangkir diteuleuman. Mingkin jero, mingkin jero. Nepi ka dasarna, kacapa aya hampasna. Hampas kopi bawa Kang Purwa ti Pangaléngan. Lain, lain hampas kopi Brasil, Irlandia atawa  Vietnam. Hampas cikopi nu teu pati lemes. Hampas Cikopi nu ninggalkeun rasa anu béda. Rasa tengtrem anu teu ilahar. Létah ngararasakeun ayana semu haseum, kanikmatan anu béda, najan cikopi geus nyecep. Tiis jeung haseumna sésa cikopi, jadi kaputusan pangharepan taun hareup.

Cag cangkir ditunda. Gep kana mouse, klik log-out. Klik shut down. Komputer dipareuman. Gep kana hapé, ramo-ramo ngetik és ém és. Wilujeng wengi, diantos ku sacangkir sono. Témbong kalimah dina layar, pesan terkirim.***

Cidadap Hilir, Pangawungan 13

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: