• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ukur Ciciptan

Kénging Féndy Sy. Citrawarga
Kintun kana Facebook

Abong pangsiunan nu teu boga cabak, sapopoé téh ukur langlang-lingling teu puguh laku. Enya kuring, kalah der nunutur indung suku. Aéh kétang henteu ari teu puguh laku teuing mah. Aya nu dijugjug. Rék ka Cianjur nepungan babaturan sugan baé boga palakiah pagawéan keur nu pangsiun. Naon baé lah.
Ti imah ngajugjug ka jalan Terusan Pasirkoja, lawang Tol Cipularang. Kana angkot Cimahi.
Ngajanteng sisi jalan nu ka lawang tol. Panon eunteup kana pirang-pirang kandaraan nu keur macét. Enya macét dihaja; da apan aya lampu setopan. Sora kelakson mani récét hayang paheula-heula maju. Motor susuruduk badis begu bayangan néangan jalan lowong, mesinna digaur-gaur nanding ajag babaung. Zebracross nu ngajedig kelir apu nu kuduna peré keur nu mareuntas jelema geus dirungkupan gilinding. Atuh nu rék meuntas téh agag-agagan, teu walakaya.
Nu ngarasong dagangan, nu ngelapan kaca mobil, nu ngamén, nu namprak, teu éléh ketak ku gaur mesin kandaraan. Maranéhna sumanget ngala duit bari ngoprot késang di lampu setopan. Leuh, enyaan hirup di kota keur jalma leutik mah matak balangsak. Cacak étah barudak ngora anu rosa tanaga, anu gedé kénéh harepan geusan nyorang mangsa datang. Atuh angot kolot kawas kuring nu ngaligeuh teu boga cabak matuh.
Rentang-rentang ti béh wétan katangén beus trayék Sukabumi. Cindeten kapegat macét lampu beureum. Lila da puguh patalimarga lebah dinya mah rabul ti ditu ti dieu, ti madhab papat. Teu anéh mun macétna lila. Teu anéh ogé mun nu daragang ngasong nya kitu deui nu ngamén, nu jajaluk, baretaheun. Nu matak, najan dibuburak ogé jol deui-jol deui.
Alhamdulillah beus téh teu burung ngageuleuyeung meuntas Jalan Bypass. Reg eureun. Nu rék tarumpak, kaasup kuring gasik muru panto beus nu geus muka. Pasesedek jeung nu rék ngarasong.
Clé kana beus. Ngarénghap sakedapan. Panon ngulincer néangan korsi kosong. Geus padangadiukan. Abong poé Saptu, mangsa weekénd, poé peré.
Alhamdulillah di béh tengah katangén aya jok lowong kénéh, karék didiukan ku awéwé nu katénjo maké cindung kelir bodas. Rumégag pédah kuring rumasa jalu asli, itu awéwé murni. Ari enggeus di mana deui da jok séjén geus padangadiukan? Nya langgéor baé kuring muru éta jok. Clé bujur diteundeutkeun kana jok empuk.
Manéhna, enya awéwé nu dijilbab bodas téa, bangun teu riuk-riuk dideukeutan ku kuring téh. Kuring deuih bet poho teu ngedalkeun punten-punten acan katarik bawaning atoh meunang jok kosong. Rék dikedalkeun ayeuna, piraku deui, érék gé tadi tibarang clé kaciri ngaragangan ka batur. Baé ah moal kitu-kieu sugan.
Geleser beus miang. Ngeyeted kénéh ngantri meuli karcis tol. Nu tas daragang ngasong jlung-jleng tarurun muru beus tukangeunana. Ngemplong, teu eungap teuing. Reg beus eureun, supir nampanan karcis. Kuring nyelang ngarérét ka nu geulis gigireun. Daék samedin, geulis, manis! Ngan can wani nékad neuteup sabeuleugeunjeuran mah, kuriak dijebian. Leuh, tada teuing!
Rérés ngarcis mah beus enyaan lugay, ngadius sabada ku supir digas. Bangun ngahaja tanagana sina bedas, siga kuda nu keur narik délman dipecut sataker kebek ku kusirna.
Di jero beus karasa nyecep tiis. Perbawa AC. Teu kudu muka kaca. Padahal sok mecak tumpak beus bari muka kaca jandéla mobil téh. Kajaba téténjoan di luar nu siga lulumpatan téh katangén cékas, angin ogé nyewuk ti luar ngageberan awak, matak wareg. Awahing gedé teuing mah gelebug angin téh kolu ditampik, kaca ditutupkeun deui. Geus karasa hareudang deui, dibuka deui. Ih, sok teu puguh nya!
Tapi, nu di gigireun mah, enya awéwé nu ditiung bodas bari modis téa, geus puguh awéwéna, jinek geulisna, jéntré manisna. Ku kituna, haté ogé puguh ngalanglangna dina wirahma...panasaran. Panasaran hayang sidik, panasaran hayang ngawangkong, panasaran hayang,,,ah cunihin ieu kuring!
Teuing keur naon manéhna. Maksud téh keur mikiran naon da bangun ngajubleg. Puguh baé kuring beuki marojéngja. Kapanasaran wuwuh motah jeroeun dada lir motahna gilinding beus nu muih di jalan tol nu ngan sajorélat geus tepi ka lawang Tol Padalarang.
Bisi jadi bisul, kapanasaran dibudalkeun ngaliwatan panénjo. To the point kana sabeuleugeunjeuran awakna ti luhur tepi ka handap. Gebeg, teu pangling, teu sangli, manéhna Rani.
"Rani?" tanya téh méh wé ngocéak.
"Éh, ningan Pa Aga?" malik nanya, gelenyu imut. Angger manis miyuni kareueut peueut. Teu robah, siga imut baheula basa babarengan sakulah-sakolih di pagawéan.
"Badé angkat ka mana?" cékéng, awak dibalikkeun ka kénca bari deui-deui neuteup manéhna.
"Badé ngawulang," témbalna.

Aéh enya apan ti heula manéhna geus nyarita cenah sok nyambi ngadosénan di salasahiji paguron luhur di Cianjur, teuing paguron naon.
"Oh...nyalira nyah?"
"Pan duaan sareng Pa Aga." Gelenyu deui imut. Ngan ditéma ku pananya.
"Angkat ka mana Pa Aga?"
"Ka Cianjur."
"Nyalira nyah?"
"Pan duaan sareng Rani."
Angger da kitu ti baréto gé sok siligonjak. Geulis, manis, pinter, jeung soméah Rani mah. Harita mah basa babarengan gawé manéhna lalagasan kénéh. Teuing ayeuna da geus aya lima taunna kuring pangsiun téh. Enggeus meureun. Teuing kétang. Teu hayang ngaguliksek, najan haté leutik mah nitah, kuriak disangka nyilidik da rumasa keur babarengan gawé mah aya haté kadua leutik malah sok cunihin, ngocal-ngocal rék dijadikeun nu ngora.
"Nya Ran?"
"Naon téa Pa Aga?"
"Muhun janten nu anom?"
"Yéy!"
"Naha?"
"Ah, yéy wé!"
Teu puguh. Geus kajudi manéhna ngajaga iméj. Basa barudak ngora papantaran Rani anu nya kasép nya pinter, ceuk basa légégna mah profésional muda nganjing cai ka Rani, kuring ngajaga géngsi, api-api teu beuki nu geulis, padahal haté mah mentegeg, tikoro ngagendok.
"Hahaha...watir uy!" ceuk Rasta, batur gawé, ngagakgak basa kuring balaka ditampik sapajodogan.
"Ah siah lain kadua nulungan. Boga kénéh peperenian lin?"
"Euweuh, béak," pokna basa dipénta peperenian asihan paragi mélét awéwé. Cenah geus dijual jaar ka nu butuheun.
"Barina gé geus teu usum haré géné mélét awéwé ku nu kitu patut. Tah ku nu kieu, ayeuna mah," cenah bari ngadukeun curuk jeung jempol.
Beus majuna beuki luak-léok kawantu jalan nurugtug bari pungkal-péngkol pangpangna lebah Citatah. Atuh awak kuring mindeng diadu jeung Rani. Ih, na nya ieu si cunihin mani taya euih-euihna.
Inget, basa kuring pamitan eureun tina gawé, cékéng ka Rani ulah rék miceun, malah urang gawé bareng nyieun garapan usaha susuganan tinekanan.
"Insyaalloh, moal hilap ka Pa Aga mah. Pa Aga gé tong lali ka abdi, aya karerepet mah telepon baé," pokna.

Puguh baé kuring atoh. Ngan harita mah bubuhan boga kénéh duit badag, caritaan Rani téh teu pati dipaliré, sasatna asup tina ceuli katuhu bijil tina ceuli kénca. Pleng, wéh!
Duit ladang pangsiun anu digebrokeun mani amis kacida. Sakotéap teuing ka mana. Ari sapopoé kudu barangdahar, malah boga kénéh nu sakola. Karasa aya rungkang-rungkang kahirupan anu jadi ruruhit ati bangbaluh kalbu. Kakara inget deui kana caritaan Rani. Enya rék dipuntangan sugan baé manéhna ingeteun kénéh kana caritaanana, rék minangsaraya naon baé anu bisa dipigawé dapon aya pangasilan boh jeung manéhna boh jeung nu séjén ngaliwatan manéhna.
Ayeuna, kabeneran patepung di dieu, enya dina beus nu sajurusan ka Cianjur. Atuh puguh baé asa dibalédog congcot, asa mobok manggih gorowong, rék meuntas manggihan cukang. Enya, rék dikedalkeun ayeuna da iraha deui atuh.
"Ran?"
Karasa omongan téh rada harus perbawa atoh. Rani kalah ngabigeu, ngajubleg. Nénjo kitu kuring bati kerung. Asa kaduhung tepung, hanjakal patanya. Aya nu ngajeletit nurih ati, karasa gudawang na dada.
Beus geus anjog ka Cianjur. Kuring nguniang seja turun. Rani ngabigeu kénéh, imutna ngiles, béar marahmayna ilang.
Lebah lawang, kondéktur nalék.
"Ari bapa tadi ngawangkong sareng saha mani uplek?"
"Itu sareng istri tilas réréncangan damel."
"Na da teu aya sasaha?"
"Nu bener?"
Rét kuring ngarérét ka jok urut diuk. Gebeg, enya wé euweuh sasaha. Awahing éra, kuring ngeureunkeun beus, jrut turun tuturubun. Leumpang nuturkeun indung suku teu puguh jugjugeun.
Sabot ngaléngkah, inget deui kana lalampahan cikénéh dina beus. Horéng awéwé geulis nu disangka Rani téh ukur ciciptan. Rani nu asli teuing di mendi. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

sukanda

ku pinter ari pangarng

sukanda.km

ku tiasaan nya ari pangarang sanaos saukur rekaan mani siga enya

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: