• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Nyekar

Kénging Ihwan
Kintun kana Facebook

“Asalamualikum.....!.” ngadéngé sora anu geus teu bireuk deui, kuring gancang cengkat nyampeurkeun bari némbalan ka nu boga éta sora.

Bener, kasampak si Téteh jeung indungna dibarengan ku hiji lalaki ngora, keur caringogo bari nyegruk. Mun wasa mah kuring téh hayang ngarangkul ka ka si Tétéh jeung indungna bakat ku sono. Ari ka lalaki ngora anu nagog gigireun si Tétéh mah  kuring téh weléh teu nyaho saha-sahana.

Bari nungguan leler tina ceurikna, kuring teu lésot neuteup anteb ka si Tétéh jeung ka indungna. Teu karasa kuring ngagerentes, “Tétéh kembang haté ayah, geuning anjeun téh geus parawan, geus meujeuhna mun nyandingkeun lalaki anu pantes keur hidep.”

Lamunan kalah nyelang ka jaman katukang.

“Geus sabaraha lilana nya kuring dipisahkeun ti maranéhna? Asa cikénéh urang tiluan hirup babarengan sagulung-sagalang, sasuhunan silihsimbeuh ku kadeudeuh. Silihsawér ku kanyaah. Bet kiwari ngan kari waasna.”

Sabada leler tina ceurikna, pok si Tétéh jeung indungna sanduk-sanduk ménta dihampura lantaran geus rada laér teu nepungan ka kuring. Si Tétéh nyambung carita ngedalkeun pamaksudanan rék ménta ijin ka kuring. Manéhna rék ngadahup jeung lalaki anu aya di gigireunana téa. Poé Minggu, cenah. Enya, minggu hareup.

Ngadéngé kedal ucap ti si Tétéh sorangan, haté kuring bungah taya papadana. Kabungah anu nyangkaruk dina haté ngan saukur kedal jadi cipanon. Bari neuteup embun-embunan si Tétéh kuring muji sukur sarta nga du`a ka Nu Kawasa, “Alhamdulilah Gusti. Anjeun geus ngamprokkeun si Tétéh jeung jodona. Muga-muga lalaki anu bakal jadi jodona téh sing nyaaheun. Sing mituhu kana kawajibanana. Emh, dido’akeun ku ayah, hidep téh sing panjang umur. Séhat rohanina sehat jasmanina. Gedé milikna. Loba rejekina. Dipaparin turunan nu saroleh.”

Sabada bérés ngadaro’a si Tétéh jeung indungna paramit ka kuring. Mun kongang mah kuring téh hayang ngandeg heula bakat ku sono kénéh. Teu lila tiluanana cararengkat tuluy laleumpang pairing-iring ka wétankeun. Ari kuring ngan bisa nganteurkeun maranéhna ku paneuteup nepi ka tungtung gapura astana.

Sanggeus tiluanana leungit tina paneuteup, bari rada hareneg kuring balik deu ka tempat asal. Tuluy ngedeng deui cara tadi. Bari hulang-huleng kuring mimiti uleng mulangkeun deui panglamunan ka mangsa-mangsa katukang.

Teu nyangka saeutik ogé lamun kuring bakal ngalaman gering ripuh bari jeung lila. Harita téh keur meumeujeuhna loba pangabutuh. Ku lilana panyakit anu ngancik dina awak, kuring téh dikaluarkeun ti pagawéan. Tatamba mah geus béak déngkak. Ber ka mana ber ka mana. Nu jauh dijugjug nu anggang ditéang da hayang cageur sabihari. Ari inditna ka ditu-ka dieu téh ngandelkeun tanaga awéwé, diaanteur ku pamajikan. Kangaranan tatamba téa, batan cageur kalah ka beuki ripuh. Tepi ka dina hiji poé mah geus nepi kana pastina, titis tulis ti Nu Kawasa kuring kudu ngalaman raga paturay jeung nyawa. Ti semet harita kuring kudu papisah jeung jelema-jelema nu dipikanyaah tug nepi kiwari.

Teu karasa nyéréléna waktu téh. Asa karék kamari si Tétéh jeung indungna néang ka dieu. Geuning geus saminggu ti harita téh. Poé ieu pisan waktu anu geus dipaheutkeun ku si Tétéh  téh rék ngadahup ka lalaki anu jadi pilihanana téa.

Adan subuh geus kadéngé ngalanglaung di tajug nu aya kiduleun astana. Tanda panyaur keur jalma muslim pikeun ngalaksanakeun salat subuh salaku ingsun anu taat kana paréntah Gusti.

Indit ti pajaratan ngahaja subuh-subuh ambéh bisa niténan jeung hayang nyaho kumaha kaayaan di imah kiwari. Pangpangna hayang nyaksian si Tétéh dina waktu diwalimahan.

Wanci carangcang tihang kuring geus indit kawétankeun. Nu dijugjug imah kuring baheula keur waktu jumeneng kénéh. Teu sabaraha lila kuring  geus nepi ka nu dijugjug. Kaayaan di imah taya nu robah, sarua cara baheula kénéh. Ngan nu béda téh rada beresih, bubuhan anyar ngecét. Bau cét  masih kaambeu kénéh.

Bari nungguan waktuna diwalimahan, kuring ngarasa panasaran hayang ningali si Tétéh keur didangdanan. Tuluy kuring asup ka kamarna. Kasampak si Tétéh keur didangdanan ku awéwé tengah tuwuh, duaan. Ningali si Tétéh dikabayaan brukat bodas maké samping réréng dilamban, ari buukna digelung maké siger jeung kembang goyang dipapaés ku manglé  kembang sedep malem. Mani asa payus jeung pangadegna anu jangkung leutik. Teu sadar kuring ngagerentes, “Geulis geuning hidep téh Tétéh. Muga-muga kageulisan hidep téh sing parat nepi kana haté, ucap, jeung lampah hidep. Tandaning jalma anu soléhah.”

Nitih wanci ninggang mangsa. Geus cunduk kana waktuna, si Tétéh geus diréndéngkeun  hareupeun lebé jeung Uwana nu rék ngawalian, gaganti kuring. Dina waktuna ijab kabul, haté kuring asa ngarakacak. Sedih jeung bagja taya papadana bari ngagerentes, “Tétéh anak ayah... kembang haté, anu dipikadeudeuh ti bubudak nepi ka kiwari. Kuduna mah ayah nu ngawalian hidep téh. Tapi kumaha da alam urang geus béda. Sok sanajan alam urang geus béda tapi du`a ti ayah keur hidep moal aya pegatna. Du`a ti ayah muga-muga rumah tangga hidep mulus rahayu berkah salamet. Sing aya dina panangtayungan jeung ridona Gusti. Sing dibeungharkeun hartana, dibeungharkeun haténa. Dipaparin turunan anu saroléh. Muga-muga jaga urang bisa riung mungpulung deui di kalanggengan.”

Sabada réngsé dirapalan, kuring tuluy ngised ngajauhan tina riungan. Tuluy kuring indit deui ka tempat asal; tempat kuring nugguan poé ahir. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

Aniban

hebat nu geu maot bisa keneh mikiran dunya, padahal nyanghareupan perkara anu sakitu gedena ....... ?

Drs Ir H Bpk Teu Aya

Nya Teraz Mun Tos Kitu

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: