• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Bisma Perlaya

Kénging Maman
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1383134184.jpg [Potrét/Ilustasi: Agus Mulyana]

Ti saprak ningali Srikandi mucunghul ogé Bisma geus teu puguh rasa. Asa jararauh panineungan. Paciweuhna nu keur perang campuh geus teu lucu deui keur manéhna mah. “Geus nepi kana titis tulisna. Nyawa aing semet ka poé ieu,” kitu gerentesna.

Lain gimir ku musuh. Da ongkoh teu boga musuh. Pan nu diperangan téh lain si itu lain si éta, tapi incu-incuna kénéh. Pandawa lima, putra-putra Pandu. Enya, kasebat incu-incuna kénéh.

Lain, lain gimir ku musuh. Salaput umurna teu weléh kebek ku kasaktén. Hamo aya nu ngéléhkeun. Prajurit sabataliyon onaman, pérén ukur ku jamparing sasiki. Pan basa ngarebut tilu putri Raja Kasindra --Amba, Ambika, jeung Ambalika— teu aya nu mangga pulia. Sasat keur disaémbarakeun tilu putri geulis téh. Sing saha nu bisa ngéléhkeun putra kembar Kasindra: nyaéta Harumuka jeung Wahmuka, nya inyana nu bakal jadi salaki Amba, Ambika, jeung Ambalika. Ningali Biswa ngiwat, ukur semet gogodeg para raja nu keur giliran tarung ngayonan kadigjayaan Harumuka jeung Wahmuka téh. Kalebet Harumuka-Wahmukana ku anjeun, ukur semet kekerot nahan amarah. Asa dibongohan cenah. Tapi kituna téh teu bisa walakaya, da Bisma kasohor taya tanding. Musuh téh kuméok méméh dipacok.

Lain, lain sebér ku wawanén. Sabaraha héséna mérénan Srikandi, kasebut pangawak awéwé. Piraku teu éléh ku dilempag tumbak tumpul. Tapi nya kitu, dina pangperangan pan puguh aturanana. Teu kaci perang jeung musuh nu geus ménta ampun, teu kaci perang jeung musuh nu geus béakeun pakarang, teu kaci perang jeung barudak. Kaasup teu kaci perang jeung awéwé.

Ras inget kana kajadian poé kamari, waktu perang geus nincak poé kasalapan. Putra Pandu, Pandawa Lima --Yudhistira, Bima, Arjuna, katut sakembaran Nakula Sadéwa; dijejegan Sri Batara Kresna-- ngahaja nepangan anjeunna di kémah pangperangan, di tegal Kurusétra.

“Aya hibar, Kresna, kumaha damang?”

“Pangésto, Gusti Prabu. Sawangsulna kumaha?” Kresna malik ngarampés.

“Sugema manah kami téh, Kresna. Aya asih Hyang Widi. Ngan kasedih mah hamo bisa disumput-sumput. Nyéta kula téh ku teu bisa nyingkahan ieu perang. Kahayang mah Duryodana téh masrahkeun Indraprahasta ka Pandawa, da nu hakna. Moal meureun nepi ka perang duduluran kawas kieu.”

“Nya kitu téa, panginten. Tos diatur ku titis tulis, da sanés kahayang urang. Tos diatur jeung diperenahkeun ku para déwa di kahiyangan. Perang Baratayuda kedah baé dilaksanakaeun.”

“Heueuh, meureun ku kitu téa mah.”

“Eyang, sembah kapihatur ti ingkang putu. Damang, Eyang?” Yudhistira bari rada ngésod calikna, tawis ajrih ka nu janten aki.”

“Aya berkah, incuing. Calageur di Amarta?” Bisma.

“Ginulur rahayu, Eyang. Teu kirang itu sinareng ieu. Nya pelebah béja pajabat korupsi mah aya baé, Eyang. Malah kabéjakeun, pupuhu mahkamah konstitusi, saurna téh kacerek ku kapéka, pédah kapendak narima suap.”

“Heueuh, keun waé. Masih kénéh perlu ku duit meureun mana kitu ogé. Teu siga Eyang, geus teu butuh ku naon-naon.”

“Asa ku rareuwas, Eyang téh. Aya naon, anaking jimat awaking?” Bisma gancang tumaros kana poko soal.

“Numawi, Eyang. Ti pihak Pandawa tos rébuan prajurit nemahan pati. Para pahlawan papada gugur di médan laga. Teu aya sanés alatanna mah, ku teu mampuh téa nandangan panarajang Eyang. Dikumaha-kumaha ogé abdi téh hoyong kénging, Eyang. Jalaran kitu, kumaha carana sangkan abdi sadaya, Pandawa, tiasa nelasan Eyang. Tiasa meruhkeun kasaktén Eyang?” Yudistira, ajrih nakeran.

“Deudeuh teuing, anaking. Keun diduakeun ku Eyang, sing kasinugrahaan. Sing aya di pihak nu meunang. Anapon Eyang, satungtung Eyang kumalip di alam dunya, hamo aya nu ngéléhkeun. Geus disupata ku ingkang rama, ku buyut hidep téa, Prabu Santanu, nu ngawasa Astina mangsa harita. Saurna téh, ‘Bisma, anjeun kacida pisan bumélana ka nagara jeung ka nu jadi bapa. Ku hal éta, heug didu’akeun kalayan saksina bumi jeung langit, hidep bakal hirup satungtung hidep masih kénéh hayang hirup. Kajaba lamun hidep geus bosen hirup, nya hidep bakal nemahan pati.”

“Aduh, Eyang. Pisakumahaeun teuing atuh, Pandawa téh baris palastra sadayana, da moal kiat nandangan panarajang Eyang.”

“Ngan ulah salempang, anaking, incu Eyang. Duka isuk duka pagéto, Eyang baris nemahan pati. Lain ku teu bisa ngalawan hidep, tapi Eyang geus bosen hirup. Atuh dina pangperangan, gampang kacida ngéléhkeun Eyang mah. Eyang moal merangan lalaki nu lemor teu mekel pakarang, moal merangan tamtama nu geus leungiteun kuda tungganganana, moal merangan prajurit nu kebek ku kasieun, tur moal merangan awéwé.”

“Nuhun, Eyang.”

“Tah, geus ditulis dina guratan nasib. Lamun pihak hidep geus ngaluarkeun Srikandi, nu katitisan sukma Dewi Amba, Eyang moal ngalawan. Nya manéhna nu baris mungkas umur Eyang,” kitu kasauran Resi Bisma, hiji pinisepuh nu bijaksana taya tanding, sesepuh Kurawa-Pandawa. Bisma, Putra Prabu Santanu ti Dewi Gangga, dewi ti kahiyangan. Bisma, hirupna ukur ditandonkeun keur kapentingan nagara katut bangsa Astina. Nu mahing dirina sapatemon jeung awéwé. Matak Saumur hirupna Bisma mah teu kungsi nikah.

“Yaktos, Eyang. Badé diestokeun pisan naséhat ti Eyang,”

“Heueuh, jung geura atur deui barisan. Sadiakeun gondéwa jeung jamparingna. Bisi kurang kénéh, heug nyandak perlengkapan perang ti Astina. Dina henteuna, atuh kantun pesen baé senjata-senjata buatan PT Pindad ti Bandung. Brén jeung granat ulah kaliwat. Kapal téngker, pesawat tempur, téng waja, mariem, sadiakeun. Ulah poho maké jurus perang kalajengking, ngarah musuh katétér meueusan,” kitu kasauran Bisma. Teu aya sanés nu dipayunan téh nya incu-incuna, nya nu jadi musuhna. Perang Baratayuda téa, perang sadulur. 

Ayeuna, incuna-incuna ti pihak Pandawa geus maju ka médan jurit, nandonkeun jiwa katut raga demi ngabéla bangsa katut nagara, demi ngajalankeun kasatriaan. Atuh dirina ku anjeun, aya di pihak Kurawa, sarua ngabélaan lemah cai, bangsa katut nagara Astina. Ngaran-ngaranan perang, teu ningali dulur teu ningali anak, teu ningali incu, sapanjang aya di pihak lawan, wayahna kedah ditempatkeun minangka musuh nu kudu ditelasan. Nya kitu harita ogé. Harita téh nincak poé kasapuluh.

Tapi barang ningali Srikandi geus dikapayunkeun nyarengan Arjuna, Bisma dumadak ilang sumanget. Jamparing dicabut deui tina gondéwana. Granat diasupkeun deui kana saku. Péstol, brén, kalebet téng waja nu jadi tutumpakanana, disina ngaso keur geusan reureuh.

Ningali pameunteu Srikandi, ras inget deui kana lalampahan bihari sakitu puluh taun ka tukang. Harita téh, satutas ngiwat tilu putri téa –Amba, Ambika, jeung Ambalika— keur tikahkeuneun ka nu jadi adina, Prabu Wicitrawirya, ngalaman kajadian ahéng nu matak maruringkak  bulu punduk. Nepi ka Karaton Astina, salah saurang tina tilu putri téa, nyaéta Amba, unjukan ka dirina.

“Kakang Bisma, punten aya picarioseun sakedap,” kitu galindengna Amba harita.

“Aya naon geulis? Peryogi wedak Nyai téh? Keun urang mésér di alfamart baé payuneun pom béngsin.”

“Sanés, Kakang. Tapi aya rahasia nu kedah dikedalkeun ka Sampéan.”

“Nya sok atuh carioskeun.”

“Kaula téh saleresna tos gaduh papacangan, nyaéta Prabu Salwa. Antara kaula sareng anjeunna tos silih asih, silih pikageugeut. Tos tukeur cingcin malah. Sok pesbukan wé jeung anjeunna téh. Tos ngedal ai lap yu ai lapyuan. Kitu manawi, Kakang.”

“Salajengna kumaha atuh kapalay Nyai téh?”

“Nya nuhunkeun diuihkeun deui wé ka Prabu Salwa,”

“Nya ari kitu onaman, heug téh teuing ku Kakang diidinan mulang.”

Lajeng bae Dewi Amba dijajapkeun deui. Ngarah gagancangan, teu kudu tumpak délman, tumpak sujuki értiga wé, disupiran ku supir karajaan Astina.

Ngan hanjakal, Prabu Salwa horéng nampik sapajodogan.

“Teu hayang teuing kawin ka awewe nu geus diiwat ku batur. Kaula mah geus boga Sahrini, Saskia Gotik, Agnes Monica, Miyabi, Lenka. Ngan teu kaasup anjeun. Jung geura balik deui ka si Bisma,” kitu saur Radén Prabu Salwa. Amba ukur bisa nyurucudkeun cipanon. Lajeng muru kana sujuki ertiga nu bieu ditumpakanana. Ménta dianteur deui ka Bisma.

“Kakang Bisma, cilaka, Kakang,” Amba.

“Aya naon deui, Nyai,” Bisma.

“Salwa nolak sapajodogan.”

“Kutan?”

“Ayeuna mah, wayahna, da nu ngiwat abdi téh Akang. Abdi réla dipihukum ku Akang.”

“Ké, ké, ké. Kumaha mimitina ieu téh?”

“Muhun, abdi téh ditolak sapajodogan ku Prabu Salwa. Ayeuna mah nyanggakeun baé ka Akang, geura kawin ieu abdi. Da nu malingna ogé Akang.”

“Aduh, Nyai. Lain nolak kana kahayang hidep. Geulis enyaan geulis hidep téh, awak sampulur, lambey ambucuy, angkeut badis endog sapotong, taar téja mentrangan, pameunteu ngadaun seureuh, matak kumerot kaom lalaki, boh lalaki handapeun méja, éh, handapeun umur, boh lalaki nu nyedek ka aki-aki. Tapi Akang téh geus susumpahan Nyai, moal ngalaman kawin. Hirup akang diabdikeun keur ngabélaan dulur jeung pinisepuh Astina, hirup Akang geus ditandonkeun keur kapentingan nagara Astina.”

“Matak naon mun Akang kawin sareng abdi. Tuluy boga turunan. Pan meureun turunan urang bakal neruskeun karajaan.”

“Teu bisa, Nyai, éta mah hakna Prabu Wicitrawirya, adi Akang.”

“Lah, keun baé atuh. Mun teu palay gaduh turunan, matak naon maké alat kontrasépsi. Maké ayudi, atawa spiral. Nu penting Akang nikah sareng abdi.”

Tungtungna keukeuh nu hayang dikawin, keukeuh nu embung ngawin. Ningali kaayaan kadesek samodél kitu, kapaksa Bisma ngamang-ngamang pakarang.

“Mun Nyai keukeuh hayang dikawin ku Akang, nya ieu jamparing nu baris nembus jajantung Nyai,” pindel Bisma bari mesat jamparing tina tali gondéwana.

“Mangga, Akang. Abdi rela ditandasa.”

Lir wendah. Jagat gonjang ganjing. Bumi meneng langit meneng. Pepetétan samia murag. Kacarios, Bisma kalepasan. Jamparing nu niatna ukur dipaké nyingsieunan téh ngadon melesat, nanceb pisan kana jajantung Amba.

“Tobaaaat, Gusti. Hampura, Nyai, teu dihaja. Lain niat Kula nandasa,” Bisma ngagoak banget ku reuwas.

“Aduh, Kakang Bisma. Ku tega sampean,” Amba bari muringis nahan kanyeri. Dadana katiir jamparing.

Bisma gancang ngarangkul Amba.

“Nyai, hampura Akang.”

“Heug dihampura ku kaula, Kang. Tapi ulah sambat kaniaya, sukma kaula bakal nyurup ka hiji wanoja dina mangsa kapayun, kalayan bakal males pati ka Sampéan.” Tutas nyarios kitu, les baé Amba ngaleupaskeun nyawa, maot pisebateunana.

Kiwari, dina poéan kasapuluh perang Baratayuda, Bisma ngaraoskeun, enyaan sukma Amba nitis ka hiji wanoja Srikandi, putra Raja Drupada, raja nagara Pancala. Srikandi, rayina Drupadi. Kalayan dina perang Baratayuda, Srikandi biluk ka Pandawa, ngiringan merangan Kurawa. Nya ayeuna pisan Srikandi maju jurit jadi satria, sasarengan sareng putra-putra Pandawa, utamina sareng Arjuna.

“Serang itu Eyang Bisma, Nyai. Tong asa-asa,” Arjuna ngagorowok méré sumanget.

Dionconan kitu komo teuing. Dalah ku teu dihayoh-hayoh sina nyerang oge, Srikandi geus taki-taki rék narajang musuh. Katingali Eyang Bisma molohok ngembang kadu. Teu daék mentangkeun jamparing-jamparing acan. Harianeun kana kudu narajang. Ngajeten wé. Dina waktos saperti kitu, gancang Srikandi narik jamparing. Ser, belesat sapuluh jamaring mesat sakaligus. Saharita sapuluh jamparing neueul pisan kana jajantung Bisma. Geus nepi kana titis tulisna, Bima kudu kasambut di pangperangan ku panarajang Srikandi. Dina dadana baloboran getih. Bisma rubuh. Bisma nyuuh. Bisma perlaya. Hiji deui pahlawan Astina gugur di médan laga, di tegal Kurusétra.***

Maman, M.Pd., guru basa Indonesia SMAN 1 Kadugedé Kab. Kuningan, ogé minangka Ketua MGMP  Bahasa Indonesia se-Kabupaten Kuningan, ogé minangka mahasiswa Pascasarjana Prodi Bahasa Indonesia Unswagati Cirebon, ogé minangka carponis, boh cerpén basa Indononésia boh carpon basa Sunda

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

ujgandi

Sae kang...teraskeun lah mun tiasa mah bersambung dugi ka tamat perang bharata teh...

urang sancang

aduh hade pisa mang, tina regep jadi nyenghel, aya deui nu sanes atuh ?

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: