• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Nu Dicidung Beureum

Kénging Solihin
Kintun kana Facebook

Sanajan pagawéan kantor ngahunyud, kuring merlukeun indit. Pédah wé cenah nu nyunatan di pengkolan téh nanggap wayang. Barang langka nu nanggap wayang jaman ayeuna mah. Ongkoh karesep ti bubudak. Ka indung budak mah pupulih rék ka babaturan ngadon catur. Bébéja lalajo wayang mah kuriak henteu diidinan.

Hara-haraeun nu nanggap wayang téh bet malem Jumaah. Teuing pédah ngaruat teuing pédah meunang ngitung waé meureun. Teu poho nyakuan duit, bisi aya nanaon.

Can pati loba nu lalajo téh, da wayangna gé can prung. Kuring seselendep néangan tempat diuk. Gék waé dina korsi nu tukang. Teu kungsi lila jul-jol nu lalajo.

Beuki peuting nu lalajo mimiti moyég. Kawasna hayang pada awas, marindahkeun pangdiukanana ka hareup. Teu karasa diuk téh bet jadi pangsisina.

Panonn neuteup kana wayang-wayang nu diigelkeun. Lalakonna teu wudu ramé. Lalakon Cuminalaya. Pinter naker dalang ngigelkeun wayang, mani hirup. Jleg waé jelema enyaan. Teu kanyahoan aya nu nyedekkeun ti gigireun. Dilieuk téh mojang. Haté degdegan. Bray beungeut indung budak. Nya gendut, nya bebeng. Ari ieu nu anyar datang, mani lenjang. Disamping latar bodas, kabaya semu beureum. Puguh, panon lalaki mana nu teu ngacleng, nenjo barang kieu.

“Ngiring nyalik,” cenah semu ngirung. Kuring ngised. Beungeutna ditutupan ku cindungna. Bulao cindungna téh. Seleksek bau nu teu pararuguh. Moal salah budak nu ditukang hitut. Barudak téa sok resep nyieun onar di nu ramé.

Hadéna nu diuk gigireun cengkat. Teuing rék balik, teuing rék ka cai. Geuwat wé diandih. Si Lenjang dibéré tempat urut kuring. Dihaja sina di sisi, ngarah henteu dihéroan batur.

“Nyalira?” ceuk kuring.

“Uhun,” cenah méh teu kadéngé.

“Dimana bumi?”

“Nyaket,” témbalna.

Éraeun kawasna, beungeutna téh teu weléh ditutupan ku cidungna. Cidung bulao, bangun lemes nutupan sirahna.

Gap téh leungeunna kana leungeun kuring. Cep tiis. Meureun perbawa tiisna peuting. Rét téh, mani bodas ngeplak, leungeunna téh. Jauh wé jeung leungeun nu di imah. Keur sasanggaleun téh, cakeutreuk deuih. Loba teuing nyeuseuh jeung kukumbah meureun. Karunya kituna mah. Tapi keun baé, da heurey ieuh. Teu jeung haté jikan, sing percaya.

Leungeun nu laléncop, beuki “mahabu”, ngarames leungeun kuring. Haté beuki ratug tutunggulan. Panon taki-taki nénjo sakurilingna, rancingeus, bisi aya nu nangenan.

Duh, leungeun sakieu lemesna. Sok komo deui beungeutna. Sok komo deui pipina. Tada teuing ngageleserna lamun dirampa. Mun teu réa jelema mah geus kumaha boa.

“Nyalira?” ceuk kuring taya picaritaeun.

“Sareng Apa, ngan dikantun,” témbalna. Béntés ayeuna mah nyaritana, da cidungna henteu dicékel. Ku hayang mukakeun cindung bulao téh. Hayang neuteup beungeutna. Hayang ngaragap pipina. Hayang ngambung, hayang sagala rupa wé.

“Engke uih sareng saha?” cék kuring.

“Nyalira,” témbalna, sada ngirung deui.

“Kersa dijajap?”

“Ngga,” témbalna pondok. Lucu ku timpuhna. Teu weléh tungkul. Boro-boro neuteup beungeut. Ari nilik lampahna mah tetela awéwé timpuh. Tapi maenya awéwé lungguh maké wani-wani lalajo wayang ti peuting sosoranganan deuih. Boa-boa awéwé bangor. Tapi kapan cenah tadi gé manehna téh lalajo jeung bapana, ngan ditinggalkeun. Leungiteun bapana meureun. Pantesna téh sieuneun, matak muntangan ka kuring gé. Sieuneun aya nu ngaheureuyan. Karunya ku kituna mah. Hartina manéhna lain awéwé bangor. Kudu ditangtayungan anggur. Lengeunna angger caméwék, sakitu ku kuring hantem diramesan.

Gamelan eureun ngadadak. Si Udawala dicabut tina gebog, terus kawas nu pidato, méré béwara.

“Ka sadayana para pamiarsa. Ku margi niatna gé nu kagungan hajat téh badé ngaruat, ku kituna sim kuring bada ngawartoskeun kapamalian. Upami badé mulih-mulih, upami badé teras-teras. Margi ayeuna parantos tabuh dua belas wengi. Larangan nu ngaruat, mulih ka pameng. Bilih mendak bancang pakéwuh di jalan.”

Anggeus Udawala biantara, sahéng ku sora jelema. Aya nu obyag rék baralik. Aya nu kalah memener tempat diuk. Ari kuring? Tadina mah rék balik méméh jam dua welas. Tapi piraku ucing ninggalkeun paisan lauk kitu waé. Lebar temen, mojang sakieu lenjangna ditinggalkeun nyorangan di panglalajoan. Mangka mani sakitu geugeutna. Sakitu tipepereketna muntangan. Kawas nu sieun ditinggalkeun.

“Badé mulih?” cék kuring.

Kalah gideug, bari angger tungkul. Enyaan budak lungguh. Henteu wani nénjo beungeut-beungeut acan. Bangunna mah ieu parawan téh teu meunang pisan lunta. Kawasna lalajona gé kabur sieuneun henteu meunang ku indung bapana.

“Nonton waé teras?” ceuk kuring. Manéhna unggeuk.

Leungeun beuki rosa silih rames. Tapi leungeunna angger tiis. Padahal kuring mah geus samar koléséh. Hayang kedewek, mun kana dahareun mah.

Rada ngarandeg nyekel leungeunna basa lengeun kuring karasa baseuh. Dirérét, lenyap haté ngalenyap, téténjoan téh getih. Leungeun kuring aya getihan. Teu karasa, geuwat dibetot. Tapi teusing, geuning leungeun kuring téh garing. Gap deui hideng nyekel leungeun mojang lenjang, nu beuki tungkul waé.

Geus peuting mah jelema loba nu nundutan. Ayeuna mah leungeun téh wani nyampay dina taktakna. Tungtung ramo hideng nyorosod kana dadana. Nu dicékel nyikikik. Atoheun. Irung antel kana cindung bulao, hayang nyium pipina. Seleksek bau teu ngeunah. Moal salah budak nu diharudum sarung, tah nu hitut téh. Tina sarungna gé geus katara, jolna ti dinya ambeuan teu ngeunah téh.

Galura rasa méh teu kabendung basa leungeun mimiti nyekel cangkengna. Hideng “beroperasi”, ka sakuriling tatanggana cangkeng. Manéhna cicing waé, henteu obah.

Budak nu dihareupeun mimiti tinggaloler dina korsi. Bray wé tetenjoan rada caang. Da petromak henteu kahalangan ku sirah maranéhna. Kuring ngagebeg. Cidung bulau téh bet asa semu beureum. Kawas aya getih nu maseuhan ka dinya. Tapi kuring geuwat ngiceup sababaraha kali. Euweuh geuning. Téténjoan kuring waé meureun nu mimiti lieur. Rieut ku dua ku tilu. Rieut duméh biasana wayah kieu téh geus ngimpi dua iangan, ieu bolotot kénéh. Rieut ku galurana rasa anu beuki naék, nyedek ka luhur. Ditelek-telek. Teu singna getihan, cindung téh angger bulao.

“Uih, yu, ah,” cék kuring mimiti sesek.

“Ngga...” cenah ngaharéwos.

Manéhna cengkat. Kuring ngaleng. Cidungna dicékel. Nuruban beungeutna. Ah, Si Lucu, Si Lungguh.

Leumpang antaré. Ongkoh ku kuring diajak lalaunan. Basa diajak muter ngaliwatan masjid, manéhna gideung.

“Naha?” ceuk kuring.

“Sieun,” tembalna alon.

“Sieun ku saha?”

“Sieun pependak sareng Apa, sok netepan di dinya,” pokna.

Bener cék sangkaan, pasti manéhna téh budak parawan anu dipingit pisan, henteu meunang liar. Lantaran manéhna embung diajak jalan ka dinya kapaksa dibawa lempeng.

“Di mana bumi téh?”

“Caket jambatan,” témbalna.

Caket jambatan. Naha da deukeut jambatan mah taya imah. Moal kitu anu béh dieueunana. Da piraku deukeuteun jambatan pisan mah. Henteu panjang tatanya. Paduli rék dimamana imahna gé. Moal papanjangan wawuh ieuh. Sieun ku indung barudak. Nu penting mah peuting ieu kuring bisa reureujeungan jeung manéhna.

Hareupeun hiji imah, jegog anjing ngagogog. Terus ngagogogan. Sakitu geus diusir téh, keukeuh waé ngagogogan. Bet tatalépa ka anjing-anjing nu séjén. Babaung matak keueung. Tapi Si Lenjang henteu bangun sieuneun. Antaré waé leumpang gigireun kuring. Wanian, Si Geulis téh.

Tapi anjing beuki ragég. Babaung pikakeueungeun. Haté ratug tutunggulan. Hayang geura gep, hayang geura gep.

“Tebih kénéh bumi téh?” ceuk kuring.

“Nyaket, nyakedik deui.” cenah. Sidik ngirung. Boa cindungna ditutup waé téh, irungna songhék. Atawa suing kitu. Panasaran. Kerewek dicékel taktakna. Beungeutna didangheuakkeun. Panon nelek-nelek. Gaok waé kuring ngagoak. Becir lumpat notog-notogkeun manéh. Beungeut rénghat. Panonna bolong duanana. Tina sela-sela nu rengat téh ngucur getih.  Jurig! Kuring lumpat. Ti kajauhan kadéngé hawar-hawar sora manéhna.

“Akang... Akang...” cenah. Kuring teu wani ngalieuk. Beungeutna ngalangkang deui. Rorongkong rengat, pinuh ku getih. Ayat-ayat Quran ngadadak paroho deui. Ayat Qursi anu biasana apal ngagolontang, ngadadak poho mimitina-mimitina acan. Basa katénjo aya nu tumpak kareta mesin teu antaparah gajleng waé kuring asup kana boncéngan.

“Kang, tulungan kuring, diudag-udag jurig,” cék kuring haruhah-haréhoh. Hadxna bageur, manéhna ngaboséh tarik. Geus jauh kakara kuring wani ngalieuk. Nu Akang-akangan kadéngé hawar-hawar. Tapi basa dilieuk, taya sasaha. Bulu punduk carengkat. Teu wani beunta. Peureum, bari nyuuh kana tonggong nu ngaboséh.

“Dimana aya jurig?” cék manéhna.

“Awéwé, Kang, bareng lalajo wayang.”

“Awéwé lenjang, kulitna bodas?”

“Enya,” cék kuring.

“Éta mah atuh, Neng Parini. Nu maot maéhan manéh alatan bogoh ka salaki batur. Ngaragragkeun manéh ti loténg imahna. Karunya teuing...”

“Geuning Akang uninga?”

“Puguh wé, da urut kabogoh Akang,” témbalna.

Bari can nyaho gé kolot budakna, kuring hideng ngaakangkeun. Keun waé panghormat ieuh, nyebut Akang sotéh.

“Semet dieu wé, nya. Rék méngkol.”

Rey bulu punduk cengkat. Atuda dieureunkeun téh deukeut dapuran awi pisan. Sieun Neng Parini ngudak deui.

“Ari Akang badé ka mana?” cék kuring.

“Nyampeur Parini,” cenah. Rét ngalieuk. Goak deui kuring ngagoak. Beungeutna rata taya nanaonan. Les kuring kapaéhan.

Inget-inget geus aya di imah. Pada nyeuceuhan. Indung budak ceurik gigireun. Alhamdulillah, kuring salamet. Unggal malem Juma’ah, di RT kuring réréongan, nahlilkeun Néng Parini. Muga-muga sing sampurna, arwahna di tampi ku Gusti Nu Maha Suci. Ulah marakayangan deui. Horéng cenah Neng Parini téh bobogohan jeung guruna nu geus boga pamajikan. Maranéhna milih paéh babarengan batan henteu laksana. Abong dunya.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (3)

orient

Tuda akang-mah meni hejo pisan kanu lalempay teh heuheu

Dasep

Anu bahaya mah jurig awewe anu bungkeuleukan

yani supyani

heheheheh...matakan mang tong sok kabita kunu can puguh janten kitu kajadianana......

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: