• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Sanggeus Dua Bulan

Kénging H. Usep Romli, HM
Kintun kana Facebook

 Sakadang Ajag, katarajang gering. Ripuh pisan. Ampir-ampiran teu  menyat deui. Untung dipanjangkeun umur. Neutneutan cageur. Ngan can walagri pisan. Leumpang gé rarampéolan kénéh.

  Maju ka mamayu, teu boga dahareun sahuapeun sahuapeun acan. Ma’lum tacan aya tanaga keur néwak mamangsan. Dipangejatkeun ku anak cangéhgar gé teu bisa ngudag. Ngadon rénghap ranjug nyangsaya dina rungkun.

  Keur ngalangeu nahan beuteung lapar, lar Sakadang Careuh ngagondol hayam badag tur lintuh. Pantes girinyih. Sakadang Ajag mani ngelay bakat ku kabita. Tapi kumaha carana?

  Lahlahan manéhna nyarita. Humalengis, ménta dipikarunya :

  “Sakadang Careuh…..cing uing tulungan…..”

  “Tulungan naon?”jawab Sakadang Careuh bari neuteup ka Sakadang Ajag nu begang rengkung. Beungeut sepa konéas.

  “Uing téh gering parna mangbulan-bulan. Ayeuna karék eungkeut-eungkeut bisa hudang. Tapi tacan bisa barangsiar. Nepi ka langlayeuseun kieu bakat ku lapar. Cing da anjeun mah jagjag waringkas. Kaduga néwak hayam geuning étah. Kumaha lamun ku uing dianjuk. Ieu peujit mani geus peurih kieu…”

  “Dianjuk kumaha?”Sakadang Careuh tadina mah embung ngaladénan. Tapi ningal waruga Sakadang Ajag jiga kitu, bet timbul  rasa watir.

  “Enya hayam nu ku anjeun dibawa, ku uing dianjuk. Ké geus dua bulan, ku uing dibayar ku dua hayam nu sarua gedéna…”

   Sakadang Careuh ngahuleng. Haténa rada mandeg mayong, da sarua manéhna ge acan mumuluk. Ngan kajurung ku rasa watir téa, teu burung merhatikeun kana pamenta jeung jangji Sakadang Ajag.

   “Jadi ieu hayam uing rék dianjuk?”Sakadang Careuh nanya.

   “Enya, dianjuk. Piraku anjeun téga ka uing….”Sakadang Ajag rada bungangang nenjo sikep Sakadang Careuh semu-semu rék léah.

  “Geus dua bulan rék mayar ku hayam dua?”

  “Tah kitu pisan !”

  “Moal cidra?”

  “Hih piraku cidra ka nu haat nulungan. Tah ayeuna apan keur caang bulan. Ngaliwat caang bulan deui sakali, hartina geus jejeg dua bulan. Tah uing mayar ka anjeun ku hayam dua.”

   Geus guntreng kitu, papada panuju, sok wé Sakadang Careuh mikeun hayam. Gancang ditampanan ku Sakadang Ajag bari ngucapkeun ijab :

   “Geus dua bulan, uing mayar ieu hutang.”

  “Heug, mugi disakséni ku Nu Maha Agung,”Sakadang Careuh ngucapkeun kobul.

  Béak ngahékak  hayam sahiji, tanaga Sakadang Ajag mimiti rada pulih. Bisa liar rada jauh. Mampuh néangan dahareun séjén, susa sésa nu kapanggih sajajalan. Malah isukna mah geus bisa néwak kasintu. Ray poé ray Sakadang Ajag balik deui ka asal. Sato galak tur tangginas. Manuk, kelenci, jeung sabangsana, geus réa nu jadi korban dikerekeb Sakadang Ajag nu keur makmak-mekmek sabada lila gering.

  Nepi ka jejeg dua bulan. Sakadang Careuh datang nagih. Lapur ngabulasin. Sabab Sakadang Ajag hélah, acan dua bulan.

  “Geura ténjo ka langit tuh. Bulan masih kénéh hiji, acan dua,”jawabna unggal-unggal ditagih ku Sakadang Careuh.

  Lantaran asa diulinkeun, Sakadang Careuh ngadu ka Raja Leuweung Ganggong Simagonggong, Singa Jambrong. Barabat medar masalah. Sakadang Ajag dijagragkeun. Ditanya ku Kangjeng Raja, ngaku satarabasna geus nganjuk hayam ka Sakadang Careuh, tur jangji baris mayar mun geus dua bulan.

  “Naha atuh anjeun can mayar kénéh?!”Raja Leuweung nyengor. “Pan ti harita nepi ka ayeuna geus dua bulan. Malah leuwih !”

  “Kangjeng Paduka Raja, cobi tingali ka langit engké wengi. Bulan masih kénéh hiji. Teu acan dua. Janten abdi teu acan kedah mayar hutang hayam ka Sakadang Careuh,”jawab Sakadang Ajag, tatag pisan.

  Raja Leuweung ngahuleng. Untung Panaséhat Karajaan Sakadang Peucang, rikat megat saméméh Kangjeng Raja nakolkeun palu mangmeunangkeun Sakadang Ajag :

  “Langkung saé, engké wengi, urang buktoskeun, naha bulan masih kénéh hiji atawa geus dua. Upami hiji, Sakadang Ajag tiasa diputus teu acan kedah mayar hutang. Upami bulan aya dua, Sakadang Ajag kudu mayar hutang katut paleuleuwihna, ditambahan hukuman diusir ti ieu leuweung.”

  Usul Sakadang peucang disaluyuan ku sidang karajaan.

  Peutingna saréréa kumpul deui. Ku Sakadang Peucang dibawa ka sisi talaga nu aya di taman karajaan.Pok manéhna nyarita :

  “Bulan geus aya dua. Tuh, hiji di langit……”

  Kabeh nu hadir taranggah.

  “Hiji deui, tah di jero talaga !”

  Saréréa rikat tarungkul. Katembong kalangkang bulan. Sarua moncorong kawas nu di langit.

  “Ku kituna, Sakadang Ajag, geus waktuna mayar hutang hayam ka Sakadang Careuh !”cék Sakadang Peucang. Disambut ku surak tanda satuju ti sarerea.

  Kangjeng Raja nakolkeun palu tanda vonis ragrag ka Sakadang Ajag. Harita kénéh kudu mayar hayam dua ka Sakadang Careuh. Geus bérés, terus ditundung. Sina nyingkah ti Karajaan Leuweung Ganggong Simagonggong, nu pangeusina wajib jujur jeung tigin kana jangji. Ulah linyok bohong jalir jangji kawas Sakadang Ajag.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: