• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Teu Pira Ukur Sakarung

Kénging H. Usep Romli, HM
Kintun kana Facebook

 Khalifah al Hakam II,  keur nanjung kawasa di Cordoba, Andalusia (950 M). Ngarasa kataji ku hiji lahan di pasisian. Lega, rata. Cukup keur pitempateun karaton pangreureuhan. Pernahna di lamping pasir nu nampeu ka talaga ngemplang. Caina canébrang hérang. Dipapantes ku al Hakam II, mun ngadaweung dina balkon karaton, digéndéng ku prameswari. Nyawang kaayaan alam sakitu asrina. Tada temen kageugeut jeung kadeudeuh minuhan dada duan nu keur kalebuh dina sagara cinta.

   Maklum ratu satuduh metu, raja saucap nyata, tanah mahpar panyileukan, geus kacangking. Teuing kumaha carana para prajurit jeung pacalang nagara ngurusna. Nu jelas, tatahar keur nyieun karaton geus rék dimimitian.

   Tapi nu boga tanah – hiji randa kolot tur miskin – teu tarima. Laju mangadu ka Hakim Agung.

   “Juragan hakim, “kitu cék éta awéwé melas-melis. “Ema téh ukur boga tanah sakikituna. Titinggal salaki nu geus lila maot. Éta tanah, mangrupa pangupa jiwa ema sangkan bisa ngurus barudak nu can baroga pakasaban. Ayeuna ku Kangjeng Sultan, tanah éma dipénta paksa pirusa. Bororaaah ka meunang ganti nu cukup jeung saimbang.  Dalah dina cara méntana ogé apan sakitu kasar jeung kerasna. Teu meunang hanteu, Ema kudu mikeun. Lamun teu daék, diancam hukuman beurat pisan. Nyanggakeun sadaya-daya kana kawijakan Juragan Hakim.”          

   “Insya Alloh ku abdi urang bebener, “walon Hakim Agung nu kaceluk adil tur jujur. Apal kana pancén nanjeurkeun hukum keur ngajaga kaajegan bangsa katut nagara. Tara cueut ka nu hideung, ponténg ka nu konéng, lantaran apal kana hukuman nu baris tumiba. Di dunya bakal ngalaman ancur lebur, di aherat kudu nanggung dosa beurat kabina-bina.

   Pasosoré, Hakim Agung nepungan Khalifah al Hakam. Nanyakeun perkara tanah katut prosés meunangkeunana. Sanajan pangkat khalifah atawa raja, ari ka Hakim Agung nu jujur tur adil mah, teu aya nu bisa dikilungan. Terus terang saujratna.

   “Keun perkawis prosés nu matak nganyerikeun batur, “Hakim Agung nyarita. “Ayeuna mah urang buktikeun langsung ka tempatna.”

    Bring Khalifah jeung Hakim Agung ngajugjug patempatan nu dituju. Geus nepi, tuluy Hakim Agung maréntah salah saurang anak buahna, ngali taneuh. Pangalianana diasupkeun kana karung nepi ka dedet. Geus bérés, Hakim Agung nyarita ka Khalifah  al Hakam II :

   “Cobi ku Paduka Khalifah, karung téh jungjungkeun. Simpen kana taktak sim kuring.”

   Najan bari héran jeung asa teu pantes, al Hakam teu wani mungpang. Karung dijungjungkeun. Bororaah kuat. Sakitu geus mudalkeun tanaga sabéakna, karung teu regrog-regrog. Bororaan bisa ngangkat ditundakeun kana taktak Hakim Agung.

   “Beurat geuningan, juragan Hakim !”Khalifah boboléh.

   “Beurat ? Ah, moal enya, teu pira tanah sakarung, “Hakim semu nyempad.

   “Ih, apan ku anjeun kasaksaian. Kula geus tibeberegég kieu.....”

   “Sangkilang karék tanah sakarung di alam dunya. Mangkaning anu dirampas ku Paduka Khalifah téh, aya héktarna. Lain luhurna wungkul deuih, tapi tembus ka jagat sapatala. Kumaha engké di aherat kudu mundak tanah sakitu legana jeung sakitu jerona ? Cacak di dunya, sakarung gé teu kajungjungkeun, “Hakim Agung gogodeg.

   Khalifah al Hakam ngaheunggeu. Karék manéhna sadar kana kalakuananana nu salah. Mikahayang nu lain hak ku cara anu salah. Harita kénéh, al Hakam ngudupruk sujud. Pertobat ka Alloh SWT.

   “Alloh Maha Pangampura, “Hakim Agung ngajungjungkeun awak Khalifah. “Dina ieu pasualan, aya nu perlu pisan dipentaan hampurana. Nyaéta nini-nini nu geus kanyenyerian balukar tanahna dirampas,”

   Teu talangké deui, Khalifah al Hakam ngarawu dampal suku nini-nini nu memang geus hadir ti tatadi. Sanduk-sanduk.

   “Hampura kalakuan kuring, Nini. Kitu deui kalakuan tentara sareng pacalang, éta tanggung jawab kuring. Mugi ku nini-nini dihampura lahir batin dunya ahérat, “al Hakam sumegruk.

   Bérés sili lubarkeun dosa hak Adami – dosa antara sasama manusa – al Hakam mulangkeun deui éta tanah ka nu bogana. Ditambahan ku duit sarébu dinar nu dicokot tina pangasilanana sorangan. Itung-itung “diyat”. Nebus kasalahan ka sakumna kulawarga nini-nini.

   “Muga-muga kajadian ieu sing jadi eunteung keur sakumna pangeusi Cordoba. Sabab kakuatan bangsa jeung nagara, gumantung kana kajujuran jeung kaadilan pangeusina, ti mimiti raja pangluhurna nepi ka rahayat pangbocetekna. Lamun teu jujur jeung teu adil, hartina dolim. Ari kadoliman, éta mangrupa sumber kaancuran bangsa jeung nagara, sakumaha dawuhan Alloh SWT dina al Quran, S.al Qoshosh ayat 59 “Wa ma kunna muhlikil quro illa wa ahluhadz dzolimun”. Jeung Kami henteu ngancurkeun nagara-nagara, kajaba lamun pangeusina darolim. Ingetkeun ku saréréa, “Hakim Agung ngawawadian.***

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

Lumbiana

Ya Allah cobi di Nagari Indonesia para pamimpina siga kieunya..Irahanya

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: