• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Cangkurileung Nyobat jeung Aki-Aki

Kénging H. Usep Romli, HM
Kintun kana Facebook

Aya hiji manuk cangkurileung. Mindeng hiber ka pilemburan. Pangpangna ka deukeut imah leutik padumukan hiji  aki-aki jeung pamajikanana. Éta aki-aki éstu bageur. Someah. Handap asor. Nyaah ka sasama. Kaasup ka sasatoan.

Beda jeung pamajikanana. Nini-nini  goreng budi. Gawé baketut haseum. Sengar sengor, ambek-ambekan. Teu kaop aya kakurang atawa capé ku pagawéan. 

Atuh cangkurikeung resepeun pisan ka aki-aki. Komo unggal datang, sok dibagéakeun dihiap-hiap. Disuguhan saaya-aya. Gedang atawa cau. Terus duaan macangkrama. Cangkurileung ucla-aclé dina dahan bari bacéo. Aki-aki  jongjon kaprak-keprek baranggawé. Nganyam bilik atawa nganyam parabot dapur bangsaning ayakan, boboko, hihid, jeung sajabana. Jualeun ka nu butuheun.

Wanci burit, cangkurileung ge gancang mulang ka padumukanana di leuweung.

Hiji poé, kawas sasari, cangkurileung datang ka imah aki-aki. Tapi taya nu ngabagéakeun. Kawasna aki-aki keur iang ka nu rada jauh.

Barang clé kana gantar pamoean, ujug-ujug habek aya nu neunggeul. Sihoréng nini-nini telenges geus ti tadi ngadodoho.

 “Beunang siah, manuk bangkawarah téh !”nini-nini napsu pisan. Pamatuk cangkurileung dipaksa dicekahkeun. Sret létahna diteukteuk ku péso nu geus dibabawa ti tadi. Lung dialungkeun ka luareun pager.”Jor siah mantog. Awas mun datang-datang deui ka dieu !”

Keur mah reuwas jeung nyeri, cangkurileung lenglengan kapaéhan. Untung gancang eling. Geleber hiber lalaunan. Sajajalan ceurik. Teu nyangka bakal manggih nasib sial. Kaleungitan létah sapotong. Atuh lapur teu bisa bacéo.

Meunang saminggu, cangkurileung nyirekem dina sayangna. Teu bisa kamamana. Ngadagoan létah cageur.  Baranghakan  kapaksa ku lapar.

Aki-aki ngarasa kaleungitan. Biasana ari datang ti panyabaan,cangkurileung sok mapagkeun. Nyéngclé dina pager atawa dina dahan tangkal di buruan.

“Ninina, teu nénjo cangkurileung datang tadi?”aki-aki nanya ka pamajikanana, sugan apaleun.

“Nyao !”jawab nini-nini judes.”Bororaah ngurus nu kitu patut. Ngurus pagawéan gé teu anggeus-anggeus.

Lantaran ambleng, aki-aki kapaksa indit  ka leuweung. Rék neangan sobat. Sajajalan gegeroan :

 

“Cangkurileung, cangkurileung

Ka mana geuningan  anjeun

Ampleng-amplengan teu datang

Ieu aki kaleungitan.”

 

Kitu jeung kitu, ti isuk nepi ka soré. Isukna, indit deui.

Kabeneran cangkurileung geus cageur. Geus bisa disada deui. Ngadéngé sora aki-aki, gancang ditembalan :

 

Aduh aki, watir teuing

Leumpang jauh mani ripuh

Bakat ku sono ka kuring

Untung geus nyampak susuguh

 

Handapeun kiara badag, tempat cangkurileung nyayang, aki-aki ngalungsar.  Ngararasakeun angin tiis ngahiliwir. Ngararasakeun kabungah  panggih jeung sobat.  Ka aki-aki, cangkurileung teu betus perkara kalakuan nini-nini. Cukup ku bebeja gering.

Enyaan aki-aki disuguhan sagala rupa. Bungbuahan nu aramis jeung parelem. Bongborosan nu ngepros ngeunah. Malah basa rék mulang, dititah milih hadiah nu geus ngahaja disayagikeun  ti tadi. Mangrupa dua barang ahéng. Nu hiji cepuk leutik camperenik. Nu hiji deui, peti badag dihias dialus-alus.

“Ah, nu leutik wé. Hampang mawana. Ongkoh ka dieu sotéh lain rék néangan hadiah. Bakat ku melang wé ka anjeun, cangkurileung,”cék aki-aki  saméméh indit, bari omat-omatan, sangkan cangkurileung nganjang deui unggal poé kawas sasari.

Barang nepi ka imah, cepuk dibuka hareupeun nini-nini. Eusina bangsa inten berlian, nu murub mubyar cahayaan.

“Aya kénéh hadiah séjén di padumukan cangkurileung téh, aki?” nini-nini ngadak-ngadak marahmay.

“Aya. Peti badag. Ngan moal kauntup mawana. Matak milih ieu wé nu leutik,”jawab aki-aki.

Sapeueuting, nini-nini ngageremet. Nyalahleun aki-aki, naha bet milih cepuk. Lain peti. Meureun eusina leuwih réa.

Rebun-rebun, kalawan rerencepan, nini-nini indit ngajugjug panonoban cangkurileung nu lebah-lebahna geus dicaritakeun ku aki-aki. Anjog ka dinya, wanci haneut moyan. Dibagéakeun ku cangkurileung nu taya riuk-riuk keuheul. Disuguhan sagala rupa. Atuh balikna ditawaran bisi hayang meunang hadiah, rék cepuk atawa peti.

“Peti wé dieukeun,”cek nini-nini mani nyorongot.

Ti leuweung ka lembur, mawa peti badag. Atuh ripuh pisan. Mindeng ti gubrag. Mindeng labuh.  Datang wanci sareupna, nini-nini ngajongkeng di buruan. Nangkub kana peti.

Teu maliré capé, bari rarampéolan, gancang nyokot linggis keur nyungkal turub peti. Kajurung ku hayang geura nénjo eusina. Pasti mutiara barakbak, leuwih alus jeung leuwih réa ti batan eusi cepuk aki aki.

Barang bray, ukur batu karikil, keusik jeung taneuh. Malah aya oray tinglaleor, jeung langgir tingkodomang. Puguh baé nini-nini reuwas. Nepi ka tijengkang kana kamalir. Ngajehjer kapaéhan d dinya. Éling éling isukna.Kageuingkeun ku sora bacéo cangkurileung nu rék nganjang deui ka aki-aki. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: