• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Sasakala Awi

Kénging Taufik Rahayu
Kintun kana Facebook

Panganteur

Prabu Kean Santang nyaéta pangéran putra Raja Siliwangi di Karajaan Padjadjaran. Kacaturkeun hiji poé Kean Santang keur ngukur diri nguji kasaktén, “Naha di ieu dunya aya jalma nu gagah jeung sakti nu bisa nandingan kaula?”. Teu lila ti harita Prabu Kean Santang ménta idin ka Raja Siliwangi pikeun miang rék néangan  pilawaneun. Meunang béja ti batur, yén di tanah Arab aya hiji jalma sakti nu katelah Bagénda Ali. Teu ngadagoan isuk, Prabu Kean Santang tuluy ngajugjug ka tanah Arab. Saacan bisa nangtang jeung tarung ogé, Prabu Kean Santang teu bisa nyabut iteuk nu ditancelbkeun ku Bagénda Ali. Nya ti harita Kean Santang tuluy asup Islam, sarta ngawanohkeun tur ngajarkeun Islam ka rahayat di Karajaan Padjadjaran.

 

Sabada asup Islam jeung ngarti kana atikan Islam, Prabu Kean Santang nu satadina adigung adiguna, ngarasa élmuna euweuh nu nandingan téh kiwari mah jati patukangtonggong. Basa saacan mulang ka lemah Padjadjaran tur boga niat hayang ngislamkeun karaton Padjadjaran téh ngumaha heula ka Bagénda Ali.

“Duh Bagénda Ali, kuring téh apan pangarti mah batan sakieu buktina. Kari-kari ayeuna kudu bisa mawa béja ngeunaan atikan Islam nu sakieu linuhungna ka baraya kaula di lemah Padjadjaran.”

“Teu kudu mangmang, pék tepikeun naon waé pangarti nu aya di anjeun! Tepikeun sok sanajan sakecap ogé.”

Prabu Kean Santang keukeuh haténa teu yakin. Keukeuh masih kénéh ngarasa aya kakuranganana dina dirina. Masih kudu guguru terus ka Bagenda Ali. Hiji poé, tuluy Prabu Kean Santang ngumaha deui ka Bagénda Ali.

“Bagénda, kuring téh sabada taluk ku salira, kedal jangji dina haté mun mulang ka lemah Padjadjaran téh hayang aya manpaatna keur rahayat di ditu. Cadu mulang mun éta niat can kayakinkeun baris kalaksana. Kari-kari ayeuna ngan bisa mawa kanyaho nu sakieu ayana. Kuring keukeuh hayang aya manpaatna pikeun rahayat di Padjadjaran nu baris karasa ku saréréa, karasa ku bangsana kalawan teu diwilah-wilah.”

Bagenda Ali uleng mikir sakedapan. Teu lila tuluy masrahkeun iteukna ka Prabu Kean Santang.

“Bawa ieu iteuk kula ka karajaan andika. Jig geura mulang isuk-isuk. Sanepina di lembur, tancebkeun ieu iteuk dinu taneuh gawir.”

Sanggeus diyakinkeun kitu mah, Prabu Kean Santang tuluy mulang ka lemah Padjadjaran. Sanepina di Padjadaran, tuluy nancebkeun iteuk saperti nu amanatkeun ku Bagenda Ali.

Isukna, isuk-isuk kacida kagétna Prabu Kean Santang, sabab iteuk nu ditanclebkeun téh jadi hiji tangkal nu daunna aripis lalencop. Beuki lila éta tangkal téh beuki ngajangkungan nyelengceng. Tina sela-sela handapna barijil iteuk nu sarupa. Beuki lila iteuk Bagenda Ali téh beuki ngareaan, tur rupana jadi hejo jeung bubukuan.

Lila kalilaan, éta tangkal nu asalna tina iteuk Bagenda Ali téh beuki ngalobaan. Prabu Kean Santang helokeun ningali kaayaan kitu, jeung can ngarti tangkal naon éta tur gunana pikeun rahayat Padjadjaran naon.

Lila kalilaan mah kajawab naon-naon pananya Prabu Kean Santang téh, naon nu diomongkeun ku Sayidina Ali kabuktian. Sabab éta tangkal nu nepi ka kiwari nelah tangkal awi téh kacida kaarah manpaatna jeung kapakeuna ku jalma-jalma di karajaan padjadjaran. Atuh tangkal awina nyebar kamamana, malah loba urang karajaan nu kasabna gumantung kana awi.

Nya tina awi éta loba pakakas sapopoe jeung jadi hiji tangkal nu kacida pentingna pikeun hirup huripna jalma. Tangkal awi nu jadi digawir jadi tangkal nu kacida hadéna pikeun mahing urug. Tangkalna bisa dipaké nyieun imah, dipake nyieun pakakas sapopoe saperti carangka, rancatan, boboko, hihid, jeung sajabana. Malah aya ogé awi nu bisa didahar (humut).

Sabada Islam jeung tangkal awi nu dibawa ku Prabu Kean Santang ti tanah Arab tumuwuh di Padjadjaran, tatar Sunda jadi hiji tatar nu gemah ripah loh jinawi. Jadi lembur nu subur makmur tug nepi ka kiwari. Sanajan ramana ku anjeun teu lebet Islam, Prabu Kean Santang ngarasa bagja lantaran awi bawana bener-bener bisa mangpaat keur balarea kalawan teu pilih-pilih jalma. Kabéh butuh, ku kabéh karasa manpaatna. *** Cisompet 2013

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

Iwan M. Ridwawn

awi ngora anu tiasa dipasak (diangeun nganggo cipati) di Cianjur mah disebatna iwung.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: