• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Silih Bélaan

Kénging Asgari Andalusia
Kintun kana Facebook

Aya Bogo sosobatan jeung Bajing. Unggal poé éta dua sobat téh sok silih geroan silih tanya cageur henteuna.

Dina hiji poé, Sakadang Bajing téh katarajang gering, nyeri beuteung. Tuluy ménta tulung ka Sakadang Bogo, pangnéangankeun jambu nu asalna ti kebon kagungan Raja.

Sakadang bogo tuluy menekung neneda ka Pangéran hayang meunang pituduh kumaha akalna sangkan bisa meunang piubareun.

Kersaning nu Maha Kawasa ras baé Sakadang Bogo téh inget, yén unggal poé ka talaga téh aya nu ngala cai, piwarangan Kangjeng Raja. Barang éta tukang ngala cai datang sarta nyiuk gentong ka jero talaga, ngan geblus baé Sakadang Bogo abus kana gentong kabawa ka karaton.

Sadatangna ka karaton, cai tina gentong téh dicicikeun kana hiji jamban gedé. Barang reup peuting sabot di karaton keur meujeuh simpé, Sakadang Bogo mucunghul ti jero cai, rarat-rérét niténan kaayaan sabudeureun jambangan.

Kabeneran teu jauh tina jambangan aya hiji bokor perak, eusina jambu anu geus ruhruy arasak. Gancang Sakadang Bogo hanjat, tuluy ngaheungheum jambu hiji, geus kitu gajleng luncat, abus ka jero gentong paranti ngala cai téa, kebeneran eusi kénéh, nyangkrung aya cai sésa.

Isukna ginceng deui éta gentong téh dibawa ku tukang ngala cai ka sisi talaga. Barang éta gentong disiukkeun, Sakadang Bogo gura-giru bijil, terus néangan sobatna, Sakadang Bajing anu keur gering.

Sakadang Bajing rumanggieung turun tina dahan caringin nu ngaroyom kana talaga, mapagkeun Sakadang Bogo anu ngirim piubareun. Harita kénéh jambu téh dihuapkeun. Dadak sakala Sakadang Bajing cageur deui sabihari.

Pareng dina hiji waktu, Sakadang Bajing gera-gero ka sobatna. Pohara reuwaseunana lantaran kasampak Sakadang Bogo keur aduglajer kokocopokan dina liangna.

“Tulung! Tulung! Pangnéangkeun ati buaya, kuring téh teu kuat ieu ati nyanyautan!” pokna.

Sakadang Bajing ngahuleng mikiran paménta sobatna. Ras manéhna inget yén di hiji leuwi aya buaya anu pohara galakna. Naon waé nu ngaliwat ka éta leuwi tangtu dicaplok. Jelema gé euweuh nu wani ngaliwat ka lebah dinya. Ari di sisi leuwi téh aya tangkal kalapa anu buahna keur meujeuhna meuhpeuy.

Gajleng-gajleng Sakadang Bajing luluncatan mapay-mapay tatangkalan  muru tangkal kalapa di sisi leuwi. Datang-datang terus baé ngaliangan buahna hiji. Geus molongo bus manéhna abus ka jero.

Kalapa nu geus dikorowot téh gubrag baé ragrag jeung bajingna ka jero leuwi. Gep disamber ku buaya diteureuy buleud.

Sanggeus aya di jero beuteung buaya, Sakadang Bajing bijil tina jero kalapa terus rumpu-rampa néangan ati buaya. Sakadang Buaya ngagoak: “Aduh, ieu jajantung aing nyeriii!”

“Alah, ieu bayah aing nyeri pisan!”

“Ih, geuning lain atina,” ceuk Sakadang Bajing. Terus dipapay deui ditéangan. “Aduh, ieu ati aing nyeriii!” ceuk buaya basa atina kakoét ku bajing.

Ngadéngé kitu, ngan gewewek baé digégél ati buaya téh nepi ka sapat. Buaya sakarat bajing kaluar tina sungut buaya, terus ka darat luluncatan mapay tatangkalan urut tadi. Ati buaya diubarkeun ka sobatna nepi ka cageurna deui.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: