• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Supata keur Sakadang Cacing

Kénging Féndy Sy. Citrawarga
Kintun kana Facebook

Abah Odi gogodeg duméh narima deui iber ti Si Didi cenah si Oléng padangarempug ku babaturanana. Demi alesanana si Oléng téh budak harak, ngajago, teu kaop kauntup ku batur.
"Sina kadarieu Di, Abah boga dongéng!" saur Abah Odi. Teu kungsi lila barudak geus ngariung, kaasup si Oléng.
"Teu meunang harak Léng. Bisi kawas cacing!" saur Abah Odi deui bari neuteup si Oléng nu ngeluk, éraeun.
"Kawas cacing, Bah?" Barudak raong.
"Enya, geura daréngékeun dongéngna!"
"Mangga Bah!" Barudak saridakep rék ngabandungan dongéng Abah Odi.
Jaman baheula, saur Abah Odi muka dongéng, cacing téh teu béda jeung oray, awakna gedé jeung panjang. Aya sungutan, malah aya sihungan sagala. Éta sato téh galak kabina-bina da boga rasa jago, boga sihung, malah boga peurah anu kacida matihna lamun dipaké ngagunasika musuhna téh.
"Iyy.....!" Si Didi sabalad-balad tingbirigidig ngadéngé cacing aya sihungan.
Alatan boga kadigjayaan kitu, Abah Odi neruskeun deui hanca dongéngna, sakadang cacing teu kaop kasigeung ku sato séjén, taya hampura sato nu ngaganggu ka manéhna dilawan sakarepna. Sihungna nu seukeut dipaké ngagunasika. Geus kitu, diciduhan ku peurahna nepi ka musuhna téh teu manggapulia.
Kitu petana téh ka sato-sato lemah da ka sato nu boga kasaktén babad mah ukur rerenghos, angot ka nu saluhureun kasakténna mah sihungna jadi mintul.
Sakali mangsa aya anak hayam keur kokoréh di kebon. Asalna mah pitik téh padeukeut jeung indungna, ari pék kalah ngajauhan da jongjon teuing kokoréh. Bubuhan ku indungna pitik téh diatik sina wekel barangsiar, itikurih, sangkan mun geus gedé teu gumantung ka kolotna.
Na atuh keur jongjon kokoréh manggih kahakanan, jol renghos-renghos datang sakadang cacing.
"Héh pitik, titah saha sia kokoréh di teun aing hah?" sakadang cacing ngawakwak, sungutna calangap némbongkeun sihungna nu ranggéténg, terus cokorna ngawur-ngawur taneuh.
"Teu titah sasaha kahayang uing wé da ieu mah kebon bogana jelema, teu dicaram deuih da euweuh pepelakan nu ruksak, wéw!"
"Anak hayam calutak siah! Bisi teu nyaho ieu kebon téh kakawasaan aing!" Ngomong kituna teh sakadang cacing ngéprét pitik ku buntutna. Puguh wé pitik ngajerit.
"Emaaa...!"
Ngadéngé anakna ngajerit, indung hayam agé-agé nyampeurkeun. Kasampak si pitik geus dikerekeb sakadang cacing.
"Aéh-aéh, na manéh téh cacing telenges kabina-bina, abong ka mahluk laip. Lésotkeun anak aing!" Indung hayam ngagarapak seja nulungan anakna tina sungut cacing. Batan lésot mah pitik téh kalah diseupah, nepi ka tiwasna.
"Duh..Gusti tulungan abdi...dikakaya sakadang cacing," indung hayam jumerit maratan langit ngocéak maratan méga neneda ka Nu Kawasa.
Nénjo indung hayam jumerit kitu téh sakadang cacing lain éling, kalah gapruk hayam dirontok beuheungna dikerekeb nepi ka hayam téh kokoséhan. Ngan barang rék gabres digares ku sihungna, dak dumadak teu teurak. Laju aya sora handaruan ti langit.
"Eureun, cacing! Lamun henteu manéh nu perlaya!"
Sakadang cacing ngalésotkeun sakadang hayam.
"Héh, cacing! Alatan kalakuan andika nu durjana, manéh disupata jadi mahluk nu teu boga kakuatan! Andika moal boga sihung, suku, sungut gedé, jeung peurah! Hirup manéh moal nembrak, tapi salawasna nyumput jero taneuh, na beuteung jelema, sato, jeung papalapahan! Manéh ogé bakal dipikageuleuh ku balaréa. Alatan manéh téga ngerekeb pitik nepi ka tiwas, isuk jaganing géto manéh jeung turunan manéh bakal jadi kahakanan hayam sabalad-balad lamun awak manéh témbong!"
Les sora leungit bareng jeung robahna awak sakadang cacing nu gedé jadi leutik, tur harita kénéh mubus kana taneuh sieuneun dihakan hayam. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

jenal muksin

matak tong sok ngajago ge...

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: