• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Langgir jeung Kuya

Kénging Féndy Sy. Citrawarga
Kintun kana Facebook

"Si Ujang paraséa jeung Si Asép, Abah!" ceuk Didi, mangadu ka Abah Odo.
"Paraséa ku naon cenah Di?"
"Duka atuh Bah."
"Cik calukan sina ka darieu!"
Didi nyalukan baturna, Ujang jeung Asép. Sanggeus ngariung, Abah Odo mariksa nu duaan. Enya baé Ujang jeung Asép téh keur pagétréng. Anapon pasualanana, cenah Si Asép cidra  jangji ka Si Ujang.
"Ka abdi nyarios rék mayar hutang poé ieu, ari pék ngabohong. Hanas abdi teu mekel artos ti rorompok," ceuk Ujang. Ceuk Asép, manéhna lain teu rék mayar ngan duitna can dibéré ku kolotna.
"Enya geus nu enggeus mah. Ké deui mah omat ulah gampang jangji lamun sakirana rék cidra. Sabab bisi cilaka. Lain baé nu cidra jangjina, tapi duanana, siga dongéng langgir jeung kuya!" saur Abah Odo.
"Aya dongéngna nya Abah?" tanya Didi.
"Puguh wé!"
"Mangga atuh dongéngkeun!" Barudak sumanget ngabandungan dongéng Abah Odo.
Sakali mangsa sakadang langgir keur aprak-aprakan balangsiar néangan kahakanan. Sorangan baé inditna téh taya nu maturan da batur-baturna mah arembungeun maturan. Pangna kitu, si langgir mah pada mikagimir, ceuk pangrasana manéhna mah sakti mandraguna da boga ajian matih nyatana peurah anu lamun diseureudkeun ka awak batur matih kabina-bina, bisa maténi.
Nu matak si langgir mah euweuh kasieun, rék nyanghareupan saha baé, sato gedé atawa leutik ku manéhna mah kauntup. Unggal aya nu ngahalangan, manéhna ngalawan, mun jelema mah sahaok kadua gaplok. Tong boro enyaan ngalawan, dalah karék rentang-rentang nénjo nu ngahalangan, buntutna ngacung ka hareup, nyingsieunan. Puguh wé nu disingsieunan téh sawan.
"Préman panginten nya Bah?" tanya  barudak.
"Enya mun jelema mah," saur Abah Odo nyelang heula ngajawab pananya barudak.
Najan kitu, saur Abah Odo saterusna, sajago-jagona mahluk tetep aya kakurangan. Siga si langgir, najan manéhna boga ajian matih tur nguntup ngayonan sato garalak, angger wé nyanghareupan gulidagna cai walungan mah muringis da teu  bisaeun ngojay.
Siga harita, sanggeus aprak-aprakan teu beubeunangan téh manéhna kudu ngaraas wahangan. Manéhna tiba cinutrung na gawir wahangan bari mikir kumaha carana sangkan bisa meuntas. Nénjo sisi walungan aya langgir bangun bingung, sato-sato séjénna lain nyalampeurkeun, kalah nyarumput. Si langgir gé nyahoeun. Manéhna bati kingkin.
Keur kitu, di wahangan aya nu ampul-ampulan. Horéng sakadang kuya keur ngojay. Barang nénjo aya si langgir, kuya gancang teuleum, sieuneun, tapi pecenghul deui siga ngabibita si langgir.
"Ya, kadieu euy tulungan uing!" si langgir nyalukan.
"Embung ah!" témbal kuya.
"Tulungan uing, pangmeuntaskeun. Ké diburuhan!"
"Embung ah, manéh mah sok nyeureud!"
"Moal, piraku nyeureud ka nu nulungan?"
"Heug, tapi jangji nya ulah nyeureud!" ceuk si kuya antukna mah manéhna daék nulungan si langgir da puguh karunyaeun  si langgir mah teu bisaeun ngojay.
Geus kitu mah si kuya ka sisi wahangan, nyodorkeun tonggongna sina ditumpakan si langgir. Bari surak atoh si langgir tumpak tonggong si kuya. Geuleuyeung wé si kuya ngojay, ngawelah cai ku sukuna. Puguh wé si langgir tumaninah, genah tumpak tonggong si kuya.
Dasar si langgir teu tigin kana jangji jeung boga rasa jagoan, di tengah-tengah wahangan, manéhna kabitaeun nénjo beuheung si kuya anu hipu, bangun  mirasa lamun diseureud téh. Teu ngengkékeun deui, ngan jeletot baé beuheung si kuya diseureud, terus disebrot ku peurahna nu matih téa. Puguh wé si kuya ngajerit, kapiuhan, antukna les waé paéh. Kerelep ka jero cai. Si langgir gé teu walakaya, gogoakan ménta tulung, taya nu ngawaro, kerelep ti teuleum ka jero cai, palastra.
"Tah kitu barudak buah tina ingkar jangji téh matak cilaka," saur Abah Odo mungkas dongéngna. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: