• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ngajaga Lembur
Nguatan Kamandirian Rahayat

Kénging Rudi H. Tarmidzi jeung Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
H. Toto Iskandar, SE., Pupuhu PUSKUD Jawa Barat [Potrét/Ilustasi: rudi]

Nguatan ékonomi, nguatan kamandirian. Ka dituna, nguatan lembur sorangan. Matak, pihak Pusat Koperasi Unit Desa (Puskud) Jawa Barat mah, teu weléh narékahan sangkan ékonomi masarakat jadi pribumi di lemah caina. Ngan, kumaha carana?***

Ngaranna gé pepelakan jeung tutuwuhan, aya usumna. Ngan, lain sababna kitu, upama saperti kadelé, bawang, céngék, nepi ka langka nu ahirna mahal kacida. “Nu sidik mah aya kasalahan wé,”  ceuk H. Toto Iskandar, SE., Ketua Pusat Koperasi Unit Desa (PUSKUD) Jawa Barat tandes naker.

Ceuk pikirna, kabutuh masarakat nu mayeng kawas kitu, gampang dikira-kirana. Maksudna, sakumaha nu dipikabutuh jeung ti mana keur nyumponan pangabutuhna, bisa diiker-iker ti anggalna. Hartina, sagala rupana kudu ditataharkeun kalayan jinek.

 

Malikeun Kapercayaan

Keur nyumponan pangabutuh masarakat, ceuk ieu carogé Zulfaedah Triana mah, teu bisa ukur ngandelkeun pasar. Da, upama ukur kitu mah, nu kuat bakal ngéléhkeun nu hengker. Balukarna, ukur nu gedé modal nu ahirna bisa ngawasa pasar gé. “Upama kabutuh balaréa ukur ngandelkeun saurang dua urang pangusaha jugala, tangtu wé bakal réa anu dirugikeun,” ceuk ieu teureuh Bekasi témbrés.

Ku lantaran kitu, tata niaga kudu dibebener deui. Ngan, kumaha carana? Di urang, ceuk H. Toto, geus aya wadah saperti koperasi. “Kudu nguatan deui KUD wé atuh,” pokna.

Koperasi Unit Desa nu jadi andelan ékonomi masarakat, samistina meunang kapercayaan  ti balaréa. “Pangpangna mah, butuh kapercayaan ti pamaréntah!” pokna tandes.

Kitu téh, lantaran KUD butuh modal. Enya, cenah, ti heula-heula saperti dana nu disalurkeun ka KUT téh teu puguh juntrungna. Tapi, nu kawas kitu téh, teu bisa disakompétdaunkeun. “Tetep kedah timbul itikad ti pamaréntah snagkan KUD mekar deui ku cara mantuan modalna,”  pokna.

Upama KUD boga modal, anggotana gé bisa leuwih laluasa dina makayakeun usahana. Nu ancrub kana tatanén, sayur-sayuran, miara ingkon-ingon, tangtu moal gejed waé ngaléngkahna. “Tapi, upama can nanaon geus teu dipercaya, nya tangtu wé hésé menyatna,” pokna.

Pihakna, ceuk H. Toto, siap ngokolakeun dana pamaréntah. Komo deui atuh dina jaman kiwari, teu kudu hariwang teuing nu boga wewennag ‘nyalurkeun; modal ogé. Lantaran, ayeuna mah jaman bruk-brak. “Nu penting, puguh tanggung jawabna. Mun euweuh duit, asal aya barangna. Tah, mun duit jeung barangna teu puguh, kari meredih tanggung jawab pihak nu ngokolakeun éta duit wé atuh,” pokna.

Masarakat, ceuk Toto, masih kénéh bisa dipercaya. Aya kénéh kasieun jeung kaéra, mun nyéléwéngkeun duit batur, komo deui duit pamaréntah. “Asal, mémang pangurus KUD gé nu bener-bener bisa dipercaya,” pokna.

Lian ti meredih ‘amanahna’ pangurus koperasi jeung anggotana, pihak nu tumali jeung koperasi gé sarua kudu beunang dipercaya. Contona, cenah, upama nyadiakeun binih, nyadiakeun gemuk, jeung pangabutuh patani, atuh ulah dibatikeun! Cindekna, haregana téh kudu sacéréwéléna. “Intina mah sadayana gé kedah jujur!”

Nepi ka ayeuna, Koperasi Unit Desa (KUD) masih kénéh jadi andelan ékonomi masarakat. Ngan, mémang cenah, teu kabéh walakaya, da sawaréh mah, hirup teu neut paéh teu hos. Tina jumlah 486 KUD di Jawa Barat, ceuk Toto mah, nu aktip téh 300 KUD, nu sumebar di sakuliah Jawa Barat.

Mémang, kaayaan  KUD téh teu walatra. Aya nu nanjung aya nu alakadarna. “Ngan, nu écés, KUD gé ari dikokolakeun kalayan hadé mah, bisa punjul. Contona, di KUD Sedong nu perenahna di Cirebon, kaasup KUD nu sukses bisa hirup jeung huripna,” pokna.

 

Ulah Ngarugikeun Batur

Tujuan koperasi, keur karaharjaan anggota. Hartina, demi masarakat sakumna. Lantaran, nu ilu-biung dina koperasi mah, masarakat. KUD gé dikokolakeun ku rahayat keur masarakat. Nu ngalap untungna, loba naker. Apan, mun masarakat boga pangasilan, hartina ogé, boga kakuatan keur mekarkeun diri di lemburna sorangan. “Koperasi gé kudu jadi pribumi di lemburna sorangan,”pokna.

Upama H. Toto bisa nyarita kitu, lain ukur lalambé. Koperasi nu dikokolakeunana di Bekasi, apan bisa ngawadahan 100 urang karyawan. Hartina, bisa jadi lahan usaha jeung harepan masarakat. “Koncina, kudu silih untungkeun,” pokna.

Dina ngokolakeun koperasi, H. Toto mémang boga jurusna. Kituna téh, hasil tina bekel ngajalankeun usaha, nepi ka ahirna mah apal kumaha ngokolakeun usaha kalayan silih untungkeun. Cenah, usaha nu dijalankeun ku dirina, tetep boga tujuan geusan kaala mangpatana ku balaréa. Ku lantaran kitu, dina usahana gé inyana mah ngalarapkeun ‘jurus 5 P’. Tah, naon téa éta téh? Kahiji, ‘Pakai pikiran orang’ (maké pikiran atawa kamampuhan nu lian). Ku cara kitu gé, apan nu baris ngalap mangpaatna téh lain ukur kulawarga sorangan, tapi deuih pihak séjén.

Kadua, ‘Pakai Duit Orang’ (maké modal nu lian). Mun teu boga modal sorangan, teu kudu kateug usaha. Da, bisa maké modal nu séjén. Ku cara kitu gé, kauntungan téh deuih bakal kaarah ku pihak séjén.

Katilu, ‘Pakai Tenaga Orang’ (maké tanaga nu lian). Jéntré, apan urang téh moal bisa migawé sagala rupana nu sorangan. Hartina, butuh tanaga batur. Atuh, mangpaatna gé, bakal karasa ku pihak nu dipaké tanagana téa.

Kaopat ‘Pakai Otak Kanan’ (Maké uteuk katuhu). Hartina, nu usaha mah kudu rancagé, loba akal tur daék inovasi. Tah, nu kawas kitu mah, pagawéan uteuk katuhu, kabiasaan-kabiasaan jalma rancagé nu tara kabéakeun akal.

Kalima, ‘Pakai Doa Orang Miskin’ (maké du’a nu miskin). Hartina, hasil usaha téh atuh kudu keur kabutuh jalma-jalma nu mémang butuheun. Tumali dua ti jalma nu miskin, H. Toto nu yakin kana papagon agama, ganjaran nu dibikeun ka batur téh bakal jadi kahadéan. “Ulah miharep ti nu dibéré ku urang, da urang mah gaduh Pangeran nu Mahakawasa,” pokna.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

Sukinah Boiman

Hatur nuhun abdi tiasa maos barita iyeu, hapunteun upami bahasana teu mernah maklum nuju diajar keneh bahasa sunda.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: