• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Nulad Uswah Kulawarga Ibrohim a.s.

Kénging Féndy Sy. Citrawarga
Kintun kana Facebook

Teu mangmang deui, kanggo urang salaku muslim, sumpingna sasih Dzulhijjah mangrupi pangémut yén dina sasih éta aya peristiwa penting tegesna ibadah haji sareng qurban atanapi Idul Adha. Dina peristiwa éta ogé kacatet uswah atanapi conto tuladeun ti insan-insan  pinilih, tegesna nulad uswah kulawarga Nabi Ibrohim 'alaihi salam. Dina ritual ibadah haji natrat lalampahan sareng tapak lacak kulawarga Ibrohim anu intina nyoko kana wedelna taohid, akidah, sareng kaimanan ka Alloh SWT. Leres, kanggo kaom muslim mah wedelna tatapakan taohid sareng iman téh mangrupi konci geusan ngahontal kabagjaan lahir tumekaning batin, dunya rawuh ahérat.
Ku tatapakan taohid sareng iman anu kiat, sagala rupi pangrobéda hirup di alam dunya ieu baris kaungkulan. Sawangsulna, upami dina diri kulawarga urang suwung kaimanan nu saleresna, hapa atikan moral sareng ahlak Islami, baris sesah ngungkulan sagala rupi pangrobéda hirup. Ari margina, hartos kabagjaan kanggo kaom muslim mah ukuranana sanés sarupi upamina baé kabagjaan lahiriah duméh harta banda ceuyah, nanging kedah ngawengku karaharjaan batin.
Tah karaharjaan atanapi kabagjaan lahir tumekaning batin téh katawis tina réngkak paripolah kulawarga Nabi Ibrohim a.s.  anu panceg nyepeng deleg taohid sareng iman ka Alloh SWT anu tangtosna kedah ditulad ku urang sadayana malah mandar ngahontal harepan bagja lahir tumekaning batin, boh di dunya boh di ahérat.
Aya paripaos ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salogak. Kitu pengkuhna akidah sareng taohid kulawarga Nabi Ibrohim ogé. Geura, nalika Nabi Ibrohim kénging pancén ti Alloh sangkan meuncit putrana ku anjeun, Ismail, anu sakitu lamina dikantunkeun, katawis sauyunanana. 
Ingkang garwa, Siti Hajar, barang ngadangu iber sangkan Nabi Ibrohim meuncit putra kameumeutna, sok asal leres pancén ti Alloh SWT, anjeunna teu mungpang, teu galideur, teu unggut kalinduan teu gedag kaanginan, éstu tumut kana naon-naon nu nuju diperjoangkeun ku ingkang carogé. Sanaos sétan ngagoda nu cenah na indung téh aya ku téga ngantep bapa maténi getihna sorangan. Siti Hajar panceg, langkung percanten kana cariosan ingkang carogé batan panggoda sétan.
Tuang putra, Ismail, ponpilalagi tos masagi taohidna ti murangkalih kénéh. Sanaos anjeunna badé dipaténi, diteukteuk beuheung ku nu janten rama, henteu ieuh mungpang wangkelang da tos yakin éta téh mangrupi kadeudeuh sareng kanyaah Alloh SWT. Numawi, anjeunna sumerah pasrah, "Mangga Apa, geura caosan pancén ti Alloh, abdi rido," kitu panginten pibasaeunana téh.
Atuh tos kantenan Nabi Ibrohim, anjeunna teu mangmang deui nyumponan pancén ti Alloh nu mangrupi ujian nu teu kinten abotna. Nanging, ku kersaning asih Gusti, korban téh sanés meuncit Ismail, tapi digentosan ku domba. Nya janten syaréat ibadah qurban kanggo urang ayeuna, nu teu kedah korban meuncit anak, nanging cekap ku domba atanapi sapi.
Seueur tuladeun tina perjoangan kulawarga Nabi Ibrohim utamina dina mageuhan akidah sareng iman anu saleres-leresna. Numutkeun Drs. Syahminan Zaini dina bukuna, "Khutbah Jum'at", aya lima hal anu dipidamel ku Nabi Ibrohim nalika milari sareng ngadegkeun hak atawa bebeneran.
1. Nabi Ibrohim kacida teu sapagodosna kana kapercayaan jeung kahirupan bangsana anu reumbeuy ku kamusrikan ka
Alloh.
2. Ku kituna, teras Nabi Ibrohim ngayakeun panalungtikan kalayan soson-soson, saha saleresna anu kedah disembah ku manusa. Anjeunna kénging kacindekan geuning anu payus disembah mah anging Alloh SWT anu nyiptakeun alam katut pangeusina. Tah ieu bebeneran atawa hak mah.
3. Nabi Ibrohim nepikeun éta  hak ka kulawarga jeung bangsana (kaomna) kalayan daria. Tapi tetep wijaksana.
4. Dina nepikeun hak ieu, Nabi Ibrohim mayunan halangan harungan ti ditu ti dieu. Ku anjeunna dipayunan ku cara ngorbankeun naon baé anu aya dina diri anjeunna, dugi ka putrana ku anjeun anu kacida dipikacintana dikorbankeun. Jabi ti kitu, anjeunna sayogi nampi rosiko anu tumiba dugi ka anjeunna rido diduruk hirup-hirup.
5. Alatan réla korban sareng wawanén narima rosiko, Nabi Ibrohim kasinugrahan kabagjaan dugi ka namina dipiémut sareng dipihurmat ku balaréa sareng ku Alloh SWT tug ka kiwari. Sakali deui, sépak terjang jihad Nabi Ibrohim sakulawarga kedah janten uswah, conto, kanggo urang sadayana salaku muslim dina ngawangun kulawarga soléh. Anapon prakprakanana, sajabi nulad Nabi Ibrohim ogé dijejeran ku uswah Nabi Muhammad saw. minangka panumbu dawah nabi sareng rosul sateuacanna tur anjeunna janten rosul pamungkas nu tos dibekelan papagon Islam anu sampurna.
Dina hal ieu, anu kedah langkung diperhatoskeun nyaéta taohid sareng kaimanan. Teu badé kitu kumaha, jaman kiwari kaayaan kulawarga muslim réa nu tigebrus kana jurang kacilakaan ku margi parantos nebihan akar-akar agama nyaéta iman sareng akidah. Leres ari seueur téa mah nu percanten ka Alloh. Nu ngangken  mumin, muslim, sareng jujuluk agung sanésna. Nanging, dina ngamalkeun ajaran-ajaranana kirang sampurna. Malah seueur nu ngan sakadar ngangken. Da ningan kabuktosan, nu masiat pabalatak, nu curaling teu éling-éling, korupsi beuki ngabaju, kajahatan sareng kamungkaran taya euih-euihna. Aya salaki bageur, pamajikan teu bener. Indung bapa takwa, budakna doraka, anak soléh kolot salah. Ieu mangrupi gambaran henteu sauyunana hiji kulawarga dina miharep rido Gusti. Malah jaman kiwari mah sok kacaturkeun sakulawarga ancrub kana dunya peteng. Beu! 
Alloh SWT ngadawuh: "Hé kaom kula, prak aribadah ka Alloh, satemenna teu aya Pangéran salian ti Mantenna. Mantenna anu geus nyiptakeun anjeun tina taneuh jeung anjeun  anu ngamamurkeunana. Maka, peredih pangampuraNa jeung tobat ka
Mantenna. Saéstuna Pangéran kula kacida parek rohmatNa jeung ngobul du'a hambaNa." (QS Hud: 61)
Ayat di luhur mangrupi pépéling yén iman anu diadumaniskeun jeung taohid baris mampuh nyegah hancurna akidah, nyatana pangaruh haliah dunya. Cindekna, lamun urusan dunya teu dipager ku iman anu wedel tangtos baris cilaka. Geura, nalika urang meunang harta mucekil mani asa jasa sorangan, diitung-itung taya tungtung, dibahruteng mani anteng taya cacapna. Sedengkeun nimat karunia Alloh dilali-lali, kahihilapkeun ku ngétang bati. Antukna kawajiban babakti ka Gusti kaluli-luli. Padahal apanan urang diciptakeun ku Alloh téh taya kajabi anging kanggo ibadah ka Mantenna.
Beuki kendor nyepengan tali agama Alloh, tos moal boa bakal leuwih mangprung nunutur hawa napsu, baris leuwih jauh maléngos tina garis hukum-hukumNa nu antukna bakal leuwih wani nyorang hirup sahayuna, agama ukur jadi kaulinan jeung
bahan geuhgeuyan.
Alloh SWT ngawawadian: "Nyaéta jalma-jalma anu ngajadikeun agamana keur kaulinan méakeun waktu keur gogonjakan sahingga kahirupan dunya geus nipu maranéhna. Ku kituna, dina poéan kiamat ieu, Kami mopohokeun maranéhna sakumaha maranéhna baheula mopohokeun kana pinanggih jeung poé ieu, jeung ku sabab maranéhna nolak ayat-ayat Kami." (QS Al A'rof: 5)
Kacida rugelna upami urang dugi ka diapilainkeun ku Gusti Nu Maha Suci alatan urang ogé ngapilainkeun kana kahéman sareng kadeudeuh Mantenna, nyaéta hirup aya dina ugeran papagon Islam. Satemenna Alloh SWT parantos ngawanti-wanti ka urang sadayana yén urang téh asal ti Mantenna tur mulang ogé moal ka mamana anging ka Mantenna. Mulang dina hartos kedah tanggung jawab kana sagala rupi hal anu tos dipidamel. Hanjakal urang mah hirup téh bet diprogram ku haliah dunya, ngaluli-luli kana baris tumibana jeung ajal pati bari ngahihilapkeun atanapi haré-haré kana ayana poé hisab, balitungan amal.
Ngeunaan hal éta diuningakeun ku jungjunan urang, Nabi Muhammad saw., sakumaha nu kaunggel dina hadis nu hartosna:
"Baris datang ka kaom kula hiji mangsa jeung nalika éta (maranéhna) leuwih mikacinta lima perkara nepi ka maranéhna mopohokeun lima perkara sejénna. Maranéhna leuwih mikaresep marebutkeun tahta nepi ka maranéhna mopohokeun bekel keur di alam kubur. Maranéhna riweuh ngabahruteng pakayana nepi ka maranéhna mopohokeun amalan-amalan poé Hisab. Maranéhna diririweuh dunyana nepi ka kapentingan ahératna diluli-luli. Maranéhna ngararangkénan kahirupan dunyana nepi ka poho bebekelan keur sabada maot. Jeung maranéhna teu maliré dosa-dosana nepi ka mopohokeun tobat ka Alloh."(HR Turdzi sareng Ibnu Hiban)
Kitu gambaran jalmi anu parantos diuningakeun ku Nabi saw. tur buktos kalayan nyata teu méncog deui. Dina kahirupan alam modéren kiwari nu cenah disebut jaman globalisasi, pacampur pacarukna budaya umat manusa sadunya, ageung pangaruhna kana jiwa sareng kapribadian kaom muslim. Sok sanaos henteu sadayana. Anu henteu téh, tegesna anu dina
dirina parantos nyampak bénténg akidah sareng iman anu wedel sakumaha anu dipibanda ku kulawarga Nabi Ibrohim a.s.
Mugia dulur-dulur urang anu dina taun ieu  nyumponan pancén ibadah haji sing janten haji mabrur, mulang ka lemah cai janten uswah ka urang sadayana. Atuh anu ibadah qurban, nya kitu deui mugi ditampi ku Alloh SWT sareng aya tapakna dina katakwaan. Da apan sanés daging anu dugi ka Alloh mah, anging ajén-inajén katakwaan anu enas-enasna taya kajabi anging tina akidah sareng iman anu wedel téa. Aamiin. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: