• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Kurban, Kaihlasan Nanjeurkeun Kasoléhan

Kénging Rumpaka
Kintun kana Facebook

Manusa hirup di alam dunya tujuanana mung ibadah ka Mantenna. Wama kholaktul jinna wal insan illa liya’buduun. Diciptakeunana jin jeung manusa teu aya deui iwal pikeun ibadah ka Alloh Swt. Malihan para ulama parantos nandeskeun, sapertosna waé Ibnu Hazm al-Zahiri, yén ihlas téh mangrupa ruhul ibadah, nyawana ibadah. Margi kitu, badé ibadah naon ogé, kahadéan naon nu dipilampah, moal aya ajénna, upama teu dibarengan ku kaihlasan. Ihlas dina koncina ibadah, témbrés pisan dina surat al-Bayyinah ayat 5. Alloh Swt. ngadawuh : wama umiruu illa liaya’buduulloha muhlisiina lahuddin.  Nu hartosna, ‘Padahal maranéhna teu ditimbalan salian ti supaya aribadah ka Alloh kalawan ngaihlaskeun agama karana Anjeunna.’

Kitu deui dina tiap solat. Urang sok ngucapkeun, Innassolati  wanusuki wa mahyaya wamamati lillahi robbil 'aalamin. Saéstuna salat abdi, ibadah abdi, hirup abdi jeung maot abdi sadaya kagungan Alloh, Pangeran nu murbeng alam. (QS Al-An'am, 162).

Tah, ihlas nu mangrupa koncina ibadah, katitén deui dina ibadah haji sareng ibadah kurban. Palajaran ihlas geus kagambar sakumaha dicontokeun ku Nabi Ibrahim a.s. nalika kudu nelasan putra nu dipikaasihna, Nabi Ismail a.s.

Kaihlasan dina ibadah kurban saterusna ditétélakeun deui sacara husus dina Surat Al-Hajj ayat 37, Layyanalloha lahuumuha wala dimaa uha walaakiy yanaaluhut taqwa minkum. Nu hartosna kirang langkung kieu: "Alloh henteu nampi dagingna jeung getihna, tapi Alloh bakal nampi takwana ti maranéh." Jéntré pisan, dasar ibadah kurban, singhoréng lain wujud dagingna nu bakal nepi, tapi nu nepi jadi bekel ibadah mah, nyaéta takwana, ihlasna.

Margi kitu, sanaos lekasan urang saribuk mareuncit héwan kurban kamamri, tapi ari hikmahna mah angger kudu ngancik dina diri séwang-séwangan. Lantaran, kacida lebarna upama kamari tipoporosé urang néangan rejeki jang kurban, ari dirina teu apal, kana hikmahna ibadah kurban. Kajadian parebut héwan kurban, kajadian nu keukeuh hayang ménta sapertiluna jeung sajabana nepi ka teu akur jeung dulur parebut daging kurban, meureun éta nu digambarkeun dina surat Al-Hajj téa.

Ku kituna, sangkan kurban teras ngocoran kahadéan nu wasilahna janten taufiq geusan ningkatkeun katakwaan sareng kasoléhan, mangga urang titénan deui palajaran naon nu aya dina satukangeun meuncit héwan kurban.

1. Getihna nu kaluar nalika dipeuncit, éta téh tandaning pangampurana Alloh pikeun nu kurban tina sagala dosa-dosana nu geus kaliwat. Kasauran Kangjeng Rosul ka putrana Fatimah r.a, Quumi ila udhiyatiki faashidiiha, fainnahu biawwali qotrotin min damiha yagfirulaki maa salafa min danbiki. "Saksikeun kurban anjeun, saéstuna getihna nu ngucur téh mangrupa pangampura Alloh pikeun anjeun tina sagala dosa nu geus kaliwat " (HR. Baihaqi).

Numutkeun pidawuh Rosul di luhur, kurban téh jadi ladang dihampurana dosa-dosa. Ari nyebutkeun perkara dosa, saha jalma nu teu gaduh dosa. Lian ti Rosululloh nu tos di ma'sum, sadayana pasti moal leupas tina dosa. Kasebutna jalmi sombong alias adigung meureun lamun aya hiji jalma nu ngaku teu boga dosa, utamana dosa haté jeung ibadah ka Gusti Alloh. Ku margi kitu, koncina ihlas, narima jeung nyakséni yén manusa téh mahluk  lemah. Mangka saha nu niat karana Alloh, ibadah kurban téh jadi panto dihampurana dosa. Bagja pisan saha jalma nu keyeng ngalaksanakeun kurban kalawan ihlas.

Margi kitu, dina hadis-hadis séjénna seueur pisan nu ngajelaskeun, karana ihlas pasti bakal dihampura. Saha nu bakal dihampura koncina kedah ihlas téa. Sapertos dina ibadah saum, apanan disaurkeun, 'man soma romadona imanan wahatisaban, gufirollohi maa taqoddama min danbih'. Eta ogé koncina kedah ihlas.

Balik deui  kana ibadah kurban dina hadis tadi, sangkan kaihlasan téh saterusna dijadikeun dasar amaliyah dina paripolah sapopoé. Naon sababna masalah ihlas diutamakeun? margi dina prak-prakanana, manusa téh bakal hésé neuleuman jeung ngalaksanakeun nu ngaranna kaihlasan, dina hartos ihlas téh kalebetna perkara nu abot. Setan ogé terus ngagoda ku cara naon baé, sangkan manusa embung ihlas. Harta banda, kahormatan jeung kamunafikan téh, éta sadaya misi sétan nu bakal ngahalangan urang ihlas ibadah ka Alloh. Nu mawi sakitu, upami aya nu kurban tapi jadi sombong, jadi pedit alias korét jap jahé, éta hartina kurbanna téh pikeun ningalikeun kasombonganana, sanés keur katakwaanana ka Gusti Alloh Swt. Ceuk tadi ogé, getih nu jadi simbol gerak urang dina hirup di dunya, upama urang  ngucapkeun Allohu Akbar nalika katingal getihna ngocor, di dinya pangampura Alloh bakal turun ka anjeunna.

2. Getihna bakal pangbeubeurat timbangan amal kahadéan engké di ahérat. Duhhu toyyibuu angfusakum fainnahu maa min muslimin yastaqbilu bidabihatihil qiblata illa kaana damuha wafarsuhaa wasuufuha hasanatun fii mizanihi yaomal qiyamah. Saur Kangjeng Rosul ogé, prak geura kurban kalawan ihlas, saéstuna tiap-tiap muslim nu ngalaksanakeun kurban kalawan ngadep ka kiblat, mangka getihna, kotoranana jeung buluna téh hiji tanda kahadéan jeung bukti kana timbanganana engké di yaomil qiyamah.

Kitu sakumaha dijéntrékeun, yén manusa téh bakal nyorang kahirupan engké di ahérat. Amal urang sadayana bakal ditimbang, famay yam'mal mitsqo ladzarotin khoiroyyaroh, wamay yam'mal mitsqo laddarotin sarroyyaroh. Sing saha jalma anu ngalampahkeun amal kahadéan sok sanajan sabobot kebul pasti manéhna bakal nénjo amal kahadéanana, kitu deui saha jalma anu ngalampahkeun amal kajahatan sok sanajan sabobot kebul pasti manéhna bakal nénjo amal kajahatanana. Ku margi kitu, kurban nu didadasaran tauhid ka Alloh, jadi pengbeurat amal kahadéan nu teu aya tandinganana. Malihan dina katerangan séjénna nu diriwayatkeun ku Ibnu Abbas, Rosululloh kantos ngadawuh : Maa unfiqotil waroqu fii sae'in afdolu min nahiirotin fii yaomi 'iidin. Anapon artos, perak nu sok dibalanjakeun, teu aya nu leuwih utama anging meuncit  hewan kurban dina poé kurban. (HR. Baihaqi).

3. Ancaman pikeun nu embung kurban. Ku margi tadi ogé, kurban téh keur nu mampuh, mangka saha jalma nu mampuh tapi embung kurban, mangka Alloh moal ngahampura sarta éta téh lain golongan Islam. Kurban nu mibanda takwa, mangka Rosululloh ogé neunteuingeun jalma nu pedit, embung kurban, embung tingalikeun kasoléhan sareng kaihlasan. Padahal tadi ogé pidawuh Gusti "walaakiy yanaaluhut taqwa minkum" nu nepi téh takwana, lain dagingna. Ku kituna, saha jalma nu keukeuh embung kurban padahal mampu, kasauran Rosul, man kaana lahu sa'atun walam yudohhi falaa yaqrobanna musollana. Saha jalma nu mampu pikeun ngalakonan kurban tapi keukeuh embung kurban, mangka ulah deukeut-deukeut kana tempat solat kami (Rosul). (HR. Ahmad jeung Ibnu Majah).

 

Kasoléhan Sosial

Ku saréat kurban ieu, kaum muslimin dilatih sangkan nerap jiwa kasoléhan sosial, nyaah ka papada jalma. Dilatih sangkan haténa beresih tina sipat riya, takabur, munafik jeung sajabana. Ibadah kurban lain karana mampuh ngorbankeun artos keur meuli domba atawa sapi, tapi mampuh ngorbankeun kamampuh nu leuwih ti nu geus ditarima ku urang ti Alloh. Urang dipasihan kani’matan nu sakieu ageungna, tapi ngalaksanakeun pangorbanan kacida leutikna. Mana pantes teu pati-pati jalma bisa disebut berkorban upama teu aya kaihlasan, lantaran pangorbanan ngahiji jeung kaihlasan.

Ibadah udhiyah nyatana kurban, méré palajaran sangkan sagala rupa lampah, akhirna kaihlasan. Hartina sagala rupaning lampah, dasarna kudu ihlas. Ihlas sanés haratis tapi ihlas, nanjeurna kasoléhan. Lantaran deuih, kasoléhan moal ngawujud upama teu ngancik dina dirina kaihlasan.

Sabalikna nu teu ihlas alias riya, bakal ngadatangkeun kasombongan. Teu disebut ngarasa berkorban, upama ahirna sombong. Mana waé baladna sombong, nu adigung adiguna? Dawuhan Alloh: Aroaetal ladzi yukaddibu biddin? fadzalikal ladzi ya'du'ul yatim, walaa yahuddu 'ala thoamil miskin. Naha manéh apal, saha nu ngabohongkeun agama téh? nya nu kitu téh jalma nu nolak (kana méré hakna) budak yatim. Jeung tara daék nguar ngajak méré dahar ka nu miskin. Ieu kasombongan nu pangluhurna.

Ku margi kitu, supados urang leres-leres kurban téh karana Alloh sareng tiasa kénging nambih katakwaan urang, mangga urang langkung caket deui ka Alloh sareng ulah pegat ngalampahkeun kasoléhan ka papada jalma.

Mudah-mudahan kurban kamari ieu janten nambih-nambih katakwaan sareng ngancikkeun kahadéan ka pada jalma.  Allohuma innaka tasma'u kalami wataro makani wata'lamu sirri wa'ada niyyati laa yakhfa 'alaika syaeun min amri anal baa isul fakiirul mustagiisul mustajiirul wajalul musfiqul muqirrul mu'tarifu bidanbi as 'aluka mas alatal miskiina wabtahil  ilaika ibtihala mudnibid daliili wa 'ad'uuka du'a'aal khooifid doriiri man khodo'at lahu rokobatuhu wafaadot  lahu 'aenahuu wadalla jasadahu  warogoma anfuhu, allohuma laa tajalni bidu'aika robbi sakiyyan wakun lii ro'uupan rohiima yaa khoerul mas'uuliin waya khoerol mu'tiin. "Ya Alloh, Gusti nu nguping ucapan abdi, jeung Gusti ningal kana sagala tempat abdi. Gusti nu uninga kana sagala nu caang jeung nu poék tina sagala nu aya dina diri abdi. Teu aya naon-naon nu dina diri abdi anging Gusti Nu Maha Uninga. Abdi jalmi fakir, jalmi lemah, nu saéstuna butuh panyalindungan. Abdi jalma nu sieun, nu butuh kanyaah Gusti. Abdi rumasa, seueur dosa. Sim abdi nyuhunkeun ka Gusti, kana pangampura Gusti pikeun jalmi miskin jeung abdi nyuhunkeun pangampura Gusti ka jalma nu lumur dosa tur hina. Nun Gusti, abdi nyuhunkeun pangampura kalawan abdi nu kagungan soca jeung jiwa raga abdi nu hina. Nun Gusti, mugi Gusti ulah ngajadikeun panuhun abdi ka Gusti nu nyababkeun lungsurna balai. Mugi Gusti masihan rasa asih Gusti, saéstuna Gusti nu panghadé-hadé tempat pitulung sareng sahadé-hadé nu maparinan". Amin Ya Robbal 'Alamin.*** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: