• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ibadah Miara Lingkungan

Kénging Féndy Sy. Citrawarga
Kintun kana Facebook

Usum ngijih, di sagédéngeun matak atoh duméh loba cai nu kacida pentingna keur sakumna mahluk hirup, tapi réa nu guligah humandeuar alatan datang musibah rongkah mangrupa caah. Kituna téh méh tumiba unggal taun. Boh masarakat boh pamaréntah saolah-olah béakeun akal ngungkulanana. Duka lebah mana ngojotna da apan para ahli nu palinter jeung paham kana pasualan éta piraku suwung.
Papadaning kitu, ceuk panitén balaréa, tumibana musibah caah atawa banjir téh akibat lingkungan geus ruksak. Saha nu ngaruksakna? Nu sidik mah lain ruksak alatan teu pupuguh atawa nyindekelkeun kana takdir, tapi akibat paripolah manusa anu teu daék tunduk kana pituduh wahyu Alloh Nu Kagungan alam, sakumaha nu kaunggel dina Al Quran nu hartosna:
''Geus nyampak karuksakan di darat jeung di lautan alatan pagawéan leungeun manusa, sangkan Alloh ngarasakeun ka maranéhna sabagéan tina (akibat) pagawéan maranéhna sangkan maranéhna babalik pikir (kana jalan anu bener).'' (Surat Ar Ruum: 41)
Kitu pidawuh Alloh SWT anu tangtosna mangrupa pépéling keur urang saréréa, pangpangna pikeun jalma anu iman yén naon rupa anu tumiba téh kudu jadi pangajaran, ulah diantep nepi ka musibah téh datang deui dina waktu séjén.
Enya, siga caah jeung sajabana, éta téh mangrupa pépéling ka diri urang sakabéh sangkan ngariksa diri yén urang téh geus migawé salah. Leungeun-leungeun urang geus diantep sakarepna ngaruksak lingkungan. Jadi, ulah ngeuleuh-ngeuleuh angot nyalahkeun solokan lamun leungeun urang geus sangeunahna miceun runtah ka solokan. Da ceuk akal gé gancang kaharti, samangsa-mangsa runtah metet di solokan, tangtu cai bakal kapendet nu témahna mudal nu nyababkeun caah téa.
Lamun geus apal kitu, kudu kumaha atuh? Nya buru-buru  mémérés ahlak ramijud ku nu leuwih alus sangkan mamala nyingkah. Hal éta baris kalaksanakeun lamun haté urang kacaangan ku  cahaya agama nepi ka timbul kasadaran yén sagala rupa anu ku urang dipilampah téh baris aya balitunganana di payuneun Mantenna. Ngaruksak lingkungan siga nuaran kakayon teu jeung adeuh, ngantepkeun taneuh ngahgar, miceun runtah ka mana karep, apan ceuk agama mah éta téh pagawéan dolim, sikep ngaleuwihan wates anu kagolongkeun dosa gedé tur baris aya wawalesna. Alloh ngadawuh:
''Saéstuna dosa téh pikeun jalma-jalma anu migawé dolim ka papada manusa jeung ngaleuwihan wates di luhur bumi tanpa alesan anu hak. Pikeun maranéhna nu kitu peta téh siksa anu peurih.'' (QS Asy Syura: 42)
Kitu dawuhan Alloh anu nandakeun yén sagala rupa anu dipigawé ku urang téh baris aya balitunganana. Ku kituna teu hamham deui, keur sakumna muslim mah tarékah miara lingkungan sangkan musibah kasinglar téh kaasup kana ibadah. Tegesna, miara lingkungan sangkan tetep aya dina kasaimbangan téh lain sakadar urusan duniawi, tapi ogé bakal dicatet sabagé amal soléh.


Pagawean Dolim
Ku kituna,  ngaruksak lingkungan nu témahna ngarugikeun urang sorangan jeung balaréa téh kaasup pagawéan dolim, kaniaya. Siga dulur-dulur urang anu kakeunaan musibah caah di hilir, apan éta téh akibat urang girang anu léléwodéh miceun runtah ka solokan. Kitu peta téh ulah dianggap pagawéan biasa, tapi sidik pagawéan dosa anu mamalana kacida gedéna, bisa megatkeun tali duduluran alatan adigung bin sombong.
Rosululloh saw. ngadawuh: 
''Saéstuna Alloh geus maparin wahyu ka kami sangkan maranéh handap asor nepi ka euweuh saurang ogé anu migawé aniaya jeung teu aya saurang ogé anu sombong ka nu séjénna.''(HR Muslim ti 'Iyadl bin Himar r.a.)
Dina hadis séjénna Rosululloh ngadawuh: 
''Taya dosa anu leuwih pantes pikeun dihukum ku Alloh ka nu migawéna di dunya jeung ahérat anging jalma anu ngaleuwihan wates jeung jalma anu megatkeun tali duduluran.''(HR Ibnu Majah jeung Turmudzi)
Alatan miara lingkungan kaasup kana ibadah téa, sawadina sakumna pihak boh pamaréntah boh masarakat sabilulungan, barjamaah ngajaga jeung ngariksa. Da apan mangpaatna ogé keur saréréa. Cindekna, lamun kaayaan lingkungan tempat urang bumén-bumén téh bérés roés, mangpaatna gé keur saréréa lain baé mahluk nu kasebut manusa tapi uteuk tongo walangtaga gé bakal ngilu sugema. Nya kitu deui lamun lingkungan ruksak akibat pagawéan leungeun-leungeun jelema dolim, nu narima akibatna lain anu migawé kadoliman tapi nu teu tuah teu dosa gé kapécrétan. Malah dina hal ruksakna lingkungan mah nu baroga duit ngeunah-ngeunah caricing di gedong sigrong di mumunggang pagunungan éndah ladang ngababad alas amer, ari urang hilir kasapu caah rongkah.
Miara lingkungan bérés roés dina papagon Islam bagéan tina ibadah nu disebut sukur nimat, sabalikna ngantep lingkungan ruksak éta téh kagolongkeun kufur nimat.
''Saéstuna Kami geus nempatkeun maranéh sakabéh di luhur bumi jeung Kami nyadiakeun pikeun maranéh di luhur bumi téh (sumber) kahirupan. Kacida saeutikna maranéh salukuran.'' (QS Al A'raaf: 10)
Mangga urang lenyepan ayat di luhur ku émutan anu leleb. Da atuh luyu sareng kanyataan, mémang kitu pisan. Urang anu hirup di luhur lemah, ku Gusti disadiakeun pirang-pirang kabutuh sapopoé. Keur ngambekan disadiakeun hawa seger, na atuh dikotoran ku haseup naon ku hanteu demi kauntungan matéri. Keur nginum disadiakeun cai, der sumber cai diraruksak, atuh kabanjiran mun usum hujan jeung tingkocéak euweuh cai nalika usum halodo. Keur imah-imah disadiakeun lembur nu merenah, der nyarieun imah di puncak gunung. Jeung sajabana jeung sajabana.
Amanat nu Kudu Dipiara
Saur Mang Ihin (Solihin GP, Gupernur Jawa Barat mantén), caah nu tumiba di wilayah Kota Bandung alatan leuweung teu kapiara. Teu anéh lamun ray poé ray poé caah mingkin rongkah. Sabalikna usum halodo rahayat ngocéak kurang cai. ''Leuweung ruksak, cai béak, rahayat balangsak,'' saurna. Hal ieu téh akibat leuweung di mumunggang Kota Bandung diruksak dijadikeun padumukan saperti vila, apartemén, jeung wawangunan séjénna nepi ka robah jadi leuweung beton.(''PR'', 31/12/2012)
Cindekna mah perelu kasadaran ti unggal diri yén sakali deui lingkungan hirup anu dianugrahkeun ku Alloh ka sakumna mahluk hirup di bumi ieu téh mangrupa amanat anu kudu dipiara, lain diruksak sakarep-karep. Keur naon éta anugrah nimat anu sakitu gedéna téh? Taya kajaba keur nyumponan pancén ibadah ka Mantenna. Enya, saméméh manusa gubrag ka alam dunya apan sagala kaperluanana mah geus dicawiskeun kalayan kumplit. Pangandika Alloh SWT:
''Jeung Kami geus ngajadikeun pikeun maranéh di dunya téh pangabutuh hirup jeung (Kami nyiptakeun ogé) mahluk-mahluk anu maranéh saeutik ogé lain anu ngarejekian maranéhna.''(QS Al Hijr: 20)
Tada teuing bakal sangsarana lamun urang hirup di dunya teu dibarengan ku rejeki minangka kaperluan sapopoé kayaning dahareun, inumeun, pakéeun, tempat reureuh, jeung sajabana. Da puguh Alloh tos jangji yén Anjeunna teu samata-mata nyiptakeun jin jeung manusa anging pikeun nyembah ka Mantenna. Nu matak, sangkan jongjon mancén ibadah, sagala kaperluan hirup manusa téh dicumponan sakumaha nu kaunggel dina ayat di luhur.
Ari dina prakna manusa téh boro-boro jongjon ibadah da puguh lingkunganana ogé kalah diraruksak. Maranéhna ngagugu hawa napsu ngudag kangeunahan sajongjongan, teu ngingetkeun keur ka hareup. Abong enya manusa boga kawasa sabagé khalifah, teu inget ka mahluk séjén anu sanyatana mah gedé jasana keur hirup manusa. Enya ningan lamun caah, lamun leuweung ruksak, apan sasatoan boh ingon-ingon boh sato liar sarua balangsak.
Dina ayat séjén Alloh nguningakeun: ''Anjeunna anu geus nurunkeun cai hujan ti langit pikeun maranéh, sabagéanana keur inuman jeung sabagéanana (nyuburkeun) tutuwuhan anu dina (tempat tumuwuhna) maranéh ngangon ingon-ingon maranéh.''(QS An Nahl ayat: 10)
Ulah Digunasika
Ayat di luhur kalayan tandes maparin gambaran yén Alloh geus nyiptakeun lingkungan anu harmonis ku nu sarupa nyaéta cai. Teu kasawang bakal ripuhna hirup mahluk di dunya angot nu kasebutna manusa nu boga pancén salaku khalifah lamun teu disayagian cai. Teu héran lamun lelewek anu ceuyah cai sok disebut tempat nu subur mamur da puguh cai mah mangrupa kabutuh poko hirup manusa. Dina kaayan kitu, kuduna mah dina diri manusa gé subur ku iman jeung amal soléh.
Iman jeung amal soléh anu subur dina diri jalma, baris ngadatangkeun rohmat atawa kahéman ti Alloh. Sabalikna lamun ngaruksak, baris tumiba lanat. 
Ku kituna, sakali deui, pacuan naon rupa ciptaan Alloh nu geus merenah téh ulah rék digunasika deui sangkan rohmat Alloh sumebar dina kahirupan urang saréréa. Mangga urang lenyepan deui pidawuhNa:
''Jeung pacuan maranéh nyieun karuksakan di luhureun bumi sanggeusna (Alloh) merenahkeunana jeung prak ngadunga ka Mantenna binarung rasa sieun (hamo ditarima) jeung pangharepan (baris dikobul). Saéstuna rohmat Alloh kacida parekna ka jalma-jalma anu migawé kahadéan.'' (QS Al A'raaf: 56)
Tina pirang-pirang dalil boh Al Quran atanapi Al Hadis kapanggih yén geuningan mangpaat tina amal soléh atawa nerapkeun amal soléh téh lain baé ibadah-ibadah ritual siga solat jeung zakat katut sajabana, tapi ngariksa lingkungan hirup ogé kaasup amal soléh anu kacida pentingna. Da geuningan, buktina mah amal-amal ritual naon baé ogé teu burung ngantét jeung lingkungan hirup. Solat upamana. Apan nu disebut sahna solat téh kudu cumpon rukun jeung sarat sahna. Di antara sahna solat lamun urang beresih tina hadas boh gedé boh leutik. Anapon cumponna hadas beresih téh nya ku ayana cai. Cai ogé teu sagawayah, tapi kudu cai nu nyumponan kriteria hukum pikih nyaéta cai anu suci. Ku sakitu ogé geus katoong pentingna cai sangkan terus sayagi ngarah urang bisa solat atawa ibadah ka Alloh. Kumahana urang bisa solat lamun teu boga wudu/adus lamun urang teu boga cai anu suci tina najis. Kumahana disebut cai suci lamun cai pinuh ku kokotor alatan cai
sumur kaserepan cai walungan, cai laut, atawa kabanjiran pisan.
Sedengkeun urang solat téh dipiwarang husu sakumaha pidawuh Alloh:
''Riksa sakabéh solat maranéh jeung jaga solat wustho. Jeung prak ngadeg pikeun Alloh (dina solat) kalayan husu.''(QS Al Baqarah: 238)
Harti husu di dieu, lain baé cumpon sarat jeung rukun solat, tapi ogé ngariksa wasilah-wasilahna di antarana lingkungan tempat urang saréréa hirup kumbuh. Tegesna mah miara amal soléh anu sahusu-husuna sangkan kasinugrahan kabagjaan boh di dunya boh di ahérat jaga.
Apan pangandika Alloh ogé: ''Pikeun jalma-jalma anu migawé kahadéan, dicawisan ganjaran anu kacida alusna (sawarga) jeung tambahanana (nimat ningali Alloh), jeung beungeut maranéhna henteu ditutupan lebu hideung jeung taya kahinaan. Maranéhna téh padumuk sawarga, maranéhna langgeng di dinyana.'' (QS Yunus: 26)
Pamungkas dadaran, manawi aya pulunganeunana, mangga urang lenyepan peperenian ki juru pantun:

''Ngiuhan handapeun sasak,
ngadon diuk dahar sirsak.
Lingkungan ulah diruksak,
sangkan hirup teu balangsak.''

''Ceu Mumun urang Cisalak,
nénjo sawah ngarakacak.
Mun lingkungan diraruksak,
ibadah gé moal mecak.''

''Tumpak délman jeung Kang Wawa, 
di tikungan bet ngajega.
Pageuhan iman jeung takwa,
ngarah lingkungan kajaga.''
*** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: