• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Hikmah Muharram 1435 H;

Nguatan Kayakinan
Nanjeurkeun Kasoléhan

Kénging Rumpaka
Kintun kana Facebook

Sakumna manusa di ieu alam dunya, moal aya saurang ogé nu kumawasa iwal ti kawasana Gusti Alloh Swt. Hiji conto nu pangleutikna, teu aya jalma nu mampuh, boh sadetik boh dua detik nu bisa ngatur masalah umur hirup manusa. Sapinter-pinterna jalma, sakuat-kuatna éta jalma, ahirna mah bakal tinemu jeung ajal, nu jadi ciri ahirna manusa ngawasa nafsuna. Nu aya tinggal mertanggungjawabanana dipayuneun Gusti nu Maha Kawasa. Ieu bukti, yén manusa mah kawatesanan.

Lantaran kawatesanan kitu, bawirasa atuh manusa téh kudu ngarasa rumasa. Rumasa urang hirup téh moal salila kieu. Nu tadina jalma sok sombong, adigung lantaran ngarasa pangbisana, ngarasa pangpinterna, ahirna hiji waktu bakal eureun, malahan bakal dibalikkeun kana kaayaan nu teu aya hargana, ngahiji jeung taneuh nu sarua jeung mahluk séjénna. Kaayaan manusa kawas kitu, museurna mah lantaran manusa teu rumasa kana dirina tina kawatesanan hirup di dunya. Dawuhan Gusti Alloh Swt, dina surat Al-Hasyr ayat 19, ditétélakeun : Walaa takuunuu kalladziinan suulloha faansaahum anfusahum ulaaika humul faasiquun. Nu hartosna, “Jeung poma maranéh ulah kawas jalma-jalma anu poho ka Alloh, tuluy Anjeunna ngajadikeun maranéhna poho ka dirina, maranéhna téh jalma-jalma nu parasék.”

Témbrés, ieu téh ugeran tina papagon agama nu ngagambarkeun rupa-rupa paripolah manusa di alam dunya. Keuna ku paribasa ati mungkir beungeut nyanghareup. Loba manusa nu patojaiyah antara ucapan jeung paripolah. Ulah jauh-jauh néangan conto mah, kadieunakeun apan loba nu kararitu. Nu tigebrus lantaran babari kalimpudan syaiton. Dina surat As-Sajdah ayat 22, nu kieu unggelna : Waman adhlamu mimman dukkiro bi'aayaati robbihi tsumma a'rodo 'anha, innaa minal mujrimiina mintaqimuun. "Jeung naha lain taya anu leuwih dolim batan jalma-jalma anu diwawadian ku ayat-ayat Pangéranana, tuluy maranéhna ngabalieur ti dinya? Saéstuna Kami bakal ngabales jalma-jalma anu jarahat."

Margi kitu, geus meujeuhna dina pangéling-éling Muharram 1434 H, umat Islam henteu saukur ngareuah-reuah ku pintonan Islami tapi aya nu leuwih penting nyaéta umat Islam kudu caringcing pageuh kancing saringset pageuh iket. Dina harti umat Islam kudu pageuh kayakinan,  mampuh ngabebenah diri tur nanjeurkeun Islam nu rohmatal lil’alamin.

 

Nu Tigebrus Gancang Hudang

Sakumaha numutkeun sajarah Islam, seueur kajantenan dina bulan Muharram nu mageuhan kalungguhan Islam. Bulan Muharram disebut ogé bulan sajarah, lantaran umat Islam dipiharep ulah poho kana sumanget kaislamanana. Boh dina milampahkeun ibadah mahdohna boh dina milampah ibadah goer mahdohna.

Pangpangna dina mitembeyanan hijrah. Hijrah lain waé mulangkeun panineungan kana kajadian baheula nalika kanjeng Rosul pindah ti Mekah ka Madinah tapi ogé ngingetan ka sakumna urang kumaha sangkan bisa niru naratas jalan anjeunna pikeun ngahontal harkat diri jeung martabat kamanusaan anu luhung. Hartina umat Islam kudu leuwih hadé. Atuh nu tigebrus gancang kudu wani hudang.

Dina enas-enasna mah hijrah téh jadi silib tina perjuangan anu kaala hasilna kapetik buahna. Cacak upami Nabi kurung batokeun tetep dumuk di lemburna sorangan Mekah, tanwandé Islam tacan karuhan bisa sumebar ka jauhna malah boa Nabi jeung para sohabatna ogé tumpur manten dikakaya ku urang Mekah.

Aya sababaraha nu bisa dipetik ku urang dina sumanget taun baru Islam atanapi taun anyar hijriyah, diantarana :

Kahiji, urang sadar yén umur urang bakal ngurangan. Padahal boa teuing investasi amal urang engké diahérat bakal kacatet ku Malaikat Rokib. Buktina geuning loba kénéh jalma nu kufur kana nikmat Alloh, atawa teu sabanding antara syukur ka Alloh sareng nikmat Alloh diturunkeun ka umatna.

Kadua, tanggal 1 Muharram, urang tiasa nyaksian hiji parobahan waktu, alam geus ngagésér,  munculna bulan sabit taun baru ti beulah kulon. Ti dinya, urang nyaksian dina ngalalakon hirup urang sorangan, sajalan sairama sareng rotasi alam ieu. Alloh SWT nu nyiptakeun sadayana mahluk di alam jagat raya ieu, salamina ngajarkeun pikeun merhatikeun kaagungan Mantenna. Sahingga dina ngalaksanakan ibadah ka Alloh, urang ogé kedah merhatikeun waktu nu sajalan sareng muterna tata surya. Contona waé dina ngadegkeun solat atawa waktuna zakat, waktu puasa atawa ibadah sanésna, éstuning ibadah éta saluyu sareng waktu. Contona waé, sacara hukum moal sah solat Magrib dina waktu subuh. Kitu deui puasa Romadon, Rosululloh SAW ngajarkeun supaya ngamimitian puasa saatosna nempo bulan tanggal hiji Romadon, kitu deui lebaranana saatosna cunduk kana waktu ahir Romadon.

Kitu deui dina ibadah haji, Alloh ngajarkeun sangkan dilaksanakeun dina bulan-bulan nu geus ditangtukeun. Dawuhan Alloh : Alhajju asyhurum ma'luumatun faman farodo fihinnal hajja fala rofasa wala fusuuqo wala jidala fil hajji. Nu hartosna : Ari usum haji téh sawatara bulan anu geus ditangtukeun. Sing saha anu keur ngalakonan ibadah haji dina bulan-bulan éta henteu meunang pisan rafats, jeung teu meunang pisan fusuq, jeung teu meunang paséa paheuras-heuras genggerongan sabot ngalakonan ibadah haji. (QS. Al-Baqoroh: 197)

Bulan Muharram ogé ngabogaan kautamaan-kautamaan. Salah sahijina sakumaha pidawuh Rosululloh nu hartosna : "Puasa nu paling utama sagedengeun puasa Romadon nyaéta puasa dina bulan Muharram, sedengkeun solat nu paling afdol sagedengeun solat fardu téh nyaéta solat ti peuting." (HR Muslim).

Nu dimaksud bulan Muharram nu dianjurkeun sakumaha hadis, nyaéta poénan kasapuluh, atawa nu diistilahkeun  'Assyuura. Dina hiji hadis diuningakeun, Aisyah, kantos ditaros perkara puasa 'Assyuura, Aisyah ngajawab, "Kuring tacan kantos ningal Rosululloh SAW. puasa dina hiji poé nu bener-bener miharep fadilah tina poé-poé séjénna, iwal puasa dina poé kasapuluh bulan Muharram." (HR Muslim).

Hadis séjén, nu diriwayatkeun ku HR. Ahmad sanadna Ibnu Abbas r.a. ogé ngajéntrékeun, Rosululloh SAW. ngadawuh, "Prak puasa dina poé 'Aa-Syuura jeung bédakeun éta puasa jeung kaum Yahudi. Prak puasa téh sapoé saméméh 'Assyuura jeung sapoé sabadana." (HR Ahmad).

Bulan Muharram, sakumaha dicarioskeun ku Abu Qatadah, Rosululloh SAW. ngadawuh, "Puasa 'Assyuura mupus dosa sataun, sedeng puasa Arafah mupus dosa dua taun." (HR Muslim, Tirmidzi, Abu Daud).

Kitu deui dina tarikh tasry, disebutkeun hukum Puasa Muharram asalna mah wajib. Hukumna jadi sunat, saparantosna lungsur ayat Puasa Romadon. Aisyah R.A. nyebatkeun, "Rosululloh SAW. maréntahkeun sangkan puasa 'aasyuura sateuacan turunna paréntah Puasa Romadon." (HR Bukhari, Muslim, Tirmidzi).

 

Amalan di Bulan Muharram

Bulan Muharram nu dijadikeun itungan mimiti bulan hijriah, mibanda amalan sunah, di antara waé.

1. Puasa Sunah Bulan Muharram

Puasa dina poé 'Assyura, sakumaha hadis ti Ibnu Abbas RA. nyarioskeun, yén Rosululloh SAW sumping ka Madinah teras ningal urang Yahudi puasa dina poénan éta. Nalika ditaroskeun perkara  puasa urang Yahudi, Rosululloh SAW ngadawuh, "Dina poé éta, Alloh SWT nakdirkeun meunangna perang Nabi Musa jeung Bani Israil ngelehkeun Fir'aun. Urang puasa ogé pikeun ngahormat kajadianana." Rosululloh ogé ngadawuh deui, "Kaum muslimin leuwih hak ka Nabi Musa tinimang maranéhna (urang Yahudi)" Mangka Rosululloh maréntahkeun sangkan puasa dina poénan éta.  (HR Bukhari dan Muslim).

 

2. Nurunkeun Hahargaan

Aya salah sahiji hadis sanajan masih ikhtilaf ulama nu ngajelaskeun masalah amalan dina tanggal 10 bulan Muharram. Diriwayatkeun ku Ath-Thabarni sareng Al-Baihaqi. "Jalma nu nurunkeun babalanjaan dina poé Assyura', mangka Alloh SWT bakal ngaluaskeun rejekina salila satahun".

 

3. Muhasabatunnafsi

Dawuhan Alloh : Falaa tadlimuu fiihinna angfusakum, hartosna ku kituna poma maranéh ulah nganiaya diri pribadi dina éta bulan.

Dina bulan Muharram, sakuduna kaum muslimin ngajadikeun bulan 'Assyura téh, bulan karohmatan jeung bulan bangkitna amal soléh. Ti mimiti kasoléhan diri urang nepi kasoléhan sangkan jadi mangpaat balaréa. Quu angfusakum wa ahlikum naaro. Prak jaga diri katut keluarga maranéh tina seuneu naraka. Diri jeung kulawarga kudu dijaga téh maksudna dijaga ku pisik, tapi mungguhing inget ka Alloh, nyatana ngajaga tina perkara nu bakal ngaruntagkeun kayakinan ka Alloh.

 

4. Jihad Fisabilillah

Sakumaha dawuhan Alloh di luhur tadi, waqootilul musyrikiina kaaffatan kamaa yuqootiluunakum kaaffatan, wa'lamuu annAllaha ma'al muttaqiin. Hartosna : Jeung prak geura perangan kaom musyrikin sakumna cara maranéhna merangan maranéh sakumna. Jeung sing nyaho, yén Alloh téh nyarengan jalma-jalma anu takwa.

Kaum muslimin dina perjoangan nanjeurkeun bebeneran pasti aya halangan harunganana. Pahlawan atau mujahid nu merangan kadoliman lain manéhna nu tutunjuk di gedong nu méwah, sarwa cukup ku bekel, jabatan nu énténg, tapi pejoang, mujahid nu ihlas ngorbankeun sukuna nincak taneuh, ihlas sok sanajan aya dina kahinaan atawa berjoang nu ihlas ngorbankeun dirina pikeun ngajaga agama Alloh.

Hal ieu sakumaha kaum anshor sareng kaum muhajirin geus contoan, kumaha ihlasna dina pangorbanan sangkan tetep aya dina ukhuwah Islamiyah nu sajati. Kacatet dina sajarah Islam Rosululloh Muhammad SAW ngempelkeun golongan Anshor sareng Muhajirin, Rosul  ngadawuh: Likullisy naeni ma haya fillohi waihwaeni ihwaeni (Sok aranjeun duduluran dina agama Alloh dua urang dua urang).

Ku kituna, kasauran Alloh di luhur, merangan kamusyrikan, geuning hiji kawajiban kaum muslimin. Ngan nu béda téh cara meranganana. Upama ningal kana sajarah bulan Muharram, teu bentén sakumaha Nabi Musa merangan Fir'aun. Fir'aun nu ngaku Alloh, raja pangawasa langit bumi lain édél-édél merangan kaum Nabi Musa nepi ka séréd ka sisi laut. Perjoangan Nabi Musa cekel pageuh ka Alloh, Fir'aum jeung kaumna tigebrus ka laut.

Margi kitu, hayu urang tanjeurkeun deui kahadéan, kuatan deui kayakinan. Robbana hablana min ajwajina wadurriyatina qurrota áyuni wajalna lil muttaqina imama. Robbana aatina fidunya hasanah wafil akhiroti hasanah wakina adabannar. Mudah-mudahan urang salamina aya dina pangtayungan Alloh Swt. Amin.***  

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: