• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Sabada Miéling 1 Muharram 1435 H

Ngawewegan Islam
nu Rohmatal Lil’alamin

Kénging Rudi H
Kintun kana Facebook

Ti taun ka taun ngareuah-reuah atanapi miéling taun baru Islam (Hijriyah), jigana henteu robah. Kituna téh, pangpangna cék sabagian umat Islam nu ngagem agama Islamna saukur hayang kacatet wungkul. Disebut kacatet atawa pormalitas wungkul, lantaran mémang kitu buktina. Loba nu ngaku agama Islam tapi dirina teu apal kana dasar-dasar Islam, kaasup teu apal kana larapna rukun Islam. Bujeng-bujeng sok solat, dalah ngambeu cai wudu ogé jajauheun. Kitu deui dina bagbagan ibadah séjénna. Atuh aya deui sabalika, sagala apal kana bagbagan ibadah téh, cara solat jasmaniahna mah getol, zakat teu kaliwat, puasa nyakitu deui, maca qur’anna lancar, ngan duka kumaha kalakuanana mah méngpar pisan. Kayaning resep korupsi, resep gibah, teu resep batur beunghar, resep nyieun pitnah jeung sabangsana. Tah nu kitu téh, hartina nu diagemna tacan jero, tacan asak, tacan ihlas, tacan rido, tacan mampuh ngalarapkeunana. Nu aya, mampuh téh saukur dina ucapan wungkul.

Ku kituna, sabada urang miéling hijrah atanapi 1 Muharram, hayu urang ngariksa diri, geus nepi kamana, urang ngalap hikmah tina hijrah téh. Naha kaislaman urang tiasa mageran diri sorangan jeung jadi rohmatal lil’alamin atawa sabalikna?


Satukangeun Taun Hijriyah
Nurutkeun sajarah, khalifah nu pangpayunna ngaresmikeun tur mitembeyanana ayana taun hijrah jadi taun Islam téh, Sayidina Umar bin Al Khattab, nalika taun ka-17 saatosna hijrahna Rosululloh Saw ti Mekkah ka Madinah.
Namung nya kitu, Sayidina Umar nyalira henteu maksakeun diri keur netepkeun langsung dumasar kana hijrahna Rosul ti Mekkah ka Madinah, nu diusulkeun ku Sayidinna Ali. Tapi, Khalifah Umar nyuhunkeun pendapat heula ti nu sanésna. Sakumaha biasana, Sayidina Umar ngayakeun musawaroh, luyu kana sababaraha usulan. Nu diantarana waé aya nu ngusulkeun mimiti taun 1 hijriyah teh dumasar kana lahirna Kangjeng Rosululloh SAW. Aya ogé nu ngusulkeun ngawitan Kangjeng Nabi diangkat janten Rosul, atanapi aya deui ngawitan ti wafatna Kangjeng Rosul. 
Anapon ahirna diputuskeun dumasar kana hijrahna Kangjeng Rosul, Sayidina Umar ogé gaduh pamadegan nu langkung luhur ajénna, nyaéta kajantenan Hijrah Rosululloh Saw, henteu waé ngandung ajén sajarah pindah tempat, namung aya nu leuwih agung nyaéta mangrupa kajadian nu ngabédakeun antara nu hak jeung nu batil. Hartosna, keur umat di jaman iraha waé, mémang robahna taun hijriyah tina kajadian hijrah, dipiharep ayana parobahan ti waktu ka waktu nu tetep ajeg dina laku lampah nu hak, sarta ngajauhan nu batil.
Kajadian ieu dumasar kana sajarah dina tanggal 1 Muharam 1 H, atanapi 16 Juli 622 M dinten Jumaah.
Dina kalénder Islam aya nu unik, diantarana waé; naha mimiti taun hijriyah téh bet bulan Muharram henteu bulan Rabiul Awal sakumaha waktu hijrahna Kangjeng Rosul bulan Rabiul Awal? Mémang, numutkeun sajarah, hijrah Nabi ti Mekkah ka Madinah dina dintenan Kemis ahir bulan Safar, sareng kaluar ti Gua Tsur dina mimiti bulan Rabiul Awal, jinekna dinten Senen 13 September 622 M.
Namung kitu, Sayidina Umar sarta sohabat-sohabatna miharep bulan Muharram dijadikeun mimiti taun hijriah. Nu jadi lantaranana, Kangjeng Nabi kantos ngaazam nalika hijrah, sarta Muharram lebet kana salahsahiji bulan dina Islam nu dilarang Alloh SWT ayana peperangan. Sahingga Rosululloh kantos sasauran bulan Muharram téh “Bulan Alloh”. Dawuhanana “Sahadé-hadéna puasa lian ti puasa di bulan Romadon nyaéta puasa di Bulan Alloh, nyaéta bulan Muharram”. ( HR. Imam Muslim).
Muharram dina Islam, mangrupa salahsahiji bulan haram. Aya opat bulan, nyaéta Rajab, Zulka’dah, Zulhijjah jeung Muharram. Dawuhan Alloh sakumaha kaunggel dina surat At-Taubah ayat 36, nu hartona: “Saéstuna jumlah bulan di sisi Alloh aya dua welas bulan (nu geus ditetepkeun) dina kitab Alloh nalika diciptakeun langit jeung bumi, di antarana opat bulan nu dimulyakeun. Kajinekan kitu mangrupa pituduh agama nu lempeng, mangka kahadé maranéh ulah silih kaniaya diri sorangan dina bulan-bulan nu dimulyakeun éta (ku cara ngalanggar panyarék-Na).

Sakumaha dawuhan Alloh di luhur, tiasa dicandak hikmahna, nyaéta pépéling keur umat sangkan ninggalkeun sagala dosa perdosa. Numawi kitu, upama kajadian Hijrah dijantenkeun titi mangsa taun anyar Islam, munasabah pisan. Lantaran, singhoréng musuh nu pangbadagna nyaéta nafsu nu aya dina diri urang séwang-séwangan. Dijéntrékeun, yén silih kaniaya bakal jadi karesep umat dina hiji jaman. Malahan ti jaman ka jaman, kahayang nafsu manusa kana silih kaniaya bakal beuki némbongan. Ku kituna, hikmah hijrah lain saukur kajian sajarah, tapi ngandung hikmah sakumaha nu dijadikeun dasar ditetepkeunana kalender hijrah. Tinggal, urang ayeuna, geus nepi ka mana tiasa mahing polah nu mudorot jeung geus nepi ka mana urang mampuh ngalaksanakeun papagon Islam nu rohmatal lil’alamin.

 

Hikmah Waktu dina Islam

Robahna alam, robahna jaman, robahna paripolah manusa geus jadi sunatulloh. Kituna téh jéntré dina Islam sakumaha dijelaskeun dina surat Al-Ashr. Nu kitu unggelna: Wal-Asyri, innal insana lafii husrin, ilalladziina aamanu waamilushsholihati, watawa saobil haqqi watawaa saobil sobri. Demi waktu, saéstuna manusa aya dina karugian, iwal jalma nu iman jeung nu milampah amal soléh, nu mampuh silih wasiatan dina bebeneran jeung kasobaran.

Tandes tur témbrés ugeran Islam keur obor manusa. Kumelendangna jalmi di alam dunya, pak-pik-pekna jalma néangan nyiar kipayah nepi ka keuna ku istilah poho kana waktu, singhoréng aya nu ulah dipopohokeun, nyaéta cara jeung kumaha ngagunakeun waktu. Nu jelas, waktu nu terus nunutur urang, seuhseuhanana mah bakal ngarugikeun urang. Tipoporose jalma nu kasibukanana, ahirna mah bakal kawatesanan ku waktu. Sakumaha jalma kuat atawa jagjag belejag ogé, ahirna bakal bakal kawatesanan ku waktu. Hartina dasarna mah jalma téh lemah, jalma téh moal meunang kauntungan, kajaba jalma nu henteu lolong kana hakikat waktu. Saha jalma nu kitu téh? Intina jalma nu apal, yén hirup di dunya téh bakal diteruskeun hirup ka alam jaga. Ieu intina waktu.

Jaman atawa waktu keur manusa aya dina lima alam. Aya alam ruh, alam rahim, alam dunya, alam kubur/barjah jeung alam ahérat. Ieu alam henteu bisa dipisahkeun. Teu aya hiji jalma nu ujug-ujug datang ka alam dunya henteu ngaliwatan alam rahim, kitu deui henteu aya jalma nu tibalik, ka alam barjah heula terus ka alam dunya. Tapi hirupna manusa luyu jeung proses ayana alam, nepi ka alam ahérat. Ku kituna bakal kaharti, singhoréng jalma nu moal rugi disatukangeun jaman atawa waktu nyaéta sakumaha ditétélakeun dina Islam, nyaéta nu ‘aamanu waamilushsholihati, watawa saobil haqqi watawaa saobil sobri’.

Ieu ayat papagon manusa nalika di alam dunya. Aya palajaran nu keur nyalametkeun di alam dunya jeung alam barjah aya ogé palajaran sangkan salamet di alam ahérat.

Nu kahiji, jalma nu iman (aamanu). Iman hartina percaya. Témbrés kacida, urusan kaimanan ayana dina haté dina qolbu. Lantaran kitu, iman jadi pager haténa jalma keur nyanghareupan sagala perkara. Dina rukun Iman tandes deui manusa kudu percaya kana poé ahir, poé alam kubur atawa alam barjah. Hartina, saha jalma nu iman, nu akalna henteu mung wungkul dumasar pédah katempo ku mata lahir, éta jalma bakal salamet nepi ka alam jaga, alam ahérat. Masalah iman mémang panjang upama dibéjérbéaskeun. Malahan dina kitab syu'bul iman mah apan nepi ka aya 77 cabang iman. Tapi prinsipna jalma iman, kantenan geus ngabuktikeun henteu poho kana waktu nu bakal datang. Sabalikna jalma nu teu iman, hartina musrik, nu teu percaya, salila bakal rugi, lantaran moal nerap kaimanan, moal percaya aya alam ahérat. Lantaran teu percaya alam ahérat, atuh kaharti pisan, lampahna ogé bakal jauh jeung papagon agama.

Nu kadua, waamilushsholihati. Amal kasoléhan. Kasoléhan nuduhkeun, manusa bener-bener ngagunakeun lampah di alam dunya téh, lian ti karana iman ogé karana hayang salamet. Kasoléhan saéstuna keur mageran salamet jeung teu salamet. Salamet dina harti nu jembar nu salawasna bakal tinemu jeung kabagjaan nu salawasna, henteu ukuran nu pondok. Lantaran ukuran nu pondok, salamet bisa waé dihartikeun salamet teu kapanggih. Saperti ucapan, ‘salamet euy, untung teu katingal polisi…!’ jeung sabangsana. Nu saenyana, dirina rumasa geus ngalakukeun kasalahan. Tah, salamet di dieu mah lain nu kitu, tapi salamet nu pihadéeun, salamet nu panjang. Sapertina waé jalma jujur. Enya apan sok jadi obrolan salah, pajar bakal rugi cenah upami dagang kiwari mah kudu jujur mah. Atawa lamun di kantor jujur bakal ngarurugi manéh!. Beu! Eta nu kitu ulah dikukut. Lantaran dina Islam, jalma nu teu jujur alias nu hianat bakal rugi kabina-bina. Henteu kapanggih ayeuna, apan jelas di ahérat mah pasti narémbongan. Malah anggota badan bakal jadi saksina. Hartina, upama urang soléh, hadé ka batur, hormat ka saluhureun,  nyarita hadé pikabetaheun, saé budi parangina, kantenan nu kitu nu apal kana waktu. Waktuna lain keur nyalametkeun dirina tapi ogé keur papada jalma. Lantaran apal, hiji manusa hiji waktu mah bakal mikabutuh manusa séjénna. Jadi jalma nu soléh jalma nu ngahargaan kana waktu.

Nu katilu, watawa saobil haqqi watawaa saobil sobri. Dua pituduh sangkan silih élingan dina bebenaran jeung kasobaran. Silih élingan dina bebenaran, lantaran hirup jalma moal salilana cicing dina hiji kaayaan, pasti bakal butuh ku pangéling jalma séjénna. Sanajan silih élingan kiwari mah beuki hésé, tapi silih élingan kacida perluna. Saperti jalma nu pinter, apan lain hartina babari diélingan dipapagahan. Malah sabalikna sok nyentak. Basana, apal naon manéh! jeung sabangsana. Upama jalma geus hésé diélingan, geus lolong upama dipapagahan bebeneran, éta téh tanda jalma nu teu apal kana hakékat waktu. Majar waktu téh moal robah, pajar waktu téh saukur nu katingal muterna dina jam. Ingetkeun ka jalma nu kitu, waktu téh aya dina robahna diri manusa séwang-séwangan. Contona waé, jalma nu aya dipangbérokan jeung jalma nu rék meunang hadiah atawa rék tepung jeung nu dipikameumeutna. Apan, sarua 24 jam waktuna mah tapi ngarasakeun waktuna nu béda. Jadi, pantes dina Islam, saha jalma nu sok silih élingan jeung narima upama diélingan dina bebeneran, éta téh jalma nu apal kana waktu.

Lian ti silih élingan dina bebeneran ogé dina kasobaran. Kasobaran lain hartina pasrah teu walakaya. Tapi sobar dina harti tawekal ka Alloh Swt. Innalloha ma’a sobirin. Lamun Alloh geus resep ka jalma sobar, dina harti tawekal ka Alloh, mangka kasobaranan bakal diganti ku rohmat Alloh. Tah, palebah dieu, pentingna jalma silih élingan ku kasobaran, sangkan jalma sadar kana waktu, yén waktu mah bakal robah. Urang teu apal isuk jaganing pagéto bakal tinemu jeung bagja atawa sabalikna. Nu apal anging Gusti Alloh Swt. Di dieu, nyecebkeun kasobaran ka papada jalma penting kacida dina ngadalikeun waktu. Lantaran hiji jalma, hiji waktu mah bakal tinemu jeung bakal butuh kasobaran. Ku kituna, bekel salamet di alam dunya, nyaéta jalma nu silih wasiatan silih élingan dina bebeneran jeung kasobaran.

Miéling 1 Muharram Hijriyah 1435 kamari geus direuah-reuah ku kamonésan-kamonésan. Tapi disatukangeun éta, aya nu leuwih pentingna deui, nyaéta kamampuh diri séwang-séwangan dina nanjeurkeun papagon Islam nu rohmatal lil’alamin. Mudah-mudahan. Amin.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: