• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Metik Hikmah tina Peristiwa Hijrah

Kénging Féndy Sy. Citrawarga
Kintun kana Facebook

Alhamdulillah, kiwari urang sadayana parantos nincak étangan taun Hijriyah anu énggal, nyatana taun 1435 Hijriyah nu dikawitan ku sasih Muharram.
Ku gentosna taun Hijriyah ieu, kanggo urang salaku muslim mah ngandung hikmah anu peryogi dipiémut dina raraga ngaronjatkeun ajén diri, utamina dina tarékah ngawedelan iman sareng akidah, katakwaan, katut ibadah ka Mantenna.
Sakumaha nu tos kauninga ku urang sadayana yén étangan taun Islam (taun Hijriyah) téh dideklarasikeun ku alpukahna Amirul Mukminin, Umar bin Khaththab r.a. , nyatana dicandak tina perjoangan dawah Rosululloh saw. katut para sohabatna nalika hijrah (ngalih) ti Mekah ka Madinah. Umar henteu nyandak étangan taun Islam tina kalahiran atanapi wafat Nabi saw., ogé sanés tina peristiwa Isro sareng Miraj, atanapi tina ngawitan lungsurna ayat Al Quran.
Hal éta taya sanés kumargi peristiwa hijrah Nabi saw. katut para sohabat téh mangrupi peristiwa anu teu kinten kebek ku ajén jihad anu ageung margi seueur rosikona dugi ka jungjunan Nabi saw. ku anjeun nandonkeun pati. Ku kitu téh da puguh kaom kafir Qurés teras-terasan ngaganggu lumangsungna dawah Rosululloh saw. Anapon gangguanana sanés baé mangrupi provokasi, nanging ku ancaman pati.
Nanjeurna Dienul Islam, di sagédéngeun nashrullah (pitulung Alloh) ogé ngalangkungan tarekéh jihad anu soson-soson Rosululloh saw. katut para sohabat. Salami tilu welas taun anjeunna umajak ka kaom Qurés di lelewek Mekah, salami éta kaom jahiliyah ngayakeun perlawanan, utamin para gegedugna.
Nabi saw. waktos harita cumeluk ka sakumna manusa sangkan babalik pikir tina ageman jahiliyah kana agama tauhid, nebihan syirik, nyieuhkeun sagala rupa paripolah jahiliyah anu tos jéntré ngotoran kamulyaan sajatining manusa. Nya kitu deui nyembah tapékong atanapi berhala, ngukut takhayul, mépéhék kaom wanoja kedah ditebihan. Ku kitu téh sangkan martabat manusa bener-bener aya dina kamulyaan, teu kaci ngagunasika sasama. Ukuran kamulyaan manusa, sanés harta nu dipibandana, ogé sanés tahta/jabatan nu dicangkingna, nya kitu deui rupa naha kakasépan atawa kageulisan, nanging katakwaan ka Alloh SWT.
Dina emprona, panggero, kanyaah, sareng kadeudeuh Rosululloh saw. téh kalah pada ngalélécé, malah ngalawan anu teu kinten mahabuna. Para gegedug Qurés ngarasa kaancam harga dirina lamun ajaran Islam anu dicandak ku Rosululloh ngélébét di Mekah. Ku kituna, maranéhna teu eureun-eureun ngayakeun perlawanan ku pirang-pirang cara dugi ka ngancam pati. Sok sanaos kitu, Nabi saw. katut para sohabat nu tos lebet Islam nu jumlahna sakedik kénéh henteu boboléh, teras ngélébétkeun sumanget dawah ka kaom jahiliyah sangkan dina hiji waktu mah kénging hidayah.
 

Sanés Boboléh
Di antawis perjoangan Rosululloh téh nyaéta hijrah ti Mekah ka Madinah. Aya nu nyebatkeun (oriéntalis), cenah ngalihna Rosululloh saparakanca ka Madinah téh alatan boboléh, kasoran. Padahal sanés kitu, nanging mangrupi stratégi atanapi siasat kanggo ngempelkeun kakiatan, boh lahir boh batin kanggo ngaronjatkeun ajén perjoangan salajengna.
Anu janten bekel utami hijrah kaom muslim, taya kajabi anging ku wedelna kaimanan dina diri aranjeunna. Anapon iman sareng akidah téh hal utami anu tos ditancebkeun ku Rosululloh saw. nalika di Mekah.
Ku kituna, nalika aya pancén hijrah ti Alloh SWT ngalangkungan Nabi saw., kaom muslim henteu kalékéd sok sanaos karaos abot da apan kedah paturay sareng kulawarga, kedah ngantunkeun lemah cai nu dipikameumeut, kedah ngantunkeun harta pakaya, demi miharep karidoan Alloh SWT. Malih harta pakaya dijantenkeun bekel kanggo ngalengkepan perjoangan bari henteu aya rasa mangmang deui.
Ku kituna, Alloh SWT maparin kaunggulan tur ngangkat darajat aranjeunna sakumaha nu dicutat dina pidawuhNa:
"Jalma-jalma anu ariman, hijrah jeung jihad dina jalan Alloh ku harta banda jeung dirina, leuwih luhur darajatna mungguhing Alloh, jeung maranéhna téh  jalma-jalma nu pinunjul. Alloh nepikeun béja gumbira ka maranéhna kalayan rohmat, karidoan Alloh, jeung sawarga anu di jerona maranéhna meunang kanimatan anu langgeng." (QS At Taubah: 20 - 21)
 

Iman jeung Ihlas
Konci suksés merjoangkeun agama Alloh sapertos dilaksanakeun ku Nabi saw. sareng para sohabat nalika hijrah nyatana nyepeng deleg kaimanan anu dibuktoskeun ku kaihlasan. Ihlas ngorbankeun sagala rupi anu diperyogikeun ku perjoangan téa. Dina hal ieu tegesna dawah, umajak ka umat kana jalan hak nebihan kabatilan.
Ngalaksanakeun amal kalayan jejer ihlas atanapi janten jalmi anu salawasna mukhlish kacida ditekenkeunana ku Alloh SWT sakumaha pidawuhNa nu hartosna:
"Caritakeun (Muhammad), saéstuna kuring diparéntah sangkan nyembah Alloh kalayan pinuh kaihlasan sarta ngamurnikeun katoatan ka Mantenna dina ngajalankeun agama. Jeung kuring diparéntah sangkan jadi jalma anu pangmunggaranana sumerah diri." (QS Az Zumar: 11 - 12)
Kitu gambaran perjoangan kaom muslim dina ngudag karidoan Alloh. Cindekna, sagala rupi hal kedah dijejeran kaihlasan sarta panceg dina istikomah ngajalankeun agama Alloh. Tegesna, ngabuktoskeun ayana iman teu cekap ku pangangkenan dina manah atanapi dikedalkeun dina lisan, nanging kedah dibuktoskeun ku amal padamelan anu nyata.
Nu disebat Diinul Qayyimah, agama anu lempeng/istikomah, di sagédéngeun iman anu wedel, éta kaimanan kedah dibuktoskeun ku ngajalankeun saréat Islam sapertos solat, zakat, sareng sajabina.
Pidawuh Alloh dina Al Quran nu hartosna:
"Padahal maranéhna henteu diparéntah anging sangkan nyembah Alloh kalayan ngamurnikeun katoatan ka Anjeunna dina ngajalankeun agama kalayan lempeng, sarta sangkan maranéhna ngadegkeun solat jeung zakat. Tah éta téh  agama anu lempeng." (Al Bayinah: 5)
Dina hadis ogé seueur katerangan perkawis peryogina kaihlasan dina perjoangan nanjeurkeun agama Alloh, malih aya patalina sareng peristiwa hijrah. Tegesna, suksés hijrah keur kaom muslim téh nyatana gumantung kana kaihlasan niatna, niat anu ihlas karana Alloh nya tangtos karidoan Alloh nu diarep-arepna. Hadis nguningakeun nu hartosna:
"Sohabat Umar bin Khaththab r.a. sasauran: simkuring ngadangu Rosululloh saw. ngadawuh: saéstuna sahna sakabéh amal gumantung niatna. Jeung hiji pagawéan anu dipigawé ku jalma gumantung kana niatna. Sing saha anu hijrah karana miharep karidoan Alloh jeung RosulNa, maka karidoan Alloh katut RosulNa anu baris kapanggih. Jeung singsaha anu hijrah karana rék néangan harta banda atawa karana awéwé anu rék ditikah, maka naon-naon anu dipiharepna éta nu dialana." (HR Bukhori sareng Muslim)
Kitu pidawuh Rosululloh saw. ngeunaan peryogina niat anu ihlas dina berjoang miharep karidoan Alloh. Hal éta tos dibuktoskeun ku anjeunna nalika hijrah téa.
Ciri amal anu ihlas ku ayana haté anu beresih, wening, tina sagala rupi kasakit batin kayaning sirik pidik atanapi harepan kana ruruba dunya. Dina hadis kauninga nu hartosna:
"Sohabat Abu Huraéroh r.a. sasauran yén Rosululloh saw. parantos ngadawuh: Saéstuna Alloh SWT henteu ningal (meunteun) kaayaan awak sarta rupa maranéh, tapi Alloh meunteun kaihlasan haté maranéh." (HR Bukhori sareng Muslim)
Ku ayana haté nu beresih baris panceg nyekel bebeneran, iman bakal wedel, henteu kapangaruhan ku naon baé sabab sagala rupi diséndérkeun kana kayakinan ayana Alloh. Hadis nguningakeun deui nu hartosna:
"Mun téa mah salasaurang di antara maranéh ngalakukeun pagawéan di jero guha anu teu aya panto jeung liangna, maka éta amal tetep bakal bisa kaluar (tetep dicatet ku Alloh) nepi ka iraha waé ogé." (HR Bukhori sareng Muslim)
 

Nimat nu Ageung Ajénna
Ku kituna, para salafus saléh ngagolongkeun kaihlasan atanapi karidoan dina jihad ngabéla agama Alloh mangrupi kanimatan anu teu kinten ageung ajénna. M. Yunan Nasution dina bukuna "Khutbah Jumat" nerangkeun:
"Sikep rido téh mangrupa kanimatan rohani anu pangluhurna. Ahli tasauf Ibn 'Atha' sasauran, rido téh  katenangan/katingtriman haté nampi hiji perkara anu dipilih Alloh keur hambaNa. Aya ogé ahli tasauf séjénna nu sasauran yén rido téh puncak tawakal, narima katangtosan Alloh kalayan senang, haté anu tumampi aya dina yuridiksi hukum Alloh.
Nalika Abu Hazim aya nu naros, harta naon anu pangmahalna, anjeunna ngawaler, sikep rido kana karunia sareng takdir Alloh.
Ku kituna tiasa dicindekkeun yen rido téh - sakumaha disaurkeun ku Dr. Yusuf Qardhawi - nyaéta nimat rohani sabagé karunia anu dianugrahkeun ku Alloh, tumuwuh alatan iman anu wedel sareng alatan miara hubungan anu tartib sarta teras-terasan ka Mantenna. (Al Iman wal Hayat, kaca 135)."
 

Hijrah nu Utami
Sakali deui, unggulna jihad dina raraga dawah Rosululloh saw. sareng para sohabat ngalangkungan hijrah téh  didadasaran ku kaihlasan, lilahitaala, miharep karidoan Alloh dugi ka kapetik hasilna kaala buah mangpaatna. Témahna, Islam sumebar sanés baé di lelewek Arab nanging nyambuang ka mana-mana tug dugi ka nagri urang.
Ku kituna, kanggo urang ayeuna nu kapapancénan neraskeun risalah dawah Islamiyah luyu sareng kamampuh séwang-séwangan, sawadina metik hikmah tina peristiwa hijrah. Tegesna leres-leres matrikeun kaihlasan dina diri saparantos mibanda iman anu ogé dipiharep tetep wedel sakumaha anu parantos dibuktoskeun ku Rosululloh saw. sareng para sohabatna.
Sanaos tangtosna hijrah kanggo umat anjeunna kiwari sanés hijrah dina hartos ngalih tempat wungkul, nanging hijrah nu utami nyaéta ngarobih paripolah awon kana kasaéan, tina kabatilan kana hak, masiat kana toat nu karaosna langkung abot batan hijrah patempatan. Nanging nya di dinya ngancikna perjoangan atanapi ajén jihad mah, tegesna jihad ngayonan hawa napsu. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: