• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Dr. H. Sundawa Bachtiar,M.Si;

Léngkah Pamuda
Butuh Conto nu Tiheula

Kénging RumpakaRumpaka
Kintun kana Facebook

Pamuda butuh conto. Kitu deui dina léngkah-léngkahna. Ngan, saha  tuladeun téh? Dr. H. Sundawa Bachtiar, M.Si., medar pamanggihna. 

Nu hirup kiwari moal tuna tina kahirupan bihari. Kitu deui pamuda, butuh conto atawa tuladan. “Pangpangna nu tumali sareng moral,” ceuk Dr. H. Sundawa Bachtia, M.Si., aktipis pamuda manten nu ayeuna icikibung dina kapamudaan.

Inyana yakin, pamuda boga karep jeung kahayang. Atuh, kasempetan keur leuwih maju batan generasi saméméhna, ngabulungbung. “Tapi, tetep kudu aya kareueus ka dirina jeung ka bangsana,” pokna.

Upama H. Sundawa nyarita kitu, mémang cenah, kanyataan nu remen kasaksén kiwari. Teu jarang nonoman téh kawas nu laas kanyaahna ka bangsa jeung nagarana. Contona, cenah, inyana dina hiji mangsa kungsi papanggih jeung sala saurang nonoman. Nilik kana rurupaanana jeung dedeganana, bréh wé tangtu ti Asia, ti sélér Malayu. Mémang, enya, manéhna téh ngakukeunana mah urang Malaysia, padahal sabenerna mah urang Indonesia.

H. Sundawa harita panasaran, nya nanyakeun alesanana, pangna leuwih reueus ngaku jadi bangsa deungeun batan bangsa sorangan. Pokna téh. Era pajabatna loba nu korupsi!

 

Ngahudangkeun Kareueus

Jadi warga nagara, butuh kareueus.  Butuh pangajén ti pihak séjén. “Upama ngaraos diajénan, tangtosna gé bakal timbul kareueus ka lemah caina sorangan,” ceuk ieu Doktor Kebijakan Publik lulusan Universitas Pasundan (Unpas), Bandung téh.

Kareueus jadi warga nagara, ceuk inyana mah, bisa jadi modal kamajuan keur bangsa jeung nagara. Apan, bukti mun warga nagara teu reueus ka bangsa sorangan, moal boga kanyaah ka lemah caina. Saperti, nu remen kacatur kiwari, bangsa urang téh loba nu hébat di nagri deungeun. Tapi, naha embung babakti di lemah caina sorangan? “Margi ngarasa kurang diajénan di lembur sorangan mah,” pokna semu hanjelu.

Nyaritakeun nonoman, hartina nyaritakeun kaayaan bangsa kiwari jeung mangsa nu bakal datang. Atuda ti dinya huluwotanna kamajuan bangsa mah. Ngan, tangtu cenah, dina nataharkeunana gé kudu bener-bener daria. “Lian ti maparin conto hadé, ogé kudu jinek cara nataharkeunana,” ceuk ieu kepala UPT Gelangang Generasi Muda (GGM) kota Bandung téh.

Upama nonoman bisa mekar sahadé-hadéna, ceuk H. Sundawa Bachtiar, lain pamohalan mun kamajuan urang bisa satata jeung deungeun-deungeun. “Tingal wé poténsi murangkalih ayeuna, apan seueur nu unggul,” pokna.

Kapunjulan barudak kiwari, témbong dina rupa-rupa widang. Enya, apan nu makalangan di luar nagri, saperti dina olimpiade sain, barudak téh remen kapeto jadi jawara tingkat internasional. Kitu deui nu miluan lomba nyieun robot, sababaraha kali barudak/nonoman di urang gé jadi juara!

Poténsi kitu, ceuk H. Sundawa, kudu kariksa jeung kajaga. “Ulah nepi ka kamampuhanana teu bisa mekar atawa teu kamangpaatkeun di nagri sorangan,” pokna.

Geusan ngajaga jeung ngariksa kamampuhan kawas kitu, pihak pamaréntah gé, kudu bener-bener daria ngarojongna. “Saha waé nu boga kamampuhan kudu dirojong sahadé-hadéna,” ceuk ieu  aktipis pamuda manten teureuh Sumedang téh.

Maksud H. Sundawa, mun ceuk kekecapan kolot téa mah, ulah cueut ka nu hideung ulah ponténg ka nu konéng, tapi saha waé nu boga kapunjulan dina widang naon waé, kudu meunang panalinga jeung pangrojong ti pamaréntah, kaasup sual keur waragadna.

Mindeng ilubiung dina kapamudaan, H. Sundawa sadar pisan, tarékah ngaronjatkeun ajén nonoman, kudu dibarung ku sayagina lingkungan anu hadé. Komo deui dina sarwa bruk-brak, apan naon waé gé boh hadéna boh goréngna bisa kasaksén ku saha baé. Atuh, kajadian-kajadian saperti palanggaran-palanggaran hukum nu ‘dipidangkeun’ dina média masa gé, baris mangaruhan kana pasipatan barudak atawa nonoman.

Nataharkeun mangsa ka hareup, hartina mekelan nonoman ti ayeuna. Tangtu loba nu kudu dibekelan sarta rupa-rupa bekelna deuih, da kahayang jeung karep para nonoman téh rupa-rupa. Tah, di GGM gé  kari milih, barudak bisa diajar jeung ngasah pangabisana dina rupa-rupa widang, olahraga, seni, jeung organisasi.  Kagiatan éta gelanggang, apan rupa-rupa naker, aya kana 32 rupana. Atuh, ieu tempat nu perenahna di Jalan Merdéka, Bandung téh teu weleh haneuteun!

Nataharkeun nonoman, ogé kaasup dina widang pulitik. Tah, ieu widang gé jadi garapan utama keur GGM mah. Malah, ceuk H. Sundawa Bachtiar, pihakna rék ngayakeun saraséhan nu jejerna “Menangkan Kaum Muda: Banggakan Indonesia Menyongsong Fajar Kebaharuan Nasional Indonesia”.

Jejer éta miang tina patékadan ais pangampih GGM Bandung, geusan mapag pajar anyar nasionalisme atawa neonasionalisme. Hartina, kudu aya léngkah nyata  dina ngahontalna. Kumaha carana? “Tiasa ku cara ngarojong nonoman.

Pilihan umum anggota DRP, DPD, jeung DPRD Propinsi/Kabupaten/Kota di lemah cai, moal lila deui. Itung-itungan waktuna gé ukur bubulanan deui. Nu bakal tarung atawa makalangan dina pilihan umum, sawadina nataharkeun dirina sangkan meunang kapercayaan ti masarakat. Dina mangsa pilihan umum ngandelkeun kapunjulan pribadi, lain gambar, sakuduna, éta pribadi-pribadi téh boga kapunjulan. “Hartina, para nonoman téh kudu mekelan dirina sangkan boga kamampuhan nu cukup geusan milu ngurus ngatur ieu nagara,” pokna semu neundeun pangharepan.

Dina saréséhan téa, nu jadi narasumber téh ahli-ahli dina widangna. Intina, sangkan para nonoman mampuh ngalaksanakeun pancénna, lain ukur bisa ngurus ngatur nagara, tapi deui boga moral anu hadé geusan kamaslahatan masarakat.

 

Upama H. Sundawa Bachtiar gedé katineungna ka nonoman, mémang ti dinya akar pamianganana. Keur ngora, keur meujeuhna belekesenteng, karesepna téh ruang-riung dina organisasi. Atuh, komo deui sanggeus jadi mahasiswa, lian ti aktif di kampus ogé di luar, di antarana di GGM Kota Bandung.

Di dieu, para nonoman bisa mekelan pangaweruh jeung kaludeungna. Apan, di dinya mah tempatna karancagéan. Naon waé pakarepan, kaasup nu resep kana pulitik, bisa kasorang.

GGM kota Bandung, Dr. Sundawa nandeskeun, baris jadi “Kawah candradimuka” keur para nonoman geusan ngamalirkeun kamampuhanana, dina rupa-rupa widang, di antarana, widang seni, olah raga, organisasi jeung widang pulitik.  Salian ti eta, GGM ge baris jadi tempat pangimpungan balarea.

H. Sundawa gé kitu, harita téh aktip dina rupa-rupa widang, kaasup resep diajar gulat. “Kantun milih sakaresep, nu resep kana gulat tiasa latihan gulat,” pokna nyoréang mangsa ka tukang.

Tina ancrub kana olah raga kitu, bet jorojoy hayang milu ngokolakeun  persatuan gulat. Malah, ahirna mah kapeto jadi Ketua PGSI Kota Bandung.

Dina widang pulitik, apan kungsi ancrub  dina MKGR. Di dinya, inyana gé meunang luang jeung pamanggihna dina ngurus organisasi. “Ngalangkungan organisasi, tiasa mekarkeun kamampuhan masing-masing, kalebet engkéna mah tiasa dianggo dina pulitik,” ceuk ieu carogé Hj. Irma Suryani téh.

Aktip di GGM, saterusna mah milu icikibung di dinya. Ula-ilu nguruskeun rupa-rupa kagiatan. Antukna, bet aya nu nawaran sangkan milu ngokolakeun éta gelanggang. “Saterasna mah janten padamel GGM,” ceuk ieu rama Restu jeung Riksa teh. Nu cikal murid SMA di Bandung, ari nu kadua mah, di SMP kénéh.

Sapopoé idek-liher dina organisasi, keur inyana mah, gedé pangaruhna. Ku lantaran kitu, dirina gé boga karep, hayang nyiar élmu saluhur-luhurna. Atuh, dina lolongkrang kariweuhanana, bisa kénéh maksakeun sakola. Blus wéh ka Unpas. Malah, ahirna mah, ngahontal gerar Doktor. Disertasina gé tumali jeung organisasi.

Remen ririungan jeung para nonoman, keur H. Sundawa mah gedé mangpaatna. “Nu penting mah boga  karep kalayan wani ngalaksanakeunana,” pokna. Atuh, cenah,  mémang kuduna wani ngawujudkeun impian. “Sakur nu diimpikeun, lain pamohalan, bisa kahontal,” pokna.

H. Sundawa Bachtiar, pituin urang  Wado, Sumedang. Upama ahirna nanjung di Bandung, mémang pangjurung indung pituah bapa. Daék  rajin ngalap élmu. Saperti dina haleuang indung, geura-gedé geura jangkung geura sakola ka Bandung. Ceuk pikirna, ngahontal udagan, bisa ku elmu, kalayan saméméhna kudu buleud patékadan. Hasilna, karasa, nyuprih élmu di Pascasarjana gé ukur dua puluh bulan. Atuh, ngahontal gelar doctor, di S-3 méakeun waktu tilu puluh bulan.

Boga  pangaweruh, sageuy keur sadirieun. Atuh, inyana gé masih kénéh nyéngsarkeun waktu ngajar di STIA Bagasasi-Bandung, almamaterna méméh neruskeun di Unpas.  Cenah, ngajar téh, ngarah tetep daék diajar!

Cekel gawé ngaluluguan kagiatan GGM, keur dirina mah, pas jeung lelembutanana. Matak, betah di kantor gé, da loba kagiatan.

Ngalaksanakeun pancén gawé, sarua jeung ngalaksanakeun amanah. Cenah, lain ukur pancén gawé manusa, tapi tugas dina ngalaksanakeun pancén hirup. Mun di dinya meunang pancénna, nya kari prakna ngalaksanakeunana. “Jabatan mah  ditinggalkeun jeung ninggalkeun; mun teu ditinggalkeun, tangtu ninggalkeun, moal lana sapapanjangna,” pokna. *** 

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: