• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Kamus Utama Basa Sunda

Kénging Eep NR
Kintun kana Facebook
Mangle
Acara sosialisasi kamus di Unpad [Potrét/Ilustasi: dok.istimewa]

Moal lila deui, urang Sunda bakal boga kamus basa Sunda panglengkepna. Leuwih kandel batan Kamus Besar Bahasa Indonésia (KBBI). Siga kumaha jeung geus nepi ka mana garapanana? Manglé nepungan Rachmat Taufiq Hidayat salahsaurang anu boga gagasan nyieun éta kamus.

Saluyu jeung kamekaran jaman anu tangtu waé basa ogé beuki ngarékahan boh anu datangna tina basa paélmuan saperti agama, filsapat, politik, kedokteran, mate­matika, istilah komputer, psikologi, biologi, pertanian jeung réa-réa deui, geus sawadina éta basa-basa anyar téh diwadahan, distandarkeun jadi basa anu ‘baku’ dina hiji kumpulan basa anu disebut kamus. Kitu pisan Rachmat Taufiq Hidayat saparakanca, Unpad, Yayasan Rancagé jeung Pusat Studi Sunda mimitina boga gagasan hayang boga kamus basa Sunda anu lengkep téh.

Kamus basa Sunda anu geus aya ayeuna diantarana karangan Satjadibrata, wedalan LBSS jeung beunang Danadibrata. Nurutkeun Rachmat, kamus basa Sunda karangan Danadibrata anu medalna taun 2006, kapan disusun dijieunna mah ti taun 1930 nepi ka 1970.

“Tos 40 taun langkung teu acan aya deui kamus basa Sunda anu énggal,” ceuk Rachmat di kantorna, Penerbit Kiblat Buku Utama Jalan Gumuruh no. 51 Bandung.

Siga kamus basa Sunda wedalan LBSS anu dijieunna ku tanaga réréong­an/tim, kamus anu bakal dijudulan Kamus Utama Basa Sunda ogé digarapna ku tim nyaéta gawé bareng antara Unpad, Yayasan Rancagé, Pusat Studi Sunda jeung penerbit Kiblat Buku Utama anu saheulaanan mah béayana ti nu boga gagasan.

“Mudah-mudahan ka payunna mah aya sponsor anu haat nambihan modal,” ceuk Rachmat (50 taun) anu ogé mokalan ngadegkeun penerbitan  Kiblat Buku Utama babarengan jeung Ajip Rosidi taun 2000.

Proses gawé keur nyusun Kamus Utama Basa Sunda dimimitian ku nyieun software anu dingaranan SundaLing. Geus kitu néangan sumber-sumber pieusieun kamus tina majalah, koran, buku, makalah jeung tulisan séjén nu ngagunakeun basa Sunda ti 100 taun ka tukang nepi ka kiwari. Prosés saterusna bahan-bahan anu tadi téh ‘discan’ pikeun dijadikeun data digital. Geus kitu hasil ‘scan’ teh dirobah deui jadi téks anu satuluyna kecap atawa kalimah dipisahkeun sacara otomatis. Kadituna milih entri kamus, sub entri katut definisina, prosés ngedit, séting kamus, ngoréksi jeung nyieun dami kamus.

“Kaleresan nu ngadamel software SundaLing-na Dadan Sutisna anu ogé Wakil pingpingan rédaksi dina proyék ngadamel Kamus Utama Basa Sunda,” ceuk Rachmat.

Minangka pingpinan umum dina susunan tim anu nyusun éta kamus, Rachmat nyebutkeun yén Kamus Utama Basa Sunda dina ahir Désémber 2014 kudu geus jadi ‘dami’. Kitu téh dienyakeun ku Dadan. Sabab ceuk Dadan, ku sistim komputerisasi mah moal lila teuing nyieun kamus téh. Béda jeung baheula anu  bisa nepi ka welasan taun.

Kamus anu ayeuna keur dikeureuyeuh rencanana bisa nepi ka 5000 kaca anu dibagi jadi lima jilid kandel ukuran A4, kira-kira saukuran jeung kalolobaanana majalah. Soal bahan kertasna jeung sabaraha pihargaeunana engkéna upama dijual, can kapikiran ceuk Rachmat mah.

“Nu penting mah eusina énggal réngsé,” ceuk Rachmat jeung Dadan.

Nu geus dianggap réngsé kakara 50 persén. Sésana tinggal ngolah tina 48.000 kaca pikeun dijadikeun 5 jilid anu karandel téa.

 

Bédana jeung Kamus Séjén

Ku sabab Kamus Utama Basa Sunda leuwih kandel, leuwih gedé ukuranana jeung kamus-kamus Sunda saméméhna, geus pasti eusina gé leuwih munel anu engkéna bakal jadi padoman keur sakumna anu butuh ku kekecapan basa Sunda sagemblengna.

Rék kitu teh wajar, sabab tina 5000 kaca anu dibagi jadi 5 jilid  karandel téh eusina aya 300.000 entri kaasup jeung sub entrina. Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI) waé anu sakitu kandelna ukur 90.000 rebu entri-sub entri ceuk Rachmat mah.

Dina sual eusi entri basa Sunda aya anu mangrupa kecap asal, kecap anu geus maké rarangkén, gabungan kecap-kecap, basa kasar, basa hormat, paribasa, basa wewengkon, ngaran-ngaran anu geus mandiri jeung istilah dina rupa-rupa cabang paélmuan. Unggal entri asalna tina basa anu hirup di  masarakat Sunda anu diantarana tina basa lisan, téks média citak katut éléktronik.

Ku sabab bahanna diantarana tina buku-buku atawa majalah, upama nerangkeun hiji kecap, di tungtungna maké katerangan di jero kurung anu nerangkeun tina kecap atawa kalimah naon éta basa, lengkep jeung pa­nulisna, judul karanganana, penerbitna katut taun medalna.

Husus pikeun kecap-kecap anu sakirana nu maca bakal ngarasa hamham atawa bingung kana pihartieunana nya maké ilustrasi mangrupa gambar grafik atawa poto.

Keur nyusun jeung medalkeun Kamus Utama Basa Sunda dibagi tilu tahapan. Kahiji, bulan Juni 2013 nepi ka Méi 2014 mangrupa tahap ngumpulkeun data. Kadua, ti Juni 2014 nepi ka Méi 2015 tahap ngédit. Tahap katilu medalkeun éta kamus nyaéta ti Juni 2015 nepi ka Méi 2016.

Rupa-rupa buku anu geus dicitak dipedalkeun ku penerbit Kiblat Buku Utama. Tapi lolobana mah anu aya patula-patalina jeung kasundaan, ka­asup rék medalkeun kamus téa.

Mun téa mah Kamus Utama Basa Sunda geus medal, aya kareueus anu pohara keur Rachmat saparakanca anu nyusun éta kamus. Sabab bakal jadi réputasi nasional. Urang Sunda jeung anu lain Sunda bakal boga anggapan yén geuning basa Sunda téh beunghar kacida. 300 rébu entri lain saeutik, ngéléhkeun KBBI anu ukur 90 rébu entri. Tangtu engké mah ngucapkeun atawa nuliskeun basa-basa anu asalna ti deungeun saperti istilah kadokteran, komputer jeung anu lianna moal kararagok. Sabab geus jadi basa Sunda anu baku anu geus dikotrétkeun dina Kamus Utama Basa Sunda. ***

 

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

Ikhsan Santosa

Alhamdulillah....kujalaran rencana bade didamelna kamus besar basa sunda ieu, sim kuring kacida bungah anu taya papadana, kumargi anu sapaningali sim kuring, ku ayeuana teh anu asli urang sunda tos ngarasa"hina" tos ngarsa jadi jelema teu gaduh harga , lamun nyarita nganggo basa sunda, boh dipagaulan sadidinten komo deui dina pagaulan anu rada resmi.

Malihanmah saupamina urang nyukcruk ka lembur - lembur anu aya di tatar pasundan, da barudak laleutik teh tos nganggo basa "indonesia" anu teu puguh tur di campurkeun jeung basa sunda anu teu mernah.

Sim kuring baris ngadukung ieu rencana teh, mugiya Alloh SWT maparin karidhoana sareng mugi sing ageung manfaatna khusus na kanggo urang sunda sareng anu masih micinta basa sunda dugika jaga...Aamiin YRA.

Cag.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: