• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Dalingding Wanaspati

Kénging Cucu Rahmat
Kintun kana Facebook

Matapoé, teu bina ti gulungan raksasa pulas emas anu ngagantung ngawang-ngawang di jomantara. Panasna poé ieu teu ilahar, asa leuwih nyongkab batan poé-poé anu biasa. Morérét, kira-kira aya kana sababaraha-ratus deupa antarana luhureun sirah. Ngabetrik, lir cameti seuneu mecutan kulit.

Jalan kahirupan salawasna papasangan. Marengan réngkak-paripolahna manusa anu ngan saukur dibéré pancén derma ngalakonan, teu dibéré kanyahona, saukur kudu panceg dina kayakinan mungguh Pangéran. Sabab, pan béh ditueun, kahirupan geus méré nyaho yén rusiah bener jeung salah atawa hideung bodasna laku, anging aya dina kawasa Pangéran.

Tapi, saréréa méh pada poho. Geus teu maliré kana konsekuensina. Azab naon anu bakal karandapan alatan mopohokeun paréntah-Na. Teu inget yén sakur lakuning pagawéan di dunya ieu moal bisa ajeg, nangtung dina sukuna séwang-séwangan. Bakal aya balitunganana jeung karma. Laku alus, nya alus katarimana. Sabalikna, laku hideung bakal ngageblég, ngabelegbleg salalawasna.

Di palataran luhur––wangunan gedong titinggal jaman Walanda––anu pernahna rada anggang ti karaméan, kuring anteng nyanghunjar, sakapeung ngepuh-ngepuhkeun haseup roko. Mulek siga haseup anu kaluar tina corobong pabrik. Gutak-gitek, luak-léok, teu boga pamadegan.

Panon ditojokeun deui ka manéhna––anu sarua anteng nyanghunjar cara kuring. Tarangna téjamentrangan, halisna ngajelér paéh, gadona endog sapotong, biwirna nu ambucuy nu dilipensetik pulas hideung, gothic.

Teuing geus sabaraha-puluh, atawa sabaraha-ratus kuring ngitung unggal dami ambekanana. Anu sakapeung katingali rumahuh bangun nu seunggah. Kalan-kalan narik napas jero pisan, terus imut bangun nu suka––sok sanajan karasana asa ketir, asa pait.

Naha nya?” éta deui nu kaluar dina biwirna, sanggeus sababaraha jongjongan paheneng-heneng.

“Ké, ka saha éta téh?” kerung.

“Enya, urang!”

“Maksudna?”

“Goblog! Teu ngarti-ngarti sia mah!” manéhna molotot.

Kuring ngeluk. Rumasa, asa belet-belet teuing uteuk téh. Padahal hirup babarengan jeung manéhna téh lain sakatiga, tapi naha atuh can apal-apal kénéh baé kana naon jalan pikiranana, jeung naon-naon anu nyangkaruk dina jero haténa.

“Geulis, ari geus kieu kudu kumaha?” ngawani-wani, malik nanya.

Manéhna ngarérét sakeudeung. Ramona anu léncop miceun sabatang Lucky Strike––anu ngan kari saeutik deui. Laju ngusiwel nyokot podka dina saku jékétna. Ditotor bari peureum-beunta bangun nu nikmat.

“Cenah dék sapapait-samamanis urang téh? Susah-senang babare­ngan.”

Manéhna angger teu maliré. Tonggoy, bari deui-deui nyeungeut sabatang roko nu anyar. 

Éléh-déét, ngaheruk deui cara tadi.

Simpé. Ngan sora ketug jajantung anu kadéngé, motah ngabarung­sinang. Kebek. Teu lila sorana kasilihkeun, kaélégkeun ku hiliwirna angin anu ngaharéwos kawas ngahaja mupuas. Nyeungseurikeun. Malah, ngabarakatak tarik pisan. Ngan ku kuring teu dipaliré. Tayohna ambekeun meureun, da teu lila ti harita ngamuk nguwak-ngawik ambek kapegung. Ngagelebug, ngawur-ngawurkeun lebu. Ngahiber­-hiberkeun kekebul, jeung kembang-kembang anu geus lalayu.

Hemh! Saha manéhna kuring apal pisan. Wanoja titisan pohaci, nu geulisna kawanti-wanti nyading widadari. Nganjrekna di tungtung dunya; Taman Éden ngaranna téh. Anu datangna ka dieu mawa sapasir kahayang, jeung sagunung pangharepan.

Malahan, manéhna kungsi naék ka Gunung Tangkuban Parahu. Cenah nginjeum toropong ka Ambu Dayang Sumbi. Keur ninun; nyieun lawon tina salambar-salambar benang pangharepan, terus dirara dijieun tambang. Sangkan bisa dipaké ngahontal, ngagulan­tung naék kana tangkal impianana.

“Kahayang teu cumpon! Kalah napsu anu ngabebela, ngaduruk taya sudana!” ngagerendeng deui lalaunan, kawas nu ngahaja ditojokeun keur dirina sorangan.

Kuring ngarérét ku juru panon. Nitenan sakeudeung, terus balik deui, asup deui kana lulurung lamunan sorangan.

“Ah... sarakan! Néng banget ku sono.” bari nangtung bangun nu lungsé. Ngalaan jékétna, némbong­keun keureutan awakna anu sampulur. Kéwes dina tangtungan anu ngan katutup ku tengtop ngetat, pulas hideung.

“Sarakan?” sarua kuring gé digerendengkeun.

“Hideung! Belewuk! Lila teuing kokojayan dina sagara dosa.”

“Maksudna?”

“Lah...” bari nungkupan beungetna.

“Los-los ka dinya geuning, lin geus biasa éta mah?”

“Wengi tadi néng ngimpén, kasumpingan ku Si Ambu.”

“Hubunganana?”

“Baligeusan, ngalangkang dina kongkolak.” diuk deui cara tadi.

“Ké! Asa leuwih baluweng. Teu nyambung ah!”

“Teu kedah disambung-sambung, da teu aya hubunganana. Ngan anu pasti néng hayang mulang, hayang beberesih awak.”

“Geulis! Anjeun dék téga ninggalkeun kuring di dunya ieu, sorangan!”

“Duka atuh.” ngalengis.

“Kuring apal saha nu Geulis. Sok sanajan pangawakan awéwé, sumanget nu Geulis manjing lalaki. Maenya karék sakieu tos kuméok!”

Manehna ngabigeu. Terus nyumputkeun beungeutna kana lipetan tuurna anu ditatangkeup.

“Naha nu Geulis badé poho kana cariosan baheula, basa wanti-wanti ‘Yén urang teu kenging taluk ku rongkahna lambak dunya, malahan cenah kudu dunya anu ditalukkeun ku urang.’ lain kitu?”

Angger ngabigeu.

“Ieuh!” kuring ngaguyah-guyah tak-takna anu beuneur anu ditato kembang eros hideung––sanggeus ngagésér ngadeukeutan manéhna.

Angger kénéh ngabigeu. Tapi tak-takna kalah oyag. Uget-ugetan. Tayohna ambek kapegung, ceurik sisimeukkeun.

Kuring ngaleng manéhna bari ngusapan tak-takna pinuh kanyaah.

“Jadi, keukeuh! Mulang ka Taman Éden hiji-hijina jalan?”

Manéhna unggeuk, terus tanggah. Ngalieuk ka kuring, katingali panonna rambisak. Ujug-ujug... gabrug! Nangkeup. Sirahna nyuuh kana dada kuring.

“Teu! Kuring teu sapuk jeung pamadegan nu Geulis.”

“Sing hawatos, néng tos teu kiat.”

Gantian, ayeuna kuring anu ngabigeu, baluweng poék pikir.

“Bener, geus gilig!” mastikeun deui, sanggeus sawatara lila ngahuleng.

Manéhna ngagelenyu.

Duh... éta pisan anu matak melang téh. Imutna anu kareueut anu salalawasna sok dipaké ngabeberah, ngupahan, najan hirup pinuh ku kasang­saraan.

Cengkat lalaunan. Dituturkeun ku manéhna anu sarua milu cengkat.

“Teuneung?” nanya deui.

Unggeuk.

“Téga ninggalkeun kuring!”

“Kapaksa. Teu aya deui jalan.” bari ngabalieur, neuteup seukeut ka jauhna.

“Lamun keukeuh teu beunang dipersabenan, jung...!”

Angen kuring ngadadak asa ditunjel. Napas jadi sumpeg, hésé deuk ambekan-ambekan acan. Jajantung kawas nu eureun ngompa––teu ngocorkeun getih kana unggal urat nadi dina sakujur awak kuring. Temahna getih ngagunduk, cicing dina embun-embunan. Pamus­tungan­ana beungeut karasa panas nyongkab, lir direrab.

“Salira ambek ka néng?”

Teu ngajawab. Sabab awak karasa beuki rongkah, nyongkab, ngagegedur seuneu amarah.

“Baé! Ngan anu panungtungan, kuring hayang ningali nu Geulis maké baju anu ku kuring diimpi-impikeun salila ieu.”

Panonna lir sarébu jarum, seukeut nojosan neuteup ka kuring. Panon anu sarua sok nga­gedur­­keun kelét-kelét birahi. Nungtun-rajawisuna, ngaruntag­keun unggal jajantung lalaki.

Manéhna rurusuhan muka baju, ngalaan sagala anu napel dina awakna teu bina ti orok anu karék digubragkeun ka alam dunya, bulucun.

Awakna sampulur. Unggal senti dina dirina lir hariring wanaspati nu nyanding dina dalingding asih lambak birahi. Unggal jeungkal dina awakna ngalangkangan saincak-incak dosa. Atawa bom atum anu bisa iraha waé ngabeledugna­. Malahan sababaraha pajabat pamaréntah kungsi kajiret, jadi sekandal anu ngageun­jleungkeun.

“Geuning...?” manéhna kerung, ngalak-ngilik baju anu dibikeun ku kuring. “Ieu mah baju pangantén pulas bodas anu ti baheula ku néng diimpi-impikeun.”

Kuring unggeuk. Teu karasa dina juru panon aya nu kaluar, cai rada haneut ngalémbéréh. Manéhna geuntak nyusut cipanon kuring bari imut.

Sanggeus dibaju sapuratina, manéhna leumpang tilu léngkah ka hareup, ngadeukeutan tungtung wangunan.

“Geulis nya?” dangdak-déngdék, ganjen.

Kuring seuri, ketir.

“Tapi, Ké!” manéhna ngalieuk ka kuring. “Hapunten, kinten-kintenna moal nanaon dikantun ku néng di dieu nyalira?”

“Teu kudu milu mikiran! Kuring nyaho kana naon-naon kahayang kuring.”

Manéhna ngajengjen, bangun asa-asa.

“Bral..!” tatag. “Ngan catet! Kuring salawasna bakal cicing dina jero haté nu Geulis. Sabab rasa kuring, nya rasa nu Geulis kénéh. Déngékeun tah! Rasa kuring, nya rasa nu Geulis kénéh.”

“Sami! Salira gé bakal salalawasna aya dina tungtung kolbu. Sabab haté Salira kungsi ngahiji, sapamadegan sareng haté néng.”

“Phuih..! Bohong!”

“Maké nyarios bohong sagala, sapertos nu cangcaya ka néng!”

“Lamun bener kungsi sapadegan ngahiji, meureun moal pakia-kia cara ayeuna!”

“Kahirupan ngabuktikeun, anu kungsi ngahiji bakal ngalaman pipisahan. Anu hirup bakal ngalaman maot.”

“Teu adil kitu carana mah!”

“Naha kungsi kitu kahirupan méré kaadilan ka urang?”

Tikoro ngadadak nyelek. Rurusuhan nyokot botol podka. Ditotor, sangkan tikoro karasa baseuh deui.

Manéhna lalaunan ngaléngkah kana tungtung wangunan. Mega hideung nyayeud. Kawas nu ngajujurung-laku, bangun nu atoh.

Sora guludug teu pupuguh ngaguruh, handaruan. Disusul ku kingkilaban, tingbarasat lir geritan-geritan silét anu nyoék-nyoékkeun gambaran langit pulas paul kolot.

“Pileuleuyan..., rido teu rido néng tetep bakal mulang. Ambu, para Guriang, para Pohaci, geura papagkeun, néng badé sujud kana lahunan.”

Manéhna luncat. Terus hiber, ngalayang di jomantara. Ngajaul mumbul ngalak-paul lir nu kapecleng­keun––nolak tina rosana kakuatan gravitasi bumi. Ngabelesat, tarik nyading pusaka Guawijaya nu lugay tina gondéwa Rama.

Kuring ukur bisa nganteur ku teuteupan, jeung murubutna cimata.

Awak ngageter tarik pisan. Podka dina cekelan ditotor deui nepi ka béak. Korédas, teu nyésa sakeclak-keclak acan.

Katingali baju pangantén­na ngélébét. Rumbé-rumbé dina tak-takna ririakan nga­wirah­ma. Beuki lila, ngapungna beuki luhur. Ngan..., bet aya nu ahéng! Sabab palebah tong­gong deukeut tak-takna jiga aya nu kaluar, kawas bulu merak semu hérang. Beuki lila éta bulu anu jiga bulu merak téh beuki manjangan, jeung ngalobaan. Pamus­tunga­nana ngajang­gélék mangrupa sapasang jangjang––siga malaikat––naplok dina tong­gong­na. Sanggeus kitu mah nga­pungna beuki narikan. Suat-siet, lir dadali nya­be­tan manuk leutik dina mega nu beuki nyayeud, beuki moékkan alam dunya.

Para Guriang nyerangkeun ti awang-awang. Sarurak, éak-éakan...

“Pileuleuyan Geulis, urang paturay di dieu. Meureun ieu jalan anu alus pikeun urang. Pileuleuyan...” kuring meureumkeun panon teu kawawa.

Kingkilaban tingbarasat deui, datang deui beuki rongkah. Sorana ngageleger nguwak-ngawik langit, tangka mancawura awut-awutan. Teu kalis, milu ngajojowét lalangit haté kuring anu beuki dieu karasana beuki peteng, ngabelegbeg.

Raga, rasa, jeung kahayang nungtut muguran, lir kalakay ilang dangiang. Kawas geus bosen cicingna dina jero awak. Meureun pundung, bongan sok dijieun tempat marudahna hawa napsu.

Jajatén haté, marékplékan. Saremplak kawas surak nu éak-éakan. Ngalelejo­keun kana awak anu geus sakieu pasiksakna. Ninggalkeun lulurung anu gudawang pinuh ku raheut-raheut dosa. Poék mongkléng teu katingali curuk-curuk acan.

Geulis... geuning raga téh ngan ukur tempat gambarna kahayang. Baeu teuing jungjunan, pangeusi haté geus pada pundung. Ngajengkat, rurusuhan mulang ka tempat nu suwung­­, kosong mungguh kasampurnaan. Marojéngja dina raga nu tanpadaksa. Geuning, baligeusan ngagegero. Cunduk waktu gura-giru, ninggang mangsa mulang deui ka tempat panginditan anu baheula.

Hawar-hawar ti jomantara kadéngé loba sora-sora nu tingkocéak. Leungeun-leungeun tinggarupay, ngahiap-hiap.

Para pohaci ngarawih, rampak-sekar. Sorana jero, gaib pisan:

“Hariring pinasti keur panggeuing ti jisim nu ngajirim. 

Ringrang longkéwang nu nyamar na samar-samar.

Baeu teuing Anaking, Hidep dipapag ti langit.

Pileuleuyan Anaking, pileuleuyan...”

                ***

Angin cara sasari, ngahiliwir ngajak ocon. Terus ngamuk ngawur-ngawurkeun lebu, ngahiber-hiberkeun deui kekebul jeung dangdaunan anu geus gararing.

Dua wanoja keur ngalénghoy bangun antaré. Leumpangna gura-giru bari ngabirigidig basa nepi ka palebah wangunan gedong titinggal jaman walanda.

“Tuh di ditu, saminggu ka tukang aya saurang palacur anu luluasan nyéba­keun ragana, bunuh diri luncat tina luhur gedong bari maké baju pangantén.” nerangkeun ka baturna anu hiji deui.

Hawar-hawar di jomantara kadéngé deui aya nu ngawih, mani ngadingdiut.

Pileuleuyan Anaking, pileuleuyan...”

***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: