• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Nu Ceurik Luhur Gunung

Kénging Mamay Noer
Kintun kana Facebook

Wanci nyedek ka burit. Sakeudeung deui bedug magrib. Tapi Mang Tatang masih ongko-ongko méréskeun tangkal sampeu di kebonna nu aya di lamping gunung. Tadi isuk-isuk sampeuna diborongkeun ka bandar. Mokaha hasilna rada mucekil najan sésa ngoréhan monyét ogé. Komo lamun seug sakadang  teu ngaranjah mah, hasilna bakal leuwih  untung.

Keur anteng ngalamun bari méréskeun tangkal sampeu ka sisi, ujug-ujug

ceuli Mang Tatang rancung. Ngadéngé-déngé sora hawar-hawar ti luhur gunung. Gawéna ngarandeg heula bisi salah déngé. Sora nu ceurik ngabangingik. Awéwé! Hawar-hawar sakapeung kabawa angin ti lamping. Bulu punduk Mang Tatang langsung rancung. Ah, ukur  dédéngéan meureun. Ceuk pikirna. Manéhna neruskeun deui hanca gawéna nu kari saeutik deui.

Hing deui kadéngé sora nu ceurik ngabangingik. Beuki awas, yakin luhur gunung pisan, tonggoheun kebonna. Teu éra ku pantar lalaki, Mang Tatang teu ngurus meungkeut tangkal sampeu nu diteukteukan tadi. Teu sirikna ngagedig lumpat  muru ka lembur. Kasieun asa ngukuntit. Bulu punduk asa cawidwid. Kacipta, nu ceurik nyangheuy di luhur tangkal kiara jégang. Buukna ngarumbay panjang ngagangsar kana taneuh. Hiiiiyyy, amit-amit. Mang Tatang ngusap birit. Leumpangna beuki ngungkug mudun, teu inggis tisungkruk da haté dikukuntit kasieun. Palebah tanjakan bis waé nubruk Aki Arnasim nu karék balik pulang marab domba inguanana. Imah Aki Arnasim teu jauh ti éta tanjakan.

"Naha ari sia, Sujang, leumpang téh kawas nu diudag jurig waé?"

"Itu, Ki…di luhur gunung. Di luhur gunung….." Mang Tatang nyarita teu puguh.

"Di luhur gunung? Aya naon kitu di luhur gunung? Aya nu cilaka?"

"Lain, Ki…jurig ceurik…." Mang Tatang nyarita tatag naker.

"Jurig? Jaman kiwari masih aya keneh jurig? Kapan di luhur gunung téh lalénang. Teu salah déngé, Tang?" Aki Arnasim jiga nu cangcaya.

"Demi Alloh, Ki…abdi teu nginjeum ceuli batur. Dua kali ceurikna. Mimiti mah ukur hawar-hawar. Kabéhdieunakeun beuki atra. Yakin éta sora nu ceurik ngabangingik, kanyenyerian, ki….."

"Boa-boa….." Aki Arnasim ngagerendeng.

"Boa-boa naon, Ki?" Mang Tatang mencrong bangun panasaran.

"Arwah Nyi  Sumi…."

“Nyi Sumi anakna Mang Hadma nu di lembur lebak téa? Ari kitu kunaon jeung arwah Nyi Sumi?",

"Enya, Jang…kapan maotna gé teu wajar. Maot di pabrik tempat gawena. Ceuk béja mah diwadalkeun, mangkaning kapan parawan kolot jadi maotna panasaran…." Mang Tatang colohok mata simeuteun. Asa teu percaya ari arwah Nyi Sumi kudu kulayaban mah. Nyi Sumi kapan kasebut parawan bageur. Teu loba tingkah najan hirup di kota gedé. Obrolan kapegat ku haloangna sora adzan ti masjid. Mang Tatang jeung Aki Arnasim mungkas obrolanana rék muru berjamaah solat magrib.

                                     **

 

Carita Nyi Sumi marakayangan nerekab di sakuliah lembur. Itu-ieu puk-pok nyaritakeun sora nu ceurik luhur gunung jeung maotna Nyi Sumi. Padahal mah Nyi Sumi maot di Bandung. Maot di pabrik tempatna gawé. Ceuk béja Nyi Sumi jadi wadal tempat manehna gawé. Aya béja deui Nyi Sumi diperkosa terus dipaténi ku babaturan sapagawéanana. Enya gé rada telat rumah tangga, Nyi Sumi kaitung boga wanda pantes. Komo mun daék dangdan mah. Tapi meureun da heueuh, masalah jodo diatur ku Nu Maha Kawasa. Nyi Sumi diparengkeun can ditepungkeun jeung jodona kaburu dipungkas ku pati.

"Ari manéh bener ngadéngé nu ceurik di gunung?" Jang Otong melong ka Jang Mahmud babaturanana.

"Bener….mimiti mah teu percaya. Padahal mah masih beurang kénéh jam duaan batur gé réa kénéh di kebon."

"Nini Armunah gé kapan kamari nepi ka labuhna da ngadéngé nu ceurik di gunung. Padahal mah mun heueuh éta arwah Nyi Sumi hég disampurnakeun atuh nya. Karunya….." Mang Jumad milu mairan.

"Tapi bener lamun éta nu ceurik arwah Nyi Sumi? Kapan maotna gé di pabrik, lain di luhur gunung. Naha marakayanganana jadi di luhur gunung teu di pabrik kitu?"

"Wallohualam….tapi kapan karesep Nyi Sumi ulin ka luhur gunung lamun pareng peré tina gawéna. Jadi meuruen asa nineung ninggalkeun tempat paniisanana…. atawa méré tangara ka kulawargana yén manéhna hayang dipangmaleskeun dengdem ka nu maténi  inyana….." Jang Daus nyarita bari pepeta.

"Ah, sia! Kawas nu heueuh waé. Béjana méméh maot mah sia kungsi naksir Nyi Sumi, lin?" Jang Mahmud jeung Mang Jumad pating belengéh seuri.

"Baé atuh, geulis ieuh…hanjakal kaburu teu aya."

"Tuh téang luhur gunung, pasti geulis pisan. Da kukuna panjang, buukna panjang, huntuna panjang. Ha ha ha ha…." Jang Otong ngabarakatak seuri pon kitu nu aya didinya. Jang Daus jamedud bari teu ngomong sakemék.

"Meugeus, Jang…. geura ka carai! Takol bedugna urang sholat isya berjamaah," Ustad Amin ngagebés. Riungan langsung bubar, aya nu muru ka tempat wudu, sawaréh ukur ngajanteng di téras masjid bari heureuy deui jeung babaturanana.

Mang Hadma jeung Bi Titin, indung bapana Nyi Sumi. Kacida nalangsaeunana mireungeuh béja nu nerekab di sakuliah lembur. Duanana teu nyangka lamun maotna Nyi Sumi rék jadi piomongeun jalma salembur. Mang Hadma jeung Bi Titin kurang yakin lamun éta nu ceurik di luhur gunung arwah Nyi Sumi anakna. Asa teu mungkin. Ceuk pikir maranéhana. Nyi Sumi dipulasara sakumaha mistina naha maké kudu marakayangan? Beurang-beurang deuih. Enya, Nyi Sumi resep ulin ka luhur gunung. Wajar, kapan kebonna aya di luhur gunung. Nyi Sumi sok rajeun milu ka Bi Titin mun pareng indit ka luhur gunung. Refreshing omongna. Pédah tetempoan ti luhur gunung ka handap kacida waasna. Plung-plong satungtung deuleu ngémploh héjo ku tutuwuhan jeung pelak palawija. Mémang waas. Mang Hadma ngarénghap jero naker, miceun bangbaluh nu karasa kacida beuratna.

"Kunaon Kang? Aya béja teu ngeunah deui ti luar?" Bi Titin nyampeurkeun salakina bari mairan cai kopi sagelas. Sok diteundeun dina méja hareupeun Mang Hadma.

"Akang panasaran, Tin…naha enya béja urang lembur téh kitu? Akang hayang ngayakinkeun. Karunya Si Nyai. Maénya sina kitu waé. Bisi enya omongan jalma réa téh. Urang tarékahan ka Mama Badrudin di Lembur Tonggoh," ngarérét Bi Titin nu kalah ngahuleng ngalilimba nahan kasedih.

"Kumaha, Manéhna?!" Mang Hadma satengah ngagebés.

"Nya, Kang. Abdi gé panasaran hanyang ngabuktikeun. Naha  enya omongan jalma réa téh yén arwah si Nyai marakayangan? Sakalian ajak Mama Ajengan Badrudinna ka luhur gunung. Dina enyana bisa langsung disampurnakeun…" Mang Hadma unggeuk. Duanana patinghareneng teu ngomong sakemék. Anteng dina lamunan masing-masing.

 

            **      

   

Gunung Béntang, kitu katelahna. Puncakna munclut katémbong éndah mun ditingali dina wanci beurang. Héjo linduk bangun nu iuh. Mémang kitu dina kanyataanana. Puncak Gunung Béntang matak pikabetaheun. Plung-plong ka ditu-ka dieu. Awas satungtung deuleu matak betah nu niis.

Tapi sanggeus béja arwah Nyi Sumi marakayangan jarang nu ngalanto ka luhur gunung. Nu sakalieun butuh suluh gé cukup kurah-koréh di handap mulungan pangpung albiso bakat ku sieun. Nini Warsih nu katelah ludeungan gé teu daekeun ngulampreng ka dinya.

Peuting jempling réhé combrék. Ukur sora gaang jeung jangkrik patémbalan. Ti kajauhan sora hingkik tambah mapaés simpéna jalan satapak ka luhur gunung. Ambekan patingharégak bakat ku capé. Ti lembur ka luhur gunung téh lain lalampahan sakeudeung,  butuh waktu rada lila. Acan nanjakna matak eungap kana dada. Komo deui nu nanjakna geus kolot modél  Mama ajengan Badrudin ti lebur tonggoh mah matak pikarunyaeun. Tapi da kajurung ku hayang nulung ka keluarga Mang Hadma. Mama Badrudin ngersakeun nanjak ka luhur gunung. Dibaturan ku Pa Kuwu sareng Pa Amil, pon kitu deui Pa RT Sukanta jeung Kulisi Desa.

Léngkah Mama Ajengan Badrudin kandeg, pananganana diacungkeun nitah eureun ka abringan. Saréréa ngeureunkeun léngkahna.

"Aya naon cenah, uy. Maké eureun sagala? Geus kapanggih arwah Nyi Sumina?" Jang Otong ngaharéwos ka Jang Wandi hareupeunana.

"Enggeus, tah nangkod na tonggong manéh…!”

"Hihh, nanaon téh urang sieun yeuh…." Ngeleper nyekel leungeun Jang Wandi  tarik pisan. Jang Wandi teu wudu ngagurubug nyerieun.

"Ulah pacekel-cekel geura, Tong. Engké urang disangka bobogohan geura ku batur," Jang Wandi Ngaharéwos.

"Heueuh da urang sieun, Wan," Jang Otong keukeuh nangkod dina tonggong Jang Wandi.

"Ari sieun mah padahal tong ngilu atuh! Cicing wé di imah…." Jang Wandi maido.

"Héh, meugeus tong cékcok waé, gandéng!!" Pa RT ngagebés. Duanana caricing. Sakabéh panon manco ka hareup, neuteup ka palebah luhur gunung.

Ceuli nu hadir di dinya ngadak-ngadak rancung pas hawar-hawar kadéngé sora ngahinghing ti luhur gunung. Jelas pisan, sora nu ceurik. Awéwé.

"Hayu Jang Kuwu urang ngeureuyeuh, saha atuh cenah nu lewéh wayah di luhur gunung," Mama Ajengan Badrudin imut. Saréréa ngabring deui nuturkeun léngkah Mama Ajengan. Léngkah diatur da bisi ngagareuwahkeun nu keur ceurik. Taya nu ngomong sakemék ukur sora ambekan nahan kacapé balas nanjak.

Palebah rungkun sadagori, léngkah Mama Ajengan ngarandeg deui. Socana

anteb ka payun ka palebah saung kebon di puncak gunung. Ku saréréa katingali. Aya awéwé diuk di saung bari ceurik, éta awéwé nukangan nu naringali. Buukna ngarumbay nutupan imbitna. Jang otong beuki tarik nyekelan leungeun Jang Wandi. Sukuna ngaleleper bakat ku sieun pon kitu deui jeung Pulisi Desa nu kakocap leumpeuh yuni.

Sénter nu dicekelna nepi ka ragrag, manéhna ngagubrag teu inget di bumi alam. Gancang diamankeun ku Juru Tulis Desa digolérkeun di sisi. Mama Ajengan jeung Pa Kuwu lalaunan nyampeurkeun nu ceurik. Nu séjénna ngajaranteng tukangeun rungkun sadagori bari singcarileung néangan pilumpateun bisi jurig nu ceurik ngamuk.

Nu ceurik beuki atra. Sada ceurik jelema. Mama Ajengan Badrudin ngagerentes dina manahna. Nu ceurik disampeurkeun jeung disidik-sidik.

"Aéh, Nyi Titing geuning? Keur naon Nyai ceurik di dieu?" Mama Ajengan mencrong ka nu keur kanyenyerian.

"Salaki abdi, Mama. Ngamuk. Abdi disiksa deui," Nyi Titing némbalan di sela ceurikna.

"Naha atuh bet ceurik di dieu, Nyai?" Pa Kuwu mairan.

"Abdi geus teu kuat, Pa Kuwu. Lamun abdi ceurik di lembur matak guyur tatangga. Salaki abdi téh kawin deui. Lamun abdi nanyakeun hal éta ka salaki, manéhna langsung nyorongot bari sok tuluy nyiksa. Komo deui tadi peuting salaki abdi datang bari mawa nu ngora, ngéndong di imah abdi," Nyi Titing ceurik deui bari inghak-inghakan.

"Jadi nu sok ceurik di luhur gunung téh Nyai?" Mama Ajengan neuteup.

Nyi Titing unggeuk. Saréréa carolohok mata simeuteun. Taya nu nyangka sacongo buuk lamun nu ceurik téh jelema enyaan. Paroman Mang Hadma katémbong béar marahmay. Haténa guligah. Manéhna asa leupas tina kabeungbeurat. Nyi Sumi teu marakayangan sakumaha ceuk carita batur salembur. Nu ceurik luhur gunung lain Nyi Sumi, tapi Nyi Titing. Tukang loték nu sok dagang di péngkolan, pamajikan Mang Kosasih urang Sarakan.

Balik ti luhur gunung sajajalan galécok. Nyi Titing milu balik bareng jeung abringan. Pa Kuwu, Pa Amil, katut Pa Ulis sadia deuk mantuan masalah Nyi Titing jeung salakina. Palebah suku gunung urang lembur nu séjén geus ngaliud harayang nyahoeun hasil ti luhur gunung. Maranéhna silih tanya jeung pada baturna. Jang Otong jeung Jang Wandi beak dironom ku ibu-ibu jeung nini-nini. Ditanya ieu jeung itu. Saréréa  ménta dihampura ka Mang Hadma jeung pamajikanana. Rumasa geus salah sangka ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

elih

euleuuh meuni sae ieu carita ... aya lucuna ..aya panasaranna ... karunya teuing eta nyi titing...

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: