• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Péso Komando

Kénging Sanjani
Kintun kana Facebook

“Montong panggih deui jeung si éta, siah!”

Ceuk bapa, bari sesentak. Tuluy ngawakwak ka mana karep. Curukna nu teu eureun tutunjuk kana irung. Sorana bedas, ngajelengéng kana ceuli.

Teu dipaliré. Teu hayang ngadéngé. Barina gé ari arék nyarékan mah sing ningali kana kaayaan! Kumaha lamun ninggang hareupeun jalma réa? Rék dikamanakeun beungeut kulawarga? Katurug-turug bapa téh tentara, turta pangkatna teu bisa disapirakeun. Matak nyisitan kana panon nu nempona. Kitu meureun nya jadi tentara mah, kudu total béla pati keur nagara. Ari kulawargana diantep sina balangsak. Duka bapa wungkul kétang nu kitu téh.

Mun seug aya kénéh ibu, meureun moal kieu bapa téh. Moal nandasa kana harepan nu jadi anak. Enya ari hirup mah sarwa cukup, sarwa kacumponan, ngan nu jadi hanjakalna harepan kuring asa geus diganggayong ku kaayaan bapa nu ayeuna. Padahal teu pira kahayang téh, hayang panggih jeung hiji mojang nu teu weléh ngaringkang dina lelembutan. Hayang panggih jeung Rita.

Ah, jigana hal-hal nu kitu mah lain pikiraneun bapa. Tayohna tina awahing ku mindeng curak-carék, jadi asa ilahar waé. Malahan teu samet nyarékan, aya kalana sok nepi ka ngeunteupkeun peureup kana beungeut. Kajadian kitu téh kungsi karandapan ku kuring basa keur di pangkalan ojèg. Nu jadi sababna mah pédah kaperego keur ngobrol jeung Rita. Padahal mah da teu kahaja amprokna gé. Pada-pada rék naék ojég muru ka tujuan séwang-séwangan. Rita indit ka tempat pagawéanana, kuring miang ka kota rék kuliah. Mun harita euweuh Kang Jamlun jeung Mang Sarpi mah, teuing kumaha boa. Cacakan ka anak sorangan. Komo ka batur.

“Mun manèh keukeuh hayang nepungan, aing moal ngaku anak ka silaing! Ngarti?!”

Kuring ngabetem basa di imah bapa ngomong kitu. Ukur diuk dina korsi. Pikiran mah ngacacang ka mana boa. Geus bosen ngadéngéna, geus asa ngadéngékeun lagu lawas nu dihaleuangkeun unggal mangsa. Jeung deuih mun ngalawan da puguh lain lawaneun. Cumah! Miceunan waktu jeung tanaga. Mending dipaké dagang atawa nyieun carpon. Puguh kaharti éta mah, aya bungkleukanana. Aya batina. Dijamin. Moal aya tungtungna paturegeng jeung bapa nepi ka puput umur gé. Tong boroning jeung anak, kalan-kalan jeung atasanana gé pahereng-hereng, pédah wé umurna sahandapeun.

“Jeun teuing, da can kungsi milu perang ieuh atasan aing mah,” kitu nu mindeng kadéngé mah ti bapa.

Enya, atasan sotéh da lebah sakolana. Bapa mah kapan kungsi milu perang, ti mimiti Acéh nepi ka Lébanon. Kungsi bégalan pati di médan perang.   

Katelah sangar pisan bapa téh. Kagodèr saeutik, moal burung morongos. Komo mun aya nu wanieun ngaheureuyan, langsung dijekuk. Antukna batur gé pada ngajauhan. Nu sok biasa nganjang ka imah, sanajan ngadon nguseup di pipir imah atawa ukur gogonjakan di ruang tamu, ayeuna mah geus langka. Bangun nu leungit kabawa angin. Dina ayana gè bubuhan wè mun perelu. Da ngahaja-haja mah pimanaeun teuing. Sieuneun ku adat bapa nu sok ngagambreng teu pupuguh.

Bapa jadi kitu téh ka béhdieunakeun; ti saprak ditilar ku ibu nu mulang ka kalanggengan dua taun katukang. Dulur-dulur kitu deuih, embungeun ngahaja amprok. Dina waktu lebaran gè da pada moyongkod mun pareng panggih jeung bapa tèh. Pahayoh-hayoh mun rèk sasalaman téh, pada-pada embung ngabalakan.

“Ayeuna mah manèh sakola sing balèg. Sing bener! Aing mah nitah tong manggihan si Rita sotèh da nyaah ka manèh. Bisi kabawa teu balèg.”

Bru calana loréng bapa urut dipaké sapoé jeput ditambrukeun kana méja hareupeun sofa. Kuring tungkul, enyaan teu hayang melong beungeut bapa. Tuda geus siga témbok di sisi jalan anu pinuh ku corétan-corétan géngster. Teu mangrupa. Naha enya nyaah, Pa? Mun nyaah tangtuna gè moal mahing kuring sangkan amprok jeung Rita. Boga salah naon ari Rita, Pa? Nepi ka boga pipikiran kawas kitu. Manasina mun Rita tèh bangsat nu ngajak milampah pagawéan nirca. Buktina kapan henteu. Kuliah teu karobéda, malah sakeudeung deui gé lulus jadi sarjana.

Oh, boa pédah ningali Rita sok indit-inditan ti peuting balikna subuh mamaké rok nu saluhureun tuur meureun nya? Atawa sok nempo Rita kaluar tina mobil sedan bari beungeutna celong, sepa, tur buukna ruwag-rawig? Na atuh da éta mah lain kahayang Rita, éstuning kapaksa ngalakonanana pikeun nyumponan pangabutuh keur dirina jeung kulawarga. Apal ieuh, ti saprak indung-bapana pipisahkan, nya Rita nu jadi gunung pananggeuhan pikeun adi-adina anu karék sakola di SD.

“Si Rita mah cucungah! Matak mawa wirang! Awéwé la’nat! Runtah masarakat.” ceuk bapa bari ngaléos ka dapur.

Jung Kuring nangtung basa bapa ngomong kitu. Kuring mencrong ka bapa nu keur ninyuh kopi di dapur. Panon ngulincer. Biwir gumeter. Huntu geus tingpepereket. Urat beuheung geus raranteng. Leungeun ngeleter. Pikiran geus titeuleum kana sagara napsu. Rét kana méja, katara aya péso dina calana bapa, péso komando. Gap éta péso dibawa. Kuring ngabedega hareupeun sofa. Dina wangwangan geus euweuh Rita, iwal ti bapa. Bapa. Tapi leungeun bet can panceg nyekel péso. Ngarasa cangcaya rék milampahna.

“Ayena waktuna,” ceuk nu ngaharéwos kana ceuli. Tuluy ngaleungit katebak angin.

Nyéh kuring seuri. Réma beuki biasa ngeupeul péso. Keteg jajantung beuki gancang. Getih beuki tarik ngamalir ka sakujur awak. Léngkah beuki hampang. Deudeuleuan beuki atra. Geus moal asa-asa, geus wasa ayeuna mah. Beuki deukeut, beuki deukeut. Kaangseu bau cikopi. Bau awak Bapa. Bau..getih bapa. Péso komando diacungkeun, tuluy…

***

Koréjat Kuring hudang. Késang ngoprot saawak-awak. Kuring rarat-rérét ka sabudeureun rohangan. Aya lomari. Aya poster. Aya potrét kuring jeung Rita waktu jatukrami. Rét ka gigir, aya Rita keur saré ngageubra. Keur ngalalana dina impénan tayohna mah. Kuniang kuring cengkat tina risbang. Beretek lumpat laju muru ka kamar bapa. Keteg jajantung beuki rosa, dina pikiran ngan ukur bapa. Bapa. Jeung bapa

Barang nepi, kamar suwung. Teng, ieu lelembutan geus ka mana boa. Kuring geus teu puguh rasa, bisi bapa… Ah, ieu suku tuluy luméngkah ka papiliun. Dingding geus robah kabéh jadi beungeut bapa. Pon kitu deui poto-poto dina pigura, kabéh jadi gambar bapa. Ana geus anjog ka papiliun, kajeueung dina sofa beureum aya nu diharudum ku simbut. Haté teu weléh ratug tutunggulan. Tuluy simbut disingkahkeun…. Barang bray, katara kumisna baplang, buukna cepak, jeung dadana komboy. Rét kana beuteungna, aAlhamdulillah. Aya kénéh empés-empésna. Geuning bapa aya kénéh dikieuna. Taya kajadian nanaon, taya kajadian cara nu dina impian.

Gék Kuring diuk dina korsi gigireun sofa beureum, bari sirah léléndéan kana luhur sofa. Kadéngé haleuang sora Axel Rose dina DVD, kawasna mah urut nyetél bapa tadi. Angin ngahiliwir nuuskeun késang. Matak tingtrim.

Jam dingding teu kareungeu sora jarumna. Peuting téh karasana bet ramé kieu. Geus lain mangsana, geus waktuna réhé. Mépéndé nu rék saré. Rét ka handap néangan rémot DVD, maksud téh rék mareuman nu keur hahaleuangan.

Deg kuring ngagebeg basa panon mencrong kana leungeun. Lain sora Axel Rose deui nu ngahariring, baganti jeung sora jam dingding sarta angin matak nyocokan ceuli. Ketug jajantung ayeuna karasa eureun. Panon teu daék ngulincer. Sirah ngageter. Rasa cangcaya dina pikiran tuluy muter. Dalah dina leungeun, péso komando nu dicekel.***

Perbas, 2012

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: