• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Asa Teu Pira

Kénging Mimif Miftahul Huda
Kintun kana Facebook

Asa teu pira. Harita téh kuring ngan saukur méré baju ka si Siti. Na mani teungteuingeun, jadi kieu kaayaanana. Haté jadi teu puguh rarasaan. Ceuli teu puguh dédéngéan. Ieu deuih panon ujug-ujug teu puguh titingalian. Asa ku anéh.

Enya, teu pira ceuk kuring gé. Pira méré baju. Pédah meureun si Siti téh randa ngora anu ditinggalkeun maot ku salakina. Tapi da kuring teu boga niat nanaon, iwal ti ngarasa karunya. Taya deui lian ti karunya. Pédah wé manéhna di dieu téh teu boga sasaha deui. Kulawarga geus teu boga. Gawé teu tangtu. Dahar kadang aya, kadang euweuh. Baju nu dipaké ogé sigana téh éta deui-éta deui.

Éta mimitina mah anu ngabalukarkeun kuring kapikir méré baju téh. Nyedek pisan ka lebaran, piraku bajuna sararoéh. Kapan ceuk agama gé lamun aya tatangga anu sangsara, urang wajib méré. Nya kuring téh meuli baju wé sasetél. Tuluy dibikeun ka manéhna.

Euweuh. Euweuh kajadian nanaon deui harita téh. Malahan mah manéhna téh nunuhunan pisan ka kuring.

Ari der téh isukna urang lembur geunjleung. Mani ramé. Cenah mah si Siti reuneuh. Asa teu mungkin cenah reuneuh ku almarhum salakina mah, da geus lila atuh maotna gé. Kuring mah biasa wé ngadéngé omongan kitu téh. Enya mimitina mah rada reuwas. Tapi da lain urusan kuring ieuh.

Barang kuring balik digawé, ujug-ujug aya nu nepak kana taktak di jalan téh. Geuning si Samin, manggul pacul.

“Sardi, cenah manéh ngareuneuhan si Siti?” pokna.

Ngadéngé kitu, ngagebeg kuring téh. Asa kabéntar gelap. Geuwat wé kuring téh nyentak si Samin.

“Ari manéh Samin ngomong téh sok ka mana waé.”

“Éhhh... saha nu sok ka mana waé téh? Urang lembur mah geus pada apal. Cenah si Siti reuneuh!”

Rék ditémbalan deui téh geus kaburu nepi ka hareupeun imah. Langsung waé kuring téh asup.

Barang asup, sakedapan mah kuring téh ngagebeg. Dédéngéan mah asa aya nu ceurik. Piraku aya kunti wayah kieu? Ari disampeurkeun ka tempat datangna sora, geuning si Isah, pamajikan kuring anu ceurik téh. Atuh da iraha teuing ngadéngé si Isah ceurik. Salila rumah tangga, asa can kungsi ngadéngé pamajikan ceurik kawas kitu. Éta anu matak kuring reuwas téh.

Ari ditanya kalahka ngabigeu. Cék pikir téh, boa-boa kitu gara-gara si Siti téa. Nya diantep wé pamajikan téh. Da mun keur dina kaayaan siga kitu mah moal bisa dikukumaha.

Sababaraha poé ti harita, ngadadak ménta pipisahan pamajikan téh. Kuring teu ngarti naon anu nyangkaruk dina pipikiranu pamajikan. Ari ditanya téh ngan ukur ngajawab geus teu bisa percaya deui ka kuring. Nya kuring ogé teu bisa nyalahkeun. Da mun teu nyabar-nyabar manéh mah, moal bisa betah cicing di ieu lembur. Atuh da mun aya nanaon téh tara lila, jalma salembur langsung pada nyahoeun. Jeung deuih omongan-omonganana téh ibarat seuseukeut hinis. Tara bisa dijaga biwirna téh. Dileuleuyan wé pamajikan téh.

Sanggeus kitu, kuring langsung ngadatangan imah si Siti. Rék nanyakeun bener-henteuna. Tapi geuning di imahna euweuh sasaha.

Di tengah jalan kabeneran kuring papanggih jeung si Samin.

“Min, manéh nyaho teu saha nu mimiti ngomong yén si Siti reuneuh? Terus reuneuhna pajar ku kuring?”

“Éh, éta sugan bener teu manéh anu ngareuneuhan?” Ceuk Si Samin kalah ka malik nanya.

“Manéh teu percaya ka uing?”

“Lain teu percaya Di, tapi pan kana jerona haté jalma mah saha nu nyaho.”

“Nya enggeus lamun kitu mah urang tanyakeun langsung ka Si Sitina,” kuring langsung némpas omongan si Samin.

Nepi ka soré, anu ditungguan téh teu baé datang. Isukna langsung waé jalma salembur téh dikumpulkeun di balé désa. Si Siti cenah rék balaka ngeunaan kaayaan manéhna. Kabéh jalma anu boga pakuat-pakait jeung si Siti aya di dinya. Kaasup kuring jeung pamajikan.

Ari geus balaka, kalah beuki reuwas kabina-bina. Asa teu percaya ku omongan si Siti, cenah kuring anu ngareuneuhan manéhna. Kabéh percaya kana omonganana, kaasup pamajikan kuring. Enya atuh da sakumaha rongkahna kuring ngabéla diri gé moal aya nu percayaeun. Puguh taya saksi jeung teu boga bukti.

Kabéh jalma anu aya di dinya malencrong ka kuring. Sajajalan kuring geus teu puguh pikir. Awak di mana, pikiran di mendi. Kuring buru-buru mulang. Ningali pamajikan keur nyegruk, diomongan kukumaha ogé geus teu bisa diupahan. Manéhna keukeuh ménta pepegatan.

Sababaraha poé ti harita, sanggeus dijelaskeun bébéakan, pamajikan téh tetep teu percayaeun. Geus ngomong ka indung-bapana, angger teu bisa. Tungtungna kuring kudu ngéléhan; kuring kudu ihlas pepegatan jeung pamajikan anu dipikameumeut.

Teu karasa harita bet nyurucud cipanon. Asa geus lawas cipanon téh teu kaluar. Nyeri haté mah. Tapi kudu kumaha deui, geus takdirna kieu meureun.

Kuring panasaran naha si Siti bisa ngomong kawas kitu? Téga ngabohong. Padahal kuring geus kurang kumaha bageurna ka manéhna. Teungteuingeun pisan. Kuring bener-bener yakin, yén kuring teu kungsi milampah pagawéan nu teu uni. Keur naon atuh boga pamajikan. Kapan sidik, boga pamajikan téh salasahijina pikeun ngajauhan jinah.

Barang nepi ka imah si Siti, kadéngé sora anu ngabelentrang dituturkeun ku sora nu ceurik. Gening si Siti keur disiksa! Ku saha? Kuring teu nyaho. Kuring geuwat asup nyalametkeun si Siti. Ngan temahna, pareng kuring malik karasa aya nu neunggeul kana sirah, nenggel naker. Ti dinya kuring les teu inget nanaon.

Inget-inget geus aya dina korsi. Sakedapan mah kuring téh ngarasa bingung. Sirah jejedudan. Asa ngan sakilat pisan kajadianana téh, nepi ka teu apal saha nu nyiksa si Siti jeung nu neunggeul kuring. Sanggeus dipaksa nyarita kakara si Siti daék balaka. Geuning kajadian ieu téh aya patula-patalina jeung fitnah.

“Hampura Kang. Abdi bener-bener teu niat mitnah ka akang,” omong Siti bari reumbay cimata.

“Padahal Kang Sardi bageur pisan ka abdi. Tapi abdi gé teu bisa kukumaha,” sora Siti méh les-lesan.

Kuring ngan saukur bisa ngusapan tonggongna. Sanajan manéhna geus nyababkeun kahirupan rumah tangga kuring burakrakan, tapi tetep da manéhna téh awéwé. Kuring teu wasa mudalkeun kakeuheul ka manéhna. Komo nyiksa mah.

Sajongjongan mah kaayaan simpé baé. Ti dinya, kakara kuring bisa nyarita.

“Enya teu nanaon. Nu akang hayang nyaho téh, naha saha saenyana nu milampah nirca ka Siti téh?” anu tadina rék ngambek, teuing kunaon jadi leuleuy kieu. Haté mah kacida ambekna, tapi anu kaluar tina baham naha kalah kieu? Kuring teu ngarti.

“Kang Samin, Kang. Nya manéhna deuih anu maksa Siti mitenah Kang Sardi gé,” manéhna ceurik, teu bisa nuluykeun deui caritaanana. Kuring geus teu bisa maksa deui Siti pikeun nyarita.

Asa teu percaya, sobat kuring, si Samin anu ngalantarankeun rumah tangga jeung kahirupan kuring jadi kieu. Saprak kajadian éta si Samin kabur ti lembur, ngaleungit teuing ka mana. Ilang nepi ka ayeuna. Jalma salembur geus pada apal saha anu ngareuneuhan si Siti sarta geus pada apal kajadian anu saenyana.

Kuring tetep masih tacan percaya, naha naon anu ngalantarankeun si Samin milampah goréng ka sobatna sorangan? Enya, ka kuring sasatna? Cenah mah gara-gara sirik kana kahirupan kuring, nu meureun aya leuwihna tina kahirupan manéhna. Beu! Emh enya, asa ku teu pira. ***

Gerlong,  Agustus 2013

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

tomton

ka mana ath s samin teh?

gumrosis

lumayaaaan. supados dironjatkeun deui lalakon carpon kapayuna ngarah langkung rame.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: