• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Qurban Perasaan

Kénging Rizky Prasasti Anwari
Kintun kana Facebook

Basa harita, Uing téh embé anom. Gagah deuleu. Kuat. Nya badag nya gedé. Tanduk gé nguir nya seukeut. Panesna mah keur meumeujeuhna beuki ka bikang mah.

Tapi duka kunaon, uing mah euweuh hasrat ka bikang téh. Di kandang gé loba bikang. Gareulis. Si Yayah, si Tuti, si Minah, tapi da teu beuki uing mah. Uing mah asa resep kénéh ka papada jalu. Ngarareunah kénéh jeung jalu. Haneuteun mun saré pagelek-gelek jeung maranéhna.  Tibra.

Enya, bapa uing jawara di kandang téh. Euweuh nu wanieun ngalawan paréntahna. Bapa uing nu ngawasa, nu boga hak pilih keur saha-saha waé nu kudu dijadikeun qurban. Tong hariwang, bapa uing wijaksana. Moal asal milih. Céek manéhna, milih téh dumasar kana pilihan ti Gusti nu lumungsur datang kana impian. Jeung deuih ngimpi téh dipercaya pisan. Tong sieun! Cek bapa uing gé dipeuncit dina poé lebaran mah leuwih terhormat batan na poé biasa. Maotna gé maot syahid cenah. Da kapan maot dina jalan bebeneran. Sarua jeung ngalaksanakeun paréntah Gusti.

Teu lila, di kandang uing aya bikang anyar. Kakara ayeuna uing manggih bikang nu Subhanallah geulis pisan. Leuwih geulis batan widadari. Teu ngan ukur geulis, tapi mancur cahya tina haténa. Ngenclang. Beresih. Bageur pisan sigana. Manéhna cocog pisan jadi indung anak-anak uing. Cocog pisan mun seug engkéna ngalahirkeun anak-anak uing. Sapoé eta ing ngadu’a. Uing hayang boga hasrat ka bikang. Uing hayang nyumponan kahayang bapa. Boga incu-incu nu garagah ti uing. Uing hayang boga turunan. Uing capé teu akur jeung bapa. Uing hayang nénjo bapa agul boga anak siga uing. Teu cara ayeuna. Bapa siga nu ijideun ka uing. Geuleuheun.

Peutingna. Gusti ngadangu kahayang ing. Harita awak uing panas. Lalinu. Keur ngurangan nu karasa, uing aajlengan. Oséh-oséhan ngosok-ngosok tanduk kana naon waé nu aya hareupeun uing. Teu kuat, hayang geura ngeukeupan si Juwita, embé anyar téa. Uing teu bisa saré.

Allahu akbar! Allahu akbar! Allahu akbar!
La ilaha illa-Llah wa-Llahu akbar!
Allahu akbar Wa li-Llahi l-hamd..

Wanci geus mustari. Kabéh embé ngariung di kandang. Ngadangukeun bapa uing sasauran. Sasauran kanggo milih nu énjing dipeucit téa.

“Duh anaking saéstuna bapa diparéntah ngaliwatan impian pikeun meuncit hidep anaking. Tah, ayeuna prak pikiran kumaha alusna ceuk hidep? Peuting ieu diantos kaputusanna,” bapa sasauran.

“Duh Pa! Naha Uing? Loba nu séjén nu leuwih mantes dipeuncit. Si Burhan tuh, tukang merkosa bikang. Si éta wéh nu isukan dipeucit téh Pa! Tong ing!”  Uing protés.

Bapa uing sabar. Uing nyeuneu. Uing teu narima mun kudu uing nu ayeuna dipeuncit. Uing can ngabuktikeun mun uing gé boga hasrat ka bikang. Uing hayang bapa katémbong bungaheun. Uing hayang boga turunan. Uing hayang ……………………..

“Aéh heueuh! Sigana mah lantaran éta, bapa milih ing téh. Teu ngimpi-ngimpi acan boa ayeuna mah. Cék manéhna apan harita uing teu guna, teu bisa méré incu. Kuduna geura-geura dipeuncit uing mah,” gerentesna

“Ieu teu adil! Bapa uing teu wijaksana!”  Uing gogorowokan bari neunggar-neunggarkeun sirah kana tatangkalan.

Allahu akbar! Allahu akbar! Allahu akbar!
La ilaha illa-Llah wa-Llahu akbar!
Allahu akbar Wa li-Llahi l-hamd..

Beuki peuting sora takbir beuki ngalanglaung . Ngajanggélék jadi galindeng nu matak muriding kana ati. Manéhna geura-geura cengkat. Embé séjénna geus ngariung deui. Bapa sasauran, “Anaking, sayaga pikeun ngajalankeun paréntah Gusti?”

“Teu! Ieu teu adil! Bapa milih uing lantaran ing can bisa méré rundayan pan? Bapa éra pan boga anak siga uing? Bapa teu….”

“Teu pisan-pisan, Anaking.  Saéstuna bapa diparéntah ngaliwatan impian pikeun meuncit hidep, Anaking! Sing Inget Anaking, yén sagala nu aya, ti mimiti harta banda, putra garwa, tug dugi ka diri pribadina, éta kabéh mangrupa amanat. Mangrupa titipan. Sadayana ogé milik Gusti,” bapa némpas.

 “Manusa mah teu ngaboga-boga. Ukur ngagaduhan tugas pikeun mulasara, ngajaga, ngariksa ogé ngamangpaatkeun sakumaha mistina. Miturut kapalay nu maparinanana, nyatana Alloh aza wazala,” cék manéhna deui.

Uing ngabetem. Teu lila si Burhan jeung Yedi nyéréd uing ka pameuncitan. Uing gogorowokan, bébéréléan, embé-embéan. Sanajan kitu, angger percumah. Aya ku pageuh si Burhan jeung Yedi nalian beheung uing kana awak tatangkalan. Bikang uing, si Juwita bangun nu ngarasakeun sakur nu karandapan ku uing. Manéhna surtieun kana guligah nu karasa ku uing. Manéhna ngadeukeutan uing. Tapi Burhan jeung Yedi metot manéhna sangkan asup ka kandang. Bikang uing beuki jauh. Beuki jauh. Uing gogorowokan.

Allahu akbar! Allahu akbar! Allahu akbar!
La ilaha illa-Llah wa-Llahu akbar!
Allahu akbar Wa li-Llahi l-hamd..

Beuki subuh sora takbir beuki tarik. Uing beuki aajlengan, beuki gogorowokan, motah, guligah. Nyurudukan tatangkalan. Metotan tali. Tapi percumah. Awak ing kalah ka beuki leuleus, lungsé.  Ssah rék kabur. Katambah ku hasrat hayang ka bikang téa. Awak lalinu. Capé. Ngadu’a sangkan aya nu nulungan. Tapi weléh teu aya. Sadrah ieu mah. Hirup uing ngan nepi ka dieu. Anggeus semet dieu. Mereun uing mah émang teu ditakdirkeun boga turunan. Kudu ihlas. Euweuh uing gé si Juwita mah pasti boga turunan. Uing imut.

“Bapa...! Ulah diengke-engke, geuwat laksanakeun! Sabab, mun seug paréntah Gusti ditunda-tunda bisi timbulna gogoda. Nu ahirna éta paréntah téh dilalaworakeun. Malah nu leuwih parna mah ditinggalkeun!” Uing jojorowokan

“Talian uing sing pageuh Pa! Méh teu loba usik, méh teu ngahésékeun bapa keur meuncitna. Tutupan beungeut uingna Pa, ambéh bapa téga meuncitna. Seukeutan pésona, Pa! Ambéh teu karasa nyerina. Sing gancang nya, Pa! Ambéh ngurangan kapeurihna. Béjakeun Pa, ka Neng Juwita . Uing Tresna. Bikeun bulu uing keur manéhna, ambéh ingeteun baheula aya uing nu mikacinta, cenah dipaké méh haneut!” Teu eureun ing ngagorowok.

Dina poé rayagung ieu, uing kudu ihlas maot terhormat. Mun enya aya sawarga husus keur embé, uing mikaharep panggih jeung bikang uing di ditu. Bikang nu leuwih geulis ti anu kungsi papanggih jeung uing. Amiin.

“Heup Kang, Heup!” cek Juwita semu ngagorowok bari nyampeurkeun. Uing olohok. Awak Juwita bareureum, hanyir. Siga tas dibalur getih. Panonna reumbay cimata.

“Kunaon? Naha tali Akang diudaran? Keun baé Juwita. Ulah, ulah mantuan Akang. Akang moal gimir moal ringrang moal hamham. Sagala paréntah anu datangna ti Nu Maha Kawasa mah moal nepi ka teu dilaksanakeun!” uing yakin.

“Tos Kang, Atos. Yu cuang ka lebet. Bapa ngantosan,” cék Juwita bari tuluy metot kana peupeuteuyan.

Satepina kana kandang. Ngagolépak layon si bapa nu keur dirariung ku embé séjén. Uing olohok. Uing ngabetem. Getihna ngalémbéréh, ngabayabah. Muncrat ka mamana.

“Sing sabar wé. Sadrah. Bapa anjeun nu geus kapeto ku Manten-Na!” haréwos Burhan. ***

10 Dzulhijjah 1434 H

 

Rizky Prasasti Anwari
Mahasiswa UPI Bandung
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: