• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Dongéng Maung Jeung Sumur Karamat

Kénging Yus R. Ismail
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1384917881.jpg [Potrét/Ilustasi: Agus Mulyana]

Anjog ka nu dituju kira wanci tunggang gunung. Soré aya ku éndah. Panonpoé sumorot norobos dangdaunan. Cahyana lir kaén kasumba ngajajar niruk lemah. Cahya anu areunteup dina dangdaunan patinggurilap diulinkeun ku angin.

Ieu meureun tempat anu disebut-sebut dina pantun didengéng-dengéng dina dongéng téh. Tempat karamat. Tempat anu mangtaun-taun, meureun geus mangratus taun, disusud ka gunung-gunung diaprak ka unggal madhab. Tempat anu salawasna aya dina tungtung suku jeung pikiran kaula. Apan hirup kaula mah tugasna ngan néangan ieu tempat. Tempat karamat anu can kungsi aya anu mangnimukeun. Tegesna mah meureun, can kungsi aya anu ngabéwarakeun kakaramatan ieu tempat ka balaréa. Lantaran unggal anu nimukeun ieu tempat, saterusna mah sasab di jerona.

Kereteg haté bet cumantél ka dieu basa uprak-apruk nété akar ngeumbing jangkar ka ieu leuweung geledegan. Duka sabaraha poé, bulan, boa mangtaun-taun, uprak-aprak ngubek leuweung. Tungtungna kereteg haté téh bet ngemplong, tenang, ambekan ogé hararampang, basa hiji soré anjog ka ieu tempat.

Henteu lega saenyana tempatna mah. Taya tanda-tanda husus. Para kasepuhan anu kungsi ngadongéngkeun henteu nétélakeun ciri-cirina. Anéh, kaula ogé bet henteu hayang nanyakeun. Pikiran bet yakin, ciri-ciri téh henteu perlu ditatanyakeun.

Da geuning saenyana, barang anjog mah ka ieu tempat, haté langsung ngarasakeun. Tenang jeung hararampang basa dampal suku mimiti ngaliwat tangkal kamper anu ngajajar lir gapura. Hawa aya ku seger, sumarambah kana urat-urat panglembutna dina sakujur awak, terus ngamalir nepi kana tungtung buuk jeung dampal suku. Capé anu mangtaun-taun narapel siga daki lir anu muluduh sapada harita.

Tempat karamat téh legana mah ngan saukuran dua kali lapang badminton. Tatangkalan sagedé beuteung munding ngajajar lir soldadu anu ngabaris. Akar ngagarantung sagedé-gedé pigeulang leungeun. Dangdaunan mirupa payung anu dianyam tina dahan-dahan sabudeureunana. Di handap, amparan jukut aya ku asri, héjo seger, jangkungna rata lir buludru. Haté bet teu hayang tumanya, saha anu ngaraksa-ngariksa ieu tempat? Da cara ka tempat-tempat karamat lainna, alam ogé ngarumat mariksa.

Diuk téh di juru, handapeun tangkal loa sagedé beuteung gajah. Tungkul. Reureuh sakedapan. Tapi geuning haté bet jadi rus-ras, ngarakacak teu pupuguh. Reureuh ogé rarasaan téh jadi henteu perlu. Lalampahan mangtaun-taun téh henteu karasa capéna. Anu puguh mah awak seger lir dimandian ku cai wening tina mangréwu cinyusu. Ngan haté bet rus-ras teu puguh rarasaan.

“Di tengah tempat karamat téh, aya hiji sumur. Sumur anu geus lukutan tina ku kakolotan,” ceuk hiji kasepuhan di hiji kabuyutan. “Tah éta sumur karamat téh, sumur anu jadi panto ka dunya anu anyar.”

**

Sumur karamat téh aya di tengah amparan buludru jukut. Sisi-sisina diwatesan ku taneuh porang anu warnana héjo poék kalimpudan ku lukut. Warna kolot semu baseuh anu sanggup ngeleterkeun ieu haté. Tatangkalan anu rapet ngawatesan, akar anu ngagarantung, kakara karasa lir anu nyidem simpé. Meureun geus mangabad-abad maranéhna layeut jeung simpé. Boa simpé téh maranéhna téa. Panonpoé duka iraha nyabutan cahyana, da sadar-sadar hieum nuruban ieu tempat.

Sajongjonan kaula teu ngiceup neuteup sumur. Sumur anu duka iraha mimiti kanyahoanana. Da tadi mah basa anjog, basa sup ka ieu tempat, sumur téh acan aya, henteu katangen. Boa sumur téh ayana lain di dunya nyata, dunya sapopoé kaula. Lamun kitu pantes loba anu upruk-aprak nyusud ieu sumur karamat kalah sasab ka sumur-sumur anu dijagaan ku jampé pamaké jurig nyiliwuri.

Jajantung mimiti ratug. Tapi ieu awak hideng nangtung, suku hideng ngaléngkah. Cai sumur aya ku wening. Lir eunteung. Henteu endag saeutik-eutik acan. Aya ku éndah ngeunteung di dieu. Kaéndahan anu terus sumarambah kana sakujur awak. Rus-ras ka mana boa. Rus-ras kana lalampahan anu kaliwat. Bet gumeter ieu haté, nyalangkrung cisoca tunggara. Apan saenyana, sapanjang hirupna, jalma mah guyang dina lautan kasedih.

Tina jero cai sumur téh aya anu mucunghul. Méh baé kula tijengkang ningalina. Maung lodaya tanggah bari neuteup seukeut niruk jajantung. Muriding sabulu-bulu. Tapi lain muriding ku sieun. Da haté mah yakin, maung anu ngagerem némbongkeun sihung jeung simana téh, henteu pikasieuneun. Boa maung sagedé anak sapi téh ngajak cacarita.

Maung téh ngalanggéor ka jero sumur. Sadetik sanggeus maung ngaleungit, patingpucunghul sasatoan séjénna. Kelenci, gajah, bagong, kidang, oray sanca, banténg, jerapah, sabangsaning manuk, monyét, kuda, jeung sato séjénna. Maranéhna ngabaris lir anu keur karnaval, taranggah ka kaula. Sukuna nu sabeulah dipaké gugupay.

Sugema ieu haté ningalina. Sugema nyaksian karnaval anéh anu boa moal kungsi aya di mana waé ogé. Biwir hideng imut. Tapi teu sabaraha lila kaula méh tijengkang pikeun nu kadua kalina. Sora maung ngagerem ngendagkeun tembok sumur. Sasatoan anu keur karnaval téh paburencay bari patingjarerit. Maung mucunghul deui. Enya, ayeuna mah teuteup jeung geremna méotkeun haté. Maung téh lir anu kaeunteupan amarah. Sabulu-bulu cararengkat. Suku nyorodcod. Jajantung beuki ratug. Kumaha lamun maung téh ngagajleng ka dieu? Mangkaning ti tadi meusmeus tanggah meusmeus tanggah siga anu ngintip jeung ngira-ngira jerona sumur.

“Aing enya maung anu amarah!” Si maung tutunjuk ku kukuna. Suku kaula hideng mundur saléngkah.

“Aing saksina yén jelema mawa musibah...!” ceuk maung deui.

Dina eunteung cai sumur tingpucunghul maung séjénna. Mangpuluh, atawa boa ngaratus meureun jumlahna. Maranéhna arulin, ocon, moro sato nu jadi mangsana. Teu lila datang rombongan manusa maranggul bedil jeung tumbak.

“Manusa ngalempagkeun tumbak jeung némbakan kolot aing, dulur-dulur aing, sobat-sobat aing!” ceuk maung téh. “Keur aing saparakanca, moro téh jalan hirup. Aing saparakanca ngarogahala pikeun dahar. Tapi manusa henteu! Maranéhna mergasa, nyiksa, lantaran kawasa. Loba dulur aing dipaéhan, disisit diarah kulit, awak sabeuleugeunjeurna mah cul waé di tengah leuweung. Manusa ngarogahala keur némbongkeun kamampuhna.”

Si maung téh neuteup seukeut ka kaula. Neuteup binarung ceuceub, pinuh amarah. Tuur leuleus sapada harita.

“Ti harita, aing téh amarah, dengdam. Dipergasa saha waé anu kapanggih!”

Dina eunteung cai sumur patingpucunghul deui sasatoan anu lalumpatan ka ditu-ka dieu, bari patingjarerit, patinglalengis, patingkocéak. Maung téh ngagerem, ngudag, nekuk, ngerekeb, saha waé anu deukeut ka manéhna. Hiji jalma ngababatang bari tina beuheungna ulawéran getih tapak sihung maung. Kuda anu adug-adugan terusna mah ngudupruk sabada beuheungna dikokos maung. Mangpuluh sato séjénna paéh sabada ditekuk maung. Unggal poé éta kajadian kawas kitu. Unggal waktu hirup diintip-intip ku pati. 

Terus mucunghul gajah anu tulaléna nununjuk ka kaula. Pok téh gajah nerangkeun, “Lantaran saha waé ogé henteu aya anu sanggup ngeureunkeun talajak maung, nya sakabéh sato di ieu leuweung karumpul bari terus mupakat. Maranéhna bakal séba hiji nyawa unggal poé asal maung henteu ngamuk. Maung satuju. Unggal poé, enya ogé henteu lapar, maung bisa ngamalirkeun dengdamna. Sato anu henteu kapilih jadi séba bisa ngarénghap enya ogé ukur sapoéeun.”

Terus mucunghul kelenci bari pok nerangkeun, “Nepi ka hiji poé séba téh nunjuk ka uing. Tangtu waé uing geumpeur. Sieun. Sedih. Saha anu henteu ngarakacak basa nyaho umur ukur sababaraha rénghapan deui?”

Kelenci téh ngambekan rada lila. Pokna, “Pitulung Alloh téh datang basa léngkah geumpeur sapanjang jalan ka sayang maung, uing manggihan hiji sumur. Uing ngeunteung salila-lila. Cipanon murubut teu kaampeuh. Tapi sanggeus ngeunteung mah haté téh jadi tenang. Ceuk haté, maung téh maéhan lain keur baranghakan, atuh lamun kitu mah maung téh sato pikarunyaeun anu katideresa. Enya, katideresa ku amarahna, ku napsuna. Rarasaan uing harita, ieu sumur téh jadi panto unggal batin anu katideresa.”

Kelenci neruskeun léngkahna, séba diri, nepungan maung. Saméméh maung ngarogahala dirina, kelenci téh miheulaan nyarita.

“Hampura juragan maung, uing datang telat,” ceuk kelenci.

Maung ngagerem semu ambek. “Enya, naha sia datang telat? Méh baé aing ngamuk deui!”

“Kieu dongéngna anu matak uing telat téh. Da puguh awak téh ngan sagedé kieu, bisi juragan maung henteu seubeuh ngahakan uing, nya uing téh datang duaan jeung adi uing. Tapi di satengahing jalan uing duaan dipegat. Adi uing jadi korban.”

“Dicegat ku saha? Saha anu wani-wani maok séba keur aing?”

“Bangsat anu megat téh nyaéta... hiji maung anu gagah perkosa kawas anjeun.”

Maung anu sakujur awak jeung jiwana geus kalimpudan ku amarah jeung dengdam téh henteu kungsi mikir deui. Sanggeus ngadéngé carita kelenci samodél kitu, maung ngagerem, cakarna nguwak-ngawik tatangkalan anu aya di sakurilingna. Manéhna kahina. Bener-bener kahina! Kelenci mundur sababaraha léngkah, jajantungna beuki ratug. Tapi manéhna yakin, nasibna ngan ditangtayungan ku pikiran jeung haté anu tenang. 

“Maung bangsat téh nekuk adi uing, terus digusur ka jero sumur....”

“Tunjukkeun di mana sumurna! Ku aing diudag nepi ka mana waé ogé éta bangsat téh.”

Kelenci ngaléngkah ngadégdég. Tapi terusna mah tenang deui. Di hareupeun sumur tempat tadi manéhna ngeunteung jeung murubutkeun cimata, kelenci téh eureun.

“Tah, ka jero sumur éta adi uing téh digusurna,” ceuk kelenci.

Maung téh noong ka jero sumur. Terus ngagerem némbongkeun amarahna basa katempo ku manéhna aya maung di jero sumur. Maung di jero sumur téh ngabales ngagerem, da puguh apan kalangkangna. Si maung beuki ambek, komo basa manéhna nempo kelenci teu walakaya siga dikerekeb ku maung di jero sumur. Puguh mah kalangkang kelenci anu ogé milu noong. Henteu mikir deui da puguh awak jeung jiwana kalimpudan amarah, maung téh ngagerem beuki kerep némbongkon huntu jeung sihungna. Lantaran maung di jero sumur ogé ngagerem siga anu ambek, ngan gajleng wé maung anu pinuh ku amarah téh ngarontok.

Sasatoan séjénna anu ngarintip kalakuan kelenci, kalaluar tina rungkun-rungkun jeung tatangkalan tempat ngintipna. Maranéhna surak, terus ngarangkulan ka kelenci.

Gajah tanggah ka kaula. Pokna téh, “Tah kitu dongéng maung anu dikawasa ku amarah jeung napsu téh. Da puguh maung téh pamingpin di ieu leuweung, amarahna téh jadi mamala pikeun sato séjénna. Sanggeus maung ngarontok amarahna, kasalahanana, napsuna, maung téh jadi sato anu wijaksana, jadi pamingpin anu dipikacinta.”

Sakabéh sato dina eunteung cai sumur téh saterusna mah ngaleungit. Simpé ngarayap kana dingding sumur. Terus kana jujukutan. Kana tatangkalan. Tungtungna sumélékét kana urat jeung pori-pori anu aya dina awak kaula. Simpé sumélékét kana haté pangjerona. *1

**

Ti jero eunteung cai sumur mucunghul titik cahya. Titik cahya téh ngambang, sagedé siki pedes. Terus ngagedéan jadi sagedé bal pingpong, sagedé bal ténes, sagedé bal sépak, sagedé baskom, sagedé liang sumur. Cahya téh mudal, siga anu ngarayap ngaliwatan dingding sumur, terus mancawura areunteup dina dangdaunan, dahan-dahan jeung régang, katut jujukutan. Sakuriling tempat karamat téh disipuh ku cahya. Ti jero sumur, bareng jeung cahya anu terus mudal, kaluar jalma-jalma anu aya, ku éndah éta pameunteuna. Maranéhna ngibing ngageuing-geuing, ngahariring ngingetkeun éling. Terus maranéhna gugupay. Saha atuh maranéhna téh?

“Jleng atuh, Jalu... Hayu urang teuteuleuman dina ieu sumur. Jleng atuh... sangkan hidep ngarasakeun éndahna hirup,” pokna téh rampak, sorana nyulusup kana kalbu. Oh, meureun maranéhna téh anu ngalalana kapincut sasakala ieu sumur bari terus brus teuleum di jerona.

Da geuning haté kaula ogé henteu kuat hayang ngajleng, kokojayan, teuteuleuman, dina cai sumur anu ngagenyas matak seger. Haté téh lir anu manggihan tempatna pikeun bumetah. Tempat anu mangtaun-taun, boa saumur hirup kaula, leungit tina implengan.

“Jleng atuh, Jalu... sangkan hidep ngarasakeun éndahna hirup,” ceuk maranéhna deui.

Kaula mundur dua léngkah, najan haté mah kumejot, sajleng-jlengeun ka jero sumur. Kaula gogodeg. Apan tugas kaula mah lain ngalalana nunutur raratan sumur karamat, terus kokojayan, teuteuleuman, nyenangkan diri di jerona. Enya ogé ieu haté mimiti surti naha salila ieu utusan anu ngalalana nutur-nutur raratan sumur karamat ieu henteu mulang deui ka alam nyata.

Kaula mah meureun acan waktuna cara maranéhna. Acan waktuna pikeun kokojayan, teuteuleuman, nyenangkeun diri dina ieu sumur eunteung. Kaula masih boga tugas pikeun nepikeun kumaha éndahna dongéng maung anu ngarontok nekuk amarahna, kasalahanana, napsuna, dina ieu sumur karamat, ka singsaha waé anu sadar diri di alam nyata.

**

“Dongéng Maung jeung Sumur Karamat anu kawentar mangabad-abad, dituliskeun dina kitab-kitab, diajarkeun para kasepuhan di kabuyutan, ngan sakitu?”

“Henteu lepat, mung sakitu anu kapendak.”

“Dongéng sajatining hirup téh saukur dongéng budak borok hulu?”

“Timbalan, Pangersa. Sapertos kitu ayana, bawiraos éta téh sanés dongéng budak borok hulu, tapi dongéng manusa mangsa déwasa.”

“Ponggawa... cangkalak éta jelema gedé wadul téh! Embarkeun ka hambarahayat sakabéh, pabeubeurang engké bakal aya anu dihukum gantung, nyatana jelema anu geus ngawadul ngadongéngkeun sasakala sajatining hirup anu mangabad-abad ku urang dihormat!”

Raja barangasan téh sosoak. Terus ngagejlig ninggalkeun riungan.

Pabeubeurangna kaula digiring ka alun-alun. Suku dibeungbeuran atom, leungeun ditali dadung. Anu lalajo jumlahna ngaréwu. Aya anu naék kana tatangkalan atawa témbok, anu dipunggu, anu ronghok di balkon loténg sisi jalan. Basa léngkah mimiti nété jalan, mangratus atawa bua ngaréwu, pamalédog dialungkeun. Tomat buruk, endog buruk, cai kolombéran, tai hayam, bangké beurit, jeung duka naon deui. Atuh sakujur awak kaulu rancucut ku babauan.

Tapi haté téh bet henteu maliré anu kararitu. Da puguh haté ti tadi ogé bungangang. Êndah ningali cahya anu melengkung lir katumbiri. Cahya anu jadi jalan pikeun jalma-jalam anu ngibing jeung ngahariring. Cahya anu jadi jalan karnaval maung jeung balad-baladna. Maranéhna gugupay, ngajakan gancang-gancang kaula ngajleng ngagabung jeung maranéhna.

 “Jleng atuh, Jalu... sangkan hidep ngarasakeun éndahna hirup.”

Euleuh, geuning liang tali gantungan téh ayeuna mah siga liang sumur anu mudalkeun cahya.

**

“Saenyana judul dongéngna naon? Naha sasakala Maung jeung Sumur Karamat, atawa Karajaan Anu Paburantak?” ceuk budak dugul anu pogot ngadéngékeun dongéng.

Tukang dongéng téh imut. Pokna téh, “Judulna mah meunang naon waé. Ngan sanggeus hukuman gantung téa dilaksanakeun, mangabad-abad henteu aya anu sanggup nyurahan sasakala sajatining hirup anu dipusti-pusti téa. Karajaan anu ngaramatkeun éta sasakala, angger paburantak. Usum hujan banjir di mana-mana. Usum halodo kalaparan da tatangkalan gararing. Walungan, sawah, situ, jadi tempat pamiceunan limbah jeung runtah. Gunung-gunung bulistir. Abdi nagara, eksekutif, jeung legislatif, korupsi jeung kolusi bébéakan. Unggal proyek di instansina dipotong nepi ka 50%. Bangsat kai di gunung-gunung, bangsat hasil tambang, bangsat kakayaan laut, diarantep da puguh nyogok. Hamba rahayatna loba anu jadi babu di mancanagara, atawa koréh-koréh cok di tempat runtah. Rajana, tah rajana....” ***                                                              

Tanjungsari, 2013

 

Catatan:

*1. Dongéng maung anu ngarontok amarahna, kasalahanana, dicutat tina kisah Jalaludin Rumi anu ditulis deui ku Abdul Rahman Azzam dina buku Untaian Kisah Menawan dari Matsnawi Rumi (The Kingdom of Joy).

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

Agus.Deni.K

Hatur nuhun sae eta carpon teh...slm na ti urang Tasik....(0_0)

Agus.deni.k

Hatur nuhun sae pisan carpon teh. salam kenal ti urang Tasik.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: