• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Sabot Nungguan Budak Sakola

Kénging Nyi Roro
Kintun kana Facebook

Paneuteup Indira katempo ngulincer. Sanggeus ningalieun ka kuring nu keur no’ong dina jandéla kelas mah, Dira tuluy ngadadahan. "Mamah!", najan teu kadéngé, tapi kagambar tina embut biwirna. Kuring ukur imut, bari ngabales ngadadahan.

Rét kana arloji, aya kénéh waktu sapuluh menit deui pikeun barudak kaluar ti kelas. Kabeneran poé éta aya ekstra kurikuler; Dira miluan penca silat. Kuring ngahaja mawa sangu dina misting. Deungeunna endog ceplok dikécapan, karesep Dira keur dahar beurang.

Léos, kuring nyampeurkeun bangku panjang paragi nungguan kolot-kolot murid nu mapagkeun anakna. Nyéh, kuring imut bari manggut ka nu araya di dinya.

 "Héy, mamah Dira mani nembé hol. Ka mana heula atuh?" Mamah Ratih nanya. Di sakola mah ari nyalukan ibu-ibu téh sok ku ngaran anakna baé.

"Biasa wé Mamah Ratih, abdi mah masak, pépérén sareng ngahuapan si Dédé heula, ambih engké dugi ka rorompok kantun ngurus Dira," ceuk kuring bari gék di juru, da nu kosong ngan di dinya.

 Ti saprak ngalahirkeun anak nu kadua, kuring eureun digawé. Kahayang mah kawas batur, angger jadi wanita kaririweuh. Enya, riweuh pisan. Nya di imah, nya di kantor. Tadina mah budak téh sok dipihapékeun ka indung kuring, tapi pidua bulaneun kuring rék ngalahirkeun, anjeunna nilar dunya. Paralun, kuring lain ngagawékeun nu jadi indung, anjeunna ngan saukur mangnalingakeun. Da kapan réncang mah aya. Jaman kiwari téa, hésé néang réncang nu bisa dipercaya.

Majalah nu dikeukeuweuk ti tatadi dibukaan. Maksud téh asa mending maca tibatan ngawangkong ngalér-ngidul jeung ibu-ibu nu séjén. Komo bari ngomongkeun batur mah, dosa téh beuki ngagugunung wé. Kuring mah leuwih resep kénéh maca, kanyaho jadi nambahan.

 "Mamah Yopie, katarima BBM ti abdi?" ceuk Mamah Ratih.

"Oh, nu éta? Enyalah hayu rék arulin mah, grup BB urang wé. Da hésé ngabéjaanana ka nu teu boga BB mah!" témbal Mamah Yopie, bari sorot panonna ngulincer.

“Nya teu boga BB, Android gé ayeuna mah geus bisa BB-an,” ceuk mamah Riki. Saharita langsung sahéng mairan.

Ngadéngé nu bieu mah, kuring gé maksakeun ngalieuk. Mani nyolok mata buncelik, ngajakan téh ka ibu-ibu nu miluan grup BB wungkul. Teu ngabibisani, teu boga BB téh asa tinggaleun iber. Sakapeung aya pelajaran atawa tugas sakola nu kudu digawékeun ku Dira, teu digawékeun da ku teu nyaho téa, sabab iberna ngaliwatan BB.

Rumasa hapé kuring mah ngan saukur hapé jaman baheula. Nu penting mah bisa dipaké nelepon jeung sms-an. Teu éléh déét, kuring remen neleponan guru-guru Dira, sangkan teu tinggaleun iber PR jeung tugas. Hanjakal, poé kamari hapé kuring murag ku salaki. Ancur teu bisa dikukumaha. Karék engké mun gajihan digantianana, éta gé mun teu pabetot-betot jeung resiko dapur.

"Mamah Riki, cik geura tingali baju abdi na photo profile BB, alus nya?" ceuk mamah Yopie hayang katangar. Mamah Riki tungkul ningali hapéna. "Éh, enya wé... ni alus kieu Mamah Yopie. Meulina di mana?"

"Aya wéh, engké ku abdi diajakan ka tokona. Ieuh, jadi awéwé mah kudu seungit, geulis luis, baju tong randatdat-randutdut. Kudu mécing ciga abdi, jaba bermerek yeuh!"ceuk Mamah Yopie semu ngadelék ka kuring. Awakna dilenggik-lenggik. Puguh baé ku ibu-ibu pada ngaleprokan, Mamah Yopie beuki motah, asa diulangtaunkeun.

Beuuu... dihenteu-henteu ogé Mamah Yopie téh teu resepeun geuning ka kuring? Hadas naon atuh nya? Rumasa, kuring mah ari mapagkeun budak téh teu cara maranéhna, mani sok garinding jiga nu rék ka pasamoan. Kuring mah cukup ku kaos leungeun pangjang atawa jékét. Ka handapna calana panjang. Sirah dibunian ku tiung geblus.

Riungan jeung ibu-ibu kitu téh sakapeung mah sok jadi ajang mintonkeun kaboga. Masing teu ditanya ogé, ujug-ujug breng nataan imahna di anu... di anu... Mobilna kaluaran paling anyar, manéhna maké merk anu, salaki jeung barudakna merk anu. Katambah tanah jeung sawahna nu méh di mana-mana. Geus puguh ari nu patinggurilap dina awakna mah,  mani sangorong siga toko emas maju.

Teu karasa kuring ukur cungeukngeuk ningali dangdangan Mamah Yopie. Kaméja gumbrung kembang-kembang badag kelir bungur ngora dipasangkeun jeung léging bungur kolot. Tiung bungur kolot dibulat-beulit jeung kelir bungur ngora jiga kaom hijaber barudak ABG. Teu poho selop jangkung, kelirna gé pulas bungur. Saréréa geus arapal, unggal dangdan Mamah Yopie mah kudu baé “matching”.

Sabenerna mah kuring gé sok kapikiran hayang dangdan. Heung kelirna diluyukeun ti tiung nepi ka dampal suku jiga batur. Tapi, ceuk kuring mah nu ngaranna nganteur jeung mapagkeun budak sakola lain waktuna keur dangdan béak karep. Sok wé, da moal méakkeun waktu leuwih ti sapuluh menit. Barina ogé anggangna imah ka sakola ngan ukur 200 meteran. Kitu gé ngan saelol dina panto gerbang wungkul.

Ongkoh teu cara kuring basa keur digawé kénéh, rék meuli naon baé sakahayang kuring gé laluasa, da gajih nu sorangan ieuh. Ayeuna mah kuring teu téga ka nu jadi salaki, nu kari sorangan tihothat néangan napkah. Piraku teuing ku kuring kalahka dimonyah-monyah keur meulian barang nu teu pararuguh bari jeung ukur hayang katangar ku batur. Kuring kudu ngawayahkeun manéh, loba nahan napsu.

Téng! Téng! Téng! Sora beusi buleud di hareupeun kantor guru geus ditakolan, ciciren barudak geus meunang baralik. Brul, barudak ngaburudul ti lawang  panto. Pahibut, paheula-heula néang nu mapagkeun. Tapi aya ogé nu baralik sorangan atawa ngabring jeung babaturanana, ninggalkeun kelas nu beuki lila beuki kosong.

“Mamah!" Indira ngajorowok muru kuring. Rikat, Dira  ngarawél leungeun katuhu kuring tuluy diadekkeun kana tarangna. Keur kitu, Bu Siti wali kelas Dira ngaliwat.

"Bu..." kuring  nanya bari rengkuh.

Bu Siti sarua rengkuh bari imut. Tadina mah kuring hayang ngobrol rada panjang, rék nanyakeun kumaha kaayaan Dira di kelas. Tapi Bu Siti leumpangna semu nu rusuh, sigana mah pedah kudu buru-buru balik deui ka kelas, rek ngajar deui barudak nu asup beurang. Antukna kuring ngajak Dira ka bangku di handapeun tangkal kérsen, di sisi lapang upacara.

"Sok bageur, geura emam heula, lapar. Énggalan, ambih teu tinggaleun ku batur latihan pencana," ceuk kuring tuluy ngasongkeun misting ka Dira.

Bari nungguan Dira dahar, kuring niténan kaayaan sakurilingna. Barudak lalaki keur aranteng maraén bal, sawaréh lalajo di sisi lapang. Barudak awéwé keur arocon bari saleuseurian. Aya nu anteng baé ngome hapé, aya nu gagambaran baé. Aya nu nganyoh-nyoh barang dahar baé bari leungeunna ranggém ku jajanan.

Éh, itu siga Mamah Yopie? Naha can balik? Da asana mah Yopie téh teu miluan penca?

"Énggal Yopie, urang aruih! Mamah aya peryogi!" ceuk Mamah Yopie ngabebetot anakna bari semu nyureng.

"Ké heula Mamah... kedap deui!" ceuk Yopie bari muru deui ka babaturanana.

"Mamah Yopie, can uih?!" kuring ngagorowok. Mamah Yopie ukur kunyem. Buru-buru manéhna ngabetot deui budakna, ayeuna mah hasil. Panon kuring nuturkeun leungitna Mamah Yopie nu kaluar ti komplék sakola tepi ka satengah lumpat. Budakna tibabaranting nuturkeun ti tukangeunnana. Aya anu matak hémeng katingali tina dangdanan Mamah Yopie, tapi naon nya? Weléh teu kapikir. Ah, paduli teuing, kateuteuari kalahka mikiran batur.

"Mah, atos emamna nya? Wareg," ceuk Dira ngagareuwahkeun lamunan kuring.

"Muhun, sok geura gentos acukna ku acuk penca," ceuk kuring, bari song ngasongkeun cai nginum. Geus bérés Dira disalin mah, kuring tatan-tatan rék balik heula ka imah. Sajam deui, balik deui ka sakola mapagkeun Dira.

Basa kuring rék ngaleos pisan, kadéngé sora Bu Siti norojol tina panto kelas, nanyakeun ka ditu-ka dieu, "Aya nu ningali tas Ibu?... Ningali tas Ibu teu? Tadi mah aya dina korsi..." ceuk Bu Siti nanya ka barudak. Nu ditanya némbalan ukur ku teu terang atawa ukur ku gideug. Bu Siti geumpeur.

Teu lila, rob guru-guru jeung kepala sekolah nyalamperkeun Bu Siti, kuring gé milu nyampeurkeun.

"Di mana icalna Bu?" ceuk kepala sekolah.

"Di kelas Pa, waktos tadi abdi ngadeuheusan Bapa di kantor sigana mah. Da wangsul ka kelas téh tos teu aya..."

"Naon waé lebetna?"

"Biasa baé Pa, kaperyogian abdi sadidinten di kelas. Nu abot mah hapé sareng tabungan barudak sasih ayeuna. Haduh, kumaha ngagentosanana?" ceuk Bu Siti rawah-riwih.

"Ké Bu, ari kantong ibu kelir kumaha? Wangunna kumaha?" salah sahiji guru nanyakeun.

"Kelir kopi..." ceuk Bu Siti bari asup sakeudeung ka kelas. Jebul deui mawa kertas jeung pulpen, kantongna digambar kalawan jéntré. Tas merk Louis Vuitton.

Kuring ngahuleng. Ujug-ujug inget kana kalakuan Mamah Yopie nu buru-buru incah. Kelir kantongna nu pinuh ku aksara L ngait kana aksara V teu luyu jeung kelir baju tur sapatuna. *****

 

Saung Indung, 2 November 2013

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

elih

geuninganan mamah yovie teh "panjang leungeun" nya .... sae pisan teh roro carponna ... ahirna teu nyangka ...

gumrosis

zaman kiwari loba kamonesanana harta banda pangabutuh kudu sagala aya, lamun euweuh disebutna tinggaleun. nya kitu tea geuning lieur puyeng' teu kudu maksakeun ari teu kaduga kapibanda-mah wajar biasawe basajan

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: