• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Srikandi Lain Dewi

Kénging Tatang Zaelani Tirtawijaya
Kintun kana Facebook

Panonpoé nu keur sumedeng mentrangan, mawa hanaang jeung bayeungyang nu teu bisa disingkahan deui. Malah di sabudeureun, kebul knalpot tina mobil-mobil nu ngareteyep masih anteng maturan sapangeusi mobil nu harita keur ditumpakan. Teu ngan semet dinya, lampu beureum stopan milu moncorong, mobil ngarengkog eureun dina tengah-tengah keukeupan sarangéngé.

Kuring rumahuh. Dampal leungeun ngageberan beungeut. Bari nungguan mobil ngalaju deui, kuring ngalamun, nanggeuy gado dina lawang jandéla mobil. Keur anteng ngalamun, sora supir angkot gigireun kuring ngageuingkeun tina  lamunan.

“Tos biasa Gasibu mah tempatna macét!” ceuk manéhna méré nyaho ka panumpang beulah tukang nu geus luh-lah ti tatadi. Mémang enya, di Gasibu mah macét téh geus jadi susuguh sapopoé. Ari nu ngalantarankeunana mah, salian ti ku ngahunyudna tukang dagang, sok réa supir angkot nu ngaretém sangeunahna di sisi jalan.

”Naha geus jadi kalangenan, ngetém téh Mang?” ceuk kuring kukulutus jero haté.

Basa kuring teu kahaja ngarérét ka beulah katuhu, di  buruan Gedong Saté katénjo loba jalma nu ngaliud saraged maraké jas alamamater hiji kampus nu lumayan sohor di Kota Bandung. Hawar-hawar kadéngé tina pangeras sora, wawakil ti maranéhna keur orasi. Najan teu pati kaawas sabab pajuliwet jeung gerungna sora mobil sarta sora kalakson nu hayoh-hayohan tingtaridid, tapi saliwat mah kadéngé tujuan éta aksi téh nya éta nungtut naékna UMR Kota Bandung.

Bakatning ku panasaran, kuring teu neruskeun deui lalampahan, malah ngoloyong ngadeukeutan nu keur aksi. Beuki deukeut beuki jelas. Bandéra-bandéra idéntitas organisasi éta massa aksi, tingkélébét di langit Gasibu. Spanduk nu eusina nungtut pamaréntah naékkeun UMR ogé teu kaliwat dibébérkeun ku maranéhanana. Malah nepi ka diacung-acungkeun sagala. Ngahaja sigana mah, ambéh kabaracaeun ku nu laliwat.

Keur anteng merhatikeun nu keur aksi, hiji wanoja ujug-ujug norojol kaluar ti tengah-tengah riungan. Panonna cureuleuk. Leungeun kéncana dikeupeulkeun. Sedeng leungeun nu katuhuna nyekel microphone bari teu reureuh ngagorowokkeun tungtutan-tungtutanana. Jujur waé, kuring ngarasa kasima ku sora éta wanoja nu harus ngagulugur lir guludug nu bijil tina jajantung langit.

“Hidup Mahasiswa!” gorowok manéhna tuluy diturutan ku jalma-jalma sejénna.

Disidik-sidik mah éta wanoja téh lumayan geulis. Malah ceuk kuring mah leuwih pantes jadi béntang film di tipi, batan artis-artis kiwari nu halabhab ku sénsasi. Tapi, nya éta mah pilihan manéhanana. Mémang ceuk saliwat mah asa teu kaharti naon nu aya dina pikiran éta wanoja téh. Teu nyaah kana awakna kitu? Kuring teu ngarti. Ngan nu pasti, wawanén jeung dangongna éta wanoja geus mawa lamunan kuring ngulampreng jauh ka mangsa katukang. Ras téh ka dua tan katukang, kuring paamprok jeung Dewi, di kampus.

Dewi Puji Lestari, atawa nu sok dilalandi Srikandi jaman kiwari. Dina hal wawanén, Dewi mémang teu béda ti Srikandi. Bédana, Srikandi mah kudu nyanghareupan balatentara perang nu keur tihothat dina Bharatayuddha, ari Dewi mah kudu nyanghareupan rupa-rupa cocoba ti pihak kampusna sorangan. Mimiti ti intervensi panguasa kampus, tepi ka teu dibaturan ku babaturan sakelasna. Kituna téh pédah Dewi dianggap tukang ngagogoréng kampusna sorangan, pédah manéhna resep démo. Ngan, éta cocoba nu karandapan ku manéhna, salawasna disanghareupan kalayan sumerah, ihlas karna Alloh.

Jeung mémang kaharti palebah dinya na mah. Tetekon hirup nu dicekel pageuh ku manéhna, salawasna jadi pondasi dina nangtukeun sikep-sikepna. Matak teu salah-salah teuing mun manéhna disebut Srikandi jaman ayeuna.

Dewi kungsi nyarita basa hiji mangsa manéhna digeroan ku pihak kampus, pédah tulisanana di media massa dianggap ngagogoréng almamater kampusna. Di jero kantor pimpinan kampus, manéhna diségag ku kepala Biro Kemahasiswaan, “Kamu sebaiknya duduk di bangku kuliah! jangan lagi urusi kami!”

Ku lantaran Dewi ngarasa yakin yén naon nu dipilampahna téh aya dina jalan bener, beungeut kasieun jeung kahanjakal téh teu témbong saeutik-eutik acan. Malah kalayan teges manéhna némbal, “Jika mémang saya ditakdirkan kuliah di sini, maka saya akan tetap di sini!”

Lian ti anacaman birokrat kampus, pangalaman diintervensi ku dosén ogé geus mineng kaalaman ku manéhna. Inget kénéh waktu manéhna bari semu hulang-huleng nyarita, “Yul, tadi Pa Husen jeung Bu Rina ngomongkeun uing pédah ku uing Pa Husen dicawad pédah tara asup kuliah. Ari ceuk Pa Husen téh, lihat aja pada saat sidang akhir skripsi nanti, anak itu akan saya persulit, dan kalau perlu nggak akan saya luluskan dia!"

Sabenerna mah, éta ancaman pihak kampus sarta dosén téh teu sabaraha ti batan tekanan ti jero dirina sorangan. Pangpangna basa kudu ngajawab patalékan-patalékan ti kolot jeung babaturanana, nu karasa leuwih nyiksa batin manéhna, “Iraha badé ngawanohkeun calon téh Nyi?”

Tah, patalékan-patalékan modél kitu nu kudu dijawab ku Dewi saban manéhna balik ka lemburna téh. Matak pantes mun manéhna jarak balik ka lemburna.

Mémang enya, ti luar mah Dewi téh katempona tanggoh sarta teger. Manéhna teu weléh ngagorowokeun hak-hak mahasiswa nu geus dirampas ku birokrat kampus. Tapi dalah dikumaha, manéhna tetep wanoja biasa, cara nu lian. Wanoja nu teu weléh nalangsa dina umurna nu geus 24 taun can boga waé beubeureuh. Malah sakapeung mah sok aya dina pikiranana rék reureuh bajoang ngalawan kasarakahan. Rék prah baé cara babaturan sakelasna anu hirup normal. Liburan, jalan-jalan, atawa ngan saukur nongkrong di bar ngilikan kaom adam nu bisa diteuteup jeung dilamun.

“Naha haram kuring dipikacinta ku lawan jinis? Atawa pédah kuring sok gogorowokan ngabolékérkeun rujadna kahirupan? Atawa boga anggapan yén jalma kawas kuring mah teu becus bobogohan? Teu bisa maén cinta? Hah!” kitu jeung kitu nu sok dibudalkeun dina mangsana manggih guligah téh.

Jeung nu moal kapopohokeun mah waktu manéhna ngabagi kasusahna ka kuring. Matana beueus waktu manéhna mimiti nyaritakeun katugenahna, “Yul urang teu apal kudu kumaha? Bulan hareup manéh wisuda, berarti entragan urang téh ngan tinggal uing sorangan deui?”

Ngadéngé kitu, kuring malah némbal bari heureuy, “Maenya atuh Srikandi 2013 ceurik?”

“Tong nyebut waé uing Srikandi! Uing mah Dewi, lain Srikandi,” ceuk manéhna rada neugtreug.

“Nya naon deui atuh nu kurang ti manéh Dew? Sakampus ogé papada apal yén manéh téh Srikandi!” ceuk Kuring.

“Kabogoh!” Dewi perténtang motong caritaan. Kuring ngahuleng asa kabéntar gelap tengah poé. “Srikandi mah geus suksés dikawin ku Arjuna. Jajaka nu digambarkeun dina kitab-kitab, sarta carita-carita karuhun kalintang kasép jeung gagahna. Sedengkeun Uing? nepi ka kiwari, can kungsi Uing ngarasakeun éndahna cinta!”

Acan gé kuring némbal, pok deui manéhna motong caritaan, “Manéh mah teu apal Yul alesan uing sabenerna kieu gawé téh naon? Ku cara démo jeung akif di organisasi, kuliah uing bakal rada lila, béda jeung manéh, béda jeung nu lian. Éta nu dipiharep téh Yul! Taya lian supaya aya alesan “keur kuliah kénéh” mun ditanya ku kolot iraha rék mawa calon!”

  Dewi ngabudalkeun pangeusi haténa. Dunya asa ngadadak jempling. Kuring ngarasa bingung. Teuing kudu kumaha peta, da puguh lain kuring nu kawasana. Mun téa mah enya kuring téh Dewa, meureun geus ti baheula manéhna dijodokeun. Moal cara ayeuna, nu kalah kaléngkahan ku adina sorangan nu masih kénéh SMP. Kuring tuluy ngagabrug, nangkeup Dewi pepereket. Sugan ku sugan, manéhna henteu ngarasa nyorangan teuing.

***

Hujan ngadadak turun, taya témpo jeung teu méré nyaho. Beuki lila beuki ngagebrét. Langit Gasibu pipilueun mongkléng lir méré iber ka pangeusi dunya, yén hujan moal téréh-téréh raat. Nu darémo patingburiak. Sedeng ngaran Dewi bet kalah ka tetep noélan lamunan kuring.

“Dew, keur naon ayeuna? Naha anjeun geus jadi Srikandi sajati?” Ceuk kuring dina pikiran, tuluy nguluyu néangan pangiuhan.

***

 

GegerKalong, 01 November 2013

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: