• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Dedemit Saguling

Kénging Andang S. Argayuda
Kintun kana Facebook

Unggal mulang ka Bandung, raeng tatangga naranyakeun proyek saguling, pedah di Bandung geunjleung ku culik jang wadal bendungan Saguling. Malah di Ujung Berung mah, aya tukang ngarit dirogahala ku masyarakat, pedah mawa karung, disangka culik terus dikoroyok ku jalma loba, nepi ka hanteuna.

Proyek raksasa, neruskeun lalampahan Sangkuriang anu kabeurangan, cenah mah kari sagulingeun deui kaburu baranang siang, nu matak eta tempat dingaranan Saguling, gunungna disebut Baranang siang.

Digawe jadi Clerk, nguruskeun pagawe, ti mimiti labour, minner, foreman, operator alat berat, tug nepi ka general forman. Ratusan jumlah pagawe teh, ratusan sipat jeung tabeat, malah loba jeger urang Garut anu nyumput jadi pagawe, sabab sarieuneun ku panembak misterius, jaman harita para jeger diparaehan, didor ku petrus, terus dibuang ka Citarum.

Unggal poe proyek saguling dikirim bugang jalma anu paralid, jeger wungkul, kaciri dina tatona, mimitina mah basa aya dua mayit, ku lobaan dihanjatkeun terus dikubur sisi lebak, tapi kadiuena mah ngabrul loba teuing, sok diantep bae sina palid ka hilirkeun. Jadi proyek saguling mah teu kudu nyulik jang wadal, sabab unggal poe dikirim bugang manusa, riweuh culik eta mah jalma anu ngangpaatkeun situasi.

Pancen gawe ditugaskeun anu beurang wungkul, biasa mulang jam lima sore, tapi ka parengkeun hiji poe aya clerk anu dines peuting bebeja gering, atuh kapaksa meureun engke teh kudu ngantor deui. Hadena dipareng boga bojo urang Rajamandala, geulis, someah murah imut, jeung asa kabeneran teh ku bageurna, ku belana, najan budak keneh tapi estu ngabakti ka salaki, masih sakola, kelas dua sma di Ciranjang, numatak kawin oge susulumputan.

“Neng, akang dinten ieu kudu ka proyek deui, engke wengi”. Bari ngarasakeun cai kopi haneut meunang nyieun pamajikan, bebeja rek ngantor deui.

“Har, kapan nembe oge uih Kang, pan biasana oge Akang mah dines siang ?”.

“Eta aya rerencangan teu damang, jadi anu engke wengi teu aya clerk na, nya Akang kedah tanggel waler, kedah ngagentosan clerk”.

“Lah boa jangjian sareng nu geulis, alesan ngantor”.

“Istri ti mana Neng, di proyek mah lalaki wungkul, ongkohan moal mungkin Akang hianat ka Neneng”. Ngabebenjokeun anu ngarajuk, ari ngaranna mah panjang jeung alus bojo teh, ngan kabiasaan sok nyebut Neneng.

“Emh, si Akang sok tiasa bae ari ngarayu teh, kawas anu enya”.

“Sumpahna oge daek salamet dunya akherat, Akang pasti satia ka eneng, salamina”.

“Muhun, Neneng oge percanten ka Akang, nanging moal cape kitu ?”.

“Cape mah biasa Neng, lalaki ieuh, meungpeung kaduga, meungpeung aya kasempetan, ke tos janten artos mah kacape teh ilang”.

“Ati-ati atuh Kang, kawartoskeun saguling mah tempatna sungil, cenah jurigna oge sok ngandar narembongan”.

“Atuh nyingsieunan nu geulis teh, pan ngajurungkeun, kumaha ke mun Akang direweg jurig saguling ?”.

“Ih amit-amit Kang, moal enya Akang eleh ku jurig, moal nanaon jung di du’akeun sing salamet, ulah sok nyarios anu lain-lain, pimelangeun”.

Jam salapan peuting mobil jemputan sok nungguan di simpang tilu, waktu nepi ka dinya mobil jemputan ka Intek Adit geus pinuh ku penumpang, tempat digawe teh di hulu tunnel, anu ngaran lokasina disebut Intek Adit.

“Pinuh geuning, kumaha geus karumpul kabeh euy ?”. Tumanya ka nu geus dariuk dina mobil. Bari ngalacat muru kajero mobil, jangkung mobil teh da tina treuk meunang ngarekayasa, supaya bisa dipake jemputan pagawe.

“Pa, geuning dines wengi, pan bapa mah tugasna siang ?”. salah saurang pagawe tumanya, pedah tara-tara ti sasari make mangkat gawe peuting.

“Pan Pa Wawan udur, jadi peuting ieu teu aya clerk, nya kapaksa Bapa nyuluran gawe”.

“Di payun atuh Pa, di dieu mah tiris”.

“Di dieu bae ah resep rame-rame, kamana anu sok dicaroo ku sarerea geuning teu aya ?”. Pernah waktu ka tukang ngalaman dines peuting, dina mobil jemputan aya awewe saurang, lumayan manis, ngan eta awewe dicaroo digarulung dina mobil, dasar anu bangor kalah seuseurian.

“Ayeuna mah bulan kolot Pa, engke pami tanggal muda sok aya, malah ayeuna mah nambahan jadi tluan”.

“Kade ah ulah sok kokomoan ku nu karitu, bisi cilaka, sing inget ka nu di imah”.

“Eta oge emut ka anu di bumi, nu matak gagarayaman asa ka indung budak, heu...heu..heuy”. Dasar barudak proyek garelo, kalah raeng ngomong ngacapruk.

Anu disebut kantor teh sederhana, ngarana oge proyek, tapi sababaraha lokal, tempatna persis sisi gawir lungkawing, di handapna walungan Citarum. Mumunggang pasir bolenang, satungtung tenjo ukur taneuh beureun anu bubud teu diurus, teu aya imah da puguh jauh ka lembur, sosoranganan tengah peuting di tempat anu araraneh, para pagawe geus arasup ka torowongan, neruskeun hanca anu katunda ku rombongan tadi beurang.

Inget kana caritaan pamajikan, boa enya sungil, sabab mani rehe kieu, jabaning asa karareueung. Geus beres nyieun jang laporan isuk, terus ka luar ti kantor, miceun kakeueung, luak-lieuk ka sabudeureun tempat, paroek, tapi langit kabeneran keur lenglang, bulan caang tanggal wewelasan.

Keur nganteur panglamunan bari ngajanteng di jalan, ti beh girang aya anu leumpang make seragam sepe, asa boga batur, terus digeroan bari disampeurkeun, tapi aya ku aneh, eta jalma digeroan teh ukur ngalieuk, terus ngungkug ka sisi jungkrang, gajleng eta jalma teh luncat kana jungkrang anu sakitu lungkawingna.

“Asstagfirrulloh hall adziim, jalma eta jurig eta teh, piraku jalma luncat kana jungkrang, jerona jungkrang teh lima ratus meter, mun manusa meureun rajit”

“Jurig eta mah”. Gebeg, ngarenjag kaget, ti tukangeun aya anu ngomong deukeut naker, dilieuk, bet teu aya sasaha. Buru-buru ka kantor deui, lampu kabeh dicaangkeun, terus nyokot buku laporan, tulas-tulis ngabrangbrangkeun.

Peuting ieu teh malem minggu, kuduna mah ulin jeung bojo, ari ayeuna bet kudu nyanghareupan jurig bungkeuleukan, asa miris, enya oge ludeungan, ari kitu-kitu teuing mah mani asa sasah, teu puguh rasa. Lila ngabulak-balik buku laporan, ngaleungitkeun kasieun, barang cengkat, bet kalangkang aya dua, luak lieuk teu aya sasaha, malah kalangkang anu hiji mah bet ngajangkungan, terus ngajangkungan nepi ka nembus lalangit.

Satengah sadar, gajleng luncat ka buruan, angen ratug tutunggulan, angkohan mah rek mabur ka torowongan, nyampeurkeun batur, naha atuh tina palebah lawang torowongan, aya anu ngabrul bari arigel-igelan, awakna persis supa suung, sarupa, sawanda, awakna mencos ka luhur kawas aseupan, nya siga supa rampak wae kitu.

“Ha...ha...ha...ha, rek kamana manusa ?”. Eta anu jangkung hideung jiga kalangkang teh ngomong bari seuseurian, bakat ku sieun antukna kahudang kawani, inget kana diri, terus ngawatek sagala kamampuan bathin warisan ti kolot, lumayan jadi reugreug.

“Saha andika anu sabenerna, ku naon make ngajungjurigan kula”.

“Aing anu ngageugeuh ieu tempat, aing teu suka boga nagara diruksak ku bangsa manusa, maneh ayeuna rek dibawa jang tumbal, ha...ha...ha...ha”. Eta jurig ngomong garihal, ngancam rek mergasa.

“Hey raja jin kafir, kula moal eleh ku pantar andika, kula apal ka anjeun jeung ka nu nyiptakeun bangsa anjeun, ulah rek coba ngaganggu sabab kula boga elmuna pikeun ngahancurkeun diri anjeun”.

“Ke, ning anjeun gede kawani, saha anjeun?, ti mana asal anjeun ?”.

“Tempo panon kula, anjeun bakal apal saha ari diri kula, jeung ti mana asal kula”.

“Tobat, ampun, kula sujud ka anjeun, kula moal kumawani deui nyingsieunan anjeun”.

“Ari itu anu ngaleut bangsa naon eta teh ?”.

“Eta teh jurig jarian, dedemit saguling, bongan tempatna diganggu, maranehna kaluar rek menta wadal”.

“Menta wadal kumaha, ulah lalawora, ulah ganggu ka manusa”.

“Tempokeun wae ku anjeun, anak buah anjeun bakal nungtut jadi korban, paeh di jero torowongan dipake tumbal”.

“Ulah kitu raja jin, kula moal mikeun”.

“Najan kula teu wani ganggu ka anjeun, tapi anjeun moal bisa ngahalangan, sabab can waktuna anjeun bisa kitu, ha...ha...ha...ha, kula pamit rek ngampih”. Les anu jangkung hideung jeung rombongan dedemit teh leungit, hate rada tenang teu reuwas teuing, tapi omongan jurig tadi jadi pipikiran.

Nungguan beurang mani asa lila, kajadian tadi peuting nyesakeun kareuwas, inggis ku bisi rempan ku sugan, bisi enya. Satengah genep jemputan datang, nepi ka imah kasampak bojo keur ngajanteng di buruan, ningali salaki datang pamuluna robah jiga anu bungah, ngabageakeun ku imut anu kareueut, mani asa pangbagjana sadunya, asa panggih jeung sawarga.

“Neng, dinten ieu mah ulah masak”.

“Har, ari Akang, atuh kalaparan, ku naon kitu ?”.

“Urang jalan-jalan, ngadon emam ka sasak heubeul, pan aya rumah makan di dinya teh, ngabangbrangkeun, akang tos  kenging kareuwas”.

“Kareuwas naon Kang ?”.

“Enyaan leres ceuk Neneng, saguling teh sungil, yu ah urang berangkat, motorna tos pinuh ku bensin”. Ulin paduduaan dina motor, pamajikan nangkeup pageuh, napasna karasa niupan ceuli, ieu meureun kabagjaan teh, anu kieu meureun anu disebut nikmat hirup teh.

Dua poe ti harita, di torowongan geunjleung, master blasting, tukang ngabitukeun dinamit, maot katinggang batu, ambulan ngajerit panjang mawa layon ka rumah sakit rek di visum. Duka kabeneran duka memang aya patalina jeung ancaman dedemit saguling, ngendek sabaraha poe tas kajadian tukang dinamit, riweuh deui di torowongan, foreman maot ka tinggang batu, dua urang sakaligus, duanana foreman.

Teu cukup ku kajadian di tunnel wae, geus opat poe aya dua urang foreman teu asup gawe, teu aya beja, teu mere alesan, atuh riweuh ditatanyakeun, tapi teu aya anu manggihan. Ngendek sapoe, ibur cenah aya dua urang korban kacilakaan di jalan Sukarno Hata, motor asup kana kolong treuk, mayitna aya di RS. Hasan Sadikin, anu jadi hareugeueun teh eta ngaranna, sarua jeung ngaran foreman anu keur diteangan. Terus disusud ka rumah sakit, beu, bener bae geuning foreman anu geus sababaraha poe teu asup gawe.

“Duh, naha ieu teh bener kitu dedemit saguling menta wadal ?”. Wallohu allam bbi syawab.

                                                                                        

Saguling-Rajamandala. Taun 1983.  

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: