• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ririwa di Pakemitan

Kénging Féndy Sy. Citrawarga
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1384916579.jpg [Potrét/Ilustasi: Agus Mulyana]

Maotna mah Mang Sarip téh tadi beurang kira tabuh tiluan. Teu agé-agé dikurebkeun cenah ngadagoan Si Onah, anakna anu dibawa ngumbara ku salakina ka Surabaya. Sok padahal Ajengan Arif geus ngawawadian sangkan layon buru-buru dikurebkeun. Bi Mamah, pamajikan Mang Sarip, tadina mah rék kumaha alusna ceuk ajengan  baé ngan  Si Onah hayang nénjo heula beungeut bapana.
"Ulah waka dikurebkeun Ema, wios énjing!" ceuk Si Onah dina HP.
Teu majar kumaha, ajengan gé antukna mah nurut. Pangémutna, nepikeun enggeus diturut jeung henteuna mah kuma dinya.
Atuh layon téh sina ngajepat baé di tengah imah sabada dipulasara sakumaha mistina mah. Enya, isukan kari ngurebkeun da ari liang kaluat mah ti barang gujrud Mang Sarip maot gé geus dikali.
Umumna urang lembur, angot dikokojoan ku tokoh anu ngarti kana harti fardu aén, nalika tumiba papait téh    tara léléwodéh. Boro kasaksi ahli tajug, leket solat rikat zakat, dalah ka jelema biasa nu ukur ngaku Islam bari kana solat belang-betong malah tampolana ukur taun kali ari sunah lebaran ogé wuwuh kawajiban fardu aén téa. Enya, kawajiban anu lamun teu dipigawé bakal dosa saréréa, anging aya salasaurang anu migawéna, siga kapapaténan.
Nilik saréatna mah umur Mang Sarip téh can kolot-kolot teuing. Kitu lah tengah tuwuh punjul genep taunan. Orokaya ririwit, tiktikbrek. Kilang kitu ka sawah atawa ka kebon mah tara beunang dihulag ku Bi Mamah téh    . Abong urang lembur, basana kaluman cimekblek di imah téh. Atuh ari cageur meueusan, telenjeng deui ka sawah atawa ka kebon. Untungna sawah jeung kebonna téh teu jauh ti lembur.
Cara poé tadi, rebun-rebun geus miang ka kebon. Teu barang bawa dahareun da basa ku Bi Mamah rék dibahanan dahareun bisi lapar téh kéképéhan.
"Moal lila rék ngaroris cau bisi ku cocodot."
"Heueuh atuh mawa-mawa cai sakempis mah bisi hanaang."
"Moal ah, mihapé imah wé!"
"Naha da moal aya nu ngaringkid imah mah. Anggur manéhna nu kudu atia-ati. Kadé ulah tuak-taék!"
Teu némbalan. Kencling miang dijajapkeun teuteup Bi Mamah. Tepi ka lawang pager, tara-tara ti sasari Mang Sarip ngarandeg heula, malikkeun awak. Bi Mamah ngajanteng kénéh na lawang panto.
"Kadé imah!" pokna deui
"Heueuh!" témbal Bi Mamah bari teuing kila-kila naon nyaritana kitu téh karasa aya nu nyeuit dina haténa. Aya rasa melang. Éta meureun duméh Mang Sarpi téh geringan, malah ayeuna gé can cageur pisan.
Kencling ka kebon. Sadatangna, lunga-lengo ngaroris pepelakan. Enya baé cau loba nu ku cocodot, najan henteu ari nepi ka purugul mah. Aya kénéh keur nu melak.
Pajar teu butuh ku cai keur nginum da basana moal lila. Hih, baning usak-usik tikoro laun-laun karasa tuhur. Bet hanjakal teu narimakeun kahéman pamajikan. Marengan panonpoé hanjat, tikorona karasa beuki ngolétrak. Rék buru-buru balik kagok ku hanca pagawéan, ngayuman pager. Ditahan-tahan kalah asa beuki kasiksa.
Ras kana tangkal kalapa, tanggah. Duwegan ngagupayan. Lakadalah, haté Mang Sarip surak. Tapi dumadak murengked da apan kudu ditaékan. Mani euweuh titaheun.
Antukna gilig seja metik nu ngagupayan. Angsrod, angsrod, naék. Beuki luhur, beuki luhur. Na atuh sirahna ujug-ujug asa muih, lieur, katurelengan. Teu tahan, turun deui tuturubun. Ilang kasadaran, koléang...gubrag nyinekel kana batu. Les!
"Mang, Mang Sarip!" gorowok  Mang Tanu nu pareng ngaliwat balik ti sawah gegeroan barang nénjo  aya nu ngagebut lebah tangkal kalapa di kebon Mang Sarip.
"Tuluuung...!" gancang ngagorowok deui ménta tulung. Hadéna aya nu ngadéngéeun. Nya padanulungan, dibawa balik.
Aya kénéh rénghap basa di jalan mah. Ngan sanggeus datang ka imah geus teu empés-empés deui.
Nénjo kaayaan kitu, Bi Mamah tiba ngajerit bari ngagugulung layon Mang Sarip.
Ceuk nu percaya mah cenah Mang Sarip téh maot baseuh da apan maot ngadadak alatan ragrag. Pangaruhna sok matak noélan punduk. Ka dituna sok gaplah lumaku. Siga rék kemit, apan réa nu tingpurungkut. Tapi, karunya ari Bi Mamah kudu cinekul kemit sorangan mah, angot alesanana ukur sieun dijungjurigan mah. Nu matak, enya nu borangan jeung héngkér imanna, sieun-sieun ogé maksakeun.
Enya, cara Hansip Ukar, Mang Tarno, Kang Juhé, Wa Kardi. Tatangga-tatangga almarhum.
Ti magrib kénéh langit geus mongkléng. Lain ukur poék katarik wanci, tapi ku méga hideung nu ngaburayot ku pihujaneun. Da jeung saenyana, basa ngong adan isa, hujan bahé lir dicicikeun ti langit, dibarung gelap dor-dar.
Nu tadi-tadi geus nawaétu rék kemit, sawaréh marulang ka imahna, basana bisi aya kenténg bocor. Demi Hansip Ukar, puguh mancén intruksi RW, wajib cicing. Untung wé Kang Juhé, Mang Tarno, Wa Kardi daékeun maturan.
Pribumi gasik nyieun cikopi, golosor leunjeuran durukeun. Hawa tiris peuting kausir meueusan ku cikopi panas jeung udud. Orokaya hujan mah can raat.
Opatanana jarongjon di téras. Dititah ka jero ku Bi Mamah marugen. Padahal di téras téh sawér.
"Di jarero atuh ngopina!" ceuk Bi Mamah.
"Di dieu wé Bi ah, hareudang," ceuk Kang Juhé ngabodor. Moal enya hujan ngecrek hareudang. Nu sidik mah basa nénjo layon ngajepat, bulu pundukna carungkedang.
Kapeutingnakeun hujan ngaleutikan, tapi ngecrek. Nu kemit tinghariul, asa teu puguh laku pajah téh. Cikopi kari gegedohna, ududeun kari kuntung jeung calacah, numpuk na asbak. Angin nu nyéor, hawar-hawar sora anjing babaung karasana ku nu kemit asa noélan punduk.
"Yu ah uang ngusir tunduh," ceuk Kang Juhé basa dina suku méja katénjo aya kartu gapléh.
"Aya nyah kartuna?" Haréwos Hansip Ukar.
"Tuh!" Juhé nuduhkeun kartu na méja di rohang tamu.
"Sok atuh!" Hansip giak da enya atuh asa teu puguh laku jaba tunduh.
"Henjung ka ituh cokot!" Kardi ngajurung-jurung Juhé. Nu dititah mugen da puguh ti émpér atawa téras jeung ti rohang tamu téh nu ngajepat atra katémbong.
"Leutik burih!" ceuk Hansip Ukar. Kilang kitu manéhna gé ngompod.
"Heueuh, hencig atuh!" Mang Tarno nyurung-nyurung tonggong Hansip Ukar. Tapi kalah undur-unduran.
"Kalah wé pangkat hansip!" ceuk Mang Tarno deui.
Dikitukeun teuing mah Hansip Ukar ngarasa kasigeung. Kapaksa ngajurungkunung, tapi tiba ngorondang bari culang-cileung ngodomang nyokot kartu gapléh.
Nénjo kartu gapléh, mata nu opatan calenghar deui. Juhé ngocok kartu. Hujan can raat, anjing babaung wuwuh matak muringkak, tapi ku nu garapléh teu ditolih.
Mimitina taya sora nanaon ti nu garapléh téh. Areling keur kemit. Nunda kartu jajauheun tina ulin beubeut sahabekna cara sasari. Nu matak, angger wé karasa combrék. Tapi, lila-lila mah kadéngé tingkareplék sora kartu nu meubeut bari dituturkeun hohoak! Lat, keur kemit. Saruhud bangun sujud kana kartu.
Hujan geus raat. Sora kartu nu meubeut beuki témbrés. Bi Mamah nu dibaturan ku tatanggana papada awéwé teu bisa kukumaha ngadéngé nu keur garapléh téh    .
Beuki lila nu gapléh beuki segut. Kadéngé aya gakgak, aya rahuh. Nepi ka basa Hansip Ukar ngarérét ka tengah imah, pas lebah layon ngajepat nu maksudna mah rék ménta cai ka pribumi, manéhna calangap basa nénjo aya pocong nguniang. Laju nepakan tuur batur-baturna sina nénjo nu nguniang. Enya, teu salah nu ngajepat hudang.
"Ri, ri, ri, ririwaaa...!" kocéak nu opatan ngajerit. Kituna téh bari laluncatan ninggalkeun téras. Awahing rusuh bari geumpeur campur sieun, lumpatna teu tarapti. Saréréa tingjurahroh. Aya nu tisorodot, aya nu titajong, aya nu nabrak tangkal rambutan, aya ogé nu tijalikeuh.
Nu di jarero imah tiba mésem.
"Teu eucreug pisan, ngaradon gapléh di pakemitan," ceuk ririwa, aéh saur Ajengan Arif.
Horéng lain ririwa nu ngajurungkunung téh, tapi Ajengan Arif. Basa anjeunna ngontrol wengi-wengi seja kemit, nyampak nu garapléh. Asa teu pantes, nya anjeunna ngetrokan panto dapur laju ngedalkeun pamaksudan ka Bi Mamah, nginjeum mukena.
"Urang warah!" saurna. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (5)

Tetep

Manawi teh jurig enyaan. Geuningan ajengan nu nyingsieunan. Wkwkwkwkw

sim kuring

aduh katipu kang, manawi teh...

maman a. malik sy.

Hanjakal Ajengan Arif teu aya di unggal lembur pikeun ngarurud takhayul, ngahadean akhlak masyarakat. Hatur Nuhun Kang Fendy. Salam.

gumrosis

lumayaaaan kanggo aoseunmah, nanging kirang jucung pikasieuneunana

marinka

... hi... hi...

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: