• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Cilaka Bongan Mokaha

Kénging Féndy Sy. Citrawarga
Kintun kana Facebook

"Bah, Si Oléng tuh ceurik mani awong-awongan!" ceuk Si Didi ka Bah Odi.
"Ku naon cenah Di?"
"Geubis tina sapédah. Lebah jalan mudun ngajago lepas tangan, teu engeuh aya batu, gubrag tijurahroh!"
"Lalawora atuh. Ka mana Si Oléngna?"
"Tuh ningan ingkud-ingkudan ka dieu Bah."
"Cing sina ka dieu Di, urang ubaran kituh."
"Mangga Bah, muhun karunya heug indung bapana keur ka sarawah," ceuk Asép jeung Ujang mairan.
"Kagungan landongna Bah?"
"Aya lah. Malah dibonusan ku Abah mah."
Barudak, kayaning Si Didi, Asép, Ujang jeung Si Oléng nu pupuringisan kénéh nahan kanyeri ngariung payuneun Bah Odi.
"Naon bonusna Bah?" tanya barudak panasaran.
"Keur saréréa bonusna mah lain keur Si Oléng waé, nyaéta dongéng."
"Asiiiik...horééé....dongéng deui euy!" Barudak kaleprok.
"Kalakuan Si Oléng téh cilaka bongan mokaha, rasa manéh, teu tarapti. Siga haphap tatéh. Nu matak ayeuna Abah rék ngadongéng haphap jeung bajing. Nyaraho lin haphap? Éta ningan sato nu siga londok nu sok aya dina tangkal kai di kebon."
"Terang lah Bah, sato anu lamun eunteup na tangkal kai téh sok dieundeuk-eundeuk heula," ceuk Si Didi nu sok mindeng dibawa ka kebon ku bapana.
"Bener Di," saur Abah Odi bari tatan-tatan badé ngadongéng ngeunaan sakadang haphap.
Jaman baheula, Raja Leuweung, nyatana Maung, ngayakeun sayémbara. Demi maksudna keur néangan prajurit nu jago naék jeung ujlang-ajleng dina tatangkalan naon baé. Sing saha nu kapeto jadi jawara ku raja baris diangkat jadi prajurit petingan jeung hadiah ubar nu bisa nyageurkeun sagala kasakit. Éta sayémbara diiluan ku pirang-pirang sato ti suklakna ti siklukna.
Caturkeun aya dua sato anu nyobat dalit, bajing jeung haphap. Harita mah bajing teu bisaeun naék kana tangkal, komo ujlang-ajleng sagala. Béda jeung haphap nu geus jago naék jeung ujlang-ajleng dina tatangkalan.
Harita si bajing gawéna ngan ceurik baé. Manahoréng manéhna téh keur mikiran indungna anu gering ripuh. Diubar-aber ka ditu ka dieu teu cageur baé. Barang ngadéngé aya sayémbara téa, manéhna kacida atoheunana sok sanajan teu bisa naék ogé. Nya nyarita ka si haphap.
"Uing rék ngiluan sayémbara naék ah sugan baé meunang hadiah," ceuk bajing.
"Hahaha...manéh mah naékan tangkal cikur baé sawan. Montong, bisi labuh!" ceuk sakadang haphap mangmelangkeun.
"Ih manéh mah kalah ngahina, haphap, lain kadua ngadoakeun ka babaturan téh. Nyaho uing keur bingung néangan ubar keur ema." Bajing rumpah-rempih rék ceurik bakating ngenes.
"Jéééh...ilaing mah sok salah sangka. Ari teu bisa naék, komo bari luncat, apan meureun matak cilaka. Karunya uing mah, di henteu-henteu ogé manéh téh sobat dalit uing!" ceuk haphap siga nu heueuh mikarunya. Padahal dina haténa mah manéhna atoheun lamun si bajing ngiluan téh da pasti moal nguntup teu cara manéhna nu geus ngarasa jago tétérékélan bari luluncatan dina tangkal kai nu luhur.
"Ah rék diajar wé heula da sayémbarana gé lila kénéh," témbal sakadang bajing gedé haté. Da jeung saenyana, ti harita gé manéhna diajar tétérékélan kana tangkal, gajleng tina tangkal hiji kana tangkal séjénna. Mimitina tina tangkal nu parendék jeung leutik, terus kana tangkal gedé jeung jarangkung nepi ka bisana da diajarna wekel. Geus kitu mah manéhna madep ka indungna rék ngiluan sayémbara naék.
"Neda pidu'ana Ma, uing rék ngiluan sayémbara," pokna bari nyium leungeun indungna nu keur gering. Indungna melangeun, tapi bajing maksa. Nya antukna mah diidinan bari dido'akeun mugia tinekanan.
Der sayémbara. Pada ngalalajoan ku pirang-pirang sato. Sakadang haphap seuri ngécé basa nénjo si bajing ngiluan sayémbara téh. Unggal sato nu ngiluan sayémbara dititah némbongkeun wewesénna, réa nu ragrag. Ayeuna kari dua sato deui nyaéta haphap jeung bajing.
"Uing nu baris unggul mah!" gorowok haphap ka balaréa. Ger kaleprok. Kituna téh gajleng si haphap luncat kana dahan-dahan kakayon bari sakapeung jujuralitan hayang kapuji. Pada nyurakan puguh waé liang irungna rebéh, manéhna némbongkeun wewesén séjén, gajleng luncat maksudna mah rék muntang kana dahan séjén, orokaya salah muntang kana dahan regas alias rangrang. Ana gep koléaaaang....awakna ragrag, meubeut kana batu.
"Huuuuh.....!" raong nu nyurakan ngécé.
Ayeuna giliran sakadang bajing mintonkeun wewesénna. Kalacat kana tangkal kiara, gajleng luncat kana tangkal séjén. Tapi teu sagawayah, méméh luncat téh matana cingeus culang-cileung. Antukna bajing jadi jawara. Ku raja diangkat jadi prajurit, meunang hadiah ubar nepi ka indungna cageur.
Tepi ka ayeuna bajing mah jago naék jeung ujlang-ajleng atawa luncat dina kakayon.
"Demi sakadang haphap, alatan kapok cilaka bongan mokaha, tepi ka ayeuna mun rék naékan tatangkalan téh boh nu leutik boh nu gedé sok dieundeuk-eundeuk heula," saur Abah Odi mungkas dongéngna. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: