• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Dongéng Buaya, Embé Jeung Peucang

Kénging Lina Herlina
Kintun kana Facebook

Hiji poé, sakadang embé lumampah leuleumpangan rada jauh, ti lembur Pasir ngajugjug lembur Sindang. Maksudna rék ngalongok dulurna anu cénah ceuk béja ti sakadang kokondangan mah keur gering. Tengah poé, sakadang embé ngarasa hanaang. Atuh manéhna méngkol heula ka walungan. Tapi acan ogé ancrub, manéhna manggihan sakadang buaya katindihan tangkal kalapa. Nyeri pisan meureun, da anu katindihna téh pas beuheungna pisan. Êta wé humarurungna ogé mani matak watir.

“Cing tulungan, sakadang Embé, sobat anu haat, anu bageur. Ieu awak mani asa ringsek. Tulungan pangdorongkeun catang kalapa ieu. Kuring geus teu kuat,” ceuk buaya lungas lengis.

Sakadang embé sabenerna teu hayang nulungan buaya. Ngadeukeutan ogé sabenerna embung. Buaya mah lain pisobateun. Apan baheula ogé aya dulurna anu digegel sukuna terus digusur ka jero leuwi nepi ka hanteuna. Sobatna ogé sakadang sapi basa keur meuntas walungan apan digégél pingpingna nepi ka bohak. Untung wé sakadang sapi mah awakna badag, jadi basa digibeg-gibeg awakna téh sakadang buaya kabantingkeun.

“Tulungan, sakadang Embé, sobat anu haat, anu bageur. Maenya awak kuring kudu buruk katindihan ieu catang. Maenya anjeun téga, sakadang Embé. Apan anjeun téh kaasup sato anu bageur, anu loba sobatna, anu dipikaresep ku saréréa.”

Dipikir dibulak-balik, tungtungna mah sakadang embé téh karunyaeun ogé. Teu masalah sakadang buaya téh kasebutna sato anu galak, sato anu teu boga sobat da ka sasaha deleka baé. Teu paduli dulurna kungsi dipergasa, sobatna kungsi ditandasa, da ayeuna mah buaya téh kaasup sato anu teu walakaya. Buaya téh butuh pitulung mahluk séjénna.

Hésé capé sakadang embé nyunyurung catang kalapa. Késangna luut-léét ngabaseuhan sakujur awakna. Tanagana dikorédaskeun. Tungtungna mah, saeutik-saeutik, catang kalapa téh ngagorolong. Tapi saméméh catang kalapa téh eureun, saméméh sakadang embé anggeus ngarénghap, ari kerewek téh sukuna digégél ku sakadang buaya.

“Eh… nanaonan ieu téh sakadang buaya? Tong ngaheureuyan. Kuring hanaang ti tadi kénéh. Cik rék menta cai walungan sauyup mah. Lalampahan kuring masih jauh,” ceuk sakadang embé semu reuwas, sorana ngadégdég.         

“Anjeun enya tas nulungan déwék ngagulingkeun catang kalapa anu nindihan. Tah ayeuna tulungan ogé déwék anu kalaparan.”

“Anjeun téh sakuduna atoh aya kénéh anu nulungan. Ku nyebut nuhun ogé kuring mah geus banget bagjana. Atuh teu nganuhunkeun ogé tong ngaheureuyan kawas kieu. Pamali….”

“Da déwék mah henteu ngaheureuyan! Déwék mah nyaan rék ngahakan manéh, sakadang embé. Apan daging manéh téh kaasup anu pulen jeung ngeunah. Lumayan keur ngaganjel ieu beuteung.”

“Apan kuring téh tas nulungan anjeun, sakadang buaya. Naha pantes nu asih dipulang sengit?”

“Nya pantes waé ceuk déwék mah. Sok wé ku anjeun tanya tilu mahluk anu ngaliwat di ieu walungan. Lamun lolobana ngajawab pantes, anjeun ku kuring rék langsung didahar. Tah kasempetan ieu téh minangka babales kana kahadéan anjeun. Apan anu séjén mah lamun geus digégél kieu téh sok langsung dibantingkeun waé nepi ka kalenger.”

Sakadang embé ngarénghap atoh. Enya ogé haténa mah banget ku sedih. Handeueul. Handeueul geus nulungan sato anu teu boga cedo. Tapi arék dikumaha deui, kaduhung mah tara ti heula.

Basa aya saheulay samak kabawa palid, sakadang embé gancang tumanya. Sabenerna mah manéhna embung nurut kahayang sato teu boga rumasa, sato bangkawarah siga sakadang buaya. Tapi cara kitu téh ngan hiji-hijina kasempetan pikeun salamet. Saeutikna ngundur-ngundur niat jahat sakadang buaya.

“Héy, samak, ké sakeudeung, kuring rék tumanya. Naha pantes anu asih dipulang sengit? Kahadéan dibales ku kadengkian?” ceuk sakadang embé ngagorowok.

“Pantes waé. Apan kuring ogé kungsi nulungan manusa, jadi alas diuk maranéhna ngarah henteu kotor jeung jauh tina panyakit. Mangtaun-taun kuring kumawula. Ari babalesna? Sanggeus kotor dina awak kuring hésé diberesihan, sanggeus soék minuhan sakujur awak kuring, apan teu nuhun teu basa-basa acan, ngan lung wé kuring dialungkeun.”

Sakadang embé hanjelu ngadéngé jawaban samak siga kitu. Tapi manéhna tetep yakin, anu asih mah pantesna dipulang asih deui, kahadéan pantesna mah dipulang kahadéan deui. Matakna basa aya dudukuy anu kabawa palid manéhna gancang tumanya deui.

“Héy, héy… dudukuy! Naha pantes anu asih dipulang sengit?”

“Ceuk kuring mah pantes waé. Contona kuring apan. Kuring téh ti sainget geus kumawula ka manusa. Lamun maranéhna leumpang di jalan panas, lamun hujan, apan kuring anu mayungan. Mangtaun-taun. Ari balesanana? Sanggeus awak kuring marolongo, sanggeus warna kuring pias, apan ngan lung wé dialungkeun ka walungan.”

Sakadang embé beuki nalangsa waé haténa. Komo basa sakadang buaya nyeungseurikeun mah haténa mani asa diwewejét.

“Nya ceuk sasaha ogé apan sarua, kahadéan téh taya salahna dibales ku kabengisan. Ayeuna mah sadrah wé atuh, sakadang embé, manéh ku kuring arék didahar.”

Tapi karék ogé sungut buaya calangap, sakadang embé ngagorowok.

“Ké heula, sakadang buaya! Aya kénéh anu can ditanya,” ceuk sakadang embé bari nunjuk sakadang peucang anu keur leumpang di kajauhan.

Sakadang embé sabenerna ngaharepkeun pisan sakadang peucang bisa nulungan karerepetna. Manéhna apal, sakadang peucang téh sobatna anu pinter.

“Wah, cumah sakadang embé. Lamun ogé sakadang peucang ngajawab henteu pantes, anu ngajawab pantes apan geus aya duaan.”

“Henteu nanaon. Kuring mah ngan saukur hayang nyaho wungkul, naha masih aya mahluk anu sadar kana bebeneran.”

“Nya hempék atuh. Sing seubeuh nanyana ngarah henteu panasaran lamun enggeus jadi eusi beuteung déwék.”

Basa sakadang embé ngageroan jeung ngagupayan, sakadang peucang geus teg wé dina haténa yén sobatna keur meunang karerepet. Sanggeus sakadang peucang aya di hareupeun dua sato anu keur pasalia paham ieu, atuh derekdek wé sakadang embé nyaritakeun pangalamanana.

“Tah kitu masalah kami téh. Cik kumaha ceuk anjeun, naha pantes kahadéan dibales ku kabengisan? Naha pantes nu asih dipulang sengit?” ceuk sakadang embé.

Sakadang peucang kalah molohok.

“Kumaha, sakadang peucang?” sakadang embé sakali deui nanya.

“Ah lieur kuring mah, teu ngarti. Kumaha kajadian anu sabenerna téh?”

Sakadang buaya ambek kacida nempo mahluk anu bodo mani liwat saking.

“Dasar belegug! Bodo! Maenya teu ngarti kitu-kitu acan. Déwék teh katindihan catang kalapa, terus datang sakadang embé nulungan, sanggeus catang kalapa ngagorolong suku embé téh digégél ku déwék.”

“Hampura atuh, kuring mah enya bodo. Apan kamari téh katerap kasakit pohoan. Jadi nerangkeun téh kudu sababaraha kali. Hampura….”

Puguh wé sakadang buaya anu geus teu sabar hayang nancebkeun huntu jeung sihungna kana pingping embé, mani kekerot nahan amarah.

“Kieu we atuh ayeuna mah, belegug! Tadi isuk, keur meujeuhna haneut moyan, déwék moyan di dieu nepi ka nundutan. Tah keur kitu tangkal kalapa anu minggu kamari kabentar gelap téh runtuh, ninggang awak déwék.”

“Ninggang kumaha? Apan lamun ninggang mah meureun mancul deui kawas bal.”

“Eh, dasar si bodo! Apan ieu mah lain bal, ieu mah catang kalapa. Sok geura sakadang embé gorolongkeun deui kana awak déwék.”

Sakadang embé dibantuan ku sakadang peucang gancang ngagorolongkeun deui catang kalapa kana awak buaya.

“Tah, sanggeus katinggang kieu, datang sakadang embé nulungan. Sok geura sakadang embé gorolongkeun deui catang kalapa téh!” 

Tadina mah sakadang embe rék nurut kana paréntah buaya. Tapi basa sakadang peucang metot buntutna bari terus ngiceupan, kakara sakadang embé téh ngarti kana rencana sakadang peucang.

“Gancang atuh gorolongkeun deui, sakadang embé! Geus karasa deui yeuh nyerina!”

“Yeuh dengekeun, sato bodo! Sato teu boga cedo! Sato teu berbudi!” ceuk sakadang peucang bari tutunjuk. “Kuring geus leuwih ti ngarti kana katelengesan silaing! Matakna tah ayeuna dibalikkeun deui catang kalapa téh! Moal aya anu haat nulungan ka mahluk telenges kawas silaing mah!”

Sakadang peucang jeung sakadang embé gancang indit ti sisi walungan. Ari sakadang buaya anu kakara ngarti kana kapinteran sakadang peucang, gogorowokan bari ampun-ampunan. Kaduhung manéhna kana talajak goréng sorangan. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: