• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Sasakala Laleur jeung Bilatung

Kénging Féndy Sy. Citrawarga
Kintun kana Facebook

Siga sasari pasosoré barudak sok arulin di bumi Bah Odi. Harita, ngan Si Oléng nu teu ngiluan téh. Cenah ceuk Si Didi mah
Si Oléng gawéna ngan hulang-huleng siga hayam keur nguyung.  Basa ku Si Didi ditanya, bari kuram-kireum, Si Oléng ngajawab cenah keur nyeri haté.
"Nyeri haté ku naon, Léng?"
"Ah, henteu," témbal Si Oléng teu betus. Tapi disedek-sedek mah teu burung balaka, cenah Si Oléng téh neundeun haté ka Néng Siti, putrana Pa Lurah, tapi Néng Siti embungeun.
Basa hal éta ditepikeun ka Bah Odi, Si Abah kéom, kagugu ku polah Si Oléng budak-budak geus 'patah hati' ku awéwé.
"Ka dieu kituh Di, urang parancahan ku Abah ngarah teu nyeri haté."
Teu kungsi lila Si Oléng datang, malah Néng Siti sabatur-batur  gé daratang.
Sabada ngariung, Abah Odi tatan-tatan rék ngadongéng.  Anapon dongéngna nu aya patalina jeung pangalaman Si Oléng jeung Néng Siti.
"Tong kaleuleuwihi bogoh ka awéwé, nya kitu deui nolak ogé bisi jadi laleur jeung bilatung!" Saur Bah Odi. Barudak tingbirigidig.
"Janten laleur jeung bilatung Abah?"
"Enya, ning laleur mah gawéna di paruntahan nu di jerona aya bilatung."
"Leres Abah. Éta téh aya sasakalana?"
"Aya nu ku Abah rék didongéngkeun ayeuna. Sok regepkeun ku maranéh."
Barudak saregep.
Jaman baheula aya pangéran. Éta pangéran anak raja kakoncara téh nya kasép ngalémpéréng konéng nya gagah. Awahing kasép kadia Kamajaya, loba awéwé nu kapéngpéongan hayang dijadikeun batur hirupna. Tapi pangéran teu kagoda da puguh manéhna geus boga ceungceuman, putri nu geulis kawanti-wanti éndahna kabina-bina, sarua anak raja.
Putri gé sarua deuih bogoheun ka sang pangéran. Cindekna mah batu turun keusik naék, itu purun ieu daék.
Orokaya pangéran jeung putri téh mani seuseut hayang patepung. Ari sababna, lamun pangéran kaluar ti karaton, kaom  awéwé --teu parawan teu nu geus rimbitan-- mani napuk siga siraru bakating kataji ku kakasépan pangéran.
"Sapertos selebriti panginten nya Bah?" aya budak nu nyelang nyelok.
"Tah enya, mun ayeuna mah siga artis."
"Teras kumaha tah Bah?"
Nya saterusna mah sang pangéran néangan akal sangkan jongjon kaluar ti karaton bari henteu diganggu ku awéwé nu barogoheun. Kabeneran pangéran manggih akal, manéhna salin jinis jadi jelema rudin. Pakéan karajaan diudaran, laju beungeutna sina culang-célong dibalur areng. Blég baé pangéran téh jelema rudin tukang baramaén.
Geus kitu mah kencling pangéran ngabujeng karaton nyi putri bari sapanjang jalan jajaluk. Saurang gé taya nu nyahoeun yén éta téh pangéran nu keur nyamur.
Barang tepi tur cacarita satarabasna ka nu jaga yén manéhna pangéran seja nepungan putri. Puguh baé nu jaga teu ngidinan da moal enya aya pangéran bajuna rubag-rabig.
Pangéran maksa nepi ka kudu bitotama jeung jaga balang. Bubuhan pangéran sakti mandraguna, nu jaga téh ngan sakéak éléh wowotan. Pangéran laju ka kaputrén. Nénjo nu jajaluk sumolondo ka kaputrén, puguh baé para emban nu ngasuh putri tingjarerit. Gancang pangéran muka rusiah yén saenyana manéhna téh pangéran rék nepungan nyi putri. Tapi barang amprok jeung putri, putri gé sarua kalah ngocéak.
"Nyi, ieu téh engkang, ngahaja nyamur seja nepangan," ceuk pangéran.
"Yéy, amit-amit, bohong! Ka ditu nyingkah tong baramaén ka dieu!" saur nyi putri jejebris.
"Sing percanten nyi, ieu téh engkang," ceuk pangéran bari ngadeukeutan putri. Nyi putri sakilat ngejat, terus lumpat sakalumpat-lampét, dituturkeun ku para emban nu ngasuhna. Pangéran teu cicingeun. Teras ngudag putri
Tétéla putri ogé sakti. Lumpatna tarik kacida. Tapi lila-lila mah ngarasa capé, manéhna eureun. Terus ménta ka para emban sangkan nyamunian awakna ku naon baé. Nya para emban nurut, ngarungkupan salira nyi putri ku dangdaunan jeung naon baé nu aya nepi ka bunina.
Pangéran anjog ka dinya, leungiteun tapak. Barang rék ngaguar-guar dangdaunan ngadadak aya oray gedé pisan, rerenghos rék macok. Pangéran teu nguntup ngayonan oray, tiba sasambat nyalukan putri.
"Nyi, ieu akang, nyi ieu akang!" cenah sasambat, tapi nu digeroan teu némbalan, malah beuki mubus.
Kitu jeung kitu baé putri jeung pangéran téh. Lila-lila mah robah wujud, pangéran jadi laleur demi putri jadi bilatung. Tepi ka kiwari laleur sok napuk di paruntahan néangan nyi putri nu leungit. Bilatung gé nyamuni baé sieun kapanggiheun laleur. Demi oray téa, éta téh para emban nu ngajaga nyi putri.
"Tah kitu dongéng laleur jeung bilatung téh barudak. Nu matak sagala rupa gé tong kaleuleuwihi. Angot urusan kabogoh, anggur mah sing soson-soson dialajar di sakola, keur bekel hirup jaga," saur Abah Odi mungkas dongéngna.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

miftah

sae pisan lah "Hurip Sundalah Pokona mah"

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: