• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Dongéng Bajing jeung Peucang

Kénging Lina Herlina
Kintun kana Facebook

Sakadang peucang keur reuneuh, bulan alaeun poé-poé ayeuna téh. Ceuk sakadang sapi anu loba kanyaho kana élmuning kakandungan, isuk ogé ceuk taksiran mah sakadang peucang téh ngajuru. Sakadang peucang téh saenyana mah séhat. Orok anu dikandungna ogé séhat. Tapi paromanna mah mani sedih. Siga anu nguyung kateterusan. Gawéna téh ngan nyirekem waé dina sayangna bari ngalimba.

Hiji poé sakadang peucang maksakeun ka sawah da halabhab. Karunya si utun inji cenah lamun henteu nginum téh, bisi enya hanaang. Apan ayeuna téh enya usumna halodo panjang.

Kakara ogé sababaraha regot, ti kotakan anu landeuh sada aya anu ménta tulung. Sakadang peucang téh gancang nyampeurkeun anu ménta tulung. Ari pék téh sakadang bajing tibebes kana leutak. Satengah awakna nyeceb kana leutak sawah. Mangkaning lebah dinya téh ranca. Lamun seug usum ngijih, sigana tadi ogé geus laput. Untung wé usum halodo mah caina ngurangan.

“Tuluuung... tulung sakadang peucang, kuring ngajleng ari pék téh henteu nepi kana galengan,” ceuk sakadang bajing.

Peucang rarat-rérét néangan awi. Di sisi sawah, di handapeun tangkal sukun, aya pangpung. Sakadang peucang gancang mawa pangpung, terus disodorkeun ka hareupeun bajing.

“Cekelan singpageuh, sakadang bajing. Sok, ku kuring engké ditarik.”

Sakadang bajing nyekelan pangpung sukun tarik pisan. Sakadang peucang ngabetot lalaunan. Enya ogé tanaga anu reuneuh, tapi da awak bajing mah henteu gedé. Tungtungna mah awak sakadang bajing téh leupas tina leutak.

Da puguh panonpoe meujeuhna morérét, sanggeus ngaberesihan leutak mah, sakadang bajing jeung peucang ngiuhan di handapeun tangkal sukun di sisi sawah.

“Nuhun pisan, sakadang peucang. Lamun seug euweuh anjeun, meureun kuring téh tibebes, lila-lila mah bisa laput. Umur kuring téh meureun paragat di dieu,” ceuk bajing.

Sakadang peucang unggeuk.

“Henteu saperti biasana tadi téh. Kuring biasana lamun meuntas pasawahan téh sok ngajlengan galengan anu kotakanna henteu gedé mah. Ari pék tadi mah rék ngajleng pisan asa nempo anu ngalayang di langit. Reuwas sieun heulang, heug wé kuring disamber.”

Sakadang peucang unggeuk. Ngadéngékeun naon anu dicaritakeun bajing, tapi teu wasa némbalan. Da puguh pikiranana ngacacang ka anu lain. Kana jangjina jeung sakadang maung, kana nasib anu bakal karandapan ku utun inji anu keur dikandungna.

Sakadang bajing kakara sadar, naha sakadang peucang téh teu némbalan waé sakitu diajak ngobrol. Barang ditingali, geuning sakadang peucang téh keur ngaheruk tungkul, bari tina juru panonna merebey cipanon.

“Sakadang peucang, hampura geuning anjeun téh aya dina katunggaraan. Kunaon atuh saenyana?” ceuk bajing.

“Nyaéta kuring téh keur sedih, sedih anu teu manggih tungtung.”

“Pok atuh dongéngkeun, susuganan kuring bisa mantuan.”

“Kuring téh pernah katewak ku sakadang maung. Ari maung apan anu ngawasa ieu leuweung. Harita téh kuring rék didahar ku sakadang maung. Ngan harita téh sakadang maung seubeuheun kénéh. Kuring dileupaskeun, tapi engké lamun kuring boga budak, éta budak kuring bakal dipénta ku maung. Da sakadang maung téh cenah karesepna anak peucang. Ti minggu kamari kénéh sakadang maung téh geus ka dieu waé, nempoan naha kuring enggeus ngajuru atawa acan.”

Sakadang bajing ngahuleng. Enya henteu gampang jalir jangji ka sakadang maung mah. Manéhna mah atuh da sahaok kadua gaplok téh lain heureuy. Geuning, sakadang peucang ogé anu biasana loba akal, geus kadesek kieu mah bingung. Tapi ari dipikiran mah lila-lila sakadang bajing meunang ilham ogé.

“Kieu wé atuh, sakadang peucang. Kuring ogé moal cicingeun, bakal ngabantuan satékah polah, ongkoh itung-itung ngabales kahadéan anjeun tadi enggeus nyalametkeun nyawa kuring,” ceuk bajing. Sakadang peucang téh atoh henteu atoh ngadéngéna. Atoh pedah aya batur pakumaha. Henteu atoh, da puguh sakadang bajing mah sarua leutik awakna jeung manéhna. Bakal kumaha petana ngalawan maung?

“Hayu ayeuna mah urang pindah ka guha di handapeun tangkal huni. Anjeun mah cicing wé di guha éta, ongkoh deui ari diperkirakeun isuk ngajuru mah ulah udar-ider waé. Lamun aya sakadang maung, béjakeun wé orok téh rék dibikeun, ngan cokot sorangan ka jero guha. Keun waé ngahalang-halang maung mah bagéan kuring, percayakeun waé ka kuring.”

Sakadang peucang unggeuk mani sababaraha kali. “Enya kuring téh geus teu bisa mikir keur kaayaan kieu mah. Percaya waé kuring mah ka anjeun, sakadang bajing.”

Geus kitu mah bring waé bajing jeung peucang téh ka  guha anu dituduhkeun ku bajing. Enya waé guha téh leutikna mah leutik, ngan lantaran ayana di handapeun tangkal huni anu ngarandakah jadi karasana tiis. Bajing jeung peucang ngakutan jukut garing keur tilam ngarah henteu tiis ari peuting.

Isukna peucang téh enya waé ngajuru. Kira wanci haneut moyan sakadang maung datang. Sakadang peucang mani ngadégdég ngadéngé geremna ogé, jaba sakadang bajing téh geuning teu datang-datang ti tadi mula.

“Grrmm... sakadang peucang, mana anak anjeun téh, geuwat kadieukeun!” ceuk maung.

Enya ogé sakadang peucang téh ngeleper bakat ku sieun, bari karunya ka anakna anu umurna can sapoé-poé acan, tapi manéhna inget kana jangji sakadang bajing. Bikeun waé lamun sakadang maung ménta anakna mah, asal cokot ka jero guha. Sakadang bajing ogé moal cicingeun, éta anu dicepeng ku peucang mah. Manéhna percaya, bajing moal jalir jangji. 

“Ieu kuring mah di dieu, sakadang maung. Enya kuring téh geus ngajuru, bawa waé anak kuring ka jero guha, da ieu awak can séhat pisan,” ceuk peucang.

Sakadang maung atoh. Enya, peucang téh geuning henteu jalir jangji, henteu kabur. Sakadang maung ngadeukeutan guha. Teu kanyahoan ku sakadang maung, di luhur tangkal huni, sakadang bajing geus siap ti tadi dina tungtung sayang éngang. Barang sakadang maung aya di hareupeun guha, éta sayang éngang téh dipuragkeun, tungtung sayang anu napel kana dahan digégél satarikna. Sayang éngang ragrag meneran awak maung. Da puguh maung mah jawara jago gelut, sayang éngang téh ditakis. Barang suku maung nakis, sayang éngang téa paburantak. Êngang anu jumlahna ratusan patingharieng. Barang ningali maung, éngang anu ambek da sayangna ancur, ngudag ka maung bari cu co nyocoan. Atuh sakadang maung lumpat sakalumpat-lampét bari bari aduh-aduhan da nyeri dicoco éngang.

Sakadang peucang seuri barang apal naon anu kajadian di luar guha. Sakadang bajing nyampeurkeun, terus sasalaman. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: